Mas Soemadinata, Guru Tata Basa Sunda - Atép Kurnia

 

Sakola Raja, 1866 (sumber: KITLV)


Basa mukaan surat kabar-surat kabar nu medal antara taun 1913-1942, ana bréh téh tulisan “Tjing Tanggerkeun Soenda téh!” beunang R. Denda Naranata dina Papaés Nonoman No. 11 & 12 (3 Jaargang, 1916). Dina éta tulisan aya katerangan kieu: “geuning ti baheula koe saoer djoeragan Goeroe Soenda sakola radja Mas Soemadinata noe ajeuna geus pansioen sarta kénging bintang pérak, noe djadi poepoehoenan saréréa goeroe oerang Soenda noe mimiti ngadjarkeun Gramatieka Soenda (élmoening basa Soenda) téa, nepi ka katoeloejkeun koe oerang saréréa, andjeunaa geus ngaliarkeun ‘élmoe sarap” (maksudna “élmu sorof” -red).

Timbul pananya. Saha ari Mas Soemadinata téh? Kumaha sarsilah pangna jadi guru basa Sunda di Sakola Raja atawa Kweekscholen voor inlandsche onderwijzers téh? Ti iraha ngulik basa Sundana nepi ka kamashur jadi nu munggaran ngajarkeun tata basa Sunda? Soal-soal éta taram-taram baé mah kajawab ku panyalusuran pustaka-pustaka heubeul, boh surat kabar boh buku-buku.

Geura ieu hasilna. Nu pangheubeulna kapanggih tina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie ti édisi 1873 nepi ka 1903. Dina édisi 1873 nepi ka édisi 1877, kapanggih raratan réhna Mas Soemadinata téh dijungjung lungguh jadi sakola pamaréntah di Cicaléngka ti mimiti 20 Januari 1872. Sanggeus taun-taun ngajar di Cicaléngka, ti mimiti 13 Oktober 1877, Mas Soemadinata diangkat jadi guru sakola pamaréntah di Bandung (Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie 1878). 

Ti mimiti 20 Januari 1872, Mas Soemadinata ngajar di sakola
nu diadegkeun ku pamaréntah kolonial di Cicaléngka
.

Di dinya mah teu disebutkeun di mana-manana ngajarna di Bandungna téh. Ngan tina warta Java-bode édisi 17 Oktober 1877 jeung Algemeen Handelsblad édisi 24 Nopémber 1877, kapanggih perenahna. Dina éta dua koran ditétélakeun yén Mas Soemadinata salaku guru kelas hiji dibenum jadi guru di Sakola Cibadak, asalna di Cicaléngka (“Te Tjibadak, Mas Soema di Nata, thans onderwijzer der le klasse aan de openbare Inlandsche school te Tjitjalengka”).

Satuluyna, tina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie 1880, kapanggih deui Mas Soemadinata téh diangkat jadi guru di Sakola Raja Bandung ti mimiti 24 Séptémber 1879. Bari diémbohan ku katerangan jadi guru basa Sunda (“Voor de Soendasche taal”). Mun dipatula-patalikeun jeung Mas Anggabaja nu jadi guru basa Sunda munggaran di Sakola Raja, Mas Soemadinata téh jadi guru basa Sunda kadua di Sakola Raja Bandung.

Sanggeus sabelas taun jadi guru basa Sunda, dina taun 1890, Mas Soemadinata dilélér titél “Hoofdonderwijzer” atawa guru kepala (Bataviaasch Nieuwsblad, 31 Januari 1890). Nu mangrupa bonus duit ogé aya, hadiahna téh nyaéta dina taun 1897, katut Mas Moehamad Daoed jeung Radén Koesoema di Brata papada guru di Sakola Raja meunang bonus duit gedéna f. 100 (De Locomotief, 1 Juli 1897; De Preanger-bode, 5 Juli 1897). Hiji deui, dina taun 1901, ku kasatiaan jeung jasana enggoning jadi guru, Mas Soemadinata diganjar béntang pérak ku pamaréntah kolonial (De Locomotief, 6 Séptémber 1901). Dina De Preanger-bode édisi 3 Séptémber 1901 mah disebutkeun redaksi narima télégram nu nyebutkeun Mas Soemadinata meunang panglélér De Zilontving.


