Girimis Sakeprul - Sajak-Sajak Arom Hidayat

 

Beungeut Wungu, AI Image.


GIRIMIS SAKEPRUL

Warna naon anu merenah keur mulas lebah
Rasa anu iklas? Seug diwawaas (meureun bodas)
Tuluy ka dinya ngalalar katineung nyalabarkeun
Sakur kakelar (ngelemeng hideung).

Tepung dina kangungun nu sarua jeung méga-méga kulawu 
Ngareumpeukan alak paul
Ngeclakkeun cimata haliwu di tungtung taun
Mirupa girimis sakeprul.

2024




BUNGUR KEMBANG SÉPTÉMBER

Geus leyur
Sakumna warna: jadi bungur
Kelir singkur keur tapakur.

Kasumba si getih ngora
Enya, éta gé kaula: papaés dunya
Pulas baheula.

2024




KEMBANG EURIH PASER

Kembang eurih paser
Rampak nembang peurih sapasir
Sada séah nu sasadu
Lagu padu tuna tugu.

Kembang eurih paser
Mangkak luhureun bolégér taneuh buligir
Sakolébat nimu leuweung
Sabot diri malaweung.

2024




ANGIN LAMPING JALADRI*

“Wilujeng sumping!” Sada angin nepiswiring
Mipir-mipir biwir lamping. Karasa ngangres
Pucuk-pucuk pineus sasambat ti leuweung peuntas
Nyeueung langit lapat-lapat.

“Nya aing si asih bedang. Disupata jadi jungkrang.” Sada angin
Kumareumbing ngarawélan gigir lamping
Karasa jarak bet tambah ngembat
Netek nanjak disorang jalan satapak.

2024

*Ngaran wewengkon di Kac. Cililin




NÉANGAN
           
Nyileuk nyalukan sepi
weléh henteu katepi 
         : kagareuwahkeun kembang api.

Teu panggih jeung nu ngaranna peurih
panuduh rasa nu katiruk nu katurih
         : paburia asup kana diri.

2024-2025




TAMAN TANPA NGARAN

Aya ramat lancah
Pajurawet saban léngkah
Di hiji taman tanpa ngaran.

Aya seungit kembang
Nu leungit diseuseup kemba
Di hiji taman tanpa ngaran.

Di hiji taman tanpa ngaran
Si ceurik jeung si seuri
Awor ngageuri.

Di hiji taman tanpa ngaran
Turundul panineungan
Sésana rembet tacan kasorang.

2025




AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin. Sajak-sajakna dimuat dina Manglé, Cupumanik, Kabar Priangan, Galura, jeung Galamedia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS. Buku kumpulan sajakna Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna salian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu jeung ngoléksi wayang golék.

Posting Komentar

0 Komentar