Ilustrasi: Glance of A Landscape (1926) kénging Paul Klee |
PASOSORÉ.
Amparan pucuk entéh di gulampéng beulah kalér kasipuh layung. Jiga kaén sutra nu
dirurubkeun salaput pasir, ngagapuy kana léngkob nu disipat ku walungan leutik
Ciganitri. Tatangkalan di sisieun walungan bangun anteng di tengah wirahma nu
mayeng maturan sapanjang usum; alir cai ngaliwatan batu-batu nu parentul dina
arileu walungan méméh ilang kahalang ku Pasir Putih. Kahirupan nu tingtrim. Nu
midangkeun warnaning sawarga. Dalah sanggeus halimun laun-laun ngalamuk, ieu
kaéndahan éstu teu ngurangan ajénna. Diseuseup hawana, ditawu ku rasa sakur
detikna nu ngamalir saacan ngamuara di puseur kaabadian.
Karék
bisa sakitu, ngadéskripsikeun naon nu keur katénjo. Can bisa ngajén ku kalimah
nu leuwih éndah, nu enya puitis, nu bener-bener bisa jadi wawakil rasa nu
nyaliara sabot nyérangkeun alam di sabudeureun. Ukuran kaéndahan nu can lila
kapibanda, masih nyésakeun rupaning lapisan nu horéng moal kapimilik sagemblengna.
*
HIJI peuting.
Waktu
ngarambat dina itungan nu alon.
Kuring
waspada. Geus meunang gambaran ngeunaan iklim, kondisi tempat, pakéan, katut
basa nu kudu kacangkem. Cenah jalma-jalmana barbar, kriminalitas mahabu.
Tapi
basa tepung jeung manéhna kuring hareugeueun. Can biasa meunang panyambat nu
sakitu soméahna.
“Nazraél?”
Manéhna melong. Sorot panon nu tadina curiga, kiwari ngedalkeun kahéran kana
ngaran nu ku kuring diucapkeun.
Kuring
unggeuk, dina kaayaan nu kudu angger taki-taki.
“Apal
kana ngaran sorangan, tapi teu inget ti mana rék ka mana?”
Manéhna
tuluy nyangka kuring korban nu ditinggalkeun di éta tempat ku jalma jahat. Taya
KTP (manéhna nanya ngeunaan éta bari pepeta, jigana keur ngagambarkeun naon nu
disebut katépé ku gerak leungeunna), taya kartu pengenal nanaon, ukur pakéan
saraket awak. Manéhna ngilikan lila pisan, neges-neges.
“Laporan
ka pulisi atuh nya?”
Ngarti
naon maksudna, kuring teu némbalan. Sababaraha detik saterusna kabaca, yén
manéhna lain jalma jahat.
“Nya
kumaha deui?” pokna. “Tapi mun datang ka kantor pulisi, malah bakal ditanya
sagala rupa bari moal bisa kajawab ari kieu mah,” cenah, tuluy jiga nu niténan
kaayaan sabudeureun.
Basa
kuring turun di dinya, nu nyampak ukur manéhna, keur diuk di tempat nu rada
anggang. Lampu-lampu surem di sisi taman, kahieuman ku tatangkalan. Sabot
kuring leumpang, manéhna nyampeurkeun, tuluy nanya. Melong aya kana sababaraha
menitna.
“Saha
nu apal aya mangpaatna,” pokna, bari nitah kuring pikeun milu kana motorna.
Tepi ka bray beurang kukurilingan di kota nu masih kénéh simpé. Kota leutik nu
pangeusina karasa pisan nyalsé jeung tingtrimna. Jauh tina sangkaan. Isuk-isuk
cul-cel barijil ti imahna. Katémbong nu leuleumpangan. Nyéboran kembang. Maca
koran. Saban tempat nu ku manéhna dianggap bisa mulangkeun deui ingetan kuring,
diliwatan lalaunan. Tapi kuring mémang kudu ngarusiahkeun sagalana.
“Geus
beurang … Kumaha mun Naz … ah,” pokna, melong deui, “Ngaran téh anéh sih,”
cenah.
Ujug-ujug
hanjakal tadi nyebut ngaran.
“Ganti
nya?” pokna, tuluy jiga nu mikir, rét deui, sorot panonna lucu.
“Néila,”
cenah.
Ditémbalan
ku seuri.
Tungtungna
manéhna ngajak ka imahna. Diwawuhkeun jeung indungna; wanoja nu lintuh tur kaciri
séhat. Paromanana teu weléh marahmay, jigana taya hiji gé kajadian dina ieu
kahirupan nu bisa mangaruhan kana kabagjana. Basa ngadéngé katerangan ti
anakna, manéhna neges-neges kuring, gogodeg, tuluy nitah anakna maturan kuring
dahar. “Istirahat heula wé di dieu,” pokna.
