Soenda Soendoel Pojok “Ti Pipir Hawoe” dina Sipatahoenan Taun 1924-1928 (Bagéan 1) - Atép Kurnia

Ilustrasi: Tina pojok “Ti Pipir Hawoe”, umumna, karasa ayana pangajak sangkan urang Sunda téh sundul, ulah sundek. Sumber: Sipatahoenan, 15 Séptémber 1925


ABDULLAH Mustappa kungsi ngabahas rubrik pojok majalah Sunda. Dina Jejak Langkah Urang Sunda: 70 Tahun Ajip Rosidi (2008), dimuat tulisanana, “Majalah Sunda: Perlawanan Pers Sunda terhadap PKI (1965-66)”.

Saluyu jeung judulna, salian ti medar “Jejer” nu mangrupa rubrik tajuk rencana dina Majalah Sunda, Abdullah ngabahas rubrik pojokna deuih, “Dulugdugdag”. Cék Abdullah Mustappa (2008: 136), “Dulugdugdag”, sebagaimana telah dikemukakan di atas, adalah rubrik pojok, umumnya merupakan kolom kecil dalam koran atau majalah di mana isinya merupakan sentilan atau kritik terhadap berbagai persoalan aktual. Namun berbeda dengan media cetak lainnya, yang umumnya menampilkan rubrik ini untuk mengemukakan kritik lewat humor, MS memanfaatkan rubrik ini secara maksimal dan serius”.

Satuluyna, antarana, Abdullah Mustappa némbongkeun kumaha maksimal jeung dariana pojok “Dulugdugdag” enggoning ngalawanan PKI dina taun 1965-1966. Keur sorangan sasoranganeun mah, bisa jadi tulisan Abdullah Mustappa téh minangka tulisan munggaran nu ngabahas rubrik pojok dina média Sunda. Sabab méméhna sorangan tacan kungsi manggihan aya nu pirajeunan neuleuman soal éta. Duka kétang mun niténanana kaliwat mah.

Demi nu rék didadarkeun ayeuna, sarua aya patalina jeung rubrik pojok dina média Sunda. Ngan nu ieu mah leuwih heubeul batan Majalah Sunda. Sabab nu rék dipedar gé rubrik pojok dina Sipatahoenan édisi taun 1924 nepi ka taun 1928. Ngaran pojokna “Ti Pipir Hawoe”.  

Ku naon bet diwatesan ti 1924 nepi ka 1928? Saperkara, 1924 téh taun munggaran medalna Sipatahoenan. Da geuning nu benerna lain 1923 mimiti kaluarna Sipatahoenan téh, tapi kuduna 30 Juni 1924. Sabab antarana sakumaha nu kabaca tina tulisan “Ngiring Bingah” (Sipatahoenan, 8 Agustus 1925), Langganan P.S. nulis yén Sipatahoenan cunduk sataunna téh dina 30 Juni 1925. Cenah gé, “Di antawis para Djoeragan-djoeragan tangtos seueur anoe aroeninga, jén dinten Salasa poengkoer ping 30 Juni ’25, SIPATAHOENAN parantos tjoendoek ka woekoe ngadegna satahoen.”

Atuh tina bungkeuleukanana gé mémang enya kitu. Geura édisi “Nomer 24, Salasa, 9 Désémber 1924” masih disebut “Taoen ka 1” jeung “Nomer 52, Salasa 23 Juni 1925” sarua masih kasebut “Taoen ka 1”. Kakara “Nomer 1, Salasa, 30 Juni 1925” ninggangna dina “Taoen ka 2”. Pan sidik Sipatahoenan téh medal mimitina 30 Juni 1924, lain 1923 sakumaha nu salila ieu ditarulis!

Bet kalalanjoan. Geus ti 1924 kénéh rubrik “Ti Pipir Hawoe” téh ayana. Ngan sorangan, ku lantaran ngandelkeun koléksi Perpustakaan Nasional, bari di dinya gé teu lengkep koléksina, atuh kakara bisa ngabandungan “Ti Pipir Hawoe” téh ti mimiti édisi 9 Désémber 1924. Da éta nu pangkahotna koléksi Sipatahoenan di Perpustakaan Nasional.

