Frugal - Cecep Burdansyah

 

Ilustrasi: A frugal life in 21 century. AI image.

Manggihan kecap “frugal’ téh tina koran Kompas dina bulan Séptémber 2023. Dina éta berita, jalma-jalma ayeuna loba anu hirupna ngadadak pindah modeu tina royal jadi ngirit gara-gara sasalad Covid 19. Ti mimiti anu dipegatkeun kasabna, nepi ka nu dikurangan gajihna. Nu tadina ngahenang-ngahening loba duit, kapaksa kudu ngeureut neundeun, taki-taki bisi isuk pagéto teu bisa dahar.

Gaya hirup “frugal” lain ti kalangan jalma masakat. Da ari nu masakat mah geus biasa hirup walurat. Dahar isuk henteu soré kaalaman saban poé. Sumber ékonomina kasungkeret pisan. 

Gaya hirup “frugal” jolna ti kalangan jalma anu sagala bréh; umumna ti kelas menengah atawa bisa ogé ti kelas luhur. Sumber ékonomina aya kénéh, malah bisa jadi lubak-libuk tapi kudu sagala ngirit, lantaran pikahareupeun anu sarwa sulit jeung teu pasti. Atawa bisa baé geus jadi karakter. Contona, jalma pangjegudna di Indonesia, Robert Budi Hartono nu boga Djarum Group jeung BCA, kabiasaan daharna di warung nu murah, lain di réstoran méwah. Padahal rajakayana nu kacatet taun 2023 gedéna Rp393,67 triliun. Bisa jadi keur méré conto ka karyawan di grup pausahaanana, yén néangan duit téh henteu gampang.

Dina gaya hirup “frugal”, aya kabiasaan anu diteken, hasrat anu ditandasa, nyaéta hirup royal ngadadak disingkahan. Anu biasana ngopi di Starbucks, pindah ka warung kopi émpéran. Nu biasana calik raos bari muka laptop jarambah ngalanglang internét, kapaksa ngopina bari cingogo. 

Keur nu hirupna masakat, hirup prihatin geus jadi kabiasaan, jadi teu matak ngarumas, da euweuh pakeunana. Sakalina aya nu ngajak ngopi ka Starbucks gé pan pokna, “Duh lebar, kopi nepi ka saratus rébu, padahal mun dibeulikeun béas sabaraha poéeun.”

Tah keur nu hirup “frugal”, kabiasaan hirup royal diécagkeun ku alatan kapaksa, ulah nepi ka poé isuk jeung pagéto korédas nepi ka sagala béak, terus teu bisa dahar-dahar acan. Kelas menengah nu keur nandangan tunggara lantaran leungit pakasaban, can siap mun kudu nandangan lapar, jadi kapaksa kudu hirup “frugal”. Ku kituna, pindahna modeu tina royal kana ngirit bakal ngarumas. Ceuli kudu kandel deuih, lantaran bakal aya selenting béja was-wés-wos ti lingkungan sosialna, naha nya si éta tara kaciri deui ngopi di Starbucks ayeuna mah, malah ngopina gé di warung kopi sisi jalan. 

Ti saprak manggihan kecap “frugal”, sok jadi kacapangan jeung babaturan. Hiji waktu jeung Dadan Sutisna diondang milu rapat kana kagiatan di instansi pamaréntah di Jakarta. Rapatna pabeubeurang. Ti Bandung nyalsé, malah turun tina travel bisa dahar heula di réstoran ayam Suharti di Ménténg. Ieu kaasup réstoran berkelas jeung mahal. 

“Keun baé dahar di nu mahal gé, da bakal meunang honor ieuh,” ceuk Dadan Sutisna. Kuring sapuk da sagaya soal dahar mah, kudu ni’mat. Réngsé rapat, enya baé meunang honor mucekil, jadi katutup dahar di nu mahal téh.

