Ngalelempeng “Sarsilah Sajak Sunda Modéren” - Dadan Sutisna

Ilustrasi: Ensor et Leman Discutant Peinture (1890) kénging James Ensor


Cék pikir, tulisan Atép Kurnia ngeunaan “Sarsilah Sajak Sunda Modéren”* kudu sagancangna dipairan. Pangpangna mah deuih, balaréa geus waranoheun yén Atép téh jurutungtik alam kiwari nu remen ngaguar kajadian bihari—bari dieuyeuban ku data jeung fakta. Maksud téh, bisi éta tulisan kaburu diheueuhan ku saréréa. Terus dipercaya bisa ngoyag-ngoyag (mun teu disebut “ngaruntuhkeun” gé) kana pamanggih nu ngulik sasakala sajak Sunda saperti Ajip Rosidi jeung Abdullah Mustappa. Komo upama katampana ku génerasi kiwari nu teu taram-taram kana sajarah sastra Sunda, bisa jadi langsung diaminkeun. Ku kituna, tarékah Atép nu keur ngalelempeng sarsilah sajak téh, perlu dilelempeng deui.

Tulisan Atép nu panjangna 2.600-an kecap téh saenyana bisa dijawab ku dalapan engang. Tapi, ngarah teu pondok nyogok teuing, nya urang béjér-béaskeun wé. Dina bubuka tulisanana, Atép nalék kana katerangan Abdullah Mustappa dina buku Saratus Sajak Sunda: gelarna sajak Sunda téh taun 1946. Ti dinya Atép nyukcruk sungapanana, nepi ka bréh yén éta katerangan téh sumberna tina tulisan Ajip Rosidi. Tuluy cenah ditarurutan ku pangarang sapandeurieunana. Malah mun dicukcruk leuwih jauh mah, bisa jadi katerangan “gelarna sajak Sunda taun 1946” téh geus ngaréngkol dina ratusan tulisan jeung hasil panalungtikan.

Kacindekan tina tulisan Atép téh nyaéta: lahirna sajak Sunda lain taun 1946. Lain ditaratas ku Kis Ws jeung KTS. Béh dituna Atép ngahana-naha, “Ku naon pamanggih Ajip Rosidi nepi ka ayeuna taya nu ngabantah, taya nu ngiritik?” Terus cenah, “Boa-boa Ajip jeung para penulis Sunda sapandeurieunana teu kungsi enya-enya niténan surat kabar-surat kabar Sunda nu kungsi medal ti awal abad ka-20 nepi ka taun 1950-an.”
 
Éta panalék téh didadasaran ku sawatara pada nu ku Atép disebut sajak téa, nyaéta “Para Nonoman Pasoendan” beunang Soera Poetra dina Papaés Nonoman taun 1915, jeung “Rabindranath Tagore” beunang Utuy T. Sontani dina Sipatahoenan taun 1941. Ngan saméméh medar deui eusining éta dua “sajak”, sigana katibang penting mun urang noong deui kaayaan taun 1950-an, basa sajak Sunda mimiti geunjleung.

Mun téa mah entragan pangarang harita teu niténan surat-surat kabar nu medal jero satengah abad, bisa jadi enya, bisa waé henteu. Tarékah dokuméntasi mangsa harita apan héngkér kénéh. Komo situasi sosial-pulitik harénghéng kénéh, jero 10 taun téh kudu ngaliwatan jaman Walanda, jaman Jepang, jaman révolusi, ditéma ku usum gorombolan. Teu ngabibisani mun arsip koran-koran bacacar kénéh nepi ka hésé dicukcruk.

Tapi keur pangarang modél Ajip Rosidi mah, kaayaan kitu téh teu jadi halangan. Kuring sorangan kungsi nanggap kumaha tarékah Ajip Rosidi ngumpulkeun bahan-bahan keur Kanjutkundang jeung Kesusastran Sunda Dewasa Ini. Sasatna unggal pangarang sénior ditepungan pikeun maluruh arsip-arsip nu nyampak kénéh.

Atuh sacara logika (nginjeum istilah Atép) gé, upama teu enya-enya niténan surat-surat kabar, asa piraku pangarang harita parohoan kabéh mah, nepi ka teu bisa nginget-nginget kajadian 10-20 katukang. Basa polemik sajak mimiti ramé, pangpangna dina majalah Warga, Utuy gé apan milu mairan. Milu ngabahas sajak. Anjeunna teu kungsi nyabit-nyabit kungsi nulis sajak taun 1941. Kitu deui pangarang lianna. Saréréa nganggap yén sajak munggaran Utuy téh judulna “Sangkuriang” nu dimuat dina majalah Sunda nomer 18, tanggal 30 Juni 1953.

