Interstellar - Sajak-Sajak Prayoga Adiwisastra

 

Black Hole, AI Image.


INTERSTELLAR

200 héktar, kebon jagong 
nu masrahkeun dirina
ka hujan kekebul, 
jadi hiji-hijina nyawa.

Buku nu murag tina rak,
kodeu binér tina saabrulan
kekebul, kawas enigma 
ti juru alam gaib.

“Cooper, boa buku 
jeung kekebul ti alam jin?”

“Lain, Murph. Waktu
lir rumus fisika 
nu ngarijutkeun kulit pipi
anjeun mangsa urang tepung
sababaraha poé deui.”

2067 M, Cooper balayar 
ka langit jeung gargantua,
maluruh dunya anyar,
kawas Nabi Nuh. Tapi
waktu ngarayap lalaunan.
Ajal ngarambat rerencepan.

Di jero tesseract, manéhna
tepung jeung Murph,
katut diri sorangan 
nu liwung di tengah kamar.

“Murph! Nya kami
jin nu saenyana!”

Cooper ngagero bari
nyurungkeun buku.

Tapi Murph teu nyarita.

Manéhna teu percaya,
dirina geus ngarobah 
takdir hirup manusa.

2024






KAGURA

Manéhna lain mayungan
hujan atawa girimis 
nu diawurkeun
ti kubah langit.

Tapi manéhna percaya,
kubah payung seimei
salawasna mayungan
rembetna pikiran.

“Kaadilan lain seuseukeut
pedang Hayabusa,
tapi hujan nu walatra 
nyiraman tutuwuhan.”

Sepi geus jadi beusi.
Cinta nu rembes, jadi karinget 
dina daun-daun sakura.
Tapi manéhna teu percaya.

2024






SABOTEUR (AGE OF EMPIRES 2)

Saumur hirup
mamanggul takdir
nu dirusiahkeun 
dina gentong jati.

Ajal nu basajan,
lir kembang malati
nu mangkak
dina vas imaji.

Kaambung dumalingding
seungit sawarga.
Karungu aya nu tumanya.
“Saha urang saenyana?”

2024






UP & UP
: Coldplay

Mémang aya warna sépia
nu ngagurat dina kanvas.
Kangungun nu sumulusup
dina urat-urat nu regas.

Tapi upama pikiran sadar,
anjeun luncat tina jandéla,
nyeuseup seungit mawar
nu mekar di buruan cahaya.

Di tepas, urang nungguan
metikan jeruk lima. 
Binih kastuba lalaunan
tumuwuh di taman pikiran.

Upama hirup teu muskil,
10 lalaki futsal luhureun spons,
parahu balayar dina mangkok,
lain perkara nu mustahil.

2014





PRAYOGA ADIWISASTRA, lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumni Jurusan Basa Sunda UPI Bandung. Nulis pangpangna dina wangun sajak, carpon, jeung éséy. Dimuat dina majalah Manglé, tabloid Galura, jeung koran Pikiran Rakyat. Ayeuna cekel gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 2 Sukatani, Purwakarta.

Posting Komentar

0 Komentar