Maret - Sajak-Sajak Lugiena De

Halimun, AI Image.

 


MARET

Angin nu ngariabkeun halimun
Mangsa hujan nyésakeun aweuhan
Udat layung ringkang ngungun
Lambar-lambar daun maluguran

Ngembat lulurung jalan kaliwung
Mapay logak jeung cileuncang
Ku lana girimis nyandet nalikung
Ngaracak na lelembutan

2022







DI BATU HIU

Ku héman lambak ngusapan suku
ngumbah raheut tatu waktu
‘na kikisik Batu Hiu.

Geus anjog léngkah ka wates lalampahan
nu misahkeun raratan ka tukang
jeung sagaraning kasurtian.

Di basisir, naon deui nu rék disungsi
mun sakabéhna geus ngahiji
jadi jumblengan cai?

Naon deui nu kudu dicukcruk ditéangan
mun saniskara hujung pangjugjugan
horéng ngancik ‘na lelembutan?

2023







SALAMBAR DINA HIJI BUKU 

Salambar nu kosong
Dina hiji buku lalakon
Ukur nyampak nomer kacana

Salambar nu kosong
Dina hiji buku lalakon
Reg eureun, tuluy ngaheneng

2016







KHULDI

Siki kasimpé nu dipelak basa keur ngimpi
Jadi tangkal nu ngarandakah jeroning saré
Sanggeus meuhpeuy dipetik buahna hiji
Krek digégél, awak ngagubrag di alam ramé

2020







OKTOBER

sabada cacap sukan-sukan
simpé deui nu marengan

pangbalikan horéng dina kotrét sajak
jeung anjeun nu satia mukakeun tulak

2017







PEUTING

Antara peuting jeung jempling, 
weléh teu sidik
mana anu saenyana ngajirim?

Sabada ditilar cahaya,
kalangkang kadungsang-dungsang
néangan tangtunganana sorangan

2016







NU LUMAMPAH

Nu lumampah nyukcruk sajatining huluwotan
haté saha nu lawas mikangen imut bulan?

Lunta muru mumunggang panyingkuran diri
jalan satapak beuki netek tur suni

2015







PAGERAGEUNG
Sule Nurharismana

Angin tepiswiring nu mipir pasir
teu weléh datang jeung miang 
sumélékét ngahiliwir.

Sabot anteng nyawang halimun peuray
nu kaimpleng bet mangpirang jisim
langgeng patepung jeung paturay. 

2024




LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, naskah drama, tug ka buku pangajaran. Tilu kali dilélér hadiah LBSS (2006, 2013, 2022). Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016). Ayeuna ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Ari matuh di Kacamatan Selaawi, Garut. 

Posting Komentar

0 Komentar