Hiji Peuting jeung Dalang Wayang

 

The Drunkard. AI Image.


Panganteur ti Rédaksi:

Dina édisi Désémber ayeuna, Cacandran midangkeun carita tarjamahan tina sastra Cina klasik. Judulna dina basa Inggris nyaéta “Evening With A Famous Ventriloquist”. Ngan judul aslina dina basa Cina henteu kapaluruh. Kitu deui nu ngarangna, duka saha. Da nyumput satukangeun sandiasma The Master of the East Pavilion. Kitu anu kaunggel dina antologi Stories of Old China, buku anu ngamuat ieu carita, meunang narjamahkeun Dr. W.W. Yen (1877-1950) tina basa Cina kana basa Inggris. 

Buku antologi Stories of Old China medal taun 1958 ku badan pamedalan basa asing RRC. Eusina ngamuat rupa-rupa carita klasik ti nagri Cina. Ieu carita ogé cenah dikarangna téh dina jaman Dinasti Ching (Manchu), anu kumawasa ti taun 1644 tug ka runtagna taun 1911 alatan Révolusi Xinhai. Lebah narjamahkeunana ngahaja henteu ngeukeuhan basa asalna. Nu dipalar supaya bisa karasa galeuh-galeuhna carita saupama dipidangkeun dina basa Sunda.


Di kota Yangchow aya dalang kasohor. Ngaranna Kuo Mao-erh. Budakna ogé kawentar minangka pamaén sandiwara. Boh Kuo boh budakna, duanana remen ditanggap ku jalma-jalma baleunghar anu aya di éta kota.  

Basa taun Kéng Shén, kaparengkeun kuring nganjang ka sobat anu sarua matuh di dinya. Duka kumaha mimitina, bet jorojoy ki sobat hayang ngondang Dalang Kuo ka imahna. Peutingna, ronghéap nu diondang téh datang. Brak dalahar. Disambung ku nginum nepi ka tengah peuting.

Bari teu karana dipénta, Dalang Kuo ngasongkeun manéh rék mintonkeun carita. Koréjat nangtung. Tuluy masang kaén layar di béh katuhueun méja makan. Gék manéhna diuk di tukangeunana, jeroning remeng-remeng lampu cempor. Kuring jeung ki sobat saregep ngabandungan.

Sakedapan taya sora. Teu lila pecenghul aya dua jalma patepung di pasampangan. Silih tanya bangun geus loma. Nu hiji lalaki geus kolot, nu hiji deui lalaki ngora kénéh. Si lalaki kolot ngogan si lalaki ngora ka imahna. Kencling duanana arindit ka imah si lalaki kolot. Di imahna disuguhan arak. Leguk ngarinum bari ngawangkong ngalér ngidul. Tug ka lila-lila si lalaki ngora mabok.

“Heup ah, asa muter yeuh,” pokna ménta eureun.

“Is, ké heula. Aya kénéh, tuh!” omong lalaki kolot.

Dekér ngarinum deui. Teuing béak sabaraha cangkir.

Sanggeus arak ledis, si lalaki ngora amitan. Leumpangna gagaléongan. Ku pribumi dianteurkeun nepi ka lebah lawang. Pok si lalaki ngora nganuhunkeun. Léos balik. Brug panto imah ditutup. Tuluy kadéngé sora léngkah si lalaki ngora anu ngajauhan.

Di tengah jalan, si lalaki ngora katurelengan. Bru kapiuhan, ngajéngjéhé jeroning poék mongkléng. Ari teu lila aya nu ngaliwat ka lebah dinya. Teu kahaja awakna katincak.

“Aéh, saha ieu? Nanaonan ngadon ngagolér di dieu?”

Si lalaki ngora ditangtungkeun. Beungeutna diteges-teges.

“Manéh geuning …. Wah, parna ieu mah télérna ogé!” 

Ku nu ngaliwat éta si lalaki ngora disangkéh. Tuluy dibawa balik bari satengah diséréd. 

Anjog ka gerbang kota, gorowok nyalukan nu jaga di dinya. Nu némbalan bet sakadang anjing. Mimitina ukur hiji. Teu lila tuluy ragég. Anjing kolot, anjing kirik, ti nu deukeut, ti nu jauh, rampak kabéhanana tinggarogog. 

Sanggeus mindo ngagorowok, huyungkung tukang jaga ngurunyung. Bari satengah lulungu manéhna muka panto gerbang. Sup duanana arasup.

Nu nyangkéh luak-lieuk néangan imah si lalaki ngora. Bréh hiji imah. Tuluy dibawa ka dinya. Keketrok. Ari nu mukakeun panto bet teuing saha. Beu, salah alamat geuningan! Abong kéna keur poék. Atuh pangeusina kutuk gendeng, ku lantaran geus kahudangkeun. Tina lentongna kadéngé urang Kiangsi. “Haram jadol siah!” cenah, digoongan ku sora anjing nu ngagogog deui.

Léos indit deui bari nyanyangkéh si lalaki ngora. 

Ari ku haben dipaparah mah teu burung imahna kapanggih. Keketrok deui. Panto dibukakeun ku pamajikanana bari rucang-riceng. 

“Yeuh! Kasampak ngagolér di jalan,” pokna masrahkeun.

Pamajikanana nganuhunkeun.

“Tong gawok teuing geura euy, kana mabok téh. Ngadoréksakeun batur!” cenah mapagahan. Geus kitu tuluy amitan.

Ayeuna pamajikanana nu ngurusanan téh. Regeyeng disangkéh ka luhur ranjang. Golédag digolérkeun.

“Ménta cientéh!” pokna.

Pamajikanana ngaléos ka dapur. Gen naheur cai. Cur nyieun cientéh. Ari balik deui kasampak salakina geus ngaguher.

“Dasar atah adol! Mun ngajedog geura di imah, lain kalah udar-ador!” pamajikanana jejebris. Sambutut. Golédag ngedeng gigireun salakina. Guher milu nyegrék. Sora kérék kadéngé patémbalan.

Tengah peuting, basa aya sora sapi kadéngé, si lalaki hudang. Gék diuk dina biwir ranjang. Borolo utah babalongkéngan.

“Ménta cientéh!” pokna satengah teu sadar.

Euweuh nu némbalan. Pamajikanana tibra dina impénanana. Atuh gubrag manéhna ngagolér deui. Ker kérék deui.

Wanci janari, pamajikanana hudang. Sukuna susur-sasar néangan sendal. Ana kapanggih, tuluy ditincak, karasa lamokot ku utah.

“Nu gééélo! Kadon ongkék di dieu!” pamajikanana nyarékan. Tapi ari nu dicarékanana mah teu usik-usik acan. Terus manéhna néangan sendal anyar anu beresih.

Heuleut sawatara lila, kadéngé hayam mimiti kongkorongok. Mimitina ukur hiji. Ka dituna raong silih témbalan. Unggal hayam sora kongkorongokna henteu sarua. 

Saterusna gero aya sora nu ngageroan ti luar. Bapana si lalaki horénganan.

“Jang, geura hudang! Geura peuncit babi! Bisi kabeurangan!”

Ti dinya kuring jadi apal, tétéla éta lalaki téh tukang jagal.

Pamajikanana nyampeurkeun. Si lalaki diguyah-guyah. Koréjat hudang. Tuluy ngaléos ka kandang. 

Di kandang manéhna maraban babi. Kandang dadak sakala haliwu. Sora halokhak, sora sesegrok, pabaur jeung sora sungut nu pahibut parebut hakaneun. Teu jauh ti dinya kadéngé sora nu nimba cai, sora nu mirun seuneu, disambung ku sora cai ngagolak.

Sanggeus maraban, manéhna tuluy nyangcang babi. Kadéngé sora bedog diasah, sora gérésél meuncit, sora getih bahé, laju kana sora nu nyacagan daging jeung saterusna.

“Geus subuh,” omong bapana. “Geura masang méja! Geus waktuna dadasar!”

Bar méja dipasang. Daging babi ditumpukkeun dina luhureun méja. Teu lila kadéngé sora léngkah daratang. Sora récok jalma. Récok nu mareuli. Récok nu nanyakeun harga. Récok nu nawar. Récok nu hayang jeroanana. Nu hayang cokorna. Nu nanyakeun sirahna. Nu tingjalentring ngalungkeun duit koin. Nu cangcaya kana daging dagangan. Nu murukusunu. Campuh ngaguruh. Beuki lila beuki sahéng. Beuki gandéng teu puguh déngékeuneun. Laju ujug-ujug reg lalakon téh eureun.

Dalang jempé. Pintonan réngsé. Simpé. Nu nyésa kari peuting jeung jemplingna.***

Posting Komentar

0 Komentar