Morrie Schwartz jeung Mitch Albom. Sumber foto: mitchalbom.com. |
“Pengaruh seorang guru bersifat kekal; ia tak pernah tahu kapan pengaruhnya berakhir.” – Henry Adam, sastrawan-sejarawan AS
SALIRANA rada bayuhyuh. Patuangan mimiti opsét, ngan henteu ari bureuteu pisan mah. Biasa, ciri lalaki nu umurna keur nanjak. Tapi katingal gagah. Salawasna nganggo raksukan safari warna bodas. Beresih tur nécis. Mapahna ngagedig teu katara abot ku salirana. Ari lebet ka kelas, tara nyora. Nyéh imut. Rarayna marahmay. Récétna sora di kelas langsung jempé. Kasoméahanana kawas jadi sima. Padahal wali kelas mah, atawa guru séjén mun keur nyelangan, teu weléh bahé carék da nu récét bangun teu kapangaruhan ku nu datang.
“Teu kéngéng garandéng atuh!” Kitu sora guru nu séjén mah ari asup ka kelas.
Komo sora Bu Lilis. Nya cempréng nya tarik. Anéhna, barudak batan jempé, kalah patunjuk-tunjuk patuding-tuding. Jempé mah henteu. Nepi ka Bu Lilis mah sok pundung. Barudak diantep gandéng. Mun aya nu paséa atawa budak awéwé ceurik kakara datang deui ka kelas bari ngagambréng. Katelah wéh: Bu Gambréng.
Pa Uya mah ayem. Ku ayemna éta, barudak saregep. Da pasti, ngadegna di payun, sabada neuteup ka nu diuk di hareup, tengah jeung tukang, bakal ngadongéng. Kuring jeung sabatur-batur siga nu teu sabar hayang ngadéngékeun dongéng panganyarna.
Pa Uya katelahna. Jenenganana mah Soekarya. Kepala SD Negeri Babakan Tiga, Ciwidéy. Di bumina ditémpélan papan Rd. Oe. Soekarya. Kagungan gelar radén. Cék pun bapa mah anu sarua saprofési, mémang turunan ménak. Ngan asa teu guménak. Anjeunna ku anjeun anu palay disebat Pa Uya. Babaturan kuring anu borohol jeung bengal teu sopan ka guru, nyebutna Pa Kuya. Pédah mun di kelas, anjeunna tara séépeun dongéng sakadang kuya; ti mimiti kuya maling bonténg nepi ka kuya rék dikawinkeun ka anak patani.
Ka kelasna matuh mun aya guru—kelas sabaraha baé—anu halangan teu bisa datang ka sakola. Geus puguh ka kelas kuring mah, da kelas genep. Naha si guru téh gering atawa aya kaperluan séjén, Pa Uya anu ngagenténan. Sanaos anjeunna nyangking jabatan kepala sekolah, getol pisan kana nyelangan. Kabéh murid, sigana kaasup guru ogé, sérab ka anjeunna mah. Tapi karasana ku kuring, lain sérab lantaran galak atawa ku ménakna, tapi nineung lantaran asa ka bapa sorangan. Padahal ngajarna ukur dua rupa: ngadongéng diteruskeun ku ngarang. Nepi ka mun isuk-isuk rék indit ka sakola, sok ngadu’a hayang diajar ku Pa Uya. Sono ku dongéngna jeung resep ku diajar ngarangna, deuih. Nya ti saprak kelas genep tur sanggeusna kaajar ku Pa Uya, kuring mimiti resep ngarang téh. Pangabisa ngarang manjang nepi ka luncat ka SMP. Malah di SMP mah geus ludeung ngirim ka koran: Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Dimuat deuih. Duh, harita surakna, lain meumeueusan. Ajrag-ajragan sorangan.
Cacak mun salila kelas genep guru kelas kuring teu kungsi absén, biheung kaalaman remen panggih jeung Pa Uya di kelas. Biheung kaalaman bisa diajar ngarang. Biheung kuring bisa nulis nepi ka ayeuna. Biheung …. Kebek ku sarébu biheung.
Duka kumaha, ti bubudak nepi ka ayeuna umur geus sawidak, ka Pa Uya mah inget baé. Padahal ka guru nu séjén mah euweuh anu nyantél kawas ka anjeunna. Komo mun geus maca berita atawa tulisan ngeunaan guru anu dédikasina luar biasa, kawas Ibu Één Sukaésih ti Sumedang. Kitu deui mun aya sobat nu profésina guru bari weweg dédikasi tur loyal kana profésina. Basa nongton pilem Dead Poets Society, ningali Mister Keating cara ngajarkeun sastra ka muridna, Pa Uya ujug-ujug némbongan. Siga nu teu daékeun nyingkah tina kahirupan kuring.
Kakara kaharti tur Pa Uya beuki hirup baé dina batin, sabada kuring manggihan kekecapan Henry Adams, sastrawan tur sejarawan Amérika Serikat nu nulis buku sajarah Amérika Serikat salapan jilid, “Pengaruh seorang guru bersifat kekal; ia tak pernah tahu kapan pengaruhnya berakhir.”