Guruna D.K. Ardiwinata jeung R. Poeradiredja

Nu kakara engeuh mah, Mas Soemadinata téh sihoréng guruna D.K. Ardiwinata jeung R. Poeradiredja, dua urang guru nu satuluyna jadi pagawé di kantor Volkscletuur (Balé Pustaka). D.K. Ardiwinata mah nerangkeunana dina tulisan “Pangadjaran agama-drigama” (dimuat dina Wahja Djatmika No. 4, Taun 1, Novémber 1926). 

Di dinya antarana ditétélakeun basa D.K. Ardiwinata asup ka Sakola Cibadak di Bandung dina taun 1878 téh, “Anoe djadi mantri goeroena noe kasampak M. Soemadinata, tapi djisim koering ngan tiloe boelan ngamantri goeroe ka andjeunna, margi kaboedjeng andjeunna diangkat djadi goeroe Soenda di Kweekschool. Noe ngagentos andjeunna M. Soekartaatmadja, anoe satorodjolna kaloear ti sakola radja. Nja ieu goeroe pribados mah.”

Ari Poeradiredja nyabit-nyabitna dina “Kenang-kenangan tentang Kweekschool” (dimuat dina Gedenkboek HIK Bandoeng 1866-1941, 1941). Geura cenah gé, “Pada hari ini, segala keadaan dihari moeda itoe hidoep kembali, hidoep terbajang-bajang didalam penglihatan hati saja; loekisan tempat ini dan sekelilingnja terbentang poelang semoela. Goeroe-goeroe saja, sekaliannja hidoep kembali sebagai dahoeloe mendjelma dalam kenangan. Toean van Haastert, (Directeur), van Voorthuijzen (Goeroe), Hekker (Goeroe), Soemadinata (Goeroe Soenda), Moeh. Daoed (Goeroe Melajoe), Koesoemadibrata (Goeroe Gambar), Dipoprawiro (Goeroe Djawa)”.

Buku Gedenkboek HIK Bandoeng 1866-1941.

Saméméhna, basa miéling Sakola Raja nu ka-50 taun, dina taun 1916, dirékturna, J. Lameijn, kungsi deuih nyabit-nyabit Mas Soemadinata. Sakumaha nu dimuat dina tulisan “Het 50 jarig bestaan van de Kweekschool te Bandoeng” (dina Bataviaasch Nieuwsblad, 4 Méi 1916), Lameijn nétélakeun masih aya kénéh sababaraha urang pengawal kahot, nyatana Mas Soemadinata. Basa éta sakola dibuka manéhna jadi murid di dinya, tuluy dina taun 1879 diangkat jadi guru di éta sakola (“Maar er zijn er nog over van de oude garde. Wij hebben in ons midden Mas Soemadinata. Bij de opening van de school was hij leerling en in 1879 werd hij benoemd tot onderwijzer aan deze school”).

Alhasil, mun nuturkeun katerangan J. Lameijn mah, Mas Soemadinata téh kaasup entragan munggaran nu nyuprih pangarti di Sakola Raja Bandung. Hartina, diajar basa Sundana téh ka Mas Anggabaja ti taun 1866. Engkéna samalah ngaganti guruna ngajar basa Sunda di dinya. Sabab Mas Soemadinata dijungjung lungguh jadi guru basa Sunda, sabada Mas Anggabaja pangsiun dina taun 1879.

Da ari marénna Mas Soemadinata jadi guru basa Sunda di Sakola Raja mah kakara taun 1903. Dina De Locomotief édisi 24 Juli 1903 ditétélakeun Mas Soemadinata rekés ka pamaréntah sangkan bisa pangsiun tina ngaguruan, sarta dikabulkeun kalawan dipangsiun kalawan kahormatan (“Op verzoek, eervol uit ’s Landsdienst, de hoofdonderwijzer, onderwijzer inde Soendasche taal bij de kweekschool voor inlandsche onderwijzers te Bandoeng (Preanger-Regentschppen), Mas Soema di Nata”).


Tata Basa Sunda

Kakoncarana Mas Soemadinata nu pangheulana ngajarkeun tata basa Sunda geus disebut-sebut ti taun 1919 ku muridna, R. Poeradiredja (“Hoofd-redacteur voor de Soendasche taal bij de Volkslectuur, Weltevreden”) jeung M. Soerijadiradja (Onderwijzer inde Soendasche en Maleische laai aan de Opleidingsschool te Serang) dina makalah “Een en ander omtrent de Soendasche Taal”. Éta makalah dipidangkeun dina kongrés kahiji keur basa, géografi, katut étnologi Jawa (“het Eerste congres voor de taal-, land- en volkenkunde van Java”) di Solo antara 25-26 Désémber 1919.

