Ilustrasi: Jilid buku "Kalangkang Ringkang" jeung "Hujan di Pajaratan" |
Kalangkang Ringkang: Gurindam Andriansyah antara Mantra jeung Aforisma
MEH teu jadi dosa sastra, kuring mah rék ngaku wé, kuring mah lain kritikus sastra. Boroning ngabedah sabuku sajak, sajudul sajak ogé acan. Tapi, lain hartina kuring atawa saha waé nu teu taram-taram kana sastra teu meunang ngobrolkeun sajak. Sastra atawa sajak mah geus jadi milik balaréa pikeun sing saha baé nu macana.
Ah, keueung temen lamun enya sajak ukur milik sastrawan atawa akademisi sastra. Sajak meureun bakal mingkin simpé da siga jurnal ilmiah anu pikakeueungeun: ranteng, akademis, teu sagawayah, ngajaul ka alak paul. Jauh tina tangkeupan jalma biasa nu geus biasa ngadabrul di warung kopi atawa ngariung arisan, bari sakali-kali ngawangkong ngalér-ngidul ngeunaan hal-hal basajan téh kapan jadi ritual wajib.
Jadi, meh teu tamba teuleum dina kasimpé, hayu cuang ngobrolkeun sajak dina kaayaan tumaninah, basajan, napak, bari teu leungiteun ma’na-ma’na surahaneun. Peresis siga saja-sajak Ari Andriansyah dina buku kumpulan sajak Kalangkang Ringkang.
Aya 87 sajak nu kabagi dina dua beungkeutan: “Salambar Sajak” jeung “Sagebar Sajak”. Ieu buku medal ku Silantang taun 2021. Anu ngabédakeun ti dua beungkeutanana, tangtuna titimangsa. 44 sajak dina beungkeutan “Salambar Sajak” ditulis taun 2007. Ari 43 sajak deui dina beungkeutan “Sagebar Sajak” ditulis taun 2008.
Sajak-sajak dina ieu antologi teu kabeungkeut ku hiji téma. Ari ngobrolkeun rupa-rupa téma: réfléksi hirup, cinta, kasono, réligi, alam, jeung sajabana. Sababaraha sajak ti ieu panyajak kalahiran Arjasari, Kabupatén Bandung téh saenyana minangka imprési panyajak kana pakakas, tempat, atawa kajadian nu raket jeung dirina.
Ari ngagambarkeun ti mimiti Tangkal Kawung, Sadapuran Awi, Saturuyan Cau, Sakurungan Manuk, Imah Panggung, nepi ka nyaritakeun Ucing Sumput, Langlayangan Deui, jeung nu lianna. Sawaréh sajakna miboga kakuatan déskripsi nu gemet jeung dramatik. Pakakas, tempat, jeung objék nu katitén tur karasa ku pangindra téh lain baé diijeum métafor, tapi galeuh-galeuhna mah wujud simbolis tina kahirupan. Salah sahijina sakumaha nu kapanggih dina sajak “Tangkal Kawung”.
TANGKAL KAWUNG
Panyadapan rekétna sigay
satécé-satécé suku ngalakay.
Waruga satangtung kawung
lodong kosong ngelentrung.
Nilas sajujur caruluk umur
lahangna getih sakujur.
2007
Aya oge sajak nu laluasa ngamalirkeun réfleksi hirup, surahan kana kahirupan. Tangtuna, hal éta hasil ngolah tina pangalaman batin panyajakna. Ari lain ukur nyaritakeun keur dirina, tapi jembar pikeun ngajak saha baé anu hayang napakuran hirup. Siga nu kapanggih dina sajak “Sajatining Cahaya” jeung “Kamalir Takdir”.
SAJATINING CAHAYA
Saéstuna karidoan téh rénghap bulan
mikeun caang kana tangkeupan beurang.
Saéstuna kaiklasan téh hégak balébat
masrahkeun sumirat kana rangkulan jagat.
Saéstuna kajembaran téh sajatining cahaya
mungkurkeun wisaya kana lahunan wisésa.
