Lebu nu Kaanginkeun - Hernando Telléz


Hernando Telléz (1908-1966)



Panganteur ti Rédaksi:

Dina édisi ayeuna, Cacandran midangkeun carpon ti pangarang Kolombia, Hernando Telléz. Telléz leuwih dipikawanoh minangka wartawan sawatara surat kabar di Kolombia. Salila hirupna, Telléz ngalaman rupa-rupa konflik politik di nagarana, anu kasohor minangka jaman La Violencia. Carponna anu kasohor, "Espuma y nada más", remen dipaké bahan ajar pikeun barudak sakola menengah di Amerika. Carpon "Lebu nu Kaanginkeun" ditarjamahkeun tina vérsi basa Inggris, "Ash for The Wind". Judul aslina "Cenizas para el viento". Ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Harriet D. Onis. Tangtuna ogé ieu carpon tarjamahan téh tangéh kénéh ka sampurna. Tapi nya mugia baé naon anu hayang ditepikeun ku pangarangna bisa kawakilkeun dina basa Sunda.

Sanajan réngkak paripolahna sopan, saliwatan gé ku Juan karasa yén jalma anu harita natamu téh saenyana mawa paniatan goréng. Aya kana satengah jamna tamu téh kawas nu bingung ku piomongeun. Bari diuk dina balok kai deukeut panto imah Juan, manéhna nyarita téh teu weléh bari tungkul, bangun nu araringgis. Topina anu semu hérang teu ieuh dibuka. Kitu deui kaén sal murahan pulas soklatna. Padahal Juan lain wanoh meueus-meueusan ka éta tamu téh. Anakna salaki pamajikan Simón Arévalo jeung Laura. Jeung bapana, Juan geus sosobatan ti baheula mula. Indungna mah geus nilar. Sanajan éta anak sobatna téh keur budakna kaceluk pikasebeleun, tapi saeutik gé Juan teu nyangka saupama ayeuna manéhna bakal téga ka sobat-sobat bapana baheula. Kaasup ogé ka Juan. Sakedapan mah Juan asa teu percaya, tug ka éta tamu téh pok deui nyarita, “Leuwih hadé mending geuwat indit baé,” cenah bari angger sirahna mah tungkul. Juan teu némbalan. Poé nyérélék beuki beurang, langit reueuk ku méga hideung pihujaneun. Hawa karasa panas. Juan tuluy neuteup ka satukangeun éta tamu, nataran sakur pamandangan pulas héjo, konéng, konéng umyang, héjo deui, héjo cahyaan, sarta mingkin jauh katémbong mingkin sepa. Ti tempat lebah Juan nangtung katara léngkob anu subur. Héjona pepelakan rarampayakan katebak angin.

“Saha éta?” pamajikan Juan ngagorowok ti lebah dapur. Juan teu némbalan. Bari ngabetem tungkul, éta tamu tuluy ngulinkeun taneuh ngebul ku sukuna, digunduk-gunduk, tuluy ditincak ku sukuna nu hiji deui tug ka laput samet sol sapatuna. “Hadéna geuwat indit baé,” pokna deui semu ngagerenyem. Ayeuna mah sirahna tuluy cengkat. Juan neuteup sajongjonan. Katara rupana anu nyeplés rupa bapana, iwal panonna anu ngala ka indungna, héjo kawas pulas daun bako.

“Saha éta?” Kadéngé sora pamajikan Juan ngadeukeutan. Ronghéap Carmen kaluar bari ngangais orok. Lalaunan éta tamu tuluy nangtung, ngagosokkeun leungeunna ka calana, laju nyuplak topina. Buukna anu hideung kandel semu gimbal lir leupas tina kandangna. Bangunna téh geus lila teu ngambeu sisir. “Wilujeng énjing, Sénora Carmen,” pokna. Orok anu keur diais ranggah ngarampaan beuheung indungna. Orok anu umurna karék sababaraha bulan. Kaangseu hanyir cisusu jeung bau calana budak. 

