Tunggul Rahayu - Ari Andriansyah

 

Tunggul Rahayu, AI Image.

Bari mapay muntangan palang ranjang, manéhna jumarigjeug leumpang. Lalaunan nyingraykeun lalangsé, gumeter muka jandéla sina méléngé. Sakedapan ngajengjen. Ngarénghap panjang bari meureumkeun panon. Angkanan rék nadah seger hawa subuh, tapi kalah jegoh batuk. Ngéhkéh.

Di luar katangén masih kénéh remeng-remeng. Ukur lampu nu ngempray nyaangan sabudeur pakarangan. Ciibun ngagaréndang dina tonggong daun kekembangan, garumenclang saampar pucuk jujukutan, ngalantisan bangku-bangku panjang. Di béh juru, runggunuk tangkal katapang ukur témbong belegbegna. Tetempoan maneuh téh ngan parat tepi ka dinya, ka dituna mah nungtung buntu dikungkung pager beusi jangkung.

Hawar-hawar gerung jeung kelakson kandaraan ti jauhna. Manéhna angger nangtung hareupeun jandéla. Teuteupna kosong. Ingetanana ngulayaban kabawa lamunan. Ngadadak marudah, rus-ras kana naon-naon nu geus kaalaman. Sakapeung imut bangun mapag ronghéap, sakapeung alum sanggeus nu didagoan ukur kolébat.

Di saluareun kamarna kadéngé nu tinggerendeng, awor jeung kedepruk sora léngkah. Matuh wayah kieu téh di Panti Jompo sok ramé ku nu ngantri ka cai, paheula-heula ngadon wudu rék solat berjamaah. Tampolana kudu diatur ku patugas Panti bari disayagikeun cihaneut keur nu teu kaduga. Biasana keur nu geus kolot turta loba pantrangan alatan panyakit. 

Ari manéhna mah kakapeungan baé ngilu berjamaah. Lian ti kasakit asmana nu kanceuh, ngeueung di kamar téh jadi kalangenan. Kawas ayeuna sanggeus wudu téh sup baé ka kamarna, ngaringkeb manéh. Arang langka ngobrol jeung batur, silih anjangan kamar, ngawangkong, atawa ngariung di pakarangan.

Teu lila kadéngé komat. Manéhna rap maké mukena, bar ngamparkeun sajadah. Cong solat nuturkeun sora imam najan nu kapireng ukur gerendeng. Sanggeus rérés ngadu’a jeung wiridan, manéhna nyampoyong. Gék diuk dina ranjang. Bangun lungsé nyarandékeun awakna kana tumpukan bantal. Laju leungeunna uyup-ayap kana lumukan simbut. Ceg kana potrét, baku diteuteup deui salila-lila.

Potrét hideung bodas diwengku pigura regas. Potrét kulawargana anu taun-taun jadi babandan kawaas. Hiji di antara tilu banda anu netegkeun haténa, manjangkeun deui lalakon sorangeun nyorang kasimpé sorangan. Teuleum dina telebna pikiran kawas poé-poé nu kalarung.

Dina potrét, manéhna nangtung bari ngais Agni, anakna nu bungsu, ngaréndéng jeung salakina. Di hareupeunana, Agus, anakna nu cikal, ngaléng Agam, anakna nu panengah. Harita téh dipotrét di buruan. Dilataran basajan imah, tempat lara jeung bagja bumetah. Nya kana imah paneuteupna museur. Sasat salakina ogé dikurebkeunana téh teu jauh ti éta imah. 

Tingkuniang deui gambar hirup ngaringkangan dina albeum lawasna.

Belenyéh manéhna imut. Pirang-pirang panineungan narémbongan. Kacipta deui pangeusi imah, pulas saban rohangan, perenahna paparabotan, sora-sora nu dalit dina ingetan, sarta runtuyan demi runtuyan kajadian. Kamar hareup pangrereban manéhna jeung salakina. Pahareup-hareup jeung kamar anakna nu bungsu. Kamar tengah paranti nu panengah. Ari kamar deukeut dapur pangreureuhan nu cikal, ngahaja cenah hayang kamar nu nyingkur sangkan teu kabaribinan. 

