di lembur bulan tinglalungsar handapeun jalan aspal
tuluy urang sasab di leuweung gerot pangwangunan
kana tihang-tihang listrik, kana gedong-gedong sigrong
laju meulit mangpirang sirah lir kabél nu pajuranteng di langit
dina rébuan kilo méter jalan nu mana, urang baris manggihan
rarambu katineung? sedeng manéhna geus laas reujeung kekebul
badis mangprung ka mana? mun parapatan ukur liliwatan,
mun trotoar ukur tatapakan. taya nu namper, iwal ti kasimpé.
nyunyurung hangruna pati
laju disidem
di antara bungbuahan
jeung lamparna kahirupan
luhureun gangasna dayeuh
bari anteng ngitung batu
dina gumuruhna sirah manusa
bari teu weléh mulut kingkin
anu ngerong di simpang jalan
teu salampar aspal jalan
meulah walungan jeung kuburan
sabada panonpoé jeung bulan
ditigas lampu-lampu taman
urang ngalayon dina tiktek jam
teu satohaga pabrik baja
ranceb dina lemah sawah
sabada lambaran-lambaran layung
ditigas mongkléng peuting
urang ngababatang dina rohang peteng
ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Internisti, gelandang sayap di cacandran.com. Ku babaturan deukeutna sok digeroan Ayih. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Pikiran Rakyat. Bukuna nu geus medal kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung.
0 Komentar