Juan angger teu nyarita nanaon. Atuh éta tamu téh kaciri beuki samar polah. Meunang sawatara jongjonan mah taya nu lémék. Simpéna lembur pasisian tuluy ngalimpudan. Kasimpé anu nyidem sora-sora alam. Handapeun langit anu angkeub, léngkob di handap angger kapireng keteg jajantungna. Sakeudeung deui gé panonpoé tangtu bakal némbongan, gerentes Juan.

“Enya atuh, kuring mulang heula ayeuna mah,” antukna éta tamu téh amitan. Carmen ngabetem bari neuteup ka salakina. Rap topina dipaké deui, awakna malik, léos indit muru panto pager imah. Lalaunan panto pager dibuka, tapi sanajan laun angger kadéngé sora éngsélna ngagerét. Abong éngsél butut meunang nyieun panday lembur.

Hadéna mending geuwat indit baé, cenah. Nya naha? Naon sababna? Aya kana satengah jamna éta anak sobatna téh—bari semu kararagok nakeranan, tug ka caritaanana asa teu puguh alang ujurna—ngajelaskeun duduk perkarana. Heueuh, kitu da, urusan pamaréntahan jeung pulitik mah di mamana gé teu weléh pabeulit. Cacak manéhna ogé geuningan—enya, éta anakna sobatna—sarua wé jero-jerona mah teu ngarti. Malah kawasna téh teu wawuh-wawuh acan ka jalma-jalma anu keur jareneng téh, anu ayeuna keur dibélaan ku manéhna, sanajan manéhna jadi salah sahiji antékna, bari jeung daékna ongkoh milampah pagawéan-pagawéan kotorna. Abong bajingan tengik! Juan murukusunu na jero haté. 

“Mun urang teu indit minggu ayeuna, urang bakal diusir, cenah,” omong Juan ka pamajikanana. 

“Léngkahan heula mayit urang ari wani mah!” témbal Carmen tandes. 

“Ditémbal kitu ku kami gé,” omong Juan bari kekerot. 

Jep taya nu nyarita deui. Léos Carmen ka dapur jeung budakna. Ari Juan nangtung ngabedega lir tangkal jangkung nu dipelak hareupeun imahna.

Teu pira da lembur Juan téh ukur daérah minus, sasat euweuh araheunana maké jeung riweuh hayang ngajabel imah-kebon sagala pamaréntah téh. Euweuh mangpaatna keur maranéhna mah—tibang kebon jagong sababaraha kotak, tangkal kentang sababaraha guruntul, kebon sayur baé saeutik anu kaliwatan ku wahangan leutik anu caina ngamalir ti lahan-lahan anu dikawasa ku tuan tanah. Atuh imah, teu pira ukur imah butut: imah sapotong, sapotong deui badis kandang sato. Mun téa mah éta kabéh dijabél, ceuk Juan ngagerentes, maranéhna kudu daék mayar sésa hutang Juan sataun ka tukang urut menerkeun dapur jeung cubluk. Tapi Juan cangcaya, naha enya manéhna saanak pamajikan téh kudu nyingkah, sakumaha anu ditepikeun ku tamu anak sobatna téa? Enya, dina pemilu kamari manéhna ogé milu milih. Tapi, naon urusanana? Apan nu séjén gé sarua marilu méré sora. Wajar asana mun aya anu ngadukung partéy hiji, terus aya ogé anu ngadukung partéy séjén. Jeung da teu matak jadi ririweuhan. Aya anu éléh, aya anu meunang, biasa. Juan sakedapan ukur seuri. “Rék nyingsieunan aing?” pokna dina haté. 

Tapi Juan tuluy ras inget basa saminggu ka tukang ngalanto ka kota. Manéhna nempo sawatara patugas patroli, salian ti nyarorén péstol, ogé nyarekel pecut. Keun ari péstolna mah. Tapi pecut, keur naon? Juan ngahuleng. Timbul kahariwang dina haténa. Aya anu matak anéh deuih harita téh. Di toko Don Rómulo Linarés, manéhna teu diladangan basa rék meuli minyak. Euweuh, cenah. Padahal sidik minyak téh nyampak di dinya, ngocor tina kaléng hideung kana corong, tina corong kana botol di tukangeun méja. Harita manéhna teu pok nanaon deui, bubuhan Don Romulo masang beungeut kucem, ongkoh deuih da manéhna lain jelema anu resep hog-hag. Lar katingali aya opat urang patugas ngaliwat ka lebah dinya, sabot kaayaan keur teu pati ramé ku jalma-jalma. Manéhna tuluy meuli sawatara barang: pariuk taneuh, sabun, jeung sendal. 