Kadua perkara pangna diwatesan nepi ka 1928 téh alatan ti mimiti 1929 bisa disebutkeun henteu maranti nu nulis pojokna. Antara 1924 nepi 1928 nu nulis atawa nu ngajagana tetep ngabasakeun “Gelenjoe”, tapi ti 1929 mah rupa-rupa. Cara Si Koetjrit (Sipatahoenan, 20 jeung 22 Pébruari 1930), Ehé (Sipatahoenan, 25 Pébruari 1930), Mang Odéy (Sipatahoenan, 17, 19, jeung 23 Désémber 1930). Samalah aya nu maké katerangan “Loear tanggoengan redaksi” sagala dina Sipatahoenan édisi 10 Maret 1931 mah. Éta téh tandaning nu  nanggung jawab rubrikna robah-robah, teu maranti kawas taun 1924-1928.

Salian ti éta, ti 1931 nepi ka 1942, pojok maneuh dina Sipatahoenan téh ngaranna “Panganggoeran”, nu purah jagana Entjép téa. Demi “Ti Pipir Hawoe” medalna jadi ancal-ancalan. Sakapeung aya, sakapeung euweuh. Paling henteu ngan kapanggih nepi ka Désémber 1932. Ku kitu-ku kieu, “Ti Pipir Hawoe” téh bisa dianggap minangka pojok munggaran nu dimuat dina Sipatahoenan.


Noe Loehoer Teuing Ditjentok

MÉMÉH leuwih jauh medar “Ti Pipir Hawoe”, urang balik deui nilik-nilik wangenan pojok tina tulisan Alex Sobur, “Membaca ‘Pojok’ Koran” (dina MediaTor, Vol. 9, No. 1, Juni 2008). Dina kaca 30, ditétélakeun “Isinya senantiasa kritik. Kadang-kadang pedas, tempo-tempo halus tetapi menusuk tajam”. Ngan cenah, pojok téh mangrupa ciri mandiri koran nu medal di Indonésia da di luar nagri mah euweuh nu modél kitu.  

Wangenan séjénna nu ditepikeun ku Alex Sobur, pojok téh “hakikatnya, bisa diartikan sebagai karikatur dalam bentuk kata-kata, yang merupakan salah satu rubrik dalam surat kabar yang merupakan wadah penyalur kritik, wadah penampung opini redaksi dengan cara berkelakar, sindiran rigan, singkat, jelas, serta diusahakan mengenai sasaran, juga digunakan untuk membentuk opini publik”.

Ceuk Alex Sobur kénéh (2008: 30-31), umumna pojok téh aya dua bagian. Bagian kahiji midangkeun masalah nu rék dikoméntaraan, demi bagian kaduana mah koméntar atawa pamangih ti redaksina. Eusina sok nyawang sagala widang nu lumangsung di tengah-tengah jenuk balaréa, saperti widang sosial, politik, ékonomi, budaya kalawan singget, ringkes, jeung basajan. Di dinya kapanggih opini ngeunaan masalah-masalah nu keur karandapan ku masarakat. Masalahna ditimbang-timbang hadé goréngna, samalah dilelempeng. Atuh tindak-tanduk nu kaliru, pangpangna anu aya pakaitna jeung urusan umum, milu digebrig-gebrig. 

Nya ku wangenan éta pisan rék dibacana “Ti Pipir Hawoe” téh. Alhasil, nu rék ditilik téh masalah-masalah naon baé nu keur karandapan ku urang Sunda jeung kumna pribumi dina jero lima taun, nyaéta ti 1924 nepi ka 1928? Sabab apan, dina dangka éta mah kumna bangsa urang masih kapurba ku penjajahan Walanda.

Nya naon baé atuh nu dibahas dina “Ti Pipir Hawoe” téh? Ké heula ulah waka gurunggusuh. Urang nelek-nelek heula panjang-pondokna pojok, da apan cenah pojok mah ibarat nu pondok nyogok téa. Jeung enyana, geura baé dina Sipatahoenan édisi 12 April 1927 ngan 81 kecap kabéh tulisanana téh. Dina tulisan nu dijudulan “Njaah Doelang” (Sipatahoenan, 10 Juli 1928) ngan 84 kecap. Rata-ratana mah saluhureun 100 kecap, ngan tara panjang. Nya ninggang pisan ari disebut singget, ringkes, jeung basajan mah.

Demi tangtungan nu ngajaga rubrikna témbong kumaha? Cék tadi, disebutkeun nu ngajaga rubrik “Ti Pipir Hawoe” téh ngabasakeun dirina “Gelenjoe”. Ari kecap éta pasti raket patula-patalina jeung imut atawa seuri. Da ceuk kamus gé, gelenyu téh ngandung harti imut (R. Satjadibrata, Kamus Basa Sunda, 1954: 126). Ari imut sarua jeung mésem, sarta “imut ngagelenyu” sarua jeung imut nu rada ditahan (Satjadibrata, 1954: 156). Ceuk R.R. Hardjadibrata (Sundanese-English Dictionary, 2003: 259) mah “gelenyu adj. (imut) ngagelenyu with an expressive glance smile (as in the Mona Lisa painting); (the root is used as ant.)”.