2008
KAMALIR TAKDIR
Umaing ngagulidag saparat mangsa
palid kairid nasib ngoléabkeun rasa.
Umangkeuh humilir tinemu muara
najan séah nerebkeun nu kapibanda.
Nuncal ulekan nunjang umpalan.
ngaléngléong dina kamalir takdir.
2008
Upama ditilik tina titimangsa lahir, Ari Andriansyah téh lahir tanggal 18 Januari 1988. Hartina, ieu sajak-sajak dina buku Kalangkang Ringkang téh ditulis antara umur 19-20-an taun. Ilahar panyajak ngora, Ari ogé nulis sajak cinta, najan teu réa, bisa kaitung ku ramo. Sakumaha nu kapanggih dina sajak “Dina Talenan”, “Rohang Kamar”, jeung “Asih Tumuwuh”.
DINA TALENAN
Dina talenan lebah gurilap péso
tresna ukur ngarahuhkeun sono.
Dina talenan dina seuseukeut keureut
padungdengan geugeut jeung raheut.
Dina talenan rénghap sagérésélan
langgeng nyiksikan haté sorangan.
2007
ROHANG KAMAR
Gerendeng teuneung jeung heumpeung
balaka kembana nyaah pireuna deudeuh.
Pagilinggisik ngulisikkeun usik
papasangan saresmi jeung sabadami.
Silih miharti kumelip misurti kalaip
sirna sangsri nyampurnakeun dumalit.
2008
Najan kitu, sajak-sajak asih téh nyampak loba. Padahal apan biasana mah panyajak ngora téh keur meumeujeuhna pakepuk ku urusan cinta. Tapi, batan sajak anu témana cinta, sajak anu nyurahan hirup jeung huripna malah leuwih rea. Kawasna, batan ngalalana salaku Don Juan anu samagréng ku “sajak kembang eros nu lamokot madu”, Ari leuwih milih napakuran lalakon jeung lumakon.
Ari kacirina leuwih nyosok jero nyatet imprésina ngeunaan sagala rupa nu katéwak ku paningali jeung pangrasa. Ieu panyajak anu kiwari sapopoéna mancén guru basa Sunda di SMAN Jatinangor, Sumedang, teu sakadar nyatet déskripsi banda, tapi ogé ngahirupkeunana ku imprési-imprési anu dituliskeun. Banda téh ukur “diinjeum” sipat jeung wujudna, seuhseuhanana mah éstu darma manusa kumelendang di alam gorombyangan.
Ku hal éta ogé katitén panyajak téh miang ti lembur anu deukeut kana budaya urang Sunda. Nya hal éta anu nambahan beungharna kosa kecap sakaligus kaweruh panyajak kana sosio-kultural urang Sunda. Lain hiji dua sajak, tapi méh sakabéh sajakna ngandung unsur étnografi. Ku cara ieu, panyajakna lain baé midangkeun ungkara puitis, tapi méré pangaweruh kabudaayan jeung ngageuing deui batin urang Sunda anu geus poho kana tradisina. Minangka salah sahiji contona, aya dina sajak “Imah Panggung”.
IMAH PANGGUNG
Hateup injuk jeung rekét palupuh
pangiuhan sakur rahuh karipuh.
Samak pandan jeung bilik carang
pangreureuhan saban kamelang.
Pakarangan jeung pelak kembang
pabinihan harepan nu sarirungan.
2007
Ngaliwatan gaya jeung wanda basa siga kieu, réa sajak-sajak Ari nu raket kana aforisme atawa sarupa paribahasa. Dina basa barudak milénial kiwari, gaya basa anu pondok kawas kieu téh payus dijadikeun quote dina IG Story, Snp WA, atawa Tweet dina Twitter. Tangtuna, Ari teu nujul ka dinya. Mangsa Ari nulis sajak lain mangsa jaman siga ayeuna. Tapi, kitu geuning ari seni jeung sastra, boga kakuatan napak dina rohang jeung waktu anu “inhéren” ka dirina sorangan. Ieu nu ngabédakeun jeung élmu pangarti anu sok laas mun aya béda jaman jeung ngajamanana.