Ti dinya léos Juan indit ka toko obat, rék meuli kapas jeung minyak gosok seungit. Benavides, juragan toko, nanya soméah nakeranan, tapi sidik semu aya nu dikemu: “Can aya kajadian nanaon di ditu?” Can gé Juan némbalan, Benavides gasik méré isarah. Kulutrak aya patugas saurang datang, dituturkeun ku anakna Simón Arévalo téa. Éta patugas tuluy ngetrok-ngetrokkeun pecutna kana méja kayu. Benavides sepa, geuwat baé manéhna ngaladangan Juan. “Keur naraon, euy?” omong patugas bari melong ka Juan. Arévalo ogé milu neuteup ka Juan, tapi tina sorot panonna kaciri lir api-api teu wawuh. Benavides mah teu dipiroséa saeutik-eutik acan. Bari édég nepakan pingpingna sorangan ku pecut, pok patugas téh nyarita: “Ieu jalma anu sok nanduk ka pamaréntah téh?” Juan sepa, jajantungna ujug-ujug ngageder rosa. Mun kongang mah asa hayang sagaplok-gaplokeun nyabok éta patugas. Nanaonan maké jeung mariksa jalma keur balanja bari sidik teu ngaganggu sasaha? Arévalo mangnémbalankeun, “Enya, ieu jalma téh kaom mérah ogé, di dinya tah imahna gé, di peuntaseun jalan Tres Espigas.” Juan ngajengjen lir nu dipancir dina lantéy, panonna mencrong kana gagang pecut anu tungtungna aya liangan sarta ditalian ku tali kulit. Kaciri wangunna kawas ramo babareuhan alatan rématik. Sora pecut kadéngé pagasruk jeung calana patugas pulas tambaga anu kaénna bangun heuras. “Hmm … hmmm …,” patugas semu ngagerem. “Tapi da ah, jalma cicingeun manéhna mah, apal kuring gé,” pokna Arévalo deui. Patugas eureun nepakan pingpingna. “Urang tingalikeun wé engké …,” cenah bari seuri sinis. “Awas siah Benavides, ulah coba-coba nyieun riributan di dieu. Sarua manéh ogé, tah ….” Léos anu duaan arindit.

Juan angger ngajengjen, bahamna karasa tuhureun. Balanjaan dicokot, laju ngodok pésak, nyokot duit opat puluh lima sén, geus kitu léos amitan ninggalkeun Benavides anu ngadégdég kénéh lir kaserang kram ngadak-ngadak.

Ayeuna bahaya anu dipikahariwang téh beuki nampeu sabada ditepikeun ku anak sobatna, Simon Arévalo. Enya, Simon téh sobat manéhna. Saenyana anakna Simon téh tabéatna teu goréng-goréng teuing. Ngan nya kitu, sok cuih ka ditu ka dieu ngabuih pakusutna urusan pulitik. Ari ayeuna, teuing keur ngalalakon naon saenyana manéhna téh. Mun téa mah manéhna aparat pamaréntah, geus tangtu bakal jéntré saha manéhna jeung aya di pihak mana. Tapi da geuning nepi ka ayeuna gé manéhna teu kungsi mamaké seragam patugas. Nu sidik, ti saprak ténsi pulitik beuki panas, Arévalo ngadedetkeun manéh ka pihak pamaréntah. Jalma-jalma di kota tingkecewis majar Arévalo remen kasampak keur di kantor walikota atawa curak-curak mararabok jeung para patugas. Jadi mata-mata cenah mah; mata-mata anu tangtu baé apal ka sakabéh jalma dina radius jarak dua puluh atawa opat puluh kilométer. Meujeuhna rék kitu gé, da apanan manéhna ogé brol lahir téh di dieu, sarua jeung bapana atawa akina. Manéhna, anu indit ka sakolana nyékér kawas anu kaalaman ku Juan baheula, ulin lulumpatan ka ditu ka dieu, apal ka sakur juragan-juragan, sakur jalma nu nyarewa tanah, buruh tani, kuli, tuluy geus gedé kungsi pundah-pindah gawé, resep dangdan maké topi maké sapatu, tug ka saterusna milu tetep renggenek di dinya.

