Nyawang Kalangkang Ringkang jeung Hujan di Pajaratan - Ridwan Hasyimi (Bagéan 2)

Ilustrasi: Jilid buku "Kalangkang Ringkang" jeung "Hujan di Pajaratan"

 

Hujan di Pajaratan: Arif, Cuaca, jeung Perjalanan 

MACA buku kumpulan sajak Hujan di Pajaratan karya Arif Abdilah, kuring asa diajak lumampah ka mangpirang patempatan, ogé ka mangpirang usum. 59 sajak dina ieu antologi wedalan Silantang taun 2020 téh meungkeut mangpirang téma: lalampahan, alam, umur, cinta, katineung kana rohang jeung waktu, katut nu séjénna. Ieu sajak anu rupa-rupa téma téh diéntép-seureuh dumasar kana titimangsana. Nu pangheubeulna ditulis taun 2009, sedengkeun anu panganyarna ditulis taun 2018.

Buku anu kandelna 81 kaca téh nyatet ampir sapuluh taun lalampahan ieu panyajak pituin Majalengka. Taya bagian bab atawa tema, éstuning ngamalir kitu waé siga hujan, siga eusi sajak-sajakna.

Arif réa nulis ngeunaan peuting, usum, alam, hujan, dina rupa-rupa inténsitas jeung fénoména alam séjénna. Kawas anu kapanggih dina sajak “Élégi Peuting”, “Béja keur Peuting”, “Lalakon Peuting”, “Fragmén Peuting”, “Monolog Isuk”, “Tembang Hujan 1”, “Tembang Hujan 2”, “Tembang Peuting”, “Sajak Usum Hujan 1”, “Sajak Usum Hujan 2”.

Kekecapan siga katiga, ngijih, halodo, hujan, girimis, cileuncang, angin, peuting, usum, langit, layung, jeung sajabana, bakal gampang manggihanana. Tapi najan kitu, jebulna éta kekecapan dina karéréaan sajakna téh teu matak jadi bosen. Aya rasa nu lian antara hujan nu hiji jeung hujan anu séjénna. Hal ieu kapanggih dina sajak anu judulna asa natangga: “Sajak Usum Hujan 1” jeung “Sajak Usum Hujan 2”.


SAJAK USUM HUJAN 1

mun girimis téh ramo-ramo hujan
boa kabagjaan kembang téh katineung urang
rumekah di patamanan jeung tanah angar
: harita kukupu kumalayang na dada urang

2014


SAJAK USUM HUJAN 2

basa langit ngudar halodo panjang
urang ditepungkeun deui
jeung seuseukeut hujan
jeung sebitan angin gahar
katut keureutan kamelang
di dinya aya ringkang nu samar
aya samar nu ngalangkang

dina usum hujan nu mana deui
urang baris tepung jeung gogonjakan
lamun umpalan cai terus ngangseg di buruan
urang lir arca ngabigeu hareupeun jandéla
harita, aweuhan silantang ngaguruh
dina embun-embunan

2014


Dina “Sajak Usum Hujan 1” kecap hujan karasa romantis jeung personal. Kecap “urang” dina éta sajak nujul kana dua insan anu keur silih pikacinta. Tapi karasa beda dina “Sajak Usum Hujan 2” mah. “Urang” di dinya bisa dibetot leuwih lega jadi “urang” dina harti balaréa. Ieu sajak nyaritakeun banjir anu nyabakeun hujan murka siga Rahwana, lain romantis siga Déwi Sinta. 

Kitu deui, teu ukur dina éta sajak Arif nyaritakeun banjir alatan alam anu ruksak téh. Dina sajak “Hiji Dayeuh” gé Arif leuwih lantip deui.


HIJI DAYEUH 

sanggeus dayeuh cakueum
naon deui nu baris ditepungan bulan
lamun lampu-lampu marijah di taman-taman
boa peuting langlayeuseun datang

saendeng-endeng manéhna nutur lumar
néang léngkah nu samar
bari angger ringkang jeung kalangkang
cipruk belewuk balas mipit luput
boa, katunaan terus nyalingker 
dina saban paraparan

sanggeus dayeuh cakueum
naon deui nu baris ditepungan hujan
lamun cileuncang nguyumbang di buruan
boa langit Salira leuseuh salawasna

baris mulang ka mana deui
lamun usum terus digugusur
lamun cuaca terus tugur
sedeng manéhna mah teu kungsi ngarti
naon bédana isarah jeung rusiah

ahirna
: manéhna tilem di lemah nu cakueum

2014


“Manéhna” dina ieu sajak bisa waé malah pasti, tujul ka pamingpin: /sedeng manéhna mah teu kungsi ngarