Kadéngé Haréwosna - Sajak-Sajak Nazarudin Azhar

 

Imah, AI Image.



KADÉNGÉ HARÉWOSNA

imah nu keur dicicingan
hiji peuting kadéngé haréwosna:
kumaha betah di dunya?

manéhna meureun nyangka
yén pangeusina keur guligah

jeung dina enyana
haleuang remen teu jauh
ti gambaran bulan nu kalebuh
dina riak-riak teteruh

éta gé aya dunga
nu kalan-kalan didastakeun
tur ieu imah karasa
ngusikkeun sukmana
milu neneda

betah? cekéng ka batur saimah
ti manéhna manggihan dunga
nu sarua

sabot manéhna nyapukeun kebul
jeung ramat lancah dina jandéla
sangkan kariksa sakur kaul
hariring nu nyambat indung cahaya

2024





AYA HUJAN

di buruan aya hujan
uluk salam ku geter pinuh rusiah
ngusapkeun sakur asihna
ka saban lambaran daun
nu ngalakay dina pangsujudanana

hujan nu weruh
kana rupaning anggang 
keur nyukakeun nu melong
ti hiji rohang 
nu geus ti heula lantis 
ku panineungan

2024





DI LANTÉ TILU HIJI MAL

di lanté tilu hiji mal
aya panyajak sabar nungguan
dina 68 kaca bukuna
nu nyempil dina erak panghandapna

sajak téh haréwos lantip
pikeun ati nu haat misurti
; gerentesna 
dina kaagungan nu kulawu

pasemon nu diteundeun
na tiap lambaran keretas
leuwih ti réana diksi
nu sok hayang nyiliwuri
sabot nyipta sihir ungkara
meruhkeun katunggarana
sanggeus remen kapati-pati
dina lapak pangtarungan
nu sajati

horéng kuring 
teu bisa milih batur tanding
lian ti diri sorangan
nu terus nangtang ngajak ngésang
tepi ka bobor karahayuan
dina saban kecap munggaran

2024






CIANGIR

treuk nu keur ngakut runtah
nyarita ka girimis
nu mapagkeun
di tungtung lalampahanana

: kuring geus mawa sakur raga
nu ditilar ku rohna
dibungkusan palastik hideung
laju buruk jeung sésa kadaharan

: roh nu geus teu diperelukeun
bacacaran di sisi-sisi jalan
méré nyawa ka laleur jeung sakur cacing
nu parebut hancengan hirup 
jeung réwuan tukang mulung

: kota teu pernah béakkeun sésa jasad
pikeun dipiceun, nyipta kuburan-kuburan
nu ditetenggeran tulisan
kabersihan téh sabagian tina iman

: manéh apal naon ari iman? pék baca
di antara hunyudan ieu runtah
aya kitab suci nu méh teu mangrupa
pagulung jeung bungkus sabun
cikiih na popok orok
kardus urut pakét onlén
katut rupaning bukur impian --

treuk nu geus réyod jeung karahaan téh
terus ngajak nyarita
ka nu aya di sabudeureunana
di pencelut gunung runtah
tempat dirina mungkas lalampahan
tuluy nyipta pangabetah sorangan

2024





DRAMA

mojang nu nangtung
handapeun linduh katineung
kapotrét ku padalisan sajak
najan ukur sapada
tapi natrat dina dada

rerencepan 
kuring maling teuteupna
bari midangdam 
mangsa nu boa bisa kasaba

ti harita dunya robah siklusna
kuring hirup dina drama
rumingkang jeung kalangkangna

2024




NAZARUDIN AZHAR, pangarang, dumuk di Kota Tasikmalaya. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Buku kumpulan sajakna, Miang, dilélér hadiah sastra Rancagé taun 2018.

Posting Komentar

0 Komentar