**

Carmen anu pangheulana kahudangkeun ku sora témbakan téh. Koréjat Juan milu hudang. Dengék budakna ceurik. Kaayaan mimiti bray-brayan. Juan satengah ngajleng tina ranjangna, laju ngira-ngira jam sabaraha ayeuna: kurang leuwih jam lima, gerentesna. Beledug sora témbakan kadéngé deui beuki deukeut. Juan gagancangan dicalana, reketek beubeurna dibeulitkeun, tuluy muru panto tepas. Nyeueung udat-udat cahya bodas anu ragrag ka kebonna, perkiraan manéhna teu nyalahan. “Enya bener jam lima. Bakal hadé poéna kawasna mah,” gerentesna, bari saenyana teu sadar kana naon anu baris tumiba. Kadéngé sora éngsél panto pager ngarekét. Dua urang jalma arasup ka pakarangan imahna. Ku sabréhan gé Juan langsung apal ka maranéhna: Arévalo jeung patugas anu tiheula kungsi tepung di toko obat Benavides. Tétéla ngabukti ancaman anu ditepikeun ku Arévalo téh. Geus kaheuleutan ku waktu dua welas poé ti saprak manéhna natamu. Ti harita Juan teu weléh gedé haté nyangka moal aya kajadian goréng nanaon. Tapi anu ayeuna karandapan tétéla meneran pisan jeung naon anu tiheula diomongkeun ka manéhna. “Saminggu, ulah leuwih ti saminggu. Geuwat geura arindit. Lamun henteu ….” Ayeuna éta jalma anu nyarita kitu téh datang deui ka dinya bari dibarengan ku aparat. 

Beledug patugas ngabekaskeun deui péstolna ka luhur. “Resep silaing kana sora péstol déwék?” pokna, “isukan mah tangtu bakal leuwih dor-dar deui lamun silaing ngajedog kénéh di dieu. Kaharti?!” Péstolna didéngdékkeun, tuluy nyeta-nyeta ngécéng tangkal jagong. Arévalo mah tibang ngajengjen. Panonna teu wani neuteup Juan jeung pamajikanana, Carmen, anu rurusuhan kaluar alatan kareureuwasan. “Tah, déwék mah geus ngingetan. Ayeuna sok geuwat geura nyaringkah, siah!” omong patugas bari ngasupkeun deui péstol kana sarungna, tuluy ngabetot leungeun Arévalo ngajak indit. Kaangseu sungutna ngahiek bau bréndi. 

**

Kabéh gé tibang tukuh kana kayakinan jeung pancénna séwang-séwang: Arévalo jeung aparat, Juan jeung Carmen katut orokna. Puguh da imah Juan téh ukur imah butut, teu leuwih ti hunyudan jarami buruk, kai-kai garing, jeung paparabotan réyod, atuh basa sut disundut téh gampang pisan ngabebelana. Dua-tilu jam gé geus rénghék béak kaduruk. Basa angin nebak ti béh kalér, seuneu beuki ngagugudag badis api unggun di alun-alun désa. Patugas anu mawa pecut bangun sugema nakeranan, jauh tangéh jeung pamulu opat patugas séjénna katut Arévalo anu saenyana ukur dipapancénan nyidikkeun, naha Juan Martinez angger nanduk atawa nurut nyingkah ti imahna.

Basa baralik deui ka kota, maranéhna nyimpang ka toko Don Linarés. Kasampak di dinya aya Walikota, keur genah-genah nyarandé kana tumpukan karung jagong.

“Kumaha hasilna?” 

“Bérés, Pa Wali,” témbal Arévalo pondok. 

“Indit si Martinez téh?”

“Henteu,” témbal patugas. “Si belegug téh kalah nékad ngonci manéh di jero imah. Batan loba waktu kapiceun, nya …, Pa Wali gé ngartos panginten.”

Minyak angger ngocor tina kaléng kana corong, tina corong kana botol.***

Posting Komentar

0 Komentar