Tapi hiji waktu diondang deui ku instansi anu sarua. Duaan deui jeung Dadan Sutisna. Ceuk ondangan, rapat dimimitian jam satengah salapan isuk-isuk. Duh, kudu jam sabaraha ti Bandung? Sapuk, mawa mobil ti Bandung, inditna pasosoré piisukaneun rapat. Saré di hotél di Rawamangun, mayar sorangan da dina ondangan teu disebutkeun bakal difasilitasan hotél. Tapi, kuring jeung Dadan Sutisna boga kayakinan, pasti biaya hotél bakal kagantian. Dahar sop kambing. Ngopi di Starbucks, da kaijir bakal meunang deui honor anu gedé. Poé isukna, rapat téh maraton ti jam satengah salapan, parat nepi ka jam lima soré. Nepi ka lungsé.

Réngsé rapat ukur digantian béngsin jeung tikét tol, teu honor sapérak-pérak acan. Atuh balikna kapaksa “frugal”, mangkaning ti Jakarta geus ngahaeub ka burit, bari dikersakeun di Pulogadung bocor ban. Dahar anu tadina sop kambing, pindah kana soto ayam Madura. Ngopi tina biasa di Starbucks, pindah ka warung kopi. Lain hartina teu boga duit. Tapi ari kudu royal bari dina raraga lain ulin, tapi dina raraga tugas ti éta instansi, sok asa karoroncodan mun kudu udul duit sorangan téh. Lebah dieu, sumber daya ékonomi aya kénéh, tapi kapaksa ngirit lantaran alokasina lain keur kapentingan sorangan.

Meunang dua bulan mikiran kecap “frugal”, naon piistilaheunana dina basa Sunda. Inget kana perecit. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS, perecit hartina gemi, rikrik, deukeut-deukeut kana medit.

Mun nuturkeun konsep sakumaha nu digambarkeun dina warta Kompas, can aya kecap anu pas keur kecap “frugal” téh. Mun ngaruju kana Merriam-Webster Dictionary, “frugal” asalna tina basa latin, “frux”, hartina “buah” jeung “ajen”, terus mekar jadi budi linuhung. Kecap “frugal” hartina hémat atawa irit, tarapti tur apik ngagunakeun sumber daya ékonomi. Kitu deui ceuk Webster’s New Dictionary and Thesaurus (2013), “frugal” hartina henteu boros, irit, saeutik, murah. Tesaurusna nyebutkeun paduli, irit, ati-ati, pelit. Sedengkeun dina Kamus Inggris-Indonesia karangan John M. Echols-Hassan Shadily, “frugal” téh hartina hémat, cermat, ugahari, sederhana. 

Dina basa Sunda, “frugal” kawasna mah leuwih merenah sasaruaanana jeung kecap “perecit”. Jalma perecit, jalma anu apik ngagunakeun rajakayana. Perecit sabalikna tina awuntah (sok ngahambur-hambur rajakayana). Sanajan ceuk kamus tésaurus Webster jeung kamus LBSS disebut ogé pelit, tapi kawasna kurang merenah, sabab jalma pelit mah apan sok hayang nangarkeun manéh royal tapi ukur ngabibita batur. Sakalina barangbéré sok dibéja-béja deuih.

Perecit can diserep ku Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI). Badan Bahasa bisa ngabeungharan kosa kecapna ku basa daérah, da apan éta salah sahiji tugasna. Perecit bisa ditawarkeun pikeun dilarapkeun ka jalma anu gaya hirupna “frugal”. Usaha ieu perlu, sangkan média siga Kompas milu mopulérkeun kabeungharan kecap tina basa daérah, saméméh ruwal-rawél kana kecap tina basa deungeun. Ku kituna, basa Indonesia jadi cékas warna nusantarana, henteu balatak ku kecap asing.*


CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna anu geus medal nyaéta Anak Jadah (2002) jeung Sangkakala (2022). Ari buku kumpulan éséyna nyaéta Sastra Sunda Hampuraeun (2023).


Posting Komentar

0 Komentar