Pikahareupeun RBD-FTBI - Darpan



Indung, AI Image.


Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) keur nyorang taun kaopat. Mimiti aya taun 2021, sabada urang dihantem pandemi Covid-19. FTBI muncul teu lila sabada Prof. Dr. E. Aminudin Aziz, MA., Ph.D, dibenum jadi Kepala Badan Pembinaan dan Pengembangan Bahasa (Badan Bahasa) Kemendikbudristek RI, 8 Méi 2020. Nya ti harita, pasanggiri-pasanggiri dina basa daérah hirup deui, tur aweuhanana kaitung lega. Padahal saméméhna basa daérah téh ukur jadi obyék panalungtikan. Diantep hirup teu neut, paéh teu hos. 

Dina kasus Jawa Barat, pasanggiri samodél FTBI téh ilang ti taun 2017, sabada Balai Pengembangan Bahasa dan Kesenian Daerah (BPBKD) dilikuidasi ku Kemendagri. Aya sawatara pémda kabupatén atawa kota anu nuluykeun pasanggiri siga anu digelar ku BPBKD, tapi aweuhanana teu pati karasa, sabab dilaksanakeun ukur di tingkat lokal, teu nepi ka provinsi-provinsi acan. Usaha Disdik Jabar nuluykeun pasanggiri basa daérah, ukur kawatesanan ku tingkat SMA, sabab panitiana ngeukeuhan anggapan yén provinsi mah kawenanganana ngurus SMA, SMK, jeung SLB. Mun téa mah enya anggapanana kitu, sakuduna pasanggiri henteu ngan aya di SMA wungkul. Tapi SMK jeung SLB ogé meureun sakuduna mah diajak.

Sanajan di Jawa Barat aya Perda No. 14 Taun 2014 minangka révisi kana Perda No. 5 Taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan dan Pelestarian Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah, henteu ngalantarankeun pémda boga tanggung jawab anu gedé dina ngurus jeung ngokolakeun hirup-huripna basa daérah di Jawa Barat. Ayana “alih kelola” sabada muncul UU No. 23 taun 2014 ngeunaan Pamaréntah Daérah, sok jadi alesan Disdik Jabar embung pipilueun ngurus SD jeung SMP sakumaha anu geus dicontoan ku BPBKD.

Urang balik deui ka FTBI. Kiwari FTBI téh keur meumeujeuhna raraména, da lain baé wilayah kabasaanana anu tuluy nambahan, tapi peserta, guru-guru atawa pangaping, warga sakola jeung pelatih, keur meumeujeuhna ngabebela sumangetna dina milu ngareuah-reuah FTBI. Utamana di tingkat SD jeung SMP. Soal jenjang SMA/SMK anu teu kaajak-ajak, Badan Bahasa ogé saenyana keur narékahan usaha-usaha séjén. Antarana baé ku ngayakeun féstival téater remaja keur barudak SMA.

Aweuhan RBD-FTBI ogé geus nimbulkeun kasadaran masarakat kana kahanan basa daérahna. Réa aspirasi ti masarakat anu tuluy ngadongsok pamaréntah daérahna sangkan nyieun perda perlindungan basa daérah, atawa nyusun kurikulum keur ngajarkeun basa daérah di sakola-sakola formal. Di Papua, Nusa Tenggara, jeung Kalimantan, aya kabéjakeun pémdana nyarusun perda jeung kurikulum basa daérah.

Keur sasoranganeun, ningali kaayaan kitu téh tangtu baé milu agul. Ngan di satukangeun éta bet aya kahariwang jeung kamelang. Hariwang éta sumanget nu ngabebela téh ujug-ujug ngaleutikan deui, kakalicesan, tuluy reup pareum. Hariwang FTBI teu laju sakumaha mistina. Hariwang parobahan politik sarta kapamingpinan di nagara urang, ngalantarankeun FTBI teu dikokolakeun kalawan jejem.

***

Sakumaha anu mindeng ditepikeun ku Kepala Badan Bahasa, digelarna FTBI téh di antarana dikasangtukangan ku hasil pemetaan basa daérah nu dilakonan ku Badan Bahasa. Aya kurang leuwih 718 basa daérah nu kapetakeun. Tapi tétéla loba basa daérah di Nusantara anu kaayaanana geus sakarat. Sawaréh geus carem. Malah basa daérah anu masih kénéh aman ogé siga basa Sunda jeung basa Jawa, kamekaranana teu matak nyugemakeun. Panyaturna tuluy ngurangan akibat tina pangaruh digunakeunana basa nasional jeung pangaruh budaya global.

Nilik éta kaayaan, Kepala Badan Bahasa tuluy néangan strategi pikeun nyalametkeun basa daérah nu masih kénéh aya. Nya muncul program Revitalisasi Bahasa Daerah (RBD). Malah éta program tuluy ditetepkeun jadi Program Merdeka Belajar épisode ka-17 dina taun 2022. Sabada ngayakeun dialog jeung sawatara aktivis basa daérah, ditetepkeun modél keur nyalametkeun sarta mekarkeun basa daérah ku cara ngajak aub barudak dina prosés pembelajaran jeung pasanggiri. Éta modél téh dingaranan RBD-FTBI. 

Ku sabab éta, idéalna FTBI téh henteu ukur ngagegedékeun féstivalna atawa pasanggirina. Nu kudu diwedelan mah nyaéta prosés kumaha barudak diajar basa daérah di lembaga formal, atawa ngaliwatan komunitas di masarakat. Kitu mungguhing ceuk program RBD-FTBI nu dirarancang ku Badan Bahasa.

Ku sabab kitu rarancangna, tahapan-tahapan RBD-FTBI ogé henteu ujug-ujug ngagelar pasanggiri. Mimitina aya rakor jeung para kepala daérah sarta kepala dinas pendidikan. Ti dinya aya anu disebut pelatihan guru utama (di sawatara daérah istilahna guru master). Guru utama dibekelan rupaning matéri dina kagiatan ToT (Training of Trainer). Matérina ngawengku tujuh rupa, anu engkéna jadi cabang lomba. Éta tujuh cabang lomba dina FTBI téh mémang diadopsi tina pasanggiri-pasanggiri anu biasa dilaksanakeun di Jawa Barat. 

Guru utama boga kawajiban nepikeun deui matéri dina kagiatan diséminasi di kabupatén/kota masing-masing. Di kabupatén/kota nu jadi sasaran diséminasi téh nyaéta guru-guru anggota KKG jeung MGMP. Di daérah-daérah anu basa daérahna teu diajarkeun di sakola, sasaran diséminasi téh para tokoh adat, penggiat kabudayaan, atawa masarakat. Ti dinya guru-guru anu meunang bekel dina kagiatan diséminasi ngajarkeun rupa-rupa matéri RBD-FTBI ka para siswa di sakola. 

Dina prosés pangajaran, guru-guru bakal mikanyaho saha di antara siswana anu nyongcolang dina narima jeung nyangkem matéri. Éta barudak anu nyarongcolang téh tuluy dipilih jeung diabenkeun dina FTBI anu dilaksanakeunana berjenjang. Ti mimiti FTBI tingkat wilayah/rayon (SMP) atawa kacamatan (SD), naék ka tingkat kabupaten, tuluy ka tingkat provinsi, malah aya nu kabawa kana FTBIN (Festival Tunas Bahasa Ibu Nasional) anu geus dua kali dilaksanakeun di Jakarta. 

Éta rarancang nu dijieun ku Badan Bahasa téh kawasna loba masalahna. Guru-guru atawa kepala sakola loba kénéh anu teu ngutamakeun prosés pangajaranana. Réa kénéh anu ngudag-ngudag pasanggirina. Antukna anu muncul téh kompetisi jeung pelatihan anu instan. Lain révitalisasi basa daérah anu miharep budak boga pangalaman diajar basa daérah bari teu dibeungbeuratan ku kapentingan lomba atawa pasanggiri.

Apan kungsi kabéjakeun anu mariluan pasanggiri téh justru barudak anu teu barisaeun nyarita ku basa daérah. Dapon dilatih asal bisa. Aya deuih kabéjakeun guru utama atawa guru master teu difungsikeun keur nepikeun diséminasi lantaran disdikna apilain. Tapi, ari miluan FTBI-na mah hayang, atawa kapaksa kudu ngirimkeun peserta. Aya anu maén tunjuk, atawa aya ogé anu miheulaan ngayakeun FTBI jenjang kabupatén bari diséminasina mah dipandeurikeun atawa teu diayakeun sama sakali.

Sok komo sanggeus aya iber yén juara-juara FTBI datana asup ka Pusat Prestasi Nasional (Puspresnas). Juara FTBI disajajarkeun jeung juara FLS2N, O2SN, atawa OSN. Guru-guru jeung sakola beuki haget ngudag kajuaraanana, batan prosés pangajaranana.

Loba deuih daérah anu bingung nyumponan tujuh matéri atawa cabang lomba di FTBI. Antukna henteu sakabéh cabang lomba kalaksanakeun. Umumna kajadian di daérah anu masih ngararampa. Pangpangna di daérah-daérah anu kakara ngayakeun pasanggiri samodél kitu. Da siga anu sawan kuya atuh. Bororaah ngayakeun pasanggiri, apan diajarkeun ogé henteu basa daérah téh. Karék sanggeus taun kadua jeung katilu, éta tujuh matéri téh laun-laun bisa kawujudkeun bari gembleng. Malah unikna hiji cabang lomba bisa manggihan “warnana” anu mandiri di masing-masing daérah. Aya samodél divérsifikasi kontén.

Upamana baé, di Jawa jeung di Bali lombana nembang pupuh atawa macapat. Di sawatara daérah mah ukur ku ngawihkeun lagu-lagu pop daérah. Cabang borangan (stand-up comedy) di Kalimantan diganti ku Bapandung. Maca jeung nulis aksara daérah, di Bali mah kagiatanana nyurat lontar.

***

Masalah séjén nu muncul dina program RBD-FTBI téh soal kawenangan. Dina perundang-undangan soal kabasaan, kawenangan ngurus basa daérah téh ayana di pémda, boh pémda provinsi boh pémda kabupatén/kota. Alesan anu digunakeun ku Badan Bahasa dina ngayakeun FTBI téh ukur ngandelkeun katerangan dina perundang-undangan, yén pamaréntah pusat bisa “memfasilitasi” usaha miara jeung ngamumulé basa daérah, lain soal kawenangan.

Dina hiji wawancara, Kepala Badan Bahasa sadar pisan kana posisina anu ukur hayang “memfasilitasi” téa. Ku sabab éta, taya jaminan FTBI téh bisa dilaksanakeun saendeng-endeng ku Badan Bahasa minangka réprésentasi ti pamaréntah pusat. Ku hal éta deuih, fasilitas anu gembleng ti Badan Bahasa, utamana dina soal anggaran, ukur aya dina FTBI taun kahiji. FTBI taun kadua jeung saterusna aya sharing anggaran antara pamaréntah pusat jeung daérah. Aya bagian-bagian tina anggaran FTBI anu ditanggung ku pamaréntah pusat ngaliwatan APBN sarta disalurkeun ka unggal balai bahasa provinsi atawa kantor bahasa. Aya ogé anu kudu ditanggung ku pamaréntah daérah maké anggaran APBD.

Lamun ayeuna basa-basa anu jadi sasaran RBD-FTBI jadi ngalobaan tur ngalegaan, lain hartina pamaréntah pusat rék nanggung éta tanggung jawab. Da ceuk Kepala Badan Bahasa, nambahanana basa daérah anu jadi sasaran révitalisasi téh saenyana dipangaruhan ku ayana aspirasi anggota DPR pusat, ngarah basa daérah di wewengkon asalna atawa di wilayah konstituénna diilukeun kana program RBD-FTBI. Éta téh muncul waktu anggaran waragad RBD-FTBI keur dibahas di DPR RI.

Ngan sigana aspirasi anggota déwan téh teu sajalan jeung kasadaran pémda dina nanggeuy tanggung jawab pikeun ngurus basa daérah. Sabab, nepi ka kiwari ogé anggaran anu sakuduna ditanggung ku pamaréntah daérah loba masalahna. Di Jawa Barat upamana, aya kénéh kabupatén/kota anu nepi ka kiwari embung nyadiakeun anggaran FTBI dina APBD-na. Dina nyadiakeunana ogé samporét pisan. Padahal Badan Bahasa geus mindeng ngélingan sangkan aya partisipasi ti pémda, lantaran kawenangan ngurus basa daérah téh tanggung jawab pamaréntah daérah.

Badan Bahasa ngaliwatan balai bahasa provinsi ogé narékahan ayana rukun gawé jeung pémda sangkan daék jadi pamangku hajat (tuan rumah) FTBI. Ieu ogé minangka usaha keur méré kasadaran ka daérah, sangkan daék milu mikiran hirup-huripna basa daérah. Dina éta rukun gawé, aya waragad-waragad anu mémang kudu ditanggung ku pémda minangka pamangku hajat. Ninggang pamangku hajatna sadar jeung nganggap bisa ngadatangkeun kauntungan, siga Kabupatén Pangandaran, apan lain baé ngahasilkeun kauntungan immaterial. Dalah kauntungan ékonomi ogé teu kurang-kurang.

Ngan baé kasadaran kitu téh sigana can murba. Loba kénéh pémda anu ngarasa kabeungbeuratan lamun kudu ngarojong RBD-FTBI, utamana dina soal nyadiakeun anggaran. Ngan saeutik baé pémda anu toh-tohan ngadeudeul FTBI malah nepi ka FTBN di Jakarta.

***

Lantaran masalah-masalah di luhur, wajar lamun muncul kahariwang kumaha pikahareupeun RBD-FTBI. Aya rupa-rupa kamungkinan. 

Kahiji, RBD-FTBI bisa tuluy manjang lamun aya transformasi ti pamaréntah pusat ka pamaréntah daérah. Hal ieu kungsi ditepikeun ka Kepala Badan Bahasa. Ka hareupna kudu diwedelan rupa-rupa régulasi anu sipatna instruksional (pituduh atawa paréntah) ti pamaréntah pusat ka pamaréntah daérah. Upamana baé ayana instruksi ti Kemendikbud atawa ti Kemendagri ka pémda-pémda ngarah nuluykeun program RBD-FTBI nu geus ditaratas Badan Bahasa, sakaligus nanggung anggaranana.

Kadua, pihak-pihak anu salila ieu aub dina program RBD-FTBI sabilulungan ngawewegan tanggung jawab pamaréntah daérah dina ngurus basa daérahna séwang-séwangan. Lain baé kudu ditepikeun ku Badan Bahasa atawa Balai Bahasa di provinsi, tapi ogé ku MGMP, guru utama/guru master, maéstro/budayawan daérah, jeung pihak-pihak séjénna. Meungpeung program RBD-FTBI aya kénéh sarta karasa haeubna ku saréréa.

Atawa boa aya kamungkinan-kamungkinan séjén anu bisa jadi can kapikiran, sarta ngalantarankeun RBD-FTBI bakal tetep aya. Mun teu kitu, kahirupan basa daérah bisa balik ka alam asalna: kasieuhkeun, katambélarkeun, kaapilainkeun, di satengahing masarakat urang anu gampang pisan kapangaruhan ku budaya global.***



DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Pangarang, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Sababaraha kali karangan basa Sundana dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Buku kumpulan carponna, Nu Harayang Dihargaan, dilélér hadiah sastra Rancagé taun 1999. Sapopoéna mancén tugas jadi pengawas di lingkungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 

Posting Komentar

0 Komentar