Tina harti éta ogé, gelenyu téh kecap nu merenah pisan keur dijieun nu ngajaga rubrik pojok koran. Sabab pasipatanana mémang nyeungseurikeun tapi bari dipégég keur sakur-sakur nu dianggapna bisa nimbulkeun lulucon. Ku naon pangna seurina kudu ditahan? Apan bisi dianggap nyeungseurikeun, béh dituna ngahinakeun nu diseungseurikeunana. 

Kecap “Gelenjoe” ogé remen dipaké minangka kecap gaganti diri nu nulis rubrikna. Cara dina kalimah ieu, “Gelenjoe ma’loem oerang kampoeng reuwas nendjo noe bedegoel kitoe toeroen tina mobil” (Sipatahoenan, 17 Maret 1925) atawa “Dina eta maanblad Gelenjoe matja jen di Bd. ajeuna bur ngadegkeun Pasamoan Pasoendan nu ajana di loehoereun toko Hellerman” (Sipatahoenan, 14 April 1925). Ngan sakapeung kecap gaganti nu dipaké dina “Ti Pipir Hawoe” téh “koering” atawa “oeing”. 

Ku dipakéna kecap “koering” sabenerna bisa dipatalikeun jeung gambar diri tokoh Gelenjoe-na nu nganggap diri urang lembur, urang pasisian, urang kampung, lain urang kota atawa dayeuh (Sipatahoenan, 17 Maret 1925), nu remen ulukutek di pipir hawu cara nu kagambar dina “Éh massa Allah mani watir koe ki A datang rampohpoj njampeurkeun ka pipir hawoe bari ngomong kieu” jeung “Beu, lamoen naradjang ka Gelenjoe keur sidoeroe pipir hawoe, moal datang ka teu disoendoet koe bontot (tihoel) anoe roehaj” (Sipatahoenan, 27 Januari 1925). Nu matak wajar baé mun ngaran rubrikna dibéré ngaran “Ti Pipir Hawoe” téh.

Ngan dina jero 1924-1928 téh aya ogé nu maké kecap gaganti Abah, pangpangna nu kapanggih dina “Ti Pipir Hawoe” nu dijudulan “Ti Hareupeun Hawoe Karéta Api” (Sipatahoenan, 8 Séptémber 1925). Sabada taun 1928 mah éta kecap gaganti Abah téh remen dipakéna keur “Ti Pipir Hawoe”, nepi ka jadi salasahiji timbangan ogé pangna ieu tulisan ngan museur dina “Ti Pipir Hawoe” nu ngan dijagaan ku Gelenjoe.

Atuh palasipah kumaha Gelenjoe nepikeun kritikna ogé kapanggih deuih. Nyaéta tina tulisan “Tepoeng Pangdjoeroean (Jarig? Taoenan?)” (Sipatahoenan, 30 Juni 1925). Cindekna mah jalan disorangna téh “Noe loehoer teuing ditjentok, noe handap dihandjatkeun, tapi djalanna djalan tjinta (asih) teu djeung dengki”, sok sanajan, cenah mah “Ngalampahkeun kitoe téh jaktos abot, nanging reudjeung kagoembiraan nja boektina imoet”.

Demi heureuyna teu tinggaleun. Da apan “Ari Gelenjoe mah atohna teh geus sataoen, oenggal minggoe bisa nioep seuneu, teu miskin, hawoe, atoeh ngawadoel bisa teroes”. Sanajan ku cara kitu téh, “Sok aja noe tjolohok, melengoek, imoet noe ngadarangoekeun obrolan Gelenjoe, malah aja noe salah tampa sagala, ambek, komo itoe mah toekang getas haroepateun, ahli tjeplak pahang, poksang djampareuang heuras tjokor, badag sambel”.

Ku mucunghulna tulisan “Tepoeng Pangdjoeroean (Jarig? Taoenan?)” bisa dihartian yén rubrik “Ti Pipir Hawoe” mimiti ayana ti 30 Juni 1924. Alhasil, hartina bareng jeung mimiti dikaluarkeunna Sipatahoenan diterbitkeun ku Paguyuban Pasundan Cabang Tasikmalaya.


Nyambung ka Bagéan 2

Posting Komentar

0 Komentar