![]() |
Tilu buku karya Radén Ardiwinata. |
Lalakon hirupna éstuning tragis, bubuhan maotna teu wajar: maéhan manéh ku keris.
Mimitina dina koran Bataviaasch nieuwsblad (24 Désémber 1917) disebutkeun yén basa poé Saptu, 22 Désémber 1917, di kantor pos, kapanggih aya dokumén-dokumén maké perangko urut nu dikirimkeun ku Pangurus Puseur Boedi Oetomo. Éta papanggihan téh tuluy dilaporkeun ka pulisi. Ari kira-kira pukul dua janari, poé Senén, 24 Désémber 1917, Radén Ardiwinata, anu ngajabat sékretaris-bendahara Boedi Oetomo, bendahara Studiefonds Darmo Woro, sarta aktif di organisasi Sarikat Islam katut Mohamadijah Yogyakarta, kapanggih geus ngababatang. Ari maotna cenah alatan maéhan manéh, lantaran kaéraan ku talajak anak buahna anu geus kumawani malsukeun perangko ku cara maké perangko urut téa.
Ceuk koran Bataviaasch nieuwsblad satuluyna (28 Désémber 1917), dumasar papariksaan, kabuktian duit dina kas suwargina Radén Ardiwinata teu cocéng. Ari anu diduga malsukeun perangko nya bawahanana. Ngan meureun bawaning ku éra, antukna Ardiwinata téga kana nyawana sorangan.
Tina warta-warta satuluyna nu dipidangkeun, antarana dina Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie (29 Désémber 1917) jeung De Sumatra Post (10 Januari 1918), beuki tétéla salang surupna kasus maotna Radén Ardiwinata téh. Cenah maotna Radén Ardiwinata nu teu wajar tur matak ibur téh lantaran anjeunna kakolom tokoh pergerakan bumiputra nu kawentar (“leiders der inlandsche beweging”), turta jabatanana ogé henteu sambarangan: sékretaris-bendahara pangurus puseur Boedi Oetomo, sékretaris Studiefonds Darmo Woro di Yogya, sékretaris-bendahara Vereeniging Mohamadyah, jeung sékretaris Sarikat Islam cabang Yogyakarta. Katambah deuih nyakola, beunghar keur ukuran bumiputra, jeung tindak-tandukna taya cédana.
Carita perangko urut téa deuih beuki sidik. Cenah, basa poé Saptu (22 Désémber 1917), asistén di kantor pos Yogyakarta niténan yén ti antara sakitu réana surat nu asup, kaasup nu dikirim ku Boedi Oetomo, salapan surat di antarana maké perangko palsu. Maksudna perangko urut dipaké deui, nu cap posna geus dipupus ku samodél cai. Ngan teu rapih, da kaciri aya tapakna. Satuluyna, manajér kantor pos lapor ka asistén résidén, nu ogé salaku kapala polisi, mariksa éta kasus.
Tina hasil papariksaan kanyahoan yén palakuna téh staf bawahan Boedi Oetomo. Éta kasus nipu téh saenyana teu pati sabaraha. Ngan anu ébréh mah anu ngirim dokumén-dokumén téh nya Radén Ardiwinata, salaku sékretaris Boedi Oetomo. Ku lantaran kasaksianana ogé kudu dipénta, anjeunna dipénta datang poé Senén. Ngan isuk-isuk poé Senénna, 24 Désémber, pulisi katut opsir kaséhatan Baggelaar dibéré nyaho, réhna Ardiwinata geus maot nelasan manéh di imahna di Distrik Jetis.
Pulisi katut opsir kaséhatan Baggelaar buru-buru muru ka imahna Ardiwinata. Kasampak di tempat saré, samodél bale-balé, Ardiwinata geus teu nyawaan. Layonna nukangan bilik. Keris waé ngagolér dina lanté, nu bisa kadongkang ku leungeun. Éta keris téh parat ditubleskeun kana palebah jajantung. Tempat saréna karasa urut disaréan. Kawasna Ardiwinata téh ngagolér heula di dinya, tuluy hudang bari ceurik dina lolongkrang antara pangsaréan jeung bilik, kira-kira pukul tilu janari.