Imah sémi permanén nu kaasup sedeng, najan meujeuh ari keur ukuran di lemburna mah. Sed saeutik lumbrahna ti nu lian, nu masih kénéh imah panggung. Tempatna kaitung negrak, hégar, tur merenah. Paeunteung-eunteung jeung urut sawahna. Sawah nu baheula sasat jadi andelan hirupna pikeun nyukupaan kabutuh sapopoé. Da ngandelkeun gajih salakina mah jauh ka cukup. 

Panghasilan salakina jadi guru nepi ka pangsiun, upama diitung tina pangaji mah moal mahi. Ngan baé manéhna bisa ngeureut neundeun tina ladang panén jeung nengah sawah ti nu séjén. Sawahna kaitung lega, aya kana sabau. Éta ogé bubuhan titinggal kolot salakina. Ngan lila-lila mah sawaréh nungtutan dilepas, dipaké waragad sakola anak-anakna nepi ka paguron luhur.

Waktu horéng lumangsung pohara gancangna.

Tujuh taun manéhna ninggalkeun imah. Tapi, karasana asa geus welasan boa puluhan taun. Manéhna remen kumejot hayang mulang ka lembur. Ngan baé saban ngedalkeun éta kahayang ka anak-anakna, sok kalah terus dicaram. Malah jorojoy aya niat hayang kabur ti Panti. Uleng bulak-balik dipikiran, ngan balukarna sieun teu matak hadé. Antukna mah disidem baé dina angen-angen, najan pohara héséna dipeper jeung dipapalér.

Ayeuna mah lalamur panonna museur kana potrét salakina. Ngaheneng sajongjongan. Jegoh batuk. Rumahuh. Mengkek kebek rarasaan. Bapana, naha bet téga miheulaan? Kapan urang geus kayid dina saban neneda ka Gusti, hayang babarengan mungkas umur, gerentesna. Teu karasa aya nu nyurulung tina kongkolak panonna, ngeclak kana potrét.

Rét deui kana potrét anakna, anteb diteuteup hiji-hiji. Kokolébatan deui ringkang Agus jeung Agam keur silih udag. Lulumpatan bari jéjéréwétan. Ditéma ku sora ceurik Agni ngerewih hayang nyusu. Asa cikénéh éta adegan demi adegan téh lumangsung. Asa cikénéh anakna diayun-ambing dina aisan. Ceurikna, ogona, adat-adatanana, jeung nalaktakna, haben ngalangkang.

Kiwari tilu anakna geus sawawa, geus laki-rabi sarta boga kahirupan séwang-séwangan. Kahirupan anu saéstuna kacida anggang jeung dirina. Leleb dilenyepan, disasar diwincik galeuh-galeuhna, beuki karasa aya jarak anu ngembat misahkeun dirina jeung anak-anakna.

Kagambar beungeut Agus, dedegan sembada ngala ka bapana. Motékar jeung jejem dina ngudag cita-cita. Tina ukur pagawé biasa, nepi ka bisa macakal boga pausahaan sorangan. Malah geus muka sawatara cabang. Agus remen jadi catur dina télévisi, padananggap pangalamanana minangka pangusaha anu suksés. 

Ngalangkang tangtungan Agam, dedegan jangkung leutik tur kasép. Paroman nu soméah, ucap-ucapna nu teu weléh sopan, jeung nu pangbisana ngaléahkeun haté kolot. Sarua jejemna mah kawas lanceukna. Kiwari Agam jadi pagawé pamaréntah anu karirna terus ngaronjat, malah téréh promosi dibenum kepala dinas.

Bréh beungeut Agni, awakna leutik tapi rancunit. Sorot panon ngagenclang, pakulitan héjo carulang, jeung rupa ngadaun seureuh siga manéhna. Tinekanan hayang jadi guru kawas bapana. Meunangkeun jodo ka jalma aya, tuluy dibawa ngumbara ku salakina ka dayeuh.

Manéhna ngarahuh. Sora haténa haben norowéco. 

Béhna mah nu salawasna dipikangen, wungkul namper dina angen-angen. Maranéhna leuwih betah hirup di dayeuh batan di lembur anu geus ngagedékeunana. Leuwih genah jeung tumaninah jarauh ti kolot, jauh ti bali geusan, jauh tina naon-naon anu kungsi numuwuhkeun tangtungan maranéhna. 

