Jemplang Leumpang - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 
Pamayang, AI Image.



JEMPLANG LEUMPANG

Mulang téh sakadar mulangkeun melang
Lana nikreuhan sakabéh nu dipiangkeuh
Mokaha sakasuka ngawasa sakur dangka
Horéng ketak mijarak dikalang anggang

Unggal milang adegan ngitung randegan
Tujul deui ka mimiti balik ka purwadaksi
Laku téh mungguh angkaribung kaliwung 
Léngkah munggah angkarubang kalewang

Geuning leumpang téh sajeroning cicing
Geuning cicing téh sajeroning leumpang
Nyorangan nyorang kasimpé sorangeun
Nunggelis nyungsi muni suni larungeun

Mulang téh sakadar mulangkeun melang
Langgeng luput nyurahan jatining tineung
Raket jeung anggang bet teu kaparekkeun
Tékad jeung lampah bet teu kapaheutkeun

2016





PURAGA RAGA

Regas raga na samporéatna mangsa
Limpeu temenan nunutur sésa umur
Pudunan jeung tanjakan pawenangan
Ringkang nu dikawasa kalangkang

Raga horéng puraga tamba warangka
Ukur kurung pangungkungan berung
Sedeng jiwa geuning teu suda lahuta
Sanajan ketak kari satapak bangkarak

Rengat raga na jorélatna panandasa
Lémpoh temenan nguntit demit nasib
Sapanjang suklak-sikluk lalampahan
Saparat wowotan nyorang kamulyaan

Deudeuh suku nu leungiteun léngkah
Deudeuh rénghap nu béakkeun hégak
Réngkak nu salilana dipergasa talajak
Kasoran ngayonan panangtang kadar


2019





LANGEN KAKANGEN

Jatining asih merenahkeun mustarina
Rasa nu jadi wedal lahirna katineung
Medal ti wingit ati ti langen kakangen
Dipapag ku harepan jeung karémpan

Diruat ku geter galeuh galih nu mawat
Dirumat balaka jeung kemba nu parat
Mapat jiad rahayu parancah timburu
Dina sakedal keyeng sawakca pareng

Dihirupan kasangsri mangsa rumaja
Dihuripan kasurti sanggeus sawawa
Di antara leungiteun jeung harianeun
Saukur miwenang diceurik-seurikeun 

Jatining cinta nyampurnakeun ayana
Rumaksa dina bagja jeung nalangsa
Rumawat dina ingetan jeung ciciptan
Sampurna jeroning kateusampurnaan


2015





KEMBANG MUMUNGGANG

Kembang nu nenggang di mumunggang
Lain malar dirungrum jeung dipikagum
Ukur jadi bagian kabasajanan katresnan
Sakucup kalbu sagagang rasa nu metik

Saéstuna tuhu wuwuh wujud tumuwuh
Rinéka warna darma kateulanggengan
Gumelar nyorang kadar mekar tur ligar
Di antara mangkak jeung ngabangkarak

Nandonkeun kelir jeung sari sapuratina
Ka nu heueuh ngadeuheuskeun deudeuh
Nyébakeun dalingding jeung kaéndahan
Ka nu nyimpang micangcam saheulaanan

Cunduk wayah diranjah sabot rumekah  
Sambuang diseuseup pasieup geugeut
Sanggeus layu rumangrang disulayaan 
Jambangan baganti deui warna nu lian

2016





TUNGGAL TANGKAL

Tunggal tangkal ajeg negrak di nu nagrak
Kawulaning séah dina hiur léah dina héar
Liliwatan saban jisim nu mukti ku misurti
Pangiuhan saban jirim nu bakti ku miharti

Lebah dieu tepungna girang jeung landeuh
Lawungna jatining bumi-langit mideudeuh
Pupucukan kelir poyan ulesna katumbirian
Akar-akar ngaranggeum lelemah katresnan

Dahan ranggah tumamprak ngarandakah
Nadah héman keclak hujan tur héab katiga
Aleum atawa mentrang warna hamo sulaya
Nu subaya téh méga méré wanda sarwa fana

Upama mangkéhing nu ajeg tinggal tunggul
Rumaket tonggoh jeung lebak tuhu mitugur
Nyirung-pugur nyésakeun geutah nu tuhur
Cunduk usum sumerah dijurung mungkur 

2016


ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

0 Komentar