Ieu kalimah tangtu universal. Keur sakabéh guru. Ngan, guru nu kumaha heula?
**
ÉTA kalimah kapanggihna dina buku Tuesdays With Morrie karya Mitch Albom. Saenyana geus lila boga ieu buku téh, ngan can kabaca bubuhan katalikung ku rutinitas di pagawéan. Kakara kabaca kamari, sabada bébérés mindahkeun buku ti gudang ka rohang gawé sakaligus perpustakaan. Dua poé langsung tamat. Da macana digayem tur dilenyepan. Malah dibéré catetan pinggir sagala. Marginalia cék Goenawan Mohamad mah.
Buku Tuesdays With Morrie lain novél atawa kumpulan cerpén atawa puisi, tapi pangalaman nyata hiji guru besar di Universitas Brandeis, di Kota Waltham, Massachusetts, Amérika Serikat. Alesan kataji ku ieu buku basajan pisan. Dina jilidna aya koméntar Goenawan Mohamad: “Morrie tahu ia jadi korban nasib yang tak ada alasannya. Yang menarik ialah bahwa ia tak memilih untuk menjadi marah dan membuat orang lain jadi korban. Harapan, baginya, ialah ketika ia memberi. Mungkin dengan sedih, getir dan rapuh. Tapi akhirnya ia memberi tahu kita: tetap saja ada orang yang berbuat baik, juga dalam kekalahannya. Bukankah itu juga harapan?”
Éta koméntar ditulis ku Goenawan dina rubrik Catatan Pinggir majalah Tempo, judulna “Harapan”. Ku penerbit Gramedia Pustaka Utama dicutat dina jilid buku. Maksudna keur daya tarik. Atuh puguh, keur kuring nu sapopoéna jadi jurnalis jeung nulis, apal pisan saha ari Goenawan Mohamad. Sastrawan jeung wartawan hébat. Ceuk Ignas Kleden mah Goenawan jalma langka. Mun Goenawan kataji ku éta buku, moal salah, lain buku sambarangan. Boh eusina boh penulisna. Jeung enyana, geus citakan kagenep.
Profésor Morrie Schwartz, tokoh dina éta buku, guru besar sosiologi di Univesitas Brandeis, teu weléh kaimpungan ku mahasiswa. Malah mahasiswa anu geus lalulus gé, nu geus jaradi jelema, sok ngahaja nepungan ngadon silaturahmi. Mahasiswa jeung para mantan mahasiswana baretaheun ngobrol jeung profésor nyentrik nu salawasna mamaké sendal.
Sapanjang karirna minangka guru besar, Morrie leuwih jongjon nulis tur ngobrol jeung saha baé, kaasup mahasiswana jeung para mantan mahasiswana. Morrie kungsi ménta idin ka pingpinan rumah sakit jiwa pikeun maturan ngobrol ka para pasén. Saban poé Morrie mondok moék di rumah sakit jiwa. Mimitina ukur nengetan para pasén, terus diajak ngobrol. Ku sawangan urang, boro-boro diajak ngobrol, apan dideukeutan gé teu gampang kitu baé pasén nu keur déprési mah. Ku cara nu sabar tur ulet, lila-lila para pasén rumah sakit jiwa baretaheun ngobrol jeung Morrie. Malah sok pada néangan.
Kacindekan Morrie basajan. Sakabéh jalma, rék ti kalangan jegud atawa masakat, sarua butuh ku pengakuan: hayang dianggap jelema. Cék Morrie, para pasén rumah sakit jiwa téh rata-rata jalma aya. Maranéhna cukup sacara ékonomi, ngan teu dihargaan salaku jalma. Saukur diwowoy ku harta; imah agréng, mobil méwah, duit gepokan, tapi haténa teu dirampa. Jalma-jalma anu sok pamér rajakaya, kawas mobil atawa imah agréng, saenyana jalma-jalma kesepian tur butuh pengakuan. Sakabéh harta anu bieu ditataan, cék Morrie, penting keur ngarojong kahirupan. Tapi supaya bisa hirup jadi jalma nu sagemblengna, teu cukup ukur disuwuk ku harta.
Minangka guru besar, Morrie gé nulis. Tapi lain nulis karya ilmiah anu sipatna akademis. Anu ditulis ku Morrie mah hal-hal anu sipatna populér tapi penting keur kahirupan balaréa. Topik-topik tulisanana tara jauh tina naon anu sok diobrolkeun ka mahasiswana, nyaéta perkara unak-anik pasualan dina kahirupan: cinta, kanyaah, asak hampura, sieun ku umur ngolotan, kasieun teu bisa hirup, sieun maot, kulawarga, sobat jeung sajabana. Rujukan Morrie di antarana filsuf Jerman, Erich Fromm, nu kasohor ku bukuna, Revolusi Harapan, Lari dari Kebebasan, jeung The Art of Loving.
