Ilustrasi: Soal
pajeg nu jadi bangbaluh keur rahayat leutik remen dikritik ku Gelenjoe. Sumber:
Sipatahoenan, 19 Méi 1925.
Basa Soenda Soeroepan Soenda
LANTARAN saperti nu disebutkeun dina édisi Nomer 24, Salasa, 9 Désémber 1924, Taoen ka 1, Sipatahoenan téh “Soerat Kabar Minggoean dikaloearkeun koe Tjabang Pasoendan Tasikmalaja” atuh dijieun ancer-ancer yén eusining “Ti Pipir Hawoe” téh raket patula-patalina jeung Paguyuban Pasundan. Sabada dipapayan mah aya benerna. Ngan perkara séjén gé, nu aya sangkut-pautna jeung urang Sunda, umumna pribumi, katut sikep ka Walanda, sarua ngalangkang deuih. Nya ku kituna, nu rék ditumbukeun ka handap gé soal-soal éta baé.
Kahiji, ngeunaan Paguyuban Pasundan cabang Tasikmalaya. Sajarahna kasabit-sabit dina Sipatahoenan édisi 17 Juli 1928. Di dinya antarana disebutkeun “Tah geuning euj, di Soekapoera aja Tjabang Pasoendan teh, anoe oejoehan hiroep, diadegkeunana dina oesoem Afd. B, djelema keur meudjeuhna gigis koe boei, roeksak kapertjaanana katambah djeung digigila diririwaan sagala, tapi nikreuh ngeureujeuh, teu galideur, dina boeleudna 6 taoen geus boga MULO Pasoendan”. Bisa dicindekkeun wéh Paguyuban Pasundan cabang Tasikmalaya mimiti ngadegna 1922.
Ngan cenah, sajeroning gumelarna Paguyuban Pasundan téh teu weléh meunang halangan harungan. Kitu deui kana medalna Sipatahoenan, minangka orgaan atawa média wedalan Paguyuban Pasundan cabang Tasikmalaya. Cenah gé, “Tapi anéh doeloer-doeloer, ari di padoekoehan di kampoeng mah, nepi ka aja mata-mata nalingakeun, saha noe djadi lid Pasoendan, atawa noe matja Sipatahoenan, malah tjeuk Djoer. Taeun mah aja sirkoelir rasiah, noe matak oelah matja koran eta”.
Padahal apan haluan Paguyuban Pasundan téh “rék njalametkeun bangsa Soenda” (Sipatahoenan, 30 Juni 1925). Ku kituna, Gelenjoe remen ngajak urang Sunda sangkan ulah jadi Sunda sundek, tapi kudu Sunda sundul. Dina édisi 14 Juli 1925, nu eusina mangrupa kritik ka langganan Sipatahoenan nu cegékan, antarana ditulis kieu: “Di doenja Tasik aja kénéh noe matja koran koemaoela, pédah Gelenjoe wani njarita sabenerna atawa Sip. Sok ngadjadi sasak noe néangan pangadilan”.
Lantaran, “Ongkoh raboel gantina, toer leuwih hideng, majarna, imeutna kana eusi djeung goena, tah hajang dibatja sotéh koe noe enja Soenda Soendoel djembar kaoeninga, landoeng kandoengan laér aisan, lain Soenda Soendek botek, onverschillig, onrijp (satengah mateng).”
Kitu deui disebutkeun “Nja éta koedoe djaoeh ti bangsa djeung ti lemboer, rek merangan noe ngagaranan Soenda Soendek, hajang Soenda Soendoel” (Sipatahoenan, 1 Séptémber 1925). Samalah aya “Ti Pipir Hawoe” anu ngahaja dijudulan “Soenda Soendoel”, nu eusi sabenerna mah kritik kana pamanggih Stibbe nu waktu diadegkeunana Provinsi Jawa Barat nyebutkeun euweuh nu disebut Koninkrijk Soenda alias Karajaan Sunda téh. Padahal Sunda cék Gelenjoe geus heubeul dipiwanoh ka jauhna.
Ceuk Gelenjoe, “Geura moen njana ka anggangna kajaning ka Atjéh-Timoer-Lombok-Bali-Borneo-Makassar-Minahassa, Soenda téh djadi sabiwir hidji, koe bangsa Hindia. Dipoedji djeung ditoeroetan, bendo Bandoeng, kabaja Bandoeng”. Kitu deui “Noe njieun batik ti Djawa noe bisa njoesoeroep bet oerang Soenda” jeung “Tata Soenda basa Soenda soeroepan Soenda, lemboer Soenda kakontjara” (Sipatahoenan, 15 Séptémber 1925).
Ku kituna, keur taun 1927, Gelenjoe mah gedé harepan “Moenggoeh Soenda arek Soendoel, disesedek nadjan soendek ngan hadéna koe noe boetek” jeung “Soekapoera ngadaoen ngora. HIS Pasoendan ngadeg, elid-elidna pangreana.” Taya halanganana cenah euweuh ménakan jeung teu dirayakeun ogé: “Keun bae Congres Pasoendan teu make boeroendoel ménak ti kidoel gé, iringan para toemenggoeng, da ieu mah, hadjat sapoeloekaneun, meuntjit endog, pilakadar” (Sipatahoenan, 21 Désémber 1926).
Geus Diadjar Élmoena Koemaha Njeungeutna
ARI masalah-masalah nu disanghareupan harita ku urang Sunda naon baé? Urang maca heula pamanggih Gelenjoe ngeunaan jaman harita. Dina Sipatahoenan (14 Pébruari 1928), Gelenjoe nulis, “Tapi koemaha dina djaman ajeuna? Djaman mareboetkeun kahiroepan, djaman pergerakan, djaman somah némbongkeun angen-angenna, djaman pamaréntah henteu pertjaja ka somah, nja kitoe deui sabalikna, djaman politie intip-intipan, reserse soesoeloempoetan”.
Hartina nepi ka harita nu keur obyag téh nya wacana démokrasi, dina harti kasatataan saban jalma, teu pandang ménak atawa somah, bangsa pribumi nu keur dijajah nguniang kasadarna sangkan bisa satata jeung nu ngajajahna, samalah geus ngalilir pikeun ngaleupaskeun diri tina genggeman nu ngajajahna. Kitu pangna disebutkeun jaman pergerakan ogé.
Bagerakna kaum pribumi antarana ngaliwatan atikan nu “teu sadar” dipelakkeun ku nu ngajajahna, nu nungtun sangkan urang pribumi maké akal pikiranana. Gambaranana némbrés pisan dina “Ti Pipir Hawoe” nu dijudulan “Moen teu ngakal, moal ngakeul” (Sipatahoenan, 12 Juni 1928). Ngarah leuwih écés, urang cutat kalawan lengkep:
“Ti djaman baheula toeg nepi ka kiwari, djaman teh beunang dibagi 3 bagian noe gede, nja eta: djaman Hindoe, djaman Islam, djeung djaman ajeuna atawa djaman Walanda. Koe oerang Hindoe bangsa oerang téh geus diwaris hidji palita; koe oerang Islam diwaris deui minjakna djeung soemboena. Koe oerang Walanda éta palita téh ditoekeuran koe lampoe, anoe aloes pisan, tapi aja implik-implikna ménta ditoempang; koe bangsa oerang disoemanggaan, ditoempang ogé sawios. Oerang Walanda aja deui pasanggoepanana, nja arék ngadjar koemaha akal tarékahna ngoeroes éta lampoe djeung koemaha peta njeungeutna, tapi henteu gratis, koedoe aja bajaranana; tjeuk bangsa oerang téh sawios deui baé, sadaja-daja ngiringan”.
“Djadi dina mangsa ieu bangsa oerang téh minangka geus boga lampoe, djeung geus diadjar élmoena koemaha njeungeutna. Nadjan kitoe éta lampoe moal bisa njaangan ka oerang réa, lamoen oerang sorangan teu daék prak koema manéh néangan seuneu pikeun njeungeut éta lampoe. Tegesna oerang koedoe prak sorangan digawé néangan akal tarékah sangkan bisa njaangan ka bangsa sorangan, oelah ngan ngarep-ngarep sihna noe bisa (ngadagoan koeah beukah). Geuning tjeuk paribasa ogé: lamoen teu ngakal, moal ngakeul”.
Najan, kaayaan kitu, méntalitas ménak di kalangan urang Sunda masih katara kandel pisan. Nu matak, pojok “Ti Pipir Hawoe” antara 1924-1928 bisa disebutkeun dominan kritikna kana méntalitas kaménakan. Dina Sipatahoenan edisi 6 Januari 1925 jeung 22 Juni 1926 eusina ngeunaan kritik keur dunungan nu nyusahkeun anak buahna, babaturan anu jadi ménak tuluy unggah adat (Sipatahoenan, 27 Januari 1925), nu rekés gelar radén (Sipatahoenan, 10 Pébruari 1925), cita-cita urang Sunda nu hayang boga pangkat (Sipatahoenan, 18 Agustus 1925), soal kabiasaan andéprok mando (Sipatahoenan, 17 Nopémber 1925), kalakuan ménak nu lanca-linci (Sipatahoenan, 27 Juli 1926), hayang disebut juragan (Sipatahoenan, 8 Pébruari 1927), ménak nu hayang kapaké ku dunungan (Sipatahoenan, 3 Méi 1927), jeung sajabana.
Kritik jeung ajakan nu ditepikeun keur urang Sunda antarana patali jeung kurangna urang Sunda nu malashur, pangpangna nu boga atikan luhur (Sipatahoenan, 26 Méi 1925), urang Sunda nu leuwih resep nginum aér Walanda batan lahang (Sipatahoenan, 23 Juni 1925), basa Sunda direumbeuy Walanda kaasup “djeng menir” jeung “amboe kiesman” (Sipatahoenan, 21 Juli 1925), ngoméntaran eusi Poestaka Soenda no. 4 nu ngajak sangkan kecap “pribados” buru-buru dipuguhkeun (Sipatahoenan, 10 Agustus 1925), pereluna tata adat dina ondangan hajat Sunda (Sipatahoenan, 8 Agustus 1925), basa Sunda kuduna dipaké dina sidang-sidang déwan kabupatén (Sipatahoenan, 13 Oktober 1925), merangan katahayulan, cara maké paririmbon nalika aya lini (Sipatahoenan, 4 Méi 1926), ngiritik bangsa Sunda nu jadi anggota Gemeenteraad Bandoeng ngawakilan partéy Walanda, PEB (Sipatahoenan, 13 Juli 1926), jeung sajabana ti éta.
Di Nagri Gé Aja
SOAL pamungkas, nu rék didadar téh soal sikep Sipatahoenan anu aya gantar kakaitanana jeung kawijakan pamaréntah kolonial, kaasup sikep urang Sunda ka Walanda atawa sabalikna.
Salasahiji kawijakan pamaréntah kolonial nu remen dikritik ku Gelenjoe nyaéta soal pajeg, nu matak ngabeuratkeun, pangpangna keur rahayat leutik. Geura cenah “Padjeg noe sakieu beuratna ari djalan sakitoe poékna, na teu sieun tjilaka silih toeobroek ...” (Sipatahoenan, 10 Maret 1925). Padahal pajeg téh teu karasa mangpaatna keur nu mangkuk di lembur mah, da “Ari di désana mah da enja teu ngarasa pisan kana naon éta padjeg téh dipaké. Solokan-solokan sok dipigawé koe oerang désa” (Sipatahoenan, 19 Méi 1925).
Bari pajeg téh teu meunang henteu kudu dibayar. Geura dina Sipatahoenan (12 Januari 1926) ku Gelenjoe digambarkeun kieu: “Geus karoempoel Marhaén, Marhaén, tjelengkeung djrg. Koewoe léseng ngalésengkeun kawadjiban noe djadi somah. Pangnomoer-nomerna wadjib ... majar padjeg”. Bari kuwuna ngaréntenkeun duit ka nu rek nginjeum duit keur mayar pajeg. Da nu kékéréhét, nu pakasabanana koréh-koréh cok angger pajeg mah kudu mayar (Sipatahoenan, 16 Pébruari 1926). Kawijakan pamaréntah lianna nu dikritik ku Gelenjoe nyaéta residén nu nambahan asistén residén (Sipatahoenan, 31 Maret 1925), pamaréntah nu éléh abar ku AVROS (tukang-tukang kebon) lebah nyabut aturan kuli kontrak (Poenale sanctie) lantaran sieun dipangejatkeun (Sipatahoenan, 16 Nopémber 1926).
Soal hukum gé teu leupas tina panitén Gelenjoe. Cara pagawé nagri bangsa Walanda nu ngagasab duit tuluy kabur, nepi ka Gelenjoe nulis, “Sigana gagabah daék ngagasab kitoe mah lain koe koerang koerang teuing gadjih. Kahadé ah Pamaréntah sing awas éta téh doeit padjeg beunang ngoempoelkeun” (Sipatahoenan, 28 April 1925).
Tuluy ngoméntaran pamanggih Stokvis di Volksraad sangkan pamaréntah ngaleungitkeun hukum rangkét ku hoé atawa mun teu bisa kudu diterapkeun ka saréréa, ulah pilih bulu (Sipatahoenan, 7 Désémber 1926). Kitu deui ngiritik bédana sikep antara ka pribumi jeung ka bangsa Eropah dina hal hukuman. Mun pribumi jeung nu leutik mah enya-enya ditibanan hukuman, “Tapi anoe béda koelitna djadi anémer, anoe teu boga naon-naon pikeun borgna ... gampang baé, ... zonder borg deui” (Sipatahoenan, 19 April 1927).
Tillema nu nyebutkeun “bestrijding v/d Islam atawa ngarombak Islam” milu disintreuk sabab nyaruakeun urang jeung agama Islam ngajarkeun teu séhat (Sipatahoenan, 2 Juni 1925), sékretaris propagandis partéy PEB Tiedeman nu nyebutkeun ngabasilatkeun duit (korupsi) di kalangan pribumi téh geus galib disindir, sabab ceuk Gelenjoe “Sipat djelema atawa bangsa masih kapoerba koe hawa napsoe, moal leungit-leungit kagoréngan. Kalakoenana Toean Tideman oge djeung batoer-batoerna koempoelan moal aja noe njeboet ridderlijk (sinatrian). Eta ogé duister gewroet. Ngan oentoengna kaambeu koe Indonesische Studie-club” (Sipatahoenan, 29 Juni 1926).
Tapi nu bisa jadi puncakna mah bawirasa kapanggih tina “Ti Pipir Hawoe” nu dimuat dina Sipatahoenan édisi 14 Juni 1927. Dina tulisan nu nyaritakeun aya urang Walanda nu didengda duit ku pangadilan tapi bet tuluy nawar, dipatalikeun jeung anggapan umumna urang pribumi ka urang Walanda. Lantaran, “Sangkaan doeloer oerang noe masih deukeut deuleuna, sakabéh Walanda teu aja panta-pantana deui, éstoe kabéh djembar, kabeh pinter, malah kapan bakating koe biasa, nepi ka aja noe nanja: Ari di Nagri, saha koelina, naha bangsa oerang deui?”
Nagri téh maksudna mah tangtuna ogé nagrina urang Walanda. Ngan ku kajadian ayana Walanda ceuleupeung téa, bukti pisan yén “éta noe pantar kitoe doesoenna, di Nagri gé aja”. Nu matak tungtungna Gelenjoe nyebutkeun kieu: “Toeh, Marhaén, mana oelah sok ngarasa hina-hina teuing. Batoer ogé teu béda, toer geus sarakola!” Ku kituna, suprémasi kulit putih dina paningali pribumi bisa robah, sabalikna nimbulkeun kasadar di kalangan pribumi yén sakabéh jalma téh sarua, satata, taya nu luhur taya nu handap. Éta sigana nu dimaksud pojok bisa “membentuk opini publik” téh. ***
0 Komentar