Dina taun 1919, R. Poeradiredja jeung M. Soerijadiradja
nyabit-nyabit Mas Soemadinata nu kungsi nyusun tata basa Sunda.

Dina makalah nu satuluyna dimuat dina Handelingen van het Eerste congres voor de taal-, land- en volkenkunde van Java, Solo, 25-26 Dec. 1919 (1921) téh Poeradiredja jeung Soerijadiradja nyabit-nyabit Mas Soemadinata dina kasang publikasi ngeunaan tata basa Sunda. Cenah, enggoning nalungtik babaran wangunan kecap, antarana Poeradiredja jeung Soerijadiradja maké gramatika nu geus disusun ku Coolsma, Soemadinata, jeung D.K. Ardiwinata (“Volgens de tegenwoordige gangbare Soendasche grammatica van de Heeren Coolsma, Soemadinata en D. K. Ardiwinata hebben wij voor de woordvorming”).

Mun nilik heula-pandeuri ngaran-ngaran nu nyusun tata basa Sunda sakumaha nu ditulis ku Poeradiredja jeung Soerijadiradja, bener omongan R. Denda Naranata dina Papaés Nonoman, Mas Soemadinata téh “goeroe oerang Soenda noe mimiti ngadjarkeun Gramatieka Soenda”. Sabab, ceuk E.M. Uhlenbeck (A Critical Survey of Studies on the Languages of Java and Madura, 1964), Coolsma geus medalkeun buku tata basa Sunda dina taun 1873, nyaéta Handleiding bij de beoefening der Soendaneesche taal, jeung ceuk Mikihiro Moriyama (Semangat Baru, 2005), dumasar AVVIO 1880, tata basa beunang Coolsma téh dipaké di sakola-sakola nu aya di Jawa Barat. Ari tata basa beunang D.K. Ardiwinata, Elmoening Basa Soenda, kakara medal taun 1916.

Hanjakal boh Uhlenbeck kitu deui Moriyama, henteu méré katerangan ngeunaan peran katut buku nu ditulis ku Mas Soemadinata. Samalah dina buku Elmoening Basa Soenda (1916) beunang D.K. Ardiwinata ogé kaliwat, teu kasabit-sabit, ngaran Mas Soemadinata téh. Duka pohoeun, duka kumaha, da cenah gé, “Na saha atoeh anoe pibisaeun ngarang grammatica Soenda sing nepi ka sampoerna? Lamoen aja mah tangtoe koedoe oerang Soenda toelen anoe kapinteranana kana basa-basa saroea djeung oerang Europa” (1916: 5).

Éta panalék ku D.K. Ardiwinata dijawab deui, “Lamoen aja mah’, tjék kaoela, sabab ti babaheula tatjan aja oerang Soenda anoe kitoe. Kakara ajeuna tjaritana aja, nja éta Djoeragan Dr. Hoesén Djajadiningrat. Oepama andjeunna ngarang boekoe grammatica Soenda taksiran kaoela tangtoe loba bédana djeung dadamelan toean Koolsma téa, sabab dioedagkeun kana kaajaanana basa Soenda, moal disoeroep-soeroepkeun baé kana basa Walanda, tjara noe geus boekti ajeuna. Anoe matak kaoela boga sangka kitoe, sabab ningal grammatika basa Arab sédjén deui djeung grammatika basa Walanda” (1916: 5).

Kuring ogé sarua baé can manggihan naon judul buku tata basa Sunda nu kungsi disusun ku Mas Soemadinata téh. Da nu kapanggih mah ngan karanganana baé, nu judulna “Tjiri saboemi tjara sadésa” nu dimuat dina majalah Poesaka Soenda antara taun 1922-1929 (Klapper op de inhoud van de tijdschriften en inheemse talen van het Java-Instituut, 1937). Ngan lamun dipapantes mah, sigana Mas Soemadinata nyieunna buku tata basa Sunda téh kuduna mah sabada jadi guru basa Sunda di Sakola Raja, nyaéta antara taun 1879 nepi ka 1903 nalika pangsiun.



ATEP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Nulis artikel dina basa Sunda jeung Indonesia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priagan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung.



Posting Komentar

0 Komentar