Salian ti raketna kana wanda aforisme, tipografi anu satia kana ieu dua padalisan ogé ngantengkeun ingetan kuring kana gurindam, wanda sajak heubeul dina hasanah sastra Indonésia anu sohor ti Raja Ali Haji, ngaliwatan Gurindam Dua Belas taun 1847. Eusina ogé méh sarimbag, ngeunaan piwejang kahirupan. 87 sajak Ari satia kana tilu pada sarta unggal pada diwangun ku dua padalisan.
Dina beungkeutan “Salambar Sajak”, ieu “Gurindam Andriansyah” (kitu kuring méré istilah pikeun sajak-sajak Ari) téh karasa leuwih pepel ngalarapkeun asonansi jeung aliterasi, nu ngalahirkeun sora kecap nu mola, lir sisindiran atawa pantun dina basa Indonésia. Contona waé dina sajak “Salambar Sajak” jeung “Sagebar Sajak”.
Transformasi gaya jeung wanda ucap Ari dina nulis sajak, témbong lebah babandingan dua sajak éta. Dina “Salambar Sajak”, Ari karasa nyekel pageuh wirahma jeung purwakanti. Ungkarana pondok tur liris. Ku unsur sora anu disusun siga kitu, seuhseuhanana mah raket pisan kana wanda mantra: pondok tur murwakanti. Dina titimangsa taun éta (2007), Ari tembong lantip tur pengkuh milih kecap anu murwakanti, guru lagu jadi salah sahiji anu nangtukeun pisan.
Sedengkeun dina taun satuluyna (2008), Ari karasa leuwih bébas tur lampar. Sanajan masih keukeuh dina pola “Gurindam Andriansyah”, tapi teu kitu lebah wirahmana mah. Leuwih apik milih kecap. Ungkarana leuwih paranjang. Karasa leuwih naratif, leuwih deukeut kana wanda aforisme.
Salaku urang Sunda pituin, Ari teu ukur maké basa Sunda jang ngamalirkeun gagasan katut imprésina. Leuwih ti kitu, karéréaan sajakna éstu potrét kabudayaan Sunda. Sunda lain ukur basana, tapi ogé kahirupan jeung alam batin panyajaknya. Hal ieu ébréh tina pilihan objék nu ditéwak tur dieusian, raket pisan jeung kabudayaan Sunda jeung kahirupan sapopoé nu deukeut tur basajan: awi, ucing sumput, daun, tangkal kawung, paré, langlayangan, buruan, cileuncang, imah panggung, saung ranggon, jeung réa-réa deui.
Teu saukur objék-objék visual. Ari ogé neuleuman tur ngangkat sababaraha tokoh sarta tempat di Tatar Sunda kawas dina sajak “Situ Paténggang”, “Di Arjasari”, “Diah Pitaloka”, “Dayang Sumbi”, “Déwi Sri”, “Rasa Sangkuriang”, “Guru Minda”, “Keur Mundinglaya”, “Ciung Wanara”, jeung “Si Kabayan”.
Ari Andriansyah, dina umurna harita anu ngora, geus ngasah seuseukeut rasa jeung pikir nepi ka néwak tur ngeusian imprési kana objék-objék anu basajan jeung raket, nu aya di sabudeureun kahirupan sapopoéna. Sajak-sajakna, sakali deui, lain saukur maké basa Sunda, tapi ngeunaan Sunda kalawan jembar. Ari ogé ajeg (istikomah) maké wanda “Gurindam Andriansyah” anu seukeut milih kecap, hiji tirakat anu ilahar dilakukeun para karuhun panyajak jaman bihari. Karesep Ari maké wanda sajak heubeul ogé témbong dina kasadaranana kana unsur purwakanti. Salian ti éndah dina sora ungkara, tangtuna ogé nyeukeutan rasa kekecapan. Kecap tangtuna teu jebul tina rohang kosong. Satukangeun kecap aya rasa, aya ajén, jeung aya gagasan.
0 Komentar