Ngaran
manéhna Riksa, sapopoé disebut Érik ku indungna. Ngaran indungna Fatima. Kuring
nyebutna Bu Fat, nurutan jalma-jalma nu datang ka toko buku.
Enya, Bu Fat boga toko buku di rohang hareup
imahna, wangunan heubeul nu perenahna sisi jalan nu teu pati ramé ku
patalimarga. Tapi sanggeus kuring aya kana tilu poéna di dinya, kuring apal yén
toko bukuna boga langganan nu lumayan. Saban poéna aya waé nu datang pikeun
meuli buku.
“Geus
lila si Mamah hayang boga pagawé, tapi taya nu junun. Mun Néila daék, gawé di
dieu. Ké dipapatahan carana ngaladangan … Nya bari susuganan isuk pagéto inget
deui,” pokna.
Sagala
rupana lancar. Kuring boga tempat cicing, diperenahkeun di kamar deukeut dapur.
Bu Fat bungaheun. Manéhna méré baju lungsuran, tapi Érik mangmeulikeun pakéan
nu leuwih pas jeung ukuran awak kuring.
Ieu
kahirupan kuring nu anyar.
Dicatet
na pikiran:
Érik umurna
27 taun. Pagawéanana ngarang, lantaran éta ceuk indungna, Érik mindeng hésé
saré. Korélasina teu pati kaharti, tapi kuring ngabandungan, ti kamar Érik
mindeng kadéngé sora musik sapeupeuting, jeung sora nu engkéna kuring apal yén
éta téh disebut mesin ketik. Kalan-kalan mulang subuh, atawa teu mulang ka imah
sababaraha peuting. Sakapeung sok katémbong manéhna saré sapopoé. Awakna
sedeng, nurun ti almarhum bapana –kecap almarhum
dicatet dina fail husus, dibéré katerangan saluyu jeung nu kapanggih dina
kamus.
Bu
Fat. Kacintana kana buku lain ukur dilantarankeun yén dagang buku mangrupa
pangupa jiwana. Leuwih ti éta. Saban poé Bu Fat boga waktu husus pikeun maca,
nyaéta di taman leutik tukangeun imahna. Kuring diajar nyieun citéh panas,
sanggeus apal Bu Fat sok maca buku pasosoré, bari dibaturan ku citéh. Manéhna
boga pabukon pribadi nu dieusi ku buku-buku novel kameumeutna. Kalan-kalan
katémbong yén fiksi leuwih bisa méré kabungah, tibatan kanyataan nu aya di
sabudeureun imahna. Kuring teu hayang opénan.
“Geus
méh sabulan …” ceuk Bu Fat bari panonna mah anteng melong buku. Ngalamot
tungtung curukna, laju muka lambaran bukuna. “Néila betah di dieu?”
“Muhun,”
cekéng némbalan. Lentongna nurutan Érik mun keur nyebut ‘muhun’ hareupeun
indungna.
Bu
Fat ngarénghap, imut, salsé pisan nyelapkeun salambar kartu dina buku nu tuluy
ditutup, laju ditunda luhureun méja.
“Ibu
ngarasa bungah aya Néng Néila di dieu, aya nu mantuan di toko, aya nu maturan ibu.
Da Érik mah najan remen aya di imah gé numpi waé di kamarna. Keur nganggeuskeun
novel munggaranana cenah. Buku carponna mah geus aya tiluna …” Leungeunna
ngarongkong cangkir entéh, antaré, jiwa nu pinuh ku rasa hormat, nguyup cai
entéh bangun nikmat.
“Tepi
ka ayeuna masih can inget saha indung bapa hidep?” Sorot panon indung nu anyar
kapanggih, antel jeung panon kuring nu tuluy teu manggapulia. Kuring tungkul.
Harita
kuring hayang pisan nyarita, ngajelaskeun sagalana, tapi aya aturan nu teu bisa
dirempak. Kuring kudu nyekel pageuh jangji nu geus diucapkeun.
Bu
Fat kungsi ngajak ka dokter, mariksa. Harita kuring dipaparin ngaran panyakit
nu ngaranna amnésia. Basa mariksa maké alat nu saliwat gé katémbong geus kuno,
dokter ngahuleng, tuluy ngagutrut nulis. Basa mulang, kuring dibéré vitamin
jeung suplemén, tapi hiji gé taya nu diinum. Disimpen dina tempat nu buni.
Ras
ka panginditan.