Pikeun netepkeun titimangsa hiji perkara, komo deui aya patalina jeung “kasajarahan”, paling copél kudu dirojong ku tilu élemén: kasadar, pangakuan atawa réaksi, jeung bungkeuleukanana. Upamana, Godi Suwarna nulis carpon gaya absur kalayan kasadar kana naon nu ditulisna, tuluy meunang réaksi ti nu maca, bari écés deuih aya karyana (lain ukur aku-aku). Nya saréréa sapuk yén munculna carpon-carpon modél kitu téh ahir taun 1970-an. Naha méméhna taya carpon absur? Aya pisan. Tapi apan can tangtu teu bisa dipaké tatapakan.
Ari pamadegan Atép mah kakara nyindekel kana bungkeuleukanana (bari nyalahan deuih). Utuy teu kungsi nyebut yén “Rabindranath Tagore” téh sajak Sunda (eukeur mah lain deuih). Sabada nulis, Utuy gé teu ngawangun kasadar pikeun nyajak kalayan mayeng. Réaksi ti balaréa gé apan taya sapisan. Béda jeung Kis Ws nu sasatna tuluy merjuangkeun sajak sabada nulis “Ilangna Mustika” téh, geus kitu meunang réaksi nepi ka jadi polemik. Hartina, Kis Ws mah bisa némbongkeun kasadarna kana sajak, tuluy némbongkeun jenglénganana yén karyana nyumponan sarat disebut sajak, tuluy aya pangakuan ti balaréa.
 
Eusining Dua “Sajak”
Tah, ayeuna urang titénan deui “sajak” nu dipaké conto ku Atép. Basa keur gaguar “Rabindranath Tagore”, Atép nulis kieu: “Mun diilikan sabréhan ogé, ieu sajak téh geus teu sak deui kakolom kana sajak bébas. Salah sahijina nu pangkatémbongna nyaéta tina tipografina jeung énjabemen-na nu teu tartib.”
Bawirasa, Atép kurang gemet merhatikeunana. Nyusun tipografi dina koran mah teu laluasa kawas dina buku. Koran Sipatahoenan diwangun ku genep kolom, unggal jajaranana rata-rata opat kecap. Mun aya padalisan nu panjang, nya wayahna bakal luncat ka handap. Sabab lamun disusun deui mah, tipografi “sajak” Utuy téh kuduna kawas kieu:
 
Rabindranath Tagore
(Utuy T. Sontani)
 
(1)
Mun sukma kuring ngalayang
dijurung sina wawarti
mawa carita ku cipta
ngajingjing dangding ku éling
ku anjeun nyungsi ati
ninun lagu dina kalbu
ngayam basa dina rasa
kuring sok ngadéngé kawih
medar gurit Arjuna unggal ngalaga.
 
(2)
Lamun anjeun ku kuring henteu kajugjug
jalan urut urang panggih
ku Kala digusur jauh
sok kadéngé sora kawih
medarkeun Rama kaboyong.
 
(3)
Dina mangsa nu karasa
dina wanci nu kaimpi
kuring jeung anjeun duaan
patepung ngajadi hiji
kawas gula jeung amis
gumulung paselu baju
cahya anjeun nu gumebyar
nyurup kana sandi kuring
dibawana ku banyu walungan Gangga.
 
(4)
Kuring ditiup ku Wisnu
ngambah legana wiati
sidéngdang di méga malang
ulak-ilik larak-lirik
néangan jaman Pandawa
ngadeg raja ngolah nagri.
 
(5)
Jaman dangding dikukudung cindé wulung
digiring-giring Pohaci
dipayungan payung Agung
ngalanglang Astinapuri
ngauban sekar kadaton.

 
Ngahaja éjahanana dipindahkeun heula kana éjahan kiwari, ngarah babari macana. Unggal pada gé ngahaja dinomeran, béh gampang nyirianana. Pada (1) diwangun ku 9 padalisan maké guru lagu jeung wilangan: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 8-a, 8-i, 12-a. Geura coba hariringkeun. Henteu sak deui, éta téh pupuh Sinom, sanajan dina padalisan ka-7 umumna 7-a. Pada (2) eusina pupuh Magatru, pada (3) pupuh Sinom, pada (4) pupuh Kinanti, jeung pada (5) pupuh Magatru.
 

