“Bramatjintakanara”
karangan Ragawa dina rubrik “Ngobrol Wengi Ahad”, Sipatahoenan, édisi 14 April 1934.
MAKSUD
nulis téh hayang ngémbohan naon-naon nu ditepikeun ku Darpan dina bukuna, Généalogi Carpon Sunda (2019).
Pangpangna anu aya patula-patalina jeung mucunghulna istilah carita pondok dina
kandaga sastra Sunda, kaasup ngawewegan média anu kungsi ngamuat carita pondok-carita
pondok nu medal jaman kolonial.
Lantaran sakumaha nu engké dipedar,
kapanggih rubrik “Tjarios Pondok” dina koran Sinar Pasoendan taun 1934 jeung dina Sipatahoenan taun 1934 nepi ka 1935 aya rubrik husus anu dijudulan “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad”. Satuluyna
antara taun 1937 nepi ka 1941 dina Sipatahoenan
kapanggih rubrik nu peresis maké ngaran “Tjarita Pondok”. Sanggeus dilanglangan
mah rubrik “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad” téh,
sihoréng sarua ngamuat carita nu leuwih deukeut kana wangenan carita pondok.
Ku kituna, ieu tulisan sasieureun
sabeunyeureun bisa ngémbohan atawa leuwih merenahna mah ngoréksi ancer-ancer nu
ditepikeun ku Darpan. Lantaran cenah gé, “Karék dina taun 1940-an muncul
istilah “Carios Pondok”, tapi konsépsina teu peresis
sarua jeung konsépsi carita pondok sabada kamerdékaan” (2019: kc. 122).
Éta “Tjarios Pondok” téh rubrik dina
majalah Parahiangan édisi taun 1940,
bari jeung wangunna lain prosa, tapi dangding (Darpan, 2019: kc. 125). Ku kapanggihna rubrik “Tjarios Pondok” dina Sinar Pasoendan taun 1934 atuh
ancer-ancer istilah carita pondok téh paling henteu kudu dipundurkeun ka taun
1934 atawa malah boa saméméhna. Lantaran Sinar
Pasoendan nu kapanggih téh wedalan taun kadua, lain taun kahiji. Nu hartina
bisa jadi ti taun 1933 kénéh, Sinar
Pasoendan geus ngamuat “Tjarios Pondok”. Katambah nu dipidangkeun ku Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh geus saluyu jeung konsép
carita pondok kiwari, nya éta wangunna geus prosa, lain dangding.
Kaduana, hayang ngémbohan nu aya
patula-patalina jeung pangaruh tradisi lisan anu tuluy nyerep kana carita
pondok-carita pondok jaman kolonial. Hartina, palebah dieu mah hayang negeskeun
pamanggih Darpan soal “konsépsina teu peresis
sarua jeung konsépsi carita pondok sabada kamerdékaan”. Ku kituna, némbongkeun
ayana transisi tradisi lisan ka tradisi tulisan dina rubrik Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan. Atawa cék cohagna mah bisa disebutkeun yén carita pondok-carita pondok dina
Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh masih ngajégang di
antara tradisi tulisan jeung tradisi lisan.
Carita
pondok “Wawales” beunang Ramogiling dina Sinar
Pasoendan édisi 8 Oktober 1934.
“Dipati Oekoer” karya Moech. A. Affandie dina rubrik “Tjarios Pondok”, Sinar Pasoendan édisi 3 Nopémber 1934. |
“Kapalang
Nékad” karya Ating dina rubrik “Ngobrol”, Sipatahoenan,
édisi 25 Januari 1934.
Zoucahana
nulis “Wanita Djembar Hampoera” dina rubrik “Tjarita Pondok”, Sipatahoenan, édisi 21 Agustus 1937.
Nu pangtémbrésna tina carita
pondok-carita pondok dina Sinar Pasoendan
jeung Sipatahoenan téh anonimitas nu
ngarangna, sabab réréana masih maraké sandiasma jeung inisial. Ari anonimitas apan
ciri mandiri tradisi lisan, ngan sigana nu leuwih deukeutna mah kana tradisi
nulis naskah, nu mémang ngajégang antara tradisi lisan jeung tradisi tulisan.
Geura baé apan dina naskah-naskah Sunda buhun nu kapanggih ti Kabuyutan Ciburuy, nu kapanggih nulis atawa nyalin naskahna téh nyamuni
dina ngaran Kai Raga.
Tina rubrik “Tjarios Pondok” nu
kapanggih dina Sinar Pasoendan, nu narulisna téh maké ngaran Ramogiling, Crony,
Tito, SAN, Asje, Tjioeng Wanara, Kamo Bd, Criolin, Tjengek, jeung EN. Ari nu
maké ngaran asli mah nu kapanggih téh ngan Moech. A. Affandie jeung Anah
Komarijah (mun enya éta ogé ngaran asli).