Kuring
ukur dibekelan pangaweruh saperluna, ukur sababaraha titik pori-pori tina
milyaran nu aya dina kulit awak. Ka dituna kuring kudu diajar sorangan,
ngeunaan laku, kabiasaan, katut basa maranéhna, tina sagala nu kadéngé, kaciri,
karasa, jeung nu kabaca. Pangaweruh nu tuluy nambahan saban waktu, nu geus milu
ngawarnaan diri kuring tur ngalantarankeun haté kabandang, hayang leuwih lila cicing
di ieu kota nu beuki dieu beuki karasa matak betahna. Jauh jeung kaayaan di
tempat panginditan, nu sing sarwa mekanis, rumingkang di antara rerembetna
téknologi.
Sabot
keur nyorangan di kamar, kuring maca rupa-rupa buku tuluy mukaan deui catetan
nu aya dina pikiran. Réa pangalaman nu anéh, pikaseurieun, tapi ogé matak
kayungyun da geuning dina kaayaan nu téknologina sing sarwa kuno téh, tumuwuh
kondisi nu matak tingtrim, ayem, jalma-jalma hirup dina kabagjaanana
séwang-séwangan.
Kuring
apal, yén di réa tempat nu jauh perang keur lumangsung. Kajahatan nerekab. Tapi
di dieu, kuring ukur manggihan pangabetah. Enya, nu ngaran kajahatan mah aya di
mamana, malah di ieu kota gé aya (kungsi maca tina koran jeung nyaksian
sababaraha kajadian nu tuluy dicatet sapada harita: copét, nu merkosa, bangsat,
korupsi, jeung lian ti éta), tapi kuring kiwari ngarasa teu salah milih tempat.
Beuki
dieu, beuki karasa yén kuring ditarima sagemblengna di ieu kulawarga. Teu disaha-saha,
najan pribumi kapaksa kudu ngarang asal-usul kuring ka nu nanya. Apal téh basa
Érik ngobrol jeung hiji langganan toko buku nu nanyakeun ngeunaan kuring, bari ngarérétan
ku juru panon, maling-maling.
“Bogoheun
meureun ka kamu, tatanya waé,” ceuk Érik sanggeus si langganan mulang. Kecap
bogoh langsung napel dina catetan, nu tuluy meunang katerangan nu leuwih
pertéla tina sikep Érikna sorangan. Manéhna kungsi ngajak lalajo drama ka
gedung kesenian, bari ka mamana téh leungeun kuring teu lesot tina cekelanana.
Sababaraha urang babaturanana nu ngagonjak, ditémbalan ku heureuy bari ngaléng
kuring.
Kuring
ngarasa leuwih deukeut jeung Érik. Basa Bu Fat indit ka ondangan, Érik ngajak
ka kamarna. Gék manéhna diuk dina korsi gawéna bari nyabut keretas tina mesin
ketik, song ka kuring. Eusina puisi. Kalimah-kalimah éndah nu tuluy kasimpen
dina fail catetan kuring nu misah tina catetan lianna.
“Kumaha?”
Érik nanya.
Ditémbalan
ku imut bari laun nyebut nuhun. “Éndah pisan,” cekéng, ukur sakitu nu kedal da
kaburu surser teu puguh, hiji rasa nu kakara kaalaman.
Érik
ngarawél leungeun kuring, diadekkeun kana pipina. Pelong nu biasana ukur
katémbong sakolébat, kiwari atra antebna. Kuring gancang milihan sikep nu
kumaha pikeun ngayonanana, tapi teu manggih nu karasa pas, malah kalah hal
anyar nu dilakukeun téh, basa leungeun dibetot, kuring diuk dina lahunanana,
teu bisa kumaha.
“Néila
tong ka mamana,” pokna ngaharéwos. Tangkeupanana karasa pageuh, népakeun ratug
jajantungna kana sakujur awak kuring.
Tong
ka mamana, cenah. Hartina ngajak kuring jadi bagian tina ieu kulawarga.
Panyambat nu kacida matak bungahna, kuring geus bisa mihapékeun diri di ieu lingkungan.
Tangtu waé teu bisa pok nyanggupan, ukur nuturkeun gerentes kudu kumaha
nembongkeun sikep pikeun jawaban nu temahna teu matak ngagaris kana haté Érik.
Manéhna bageur, indungna gé kacida bageurna. Mun kuring ngalakukeun kasalahan,
duanana ngajelaskeun kumaha merenahna.
Najan
enya kuring ngarékam sakur laku jeung sikep Érik katut Bu Fat ogé jalma-jalma
lianna di sabudeur ieu kota, tapi ieu kulawarga geus lain objék panalungtikan,
tapi kulawarga anyar nu ti maranéhna kuring meunang pangalaman jadi jalma nu
dipikanyaah.
Basa
buku novelna medal, Érik méré sajilid. Ti dinya kuring apal, yén Néila téh horéng
tokoh utama novelna. Ngaran nu kiwari geus jadi milik kuring, paméré ti
manéhna, najan dina kanyataanana mah kuring teu bisa leupas tina ngaran nu
enya.