Ari nu ditafsirkeun ku Atép mah kieu: “Tapi ku disabit-sabitna kecap ‘dangding’ sababaraha kali, bet kapikir yén sabenerna mah kuring-lirik téh saenyana hayang nepikeun satire, nyaéta nyindiran puitika Sunda nu kandel pisan ku dangding.” Geus karuhan apan éta mah dangding, eusina tangtu lain satiré kana dangding, komo deui nyindiran puitika Sunda.
 
Tangtu héngkér pisan alesanana mun urang rék netepkeun yén “Rabindranath Tagore” téh sajak, bari ukur maké panénjo tipografi. Ongkoh apan éta mah pasualan téknis, da puguh kolomna heureut téa. Da mun seug Atép macana bari hahariringan mah, tapi bakal béda deui karasana.
 
Hiji deui nu ku Atép disebut sajak téh, nyaéta “Para Nonoman Pasoendan” karya Soera Poetra, dimuatna 16 taun méméh “Rabindranath Tagore”. Soera Poetra tara kacaturkeun dina kasusatraan Sunda mah. Anjeunna guru di sakola Pasundan, tapi sok leukeun ngirimkeun tulisan ka surat-surat kabar basa Sunda. Kangaranan guru, tangtu mertahankeun kénéh dangding (malah boa can apaleun ka nu disebut sajak dina taun sakitu mah). Geuning dina salah sahiji tulisanana, Soera Poetra nyebutkeun yén sipat basa Sunda téh “nriwangsa” jeung “murwakanti” (Sipatahoenan nomer 81, 10 April 1935). Soera Poetra mupusti kénéh kawih, sanajan geus aya pikiran yén basa Sunda kudu jadi “basa cumarita” (maksudna dipaké dina widang paélmuan).
 
Mun urang nyukcruk raratan Soera Poetra, hamo manggih katerangan yén anjeunna aya kasadar nulis sajak. Mémang harita geus aya istilah puisi (poëzie) di kalangan pangarang Sunda, tapi angger museur kénéh kana tembang jeung dangding. Perkara éta gé diécéskeun deuih ku DK Ardiwinata (Papaés Nonoman nomer 9, tanggal 1 Oktober 1914).
 
Ayeuna néma kana jenglénganana. Ku Atép mah apan nepi ka diitung jumlah engangna. Niténan unggal pada nu diwangun ku opat padalisan, modél kitu mah bisa disebut raéhan tina sisindiran. Disebut raéhan téh, lantaran teu maké cangkang jeung eusi, teu ngitung katangtuan jumlah engang, tapi ari polana mah sarua. Mun Atép nyebut pola AAAA, dina sisindiran mah bisa jadi ABAB. Béda jeung dangding nu netepkeun guru lagu ku sora tungtung (vokal), nu diimeutan dina sisindiran mah tungtung engang. Contona kawas pada kahiji “Para Nonoman Pasoendan”:
 
Éh! Para nonoman Pasundan,
anom sotéh manahna,
lain nonoman badan,
tapi beber kahojongna.
 
Padalisan kahiji jeung katilu, tungtung engangna “dan”, ari kadua jeung kaopat mah “na”. Pola kitu téh bisa dititénan deuih dina pada saterusna. Hartina, “Para Nonoman Pasoendan” mah leuwih condong kana raéhan sisindiran, sawér, atau pupujian. Can kagolongkeun kana sajak kawas konsépsi urang ayeuna. Da lamun rék balangsiar deui mah, béh ditueunana gé geus réa nu nulis siga kitu. Malah apan dina sabagian bubuka sawér mah, aya nu teu ngimpleng deui purwakanti atawa jumlah engang. Yus Rusyana mah nyebutna téh sajak wirahma merdika (Bagbagan Puisi Sawér Sunda, 1971).


Ki kituna, gelarna sajak Sunda mah angger kénéh taun 1946. Naon-naon nu dicontokeun ku Atép mah can bisa disebut sajak. Papadaning kitu, mun aya bukti-bukti nu leuwih ngayakinkeun mah, nu nyumponan paling copél tilu élemén téa, bisa waé kasajarahan sajak Sunda téh robah. Ngan saayeunaeun mah, kawas nu disabit di awal, pamanggih Atép bisa dijawab ku dalapan engang: éta dangding, lain sajak.***
 



DADAN SUTISNA pituin urang Tanjungsari, lahir taun 1978. Novélna anu geus medal nyaéta Sabalakana (2013) jeung Sasalad (2021). Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Rancagé. Ari dina sastra Indonesia kungsi dilélér Hadiah DKJ.

Posting Komentar

0 Komentar