Ari ras ka anakna téh sok kalah tingronghéap deui nu ngajak padungdengan dina haténa. Wedelna percaya laun-laun kalindih cangcaya. Saréwu kali negerkeun kapangger, saréwu kali kamarudah teu bisa mondah kanyataan. Beuki jero dileleban, beuki karasa aya jungkrang anu lewang misahkeun sakabéhna.

Naha enya maranéhna téh nyaah ka aing? Naha ku cara kieu maranéhna mulang tarima? Mun téa mah nyaah, kilang bara bisa ngamulyakeun, komo nyugemakeun kolot, meureun moal miceun aing ka ieu tempat. Tisusut tidungdung aing ngurus jeung nyakolakeun anak. Guyang getih ngarorok jeung ngagedékeun maranéhna sangkan jadi jalma ngarti jeung pinuji, jadi jalma nu welas jeung asih, sangkan bisa mulang tarima kana kanyaah kolot, sangkan bisa ngajungjung harkat martabat kulawarga. Tapi naha sanggeus maranéhna harirup senang, geuning poho kana kanyaah kolot?

Sabisa-bisa manéhna nyieuhkeun nu haben galécok ngepung lelembutan. 

Potrét diusap sababaraha kali, tuluy pageuh ditangkeup. Naon-naon anu cikénéh jadi padungdengan jeung kamarudah, tuluy leyur kasilih ku kaweningan batinna. Anaking, sing garedé milik tur bagja salawasna, gerentesna. Tapi nu maneuh wakca ukur budalna cipanon. Teu kaampeuh, manéhna nginghak bangun kanyenyerian.

Sanggeus leler tuluy ngaheneng. Mangpéngkeun teuteup ka saluareun jandéla.

Keur kitu, aya nu keketrok kana panto kamarna. Kulutrak dibuka. Patugas Panti norojol bari nanggeuy kadaharan. Taya riuk soméah, kucem kawas sasarina. Teu nolih manéhna, tonggoy baé nunda baki dina luhur méja. Pok nyarita tandes, “Sok geura tuang, Bu.” 

“Muhun, Néng,” témbalna, gesat-gesut nyusutan cipanon. Laju mebeskeun potrét kana tumpukan bantal.

“Tutupkeun atuh jandélana, Bu! Bilih asup angin. Karugrag deui mah Panti nu répot,” pok deui leuwih tandes. Riukna angger kucem bari gagancangan ngaréképkeun jandéla.

Manéhna teu némbal. Ngalungsar bangun limpeu. Jegoh batuk. Ngéhkéh.

“Nya, batuk deui! Matakna kedah nurut. Sok tos tuang mah ké leueut landongna. Istirahatkeun. Ké tabuh salapan diséka sareng digentos raksukan.” 

Manéhna angger teu némbal. Ngéhkéh deui.

“Tadi tuang putra, Bu Agni, nélépon. Saurna punten teu janten ngalongok Minggu ayeuna, nuju pakepuk ku padamelan,” pokna nu panungtungan. Léos ka luar, teu poho nutupkeun panto.

Pantesna mah aya nu ngawulaan. Angot harepan nu pamungkas éstu ka anakna nu bungsu. Keur mah awéwé, katambah harita diangkat gawéna di lembur. Sugan baé ari anak awéwé mah nalang, jadi tuturkeuneun, jeung bisa ngurus manéhna. Tapi geuning sagala rupana nyalahan.

Ngéhkéhna beuki ngerepan. Ngaregéh. Dahareun tibang dipelong. Di luar, kaayaan geus caang. Panonpoé meleték nguniangkeun beurang.

Manéhna cengkat, maksakeun nangtung. Leumpang muru lomari, tuluy dumarégdég ngaragamang kana tulakna. Sanggeus dibuka, bréh tumpukan samping kebat pulas lalayu sekar. Banda kaduana anu sarua dipupusti. Ngarandeg. Ngaragameneng. Rupaning rasa pagaliwota. Ngan lila-lila mah teu burung dirongkong. Gap tilu samping kebat téh dirampa, tuluy tipepereket diantelkeun kana dadana.