Poé Senén harita kénéh ngung-ngéng béja di sabudereun kota ngeunaan cocéngna duit organisasi nu dikokolakeun ku jenatna Ardiwinata. Ngan rumor téh masih jauh tangéh ka tétéla. Saterusna para pangurus puseur organisasi-organisasi nu diiluan ku Ardiwinata geuwat-geuwat muru ka imahna Ardiwinata. Harita bupati kota keur ngayakeun panalungtikan. Kanyahoan yén duit dua organisasi nu diiluan ku Ardiwinata téh teu dipisahkan. Jumlahna 400 gulden. Keur ukuran organisasi modél Boedi Oetomo mah sakitu téh kawilang saeutik. Kawasna gegedéna duit organisasi téh diteundeun di bank atawa di tempat séjénna. Satuluyna tilu organisasi nu diiluan ku Ardiwinata gancang nutup buku, jeung buru-buru ngitung saldo.
Anak Wadana, Lahir di Tasik
Tina Het nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie (29 Désémber 1917) jeung De Sumatra Post (10 Januari 1918) kanyahoan deuih yén Radén Ardiwinata téh lain jalma joré-joré. Tina warisan bapana, pangsiunan wadana di Priangan, manéhna kabagian sawatara imah jeung sababaraha rorog sawah. Atuh keris nu dipaké néwek jajantungna ogé sanggeus ditaksir ku para ahli, hargana kurang leuwih antara 10.000 nepi ka 14.000 guldén. Atuda kakolom keris langka pisan, bubuhan dijieunna tina wesi kuning.
Kurang leuwih sabulan saméméh maot, koran De Preanger-bode (14 Nopémber 1917) ngawartakeun Radén Ardiwinata méré ceramah dina pasamoan bangsa bumiputra (“Inlandsche sociëteit”) di Tasikmalaya, tanggal 10 Nopémber 1917 wayah peuting. Kawilang réa nu daratangna téh. Sarta ku éta koran ditétélakeun yén Ardiwinata téh asli lahir Tasik (“R. Ardiwinata is een Tasikker van geboorte”). Dina éta gempungan, Ardiwinata nepikeun sawangan anu aya patula-patalina reujeung Studiefonds Darmo Woro. Nya maksud ceramah di dinya téh cindekna mah keur kaperluan propaganda Studiefonds Darmo Woro. Cenah éta pakumpulan anu tujuanana pikeun ngamajukan barudak sakola téh diadegkeunana mareng jeung Boedi Oetomo. Ari Ardiwinata, lantaran kapeto jadi sékretaris éta pakumpulan, kukurilingan ka sakuliah Pulo Jawa pikeun ngarékrut nu harayang asup kana éta organisasi. Cenah nu geus jadi anggotana aya 500 urang. Udunan anggotana paling saeutik saguldén jeroning sataun.
Peun sakitu sual ceramahna di Tasik mah. Ari kapentingan urang Sunda ka Ardiwinata écés pisan. Lantaran saméméh jeung sabada anjeunna tilar dunya, Radén Ardiwinata téh dipikawanoh minangka pangarang Sunda nu produktif. Turta méh kabéh karanganana disusun atawa ditulis di tempat pangumbaraanana: Yogyakarta. Samalah nya anjeunna pisan anu sok dipahula-pahilikeun jeung Daéng Kanduruan (DK) Ardiwinata téh. Nepi ka pikeun ngabédakeunana, M.A. Salmoen kungsi nulis hiji artikel nu dijudulan “Ulah Pahili” dina koran Sipatahunan taun 1956, tuluy dimuat deui dina buku Kandaga: Buku Batjaan Basa Sunda 4 (Ganaco, 1957: 118-122).
Ceuk Salmoen (1957: 120), Radén Ardiwinata téh (dumasar katerangan anu katarima ku Salmoen) cenah urang Tarogong. Ngan pohara lawasna ngumbara di Yogyakarta, duméh di dituna jadi juru basa jeung jadi juru tarjamah di karesidénan. Hasil-hasil karya tulisna, cenah réréana mangrupa salinan atawa tarjamahan tina basa Walanda. Ku Salmoen dituliskeun karya-karya tarjamahan Ardiwinata tina basa Walanda, nyaéta Djalma Paminggatan, Michel Adriaanszoon de Ruyter, Saruni Sarosopan, Dongéng Warna-Warna, jeung Koeja Kadjadjadén. Ari nu asalna tina basa Jawa nyaéta Radén Ustama, Pituah Pupurieun, jeung Tjarita Si Alpi. Sedengkeun karya aslina mah cenah “nuliskeun dongéng rajat nu ilahar didarongéngkeun di pilemburan, ngaranna Dongéng-Dongéng Sunda”.
Ceuk Salmoen deui, “Ieu Ardiwinata ieu, ku anu henteu terang sidik, sok dipalironkeun djeung D.K. Ardiwinata. Tegesna, bukuna sok diakukeun kana buku saderék-sadjenenganana”.
Pamanggih Salmoen kitu téh aya nu kaliruna aya nu benerna. Nu kaliruna nyebutkeun Ardiwinata urang Tarogong, Garut, padahal asli urang Tasik. Nu benerna, Ardiwinata lila ngumbara di Yogyakarta. Ari pagawéanana minangka juru basa atawa juru tarjamah can aya data nu bisa dijieun babandingan. Atuh éta pamanggih Salmoen saheulaanan bisa dijiieun cecekelan. Tuluy karangan-karangan Radén Ardiwinata aya nu pahili deui baé Salmoen téh. Geura engké urang papay nu sabenerna. Atuh kagiatan Radén Ardiwinata dina sawatara organisasi ogé teu kasabit-sabit deuih ku Salmoen téh. Nu matak perelu ogé ngébréhkeun tapak lacak Ardiwinata sabot ngumbara di Yogyakarta, sakaligus némbongkeun aktivitasna dina sawatara organisasi nu diiluanana.
Aktif di Boedi Oetomo jeung Muhammadiyah
Sabada ditalungtik leuwih gemet, sihoréng kawilang réa organisasi nu diiluan ku Radén Ardiwinata sabot ngumbara di Yogyakarta téh. Nu pangnembrakna, tangtu baé di Boedi Oetomo. Saperti nu geus didadarkeun di luhur, Radén Ardiwinata kungsi dipercaya jadi sékretaris puseur éta organisasi.
Anu jadi pertanyaan, ti iraha Radén Ardiwinata nganjrek di Yogyakarta jeung aktif di Boedi Oetomo? Kawasna mah saméméh taun 1912. Sabab dina tanggal 5 Maret 1912 (dumasar katerangan dina Javasche Courant van 5 Maart 1912 No. 19), Radén Ardiwinata geus kacatet minangka salah saurang nu ngadegkeun N.V. Cultuur Maatschappij Mardi Kismo. Diréktur éta pausahaan téh M.N. Dwikjosenoje, sékretaris-bendaharana Radén M. Soerjopranoto, présidén komisarisna Radén Ardiwinata, sarta komisaris Radén M. Gondoamodjo jeung Radén Wirjosapoetro (De Indische Mercuur, jrg 35, 1912, no. 15).
Réngréngan pangurus N.V. Cultuur Maatschappij Mardi Kismo nyaéta para pangurus Boedi Oetomo. Da dina Verslag Boedi Oetomo tahoen kesepoeloeh, 1917-1918 (1919: 6), antarana Radén M. Soerjopranoto kacatet jadi sékretaris umum jeung Radén M. Gondoamodjo bendahara umum Boedi Oetomo dina 16 Séptémber 1911.
Satuluyna, sakumaha nu dilaporkeun dina “De Boedi Oetomo Feesten” (De Expres, 28 Méi 1913), Radén Ardiwinata geus kacatet salaku sékretaris kahiji Boedi Oetomo. Dina éta laporan kacaturkeun basa lumangsung pésta Boedi Oetomo di Bandung, Ardiwinata minangka wawakil pangurus puseur Boedi Oetomo milu hadir di dinya. Dina pangbagéana sanggeus ketua Boedi Oetomo cabang Bandung cacarita, Ardiwinata negeskeun kagilig organisasina enggoning ngamajukeun atikan bangsa bumiputra.
Dina taun 1913 kénéh, Radén Ardiwinata jadi pupuhu Mardiko Oetomo nu diadegkeun di Yogyakarta. Tujuan utama éta organisasi téh pikeun ngahudangkeun minat bangsa bumiputra sangkan leuwih misadar kana harga diri katut kasadaran dirina, sarta bisa ngalawan kaangkuhan pagawé nagri sacara umum, pangpangna pagawé nagri bangsa bumiputra (De Expres, 6 Désémber 1913).
Jeroning Boedi Oetomo, sakumaha nu kacatet dina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie, Tweede gedeelte, 1914, Radén Ardiwanata téh nya jadi sékretaris puseur Boedi Oetomo nya jadi komisaris Boedi Oetomo cabang Yogyakarta.
Salian ti aktif di Boedi Oetomo, Radén Ardiwinata aktif ogé di Muhammadiyah. Samalah sarua deuih jadi sékretaris kahiji. Ieu katerangan kaunggel di antarana dina buku Alcohol-enquête 1915 (1916). Di dinya aya émbaran nu ditandatangan ku pupuhu Muhammadiyah, Hadji Achmad Dahlan, jeung sékretaris kahiji, Radén Ardiwinata, kalawan titimangsa “Djogjakarta, 1 April 1915”. Eusina téh antarana kieu:
“Maka koetika tt. 23/24 boelan Maart 1915, perhimpoenan Moehammadijah, mengadakan Algemeene vergadering, didatengi oleh lid-lidnja koerang lebih 350 orang dan diantaranja ada beberapa tamoe.
Sesoedahnja oleh hamba sekalian dibitjarakan dari chal djahatnja inoeman keras itoe, maka vergadering memoetoeskan, soepaja inoeman keras itoe dilarang terdjoeal atau orang Djawa dilarang tiada boleh meminoem dan membeli. Hal ini ternjata dari pertimbangannja lid-lid, seperti jang terseboet didalam soerat Notulen Algemeene vergadering tt. 23/24 Maart 1915”.
Radén Ardiwinata ogé aktif jadi pangurus Cursus Prijaji di Yogyakarta (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie, Deel 2, 1915), Vereeniging Studiefonds Darmoworoto di Yogyakarta (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie, Deel 2, 1916), jeung School van de vereeniging Javaansche Meisjesschool di Yogyakarta minangka sékretaris (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie, Deel 2, 1918).
Karanganana
Sakumaha nu geus dijéntrékeun ku M.A. Salmoen, Radén Ardiwinata téh pangarang Sunda anu karanganana kawilang réa. Ceuk Salmoen mah aya Djalma Paminggatan, Michel Adriaanszoon de Ruyter, Saruni Sarosopan, Dongéng Warna-Warna, Koeja Kadjadjadén, Radén Ustama, Pituah Pupurieun, Tjarita Si Alpi, jeung Dongéng-Dongéng Sunda.
Mun nilik dikieuna, Djalma Paminggatan téh judul lengkepna Tjarita Djalma Paminggatan, dikaluarkeun ku Kantor Tjitak Ruygrok & Co dina taun 1912. Dina ieu buku Radén Ardiwinata ditétélakeun ku katerangan “Particulier di Nagara Jogjakarta”. Dina bubukana nu dititimangsaan “Jogjakarta, September, 1911”, Ardiwinata nulis pupuh Sinom: “Koering liwat langkoeng bingah, njieun boekoe enggeus djadi, sakadar anoe diadjar, malahmandar djadi margi, loeloes nja maksoed ati, teroes leukeun njieun boekoe, ari anoe dipalar, oerang Soenda tambah radjin, matja boekoe tjaritaan di Éropa”.
Demi judul lengkep Michel Adriaanszoon de Ruyter nyaéta Lalampahan Toean Michel Adriaanszoon de Ruyter. Bukuna dikaluarkeun ku G. Kolff & Co, Batawi, taun 1914. Sanajan diterbitkeun taun 1914, tapi karanganana mah sarua anggeusna taun 1911, samalah leuwih tiheula batan Tjarita Djalma Paminggatan, sabab dina bubukuna dititimangsaan “Jogjakarta, 15 Méi 1911”.