Geus
deukeut ka waktuna mulang, haté sabil. Ku réa pisan gogoda sangkan kuring teu ninggalkeun
ieu tempat. Tapi tugas geus méh réngsé, geus deukeut ka waktuna disampeur. Mun
seug kuring nolak, ganjaranana hukuman.
“Waktu
pikeun invasi geus ditangtukeun, sakur informasi geus dikumpulkeun di pusat
data,” ceuk nu ngontak kuring hiji peuting.
Haté
ngalenyap.
Invasi?
Kecap éta ngaronghéap deui. Basa rék miang, kuring apal sakur tujuan pangna
kuring dikirim ka ieu dayeuh, tapi tuluy dipupus tina mémori. Tujuanana taya
lian sangkan kuring bisa lebur jeung kahirupan jalma di dieu, tur teu
kapangaruhan ku kecap “invasi” nu tangtu bakal nempatkeun kuring di tetengah
jalma nu engkéna bakal jadi musuh atawa korban ….
Ratusan
nu jiga kuring sumebar di réa tempat. Sagala nu kacatet dina pikiran, nu
karékam tetempoan, langsung nyambung jeung pusat data di tempat panginditan. Kabéh
bakal jadi dokumén pikeun kapentingan saméméh jeung sabada invasi
dilaksanakeun.
Sakur
kajadian nu geus kalakon narémbongan. Kahanjakal nyaliara, naha nu pareng
tepung téh jalma-jalma jiga Érik jeung Bu Fat?
Naha
kudu di tempat maranéhna?
Kuring
geus lain kuring nu miang ngajalankeun tugas nu katarima. Ieu kuring nu anyar,
nu geus jadi Néila, nu geus narima sakur kanyaah maranéhna.
Sagala
rupana bakal robah. Dimimitian ku tetempoan. Jadi hayang leuwih teges ka Érik,
ka Bu Fat, ka sakur langganan toko, ka jalma-jalma di ieu dayeuh …
Pangalaman
nu kalakon jeung Érik diwangun di sababaraha tempat nu éndah. Nya kaasup di
pencelut pasir ieu pisan, di tetengah amparan kebon entéh, di sampalan leutik
tempat manéhna nataan nu katémbong di jauhna.
Basa
halimun turun, sabot ngaléngkah dina satapak pudunan, Érik teu ngaleupaskeun
cekelan leungeunna. Ku kuring malik diranggeum. Haté nu guligah mapay waktu
tepi ka detikna; naon nu engké bakal tumiba ka manéhna? Kajadian nu kumaha nu
bakal karandapan hiji dayeuh nu kiwari ukur katémbong kelemengna?
Manéhna
ngajanteng, kuring gigireunana. Dampal leungeun katuhuna jiga nu keur nampanan
nu murag tina halimun. Disidikkeun, enya, aya keprulan bodas nu turun, lalembut
pisan, patingkalayang.
“Ceuk
nu sok metik entéh di dieu, ieu téh ngaranna teteruh, keprulan halimun nu
engkéna jadi ibun dina pupucukan …” ceuk Érik. Kuring nurutan namprakkeun
leungeun.
Manéhna
ngaléng, ku kuring tuluy dirangkul. Kahayang mah sing lila ngararasakeun keteg dadana,
sumerah dina tangkeup pageuh asihna ….
Basa
Érik ngajak nuluykeun turun ka landeuh, ku kuring diusap tonggongna, tuluy
mundur dua léngkah. Aya kasedih nu rohaka sabot ningali manéhna ngajanteng, rada
lila ngahuleng, rarat-rérét, tuluy ngaléngkah jiga nu bingung, beuki jauh, les
tina tetempoan.
Sanggeus
rada teteg tur sakur kaguligah dihibur ku gerentes nu dijieun-jieun yén naon
rupa nu kasampeur ukur papaés sabot ngajalankeun tugas, kuring malik, léngkah
nu karasa beurat tepi deui ka sampalan leutik di pencelut pasir.
Tamansari, 28 Oktober 2022
Nunu Nazarudin Azhar, pituin urang Tasikmalaya. Buku panganyarna nu medal nyaéta kumpulan puisi Hikayat Pendekar Tua (Langgam, 2021) jeung kumpulan carpon Lagu Cinta jeung Sajabana (Penerbit Layung, 2021).
1 Komentar
Tegep naker, Kang Nu. Kuring téh mahluk ciciptan nu datang di masa depan. Atanapi, kuring téh mahluk ti luar angkasa anu ditugaskeun ngumpulkeun data manusa pikeun diolah ku baladna sangkan kapanggih kalemahanana anusatuluyna dipaké bahan pikeun jalan ngainvasi. Tapi da geuning apekengjung bekas nyalahan, bet kalah kakeunaan ku rasa asih jeung héman. Manusa kénéh alien heining!
BalasHapus