Ka kolotnakeun, Morrie kaserang sindrom amyotrophic lateral sclerosis (ALS); kasakit nu ogé tumiba ka ahli fisika Inggris, Stephen Hawking. Taun 1994, Morrie divonis téréh maot ku dokter. Awak Morrie tuluy beuki méotan. Antukna lumpuh, teu bisa usik-usik acan. Cacak awak hayang malik ogé kudu dipangmalikkeun ku batur. Tapi éta panyakit teu mampuh nyerang jiwana. Morrie angger kaimpungan ku para mahasiswa jeung mantan mahasiswana, kaasup Mitch Albom, mantan mahasiswa Morrie anu suksés jadi jurnalis jeung penulis kolom olah raga pangjempolna di Amérika Serikat. Mitch tuluy nulis lalakon hirup Morrie, anu dijudulan Tuesdays With Morrie. Tanaga keur ngobrol terus ngagedur. Énérgi mikirna béngras baé. Rutin unggal poé Salasa, Mitch Albom nepungan Morrie.
Buku Tuesdays With Morrie lain buku motivasi atawa resép suksés kawas anu ditulis ku Dale Carnegie atawa pangarang-pangarang omong kosong, anu tujuanana saukur nyiar untung tina ngahipnotis jalma-jalma anu keur sérab ku profit jeung jabatan. Buku Tuesdays With Morrie mah ngadadarkeun sajatining hirup. Tina hal-hal nu basajan tur dianggap leutik, tapi gedé pangaruhna keur kahirupan manusa. Kahirupan Morrie jadi serial televisi di AS tur ngainspirasi jutaan pamiarsa.
Micth Albom ngagambarkeun, nu diajarkeun ku dosén-dosén ilmu ékonomi jeung bisnis, soal kauntungan. Para dosén ilmu ékonomi jeung bisnis di Universitas Brandeis teu kungsi kaanjangan deui ku para mantan mahasiswana nu geus suksés makalangan tur jarugala. Maranéhna geus panggih jeung naon anu diajarkeunana: kauntungan jeung kasenangan. Tapi Morrie, ngajarkeun soal kahirupan. Para mantan mahasiswana nepi ka kudu ngatur jadwal sangkan bisa tepung jeung Morrie; ngintip rinéhna Morrie. Bakat ku antri. Bélaan naék pesawat lantaran ku jauhna.
Di nagara urang, sanajan bisa jadi langka, tangtu aya guru anu kawas Morrie. Élmu anu diajarkeunana lain téori bari mamérkeun gelar akademik; tapi cukup ku ngadongéngkeun jeung nulis soal-soal kahirupan; kumaha sangkan urang jadi jalma anu mandiri tur teu kaeurad ku budaya masarakat anu saenyana leuwih loba nalikung karancagé batan mekarkeun jiwa bébas. Morrie nuduhkeun jalan, mana nu pimaslahateun mana nu matak pibahlaeun. Lain ku klaim-klaim nu sipatna didaktis komo partisan kana agama, tapi ku cara méré lolongkrang keur mekarkeun karancagé mikir jeung motékar lebah tindakan. Morrie jadi guru besar kahirupan nu ngainspirasi lain baé ka mahasiswana, tapi ka saha baé nu maca pangalamanana.
Éta sigana pentingna jadi guru téh: jadi inspirasi lain baé keur muridna, tapi keur balaréa. Nu matak pun bapa ngajujurung sangkan kuring jadi guru, bisa jadi ku lantaran éta. Tapi untung kuring nolak jadi guru. Kuring teu sanggup jeung euweuh bakat ngainspirasi batur. Dalah ku diri sorangan gé riweuh kénéh, boro-boro ngainspirasi batur.
Ras kana skor PISA (Programme for International Student Assessment atawa Program Penilaian Pelajar Internasional) pelajar urang taun 2022, jungkir tur éléh ku Viétnam. Padahal lahuta, ngabayangkeun taun 2045 gumelar generasi Indonésia Emas. Kanyaatanana Indonésia Cemas.
Indikator skor PISA neueul kana tilu aspék nyaéta maca, matématika jeung sains. Skor maca cenah nu paripuhna. Bisa jadi soal maca mah jeblogna teu ukur di muridna baé, tapi di guruna ogé. Antukna guru ngabetem teu bisa ngadongéng da tara maca, nepi ka barudakna gé teu bisaeun cacarita da sarua tara maca téa. Jajauheun bisa ngarang. Biasana sok boga alesan keur guru nu ngedul mah: lantaran kabakutet ku administrasi. Mun geus kieu, boro-boro ka bisa nulis atawa ngarang budak téh. Jeung teu ngabibisani saupama skor PISA jeblog ogé.
Ras deui ka Pa Uya. Mun seug jumeneng kénéh, hayang nepungan. Hayang nanggap jeung nuliskeun pangalaman hirupna, siga Micth Albom ka profésorna. Itung-itung mulang tarima.***
CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna anu geus medal nyaéta Anak Jadah (2002) jeung Sangkakala (2022). Ari buku kumpulan éséyna nyaéta Sastra Sunda Hampuraeun (2023). Sabada marén tina kalungguhanana di Tribun Network, ayeuna leuwih loba maca jeung nulis di imah.
0 Komentar