Satuluyna dina rubrik “Ngobrol” jeung
“Ngobrol Wengi Ahad” dina Sipatahoenan,
ngaran-ngaran pangarangna antarana baé Ating, Tante,
Ragawa, Sadéwo, Mako, Mad-Ka, Jennot, Ganisah, Léngsér, Nanie,
Oscara, Marhasan, Artati, OA, AI, jeung sajabana. Ari ngaran asli nu kapanggih
ngan Sjarif Amin. Kitu deui basa rubrikna robah jadi “Tjarita Pondok”
antara taun 1937-1941, ngaran-ngaran nu ngarangna teu pati géséh.
Geura baé aya Zouchana, KM, Kajim, Soegriwa, Kjm, Casanova, Jent Conto, Nanie,
EM, Le Soleil, Z, JT, Tjatjoe, Mh. E, Wroeha, jeung sajabana. Sjarif Amin ogé
rada réa kapanggih carita pondokna.
Mun ditelek-telek, ngaran
rubrik “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad” ogé sabenerna némbongkeun laku nu
ngawangkong, gunem catur, ngawadul, ngobos atawa ngobrol, nu mémang has tradisi komunikasi lisan
nu sipatna langsung. Lantaran nu kasawang tina kecap “ngobrol” apan komunikasi téh dua arah, nyaéta ti anu ngajak nyarita ka nu diajak
nyarita.
Palebah judul-judul nu dipaké dina
rubrik “Tjarios Pondok”, “Ngobrol”, “Ngobrol Wengi Ahad”, katut “Tjarita
Pondok”, umumna némbongkeun ciri has judul-judul roman pop Sunda jeung carita
tunil taun 1920-1940-an jeung roman-roman pop Sunda taun 1960-1970-an. Dina
rubrik “Tjarios Pondok” antarana aya judul carita pondok “Kadoehoeng Tara
Tiheula”, “Saha noe Koeat Doenjana éta noe Oenggoel,
Saha noe Héngkér Doenjana éta noe Éléh”, “Dasar Lalaki”, “Pertjaja ka
Bédja”, “Ka Mana Salaki Koering?”, “Asal Kejeng Tangtoe Pareng”,
“Bongan Sok Ngamomorékeun”, “Korban Tjinta”, jeung “Ka Saha nja Mibapa?”.
Dina rubrik “Ngobrol”, “Ngobrol
Wengi Ahad” jeung “Tjarita Pondok” aya judul kayaning “Pisah koe Pamaksa
Sepoeh”, “Kadoehoeng Ngagoegoe Napsoe”, “Kasarad Sétan”, “Pilih ka saha nja
beurat!”, “Pa Sarkam Mamantoe”, “Oenggah ka Randjang”, “Daoen Paria Leuleus, Ngarambat kana Djolengan”,
“Méh baé Leungiteun Patient!”, “Oepama ti Girangna Kiroeh ...”, “Awas Kénéh
Kolot, batan Pinter Boedak”, “Pangaroeh Awéwé”, “Haat ka Djalma Hina”, “Éling
ka Bali Geusan Ngadjadi”, jeung sajabana.
Sabéngbatan gé réa pisan judul nu
nuduhkeun pépéling caritana téh. Ku kituna, bawirasa
éta téh némbongkeun kuatna pangaruh tradisi ngadongéng dina carita
pondok-carita pondok jaman kolonial. Ngan palebah jadi carita pondok, wejangan-wejangan
nu ditepikeun waktu ngadongéng téh kawasna tuluy dijarieun
judul carita.
Ari dongéng téa apan asalna tina tradisi lisan nu ngawengku antara nu ngadongéng
jeung nu didongéngan. Hartina, nu diwangunna téh pola komunikasi dua arah, lain saarah kawas dina tradisi tulisan nu geus rélatif “beresih” tina
pangaruh tradisi lisan nu réa pisan rambat kamaléna.
Samalah, keur sorangan sasoranganeun
mah, bisa jadi carita pondok-carita pondok nu ditarulis antara taun 1934 nepi
ka 1941 téh gaganti atawa nuluykeun tradisi ngadongéng lisan dina kahirupan
sapoopoé. Ngan bédana harita mah ditarulis jeung dibaraca dina koran-koran
Sunda, bari kasang caritana loba nu nyaritakeun kahirupan manusa kiwari, lain
tokoh-tokoh mitos atawa tokoh-tokoh nu hirup dina alam karajaan.
Kangaranan dongéng téa apan pada mikaresep ku saréréa ogé, boh kolot boh budak. Nu matak kaharti, antara taun 1934-1941, tina Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh urang bisa ngumpulkeun sakitu ratusna carita pondok nu dimuat. Paling henteu, carita pondok-carita pondok jaman kolonial téh jadi transisi ti tradisi dongéng, boh lisan boh tinulis, kana carita pondok-carita pondok modéren nu sipatna réalistis.
ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.
0 Komentar