Tilu samping kebat anu réréng carukna geus luntur pulasna geus laas, tapi kanyaahna hamo luntur ku waktu laas ku mangsa. Tilu samping kebat anu jadi cicirén lalakon tilu anakna gubrag ka alam dunya. Tilu tanda hiap kaasih nu jadi tilam guyang getih jeung kanyerina. Tilu aisan anu ngéyong tilu raga anakna séwang-séwang waktu keur rungsing jeung gumalingging. 

Deui-deui manéhna nginghak.

Tilu samping kebat téh tuluy ditunda luhureun kasur. Leumpang deui muru lomari. Gap kana banda katiluna, heulayan boéh pendeman. Manéhna neger-neger karep, satékah polah mancegkeun kapangger, najan inghakna terus ngerepan. Paésan salakina nyéngcélak dina ciciptan. Manéhna ngadu’a gegerenceman, nadran nu ngan wasa dijugjugan ku lamunan.

Bapana, mun aya kénéh mah meureun hirup téh moal cuang-cieung kieu. Nunggelis taya batur pakumaha, gerendengna.

Tilu banda téh ku manéhna dijajarkeun dina kasur: potrét, tilu samping kebat, jeung boéh. Upama isuk jaganing géto reuntas lalakon, pati-pati manéhna mulang ka kalanggengan ogé hayang dibungkus ku éta boéh, bari diruruban ku tilu samping kebat, jeung potrét nu milu dikuburkeun. Angkeuhanana, sugan baé mulang téh dibarengan ku katineung langgeng.

**

Teu kalis ku dicaram patugas Panti, manéhna maneuh mukakeun jandéla. Angin lohong ngajarumat warugana. Jegoh batuk. Ngéhkéh. Ngahégak. Sanggeus nilepan mukena, nyangsaya dina ranjang. Beuki karasa hirupna kapahung, lana dikungkung wuyung. Asa dipiceun jauh ku anakna, kapidangdung di tempat mana boa.

Potrét, tilu samping kebat, jeung boéh, ngajajar gigireunana. Piligenti dirampaan, bari pikiranana mah manteng ka lemburna, ka paésan salakina, ka imah, jeung ka sawah nu kari satapak peucang. Nyipta-nyipta lagu dibuat. Paré nu keur meujeuhna énay konéng, pangharepan nu ngabeuneur tina ladang kasabaran jeung katulaténan.

Lamunanana kagebah. Curinghak ngadéngé sora léngkah. Rarat-rérét ka saluareun jandéla, kana panto kamarna nu rékép. Ngadadak kerep ruménghap, salilana mapag ronghéap. Teu weléh nganti-nganti nu datang. Sugan jeung sugan aya nu ngetrok panto kamarna. Sugan jeung sugan poé ieu salasaurang anakna ngalongok.

Sanggeus sora léngkah ngajauhan, ngarahuh. Haténa beuki marudah. Upama geus kitu, beuki kumejot hayang mulang ka lemburna. Sabenerna manéhna gé geus nyaho anakna téh moal nepungan, tapi duka ku naon bet haben satia ngadagoan. Harepan nu ti waktu ka waktu tuluy ngarangrangan, lir daun katapang di pakarangan anu nungtut muguran. 

Poé ayeuna gé meunang béja ti patugas Panti yén anak-anakna teu bisa datang nedunan jangji deui, sakumaha nu geus dipasinikeun bulan kamari katut bulan-bulan saméméhna. Béja nu geus baku katampa ti paroman patugas anu salilana kucem, “Tadi Bu Agni nélépon, hapunten cenah nuju sibuk, teu acan tiasa nepangan sasih ayeuna. Baktos ogé saurna ti Pa Agus sareng Pa Agam. Tah ieu raksukan pangirim ti sadaya tuang putra, mangga geura anggo. Ditambih sareng ieu artos titipanana.”

Manéhna ngarérét kana satumpuk baju jeung sagepok duit dina amplop. Ngahuleng. Narik napas jero naker, nahan anu beuki rosa dina batinna. Cipanonna juuh. Ukur kieu kanyaah maranéhna ka aing? Apal maranéhna téh jalma sibuk, tangtu boro-boro kaduga ngurus indung, ngurus anak gé teu kasiwer. Mun kitu mah atuh pulangkeun baé aing ka lembur. Keur naon dibawa ka dayeuh gé ari ukur disingkurkeun di dieu mah, gerentesna.

Inget kénéh kana amisna pangolo anak-anakna, haben nyambat ngajak baé cicing di dayeuh. Kalawan alesan bisi euweuh nu ngurus di lembur, sanggeus salakina anyar nilar. Harita anu mimiti ngolo téh anakna nu cikal, “Supados Emah janglar, hayu ngiring ka abdi. Di dieu mah hawatos teu aya nu ngamemenan. Ari di rorompok abdi mah lalega, parantos diperenahkeun kamarna ogé. Teu kedah ngémutan nanaon, abdi tos nyayogikeun réncang anu husus purah ngawulaan Emah.”

Harita manéhna teu némbal. Ngan ukur gideug minangka panandes jawaban. Katineung teuing ku pageuh ngabaud raga jeung sukma di imahna. Haben dipapaksa gé angger nolak. Tungtungna nu ngolo téh boboléh, nu diolo angger teu waléh.

Teu mangkuk saminggu, norojol anakna nu bungsu. Kawasna geus badami jeung lanceuk-lanceukna. Teu naragal ngajakna téh. Éstu hayang ngajugjugan heula haté manéhna. “Sateuacanna Agni téh neda dihapunten. Tangtos Emah anu satadina miharep Agni bakal nganjrek di lembur téh nyalahan. Enya satadina Agni tos bingah tur reugreug ditugaskeun di lembur sorangan. Tapi geuning katalian ku jodo, anu antukna kedah ngiring nuturkeun pun lanceuk. Tangtos ieu téh ngajaheutkeun manah Emah.”

“Geus jadi kawajiban pamajikan nurut ka salaki. Tong ieuh jadi pikiran. Muji sukur puguh ka Gusti, kana milik jeung kasoléhan anu dipaparinkeun ka anak-anak Emah,” ceuk manéhna bari ngusapan.

“Anu janten émutan, bilih Emah kumaha onam di dieu nyalira. Emah téh tos majeng ka sepuh, tangtos kedah aya nu ngawulaan. Sanaos abdi, Kang Agus, sareng Kang Agam, tos miwarangan Bi Cicin sangkan nyarengan Emah di dieu, tapi upami teu kasaksén langsung kaayaan Emah unggal dinten mah angger wé melang.”

“Sakali deui, tong ieuh jadi pikiran. Cukup maturan Emah mah ku si Cicin. Sing jongjon baé ngurus anak jeung salaki. Ngan ari keur aya waktu mah longok baé ka dieu.”

“Saéna mah ngiring sareng abdi. Bilih matak kagok ngiring ka Kang Agus atanapi ka Kang Agam. Sahenteuna Agni téh anak awéwé anu tos sapantesna ngurus Emah.”

“Sarua baé rék ka nu cikal, rék ka nu panengah, rék ka nu bungsu niat milu mah. Teu kagok jeung teu ngabéda-béda Emah mah. Sarua tiluanana ogé ka anak. Ngan Emah tetep rék cicing di dieu.”

“Tapi, Mah, saéna ngring baé ka abdi. Sok Emah hoyong nanaon ogé tangtos dipupujuhkeun …”

“Du’akeun baé sangkan Emah di dieu séhat.”

Pamustunganana, anakna nu bungsu gé teu metu. Manéhna angger nolak. Leuwih milih cicing di lembur batan ngilu ka anakna. Teu lila ti harita, anakna nu panengah gé ngurunyung. Sarua maksudna mah ngolongan manéhna sangkan daék diajak ka dayeuh. Sarua deuih teu ditaragal. Malah ngahaja nepi ka tilu poé aya di lemburna téh, ngalelemu sangkan léah. Tapi, manéhna angger mugen. Antukna patugeng-tugeng antara anakna nu keukeuh maksa, jeung manéhna nu keukeuh embung.

“Sadaya ogé ngaraos dosa upami ngantunkeun Emah di dieu. Hariwang bisi kumaha onam. Jabi di dieu téh tebih ka baraya, teu aya batur pakumaha. Saleuheung upami Emah dina kaayaan séhat, kumaha upami nuju teu damang? Saha nu bade ngurus? Umur mah taya nu terang, palias ieu mah, kumaha upami nincak kana waktosna, saha nu bade nungkulan jeung ngurusanan?” ceuk anakna nu panengah, ngayakinkeun.

“Ti baheula, najan jeung batur tapi geus jadi dulur. Urang kapan pakumaha téh jeung tatangga. Atuh bisi melang ka Emah pédah nyorangan di dieu, keun baé da aya si Cicin nu maturan mah,” témbalna. Najan kedal kitu, sabenerna patukang tonggong jeung haté leutikna. Kahayang mah lain manéhna nu kudu nuturkeun anakna, tapi aya di antara anakna nu surti, nu haat daék maturan di imahna.

“Bi Cicin téh deungeun-deungeun teu katalian nanaon. Kersa sotéh, saur kasarna, pédah baé diburuhan. Katambih Bi Cicin gé gaduh kulawarga. Teu salamina ngawulaan. Paling tiasa siang wungkul. Sedengkeun wengi, Emah téh nyalira di dieu,” ceuk anakna deui, neuteup manéhna. Jempé sakedapan. Pok deui nyarita, “Bakal awon kasebatna ti nu sanés. Meureun cenah nu jadi anak ngantep indungna. Bari abdi, Kang Agus, jeung Agni téh kasebatna tos macakal. Mampuh ngurus kolot anu kari hiji-hijina. Indung punjungeun abdi sareng sadérék sadaya.”

Enya lebah dinyana mah omongan anakna téh bener. Beuki lila dilenyepan galeuh-galeuhna, beuki kapikir ku manéhna. Nolak sotéh lain nampik kanyaahna, tapi sieun teu betah, sieun nyusahkeun. Jeung pangpangna mah kabeurat kana imah katut hal-hal séjénna nu hamo bisa dicaritakeun ka anakna. 

Manéhna kalah ngeclakkeun cipanon. Ningali kitu, anakna reuwas bari tuluy nyuuh dina lahunanana, ménta dihampura. Sanggeus leler, pok anakna nyarita deui, “Upami Emah keukeuh baé alim ngiring ka dayeuh, nya atuh wios abdi nu ngéléhan. Abdi sabondoroyot nu bakal ngalih ka lembur. Abdi badé mutasi ti padamelan, moal ngémutan karir di dayeuh. Nu penting asal tiasa ngawulaan Emah.”

Ngahuleng salila-lila. Enya Agam téh nu pangbisana ngaléahkeun haté kolot, gerentesna. Ahirna éléh géléng. Ceuk pikirna, teu hadé mun nepi ka anakna nu kalah pindah ka lembur. Kapan sidik meunang hayang jeung cita-citana jadi jalma suksés di dayeuh téh. Ayeuna kudu runtag alatan manéhna, bari kapan niatna téh rék nyenangkeun indungna.

“Ari ieu imah jeung sawah kumaha? Ieu téh titinggal Bapa manéh anu gedé hartina keur Emah …” Sakitu nu bisa dikedalkeun tina rupaning kereteg nu ngagelek dina haténa. Sora haté nu boa hamo kajugjugan ku pikiran anakna.

“Teu kedah salempang, Mah. Ieu rorompok sareng sawah téh moal dikukumaha. Tangtos janten tanda hurip abdi, Kang Agus, sareng Agni. Badé diriksa tur dihadé-hadé. Malah abdi badé réréongan, badé miwarangan tukang bas kanggo ngararapihna. Urang jantenkeun vila baé. Nu ngurusna mah tetep Bi Cicin. Saminggu sakali urang ngariung di dieu.”

Harita manéhna imut tanda panuju. Laju ngaléos ka kamarna. Gesat-gesut mérésan pakéan sarta ngéntépan potrét, tilu samping kebat, jeung boéh. Tilu banda nu kiwari ngajajar di gigireunana. Tilu banda nu satia marengan simpé haténa ti poé ka poé.

Harepan téh geuning nyalahan. Manéhna ukur sataun cicing jeung anak-anakna. Dipundah-pindah cicingna téh. Ti mimiti cicing jeung nu panengah, nyambung ka nu cikal, jeung panungtungan di nu bungsu. Anak-anakna kabéh beuki sibuk katungkulkeun ku pagawéan. Jangji rék ngariung saminggu sakali di lembur téh ukur lalambé.

Hirupna beuki tumarumpang jeung sarumpeg. Katambah incu katut minantuna ogé bangun nu embung wawuh jeung manéhna. Bubuhan tabéatna geus jadi urang dayeuh, laga-laguna anggang tina kahirupan urang lembur. Lebah manéhna hayang paguneman jeung uah-aéh nanya, kalah tingraringeuh, da puguh basana gé geus lain-lainna deui. Ahirna harita manéhna ménta balik deui ka lemburna. Tapi, jauh tina panyangka. Geuning taun kaduana kalah dititipkeun di Panti.

Manéhna ngaheruk.

Deui-deui haténa padungdengan, antara kanyaah ka anakna jeung naon-naon anu kiwari katarima. Satékah polah nyieuhkeun pikiran goréng. Bisi ragrag ucap jadi supata alatan lali ka purwa daksi. Bisi kajurung ku pasipatan anu kajurung tina poho sabot héngkér kayakinan ka Pangéran. Sadar yén manéhna téh awéwé nu dianggap tunggul rahayu dina hirup-hurip anak-anakna. Ari geus kitu, manéhna sok tuluy ngusap beungeut bari istigfar sababaraha kali.

Manéhna gé yakin, saéstuna pamohalan tatali batin indung jeung anak baris kasilih. Kasilih ku kaayaan nu karandapan, anu ngabalukarkeun ngageuri jeung gedéna hawa napsu minangka ciri owah gingsirna manusa. Tatali batin anu hamo laas ku hujan saparalak, hamo luntur ku juuh ibun saisuk.

Manéhna cengkat. Lalanjung. Rumanggieung ngaléngkah. Nyokot tas dina lomari. Gék deui dina kasur. Rét kana potrét, tilu samping kebat, jeung boéh. Piligenti ditatap diusap, laju diéntépan. Méméh diasupkeun kana tas, dirangkul pageuh. Ngalangkang deui paésan salakina, imah, jeung sawah.

**

Manéhna rénghap ranjug kénéh basa taksi nu ditumpakan mimiti ngadius. Ampir baé mopo kalémpohan. Jegoh deui batuk. Ngéhkéh. Reuwas kareureuhnakeun. Masih tacan percaya kana naon-naon nu cikénéh dilakonan. Rét deui-rét deui ka tukang. Tangkal katapang di pakarangan Panti ukur samar-samar belegbegna, tuluy sirna tina teuteupan basa taksi nyorang péngkolan. 

Tas nu masih pageuh disasangkéh mimiti dilésotkeun. Ditunda gigireunana. Memener jékét jeung tiungna nu nyéngsol balas leumpang gura-giru, rurusuhan muru parapatan. Untung baé tadi aya taksi nu mangkal. Sanggeus nyebutkeun alamat nu dituju, nitah supir sangkan gancang indit. 

Taksi nyemprung meulah dayeuh.

Asa cikénéh manéhna rebun-rebun muka panto kamar, luak-lieuk ka sakurilingna bisi aya nu nganyahoankeun. Rumanggieung maksakeun ngaléngkah, rerencepan ninggalkeun Panti. Ayeuna geus aya di satengahing perjalanan. Tas ditunda dina lahunan, lalaunan selétingna disérélékeun. Bréh potrét, tilu samping kebat, jeung boéh. Diteuteup teleb. Teu lila seléting tas téh ditutup deui. Pikiranana ngulayaban, cus-cos ka ditu ka dieu. Kagambar deui tilu rupa anakna. Ngalangkang deui paésan salakina, imah, jeung sawah. 

Teu kacatur anggangna jarak. Ku tarikna lamunan, teu kanyahoan taksi geus anjog ka gapura désa. Laju méngkol ka jalan anu bras ka lemburna. Manéhna olohok ngembang kadu. Hareugeueun ningali ka kénca jeung katuhu jalan. Rarat-rérét ka saluareun kaca mobil. Nyureng nempo kaayaan. Lemburna geuning geus réa robahna. Jalan leucir, kandaraan pasuliwer, wangunan jlug-jleg, imah-imah pagegek, tatangkalan badag ogé ukur nyésa hiji dua.

“Teras ka mana, Bu?” tanya supir.

“Sakedap deui gé dugi. Ké di payun méngkol ka katuhu asana mah,” témbalna bangun teu yakin.

Taksi geus méh nepi ka péngkolan. Manéhna beuki bingung ningali sabudeureunana. Biasana ti dieu geus kaciri suhunan imahna. Nyanghareupan nebana sawah. Tapi kiwari teu témbong runggunukna. Nu katangén ukur janggélékna rangkay wangunan, pijadieun gedong agréng. Ngajungkiring. Nangoh ka patétéépna perumahan.

Srog ka nu dituju. Manéhna ngeureunkeun taksi. Jrut turun. Sanggeus babayar ongkos, nangtung salila-lila hareupeun rangkay wangunan. Bereuheudeun. Mencrong sabagian wangunan anu méh sakabéhna paragpag ku kaca-kaca baradag. Manéhna tanggah. Horéng wangunan téh diwangun pikeun tilu lanté. Sakuliah taman anu geus dibébérés, dipasieup tatangkalan jeung sarwaning kembang nu anyar dipelak. Larsup kandaraan proyék. Dok-dak nu keur digarawé. Paselang jeung sora guruh anu keur ngecor wangunan.

Manéhna nginget-nginget perenah imahna. Ngalelebah sawahna. Koloyong ngadeukeutan pager. Alak-ilik, tenga-tengo. Sup ka palataran. Leumpang deui muru Pos Satpam. Ti jero Pos, lalaki diseragam biru nyampeurkeun.

“Badé ka saha, Bu?” ceuk éta lalaki.

“Badé ka rorompok … Aéh, badé milarian rorompok,” témbalna, ngadégdég.

Lalaki kerung. Nanya deui, “Lepat alamat panginten!”

“Tapi da raraosan mah di palih dieu.”

Sanggeus lila padungdengan, norojol awéwé ngajingjing karung jeung koréd ti juru taman. Ngarérét ka manéhna. Silih pelong. “Ibu Nénéng?” ceuk éta awéwé. 

“Cicin éta téh?” tanya manéhna bari nyidik-nyidik.

Cul karung cul koréd, éta awéwé anu disebut Cicin téh téh buru-buru munjungan, tuluy ngagabrug. Paungku-ungku. Pok nyarita bari hariweusweus, “Ibu naha salira janten begang? Sareng saha angkat ti dayeuh? Kumaha tuang putra daramang?” 

Manéhna teu némbal. Kalah malik nanya, “Geuning aya di dieu?”

“Abdi sakulawargi ayeuna mah babantos di dieu,” jawab éta awéwé. “Jang Dudung, ieu téh Ibu Nénéng. Anu gaduh tanah ieu kapungkur.” Lalaki nu tadi ngadadak rengkuh.

“Kapungkur kumaha, Cicin? Puguh ieu téh rék ka imah, ngan poho deui jalan. Sakalian deuih rék nadran heula ka Bapana,” sorana ngageter.

“Har, ari Ibu, naha teu uninga? Kapan harita teu lami ti saatos Ibu angkat ka dayeuh, bumi, tanah, sareng sawah téh diical ku tuang putra ka Dén Sutowo, anu gaduh ieu vila sakaligus Kantor Pemasaran Perumahan. Bumi sareng sawah pan tos disaeur dirarata janten perumahan. Makam Bapa ogé da tos dialihkeun. Naha tuang putra teu wawartos kitu ka Ibu?”

Awakna ngadadak nahnay. Leuleus bangun taya tangan pangawasa. Gék diuk dina téras Pos satengah meubeutkeun manéh. Tas pageuh ditangkeup. Melong ka jauhna. Paésan salakina, imah, jeung sawah, tilem dina lamurna teuteupan nu kakeueum ku cipanon.***



ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

0 Komentar