Satuluyna Radén Ustama, atawa lengkepna mah Tjarijos Radén Oestama. Penerbitna Kantor Tjitak Indonesische, di Weltevreden, taun 1919. Ari Wangkonganing Moelja nu teu dituliskeun ku Salmoen dibéré katerangan yén ieu buku téh “Beunang njalin R. Ardiwinata sarta dibenerkeun basana koe M. Natawisastra”. Nu matak narik éta buku wedalan Albrecht & Co, Weltevreden, taun 1919 téh diémbohan katerangan kieu: “Kopena ijeu boekoe geus di-kakantor tjitakkeun saméméhna Bale Poestaka make hedjahan anjar. Koe sabab eta hedjahan ijeu boekoe, hedjahan heubeul”.
Dongéng Warna-Warna mah sarua judulna. Nu ieu mah dikaluarkeun ku Commissie voor de Volkslectuur dina taun 1920, dicitakna ogé ku Drukkerij Volkslectuur, di Weltevreden. Tjarita Si Alpi ogé sarua, boh judulna boh nu medalkeunna, ngan titimangsana taun 1921. Hiji deui nyaéta buku “Kabeungharan Alam, beunang ngoempoelkeun tina boeka-boekoe basa Walanda sarta dianggit deui koe Radén Ardiwinata”, wedalan Balé Poestaka jeung dicitakna ku Drukkerij Volkslectuur, di Weltevreden, dina taun 1922.
Lamun ditenget-tenget, bisa jadi Radén Ardiwinata mimiti kurung-karang dina basa Sunda téh taun 1911. Buktina Lalampahan Toean Michel Adriaanszoon de Ruyter nu anggeus dina bulan Méi 1911, samalah dina Tjarita Djalma Paminggatan nu dianggeuskeun dina bulan Séptémber 1911 mah maké disebutkeun “njieun boekoe enggeus djadi, sakadar anoe diadjar”. Éta katerangan nu pangpandeurina némbongkeun yén Ardiwinata téh kakara diajar nulis dina basa Sunda. Ari saméméhna kumaha? Nepi ka ayeuna lebeng tacan kapanggih raratanana.
Naon pangjurung pangna Radén Ardiwinata ngarang dina basa Sunda? Nu ieu ogé kapanggih deuih tina cutatan “oerang Soenda tambah radjin, matja boekoe tjaritaan di Éropa” dina buku Tjarita Djalma Paminggatan. Ieu téh ngandung harti Ardiwinata hayang milu ngabeungharan kandaga bacaeun keur urang Sunda. Komo apan manéhna mah poténsina gedé, sabab keur ngumbara di Tatar Jawa. Jadi réa luang pikeun ngawanohkeun kandaga kasusastraan Jawa jeung kasusastraan deungeun, sabab manéhna bisaeun basa Jawa katut basa Walanda.
Bisa jadi nu ngajurung Ardiwinata ancrub kana dunya tulas-tulis Sunda ogé dilantarankeun ku ngadegna Commissie voor de Inlandsche school- en volkslectuur, atawa komisi keur sakola bangsa bumiputra jeung bacaan rayat, dina tanggal 14 Séptémber 1908 (Doris Jedamski, “Balai Pustaka: A Colonial Wolf in Sheep's Clothing”, Archipel 44, 1992: 23-46), atawa kurang leuwih tilu taun saméméh Ardiwinata nulis buku.
Satuluyna Jedamski nyebutkeun yén mimitina mah gawéna komisi keur sakola bangsa bumiputra jeung bacaan rayat téh milih téks-téks tradisional Jawa. Karya-karya nu kapilih disarungsum nepi ka pangling pisan. Atuda téks-teks téh dialihaksarakeun, diringkes, atawa dirobah basana, wangunna, jeung eusina. Ka dituna mah dituluykeun ku karya-karya winangun sanglingan kalawan standar Barat. Komo deui sanggeus mucunghulna D.A. Rinkes dina taun 1910 mah, gawé komisi téh beuki mencar baé.
Ku kieu téh matak kaharti ku naon pangna réréana karya Radén Ardiwinata winangun sanglingan, boh tina basa Jawa boh tina basa Walanda. Lantaran bisa jadi nuturkeun kawijakan anu diasongkeun jeung digugulukeun ku komisi keur sakola bangsa bumiputra jeung bacaan rayat téa. Beuki écés deui patula-patalina Ardiwinata jeung Volkslectuur téh lantaran kalolobaan karyana dikaluarkeun jeung dicitak ku éta komisi nu tuluy disebut ogé Balé Pustaka ti mimiti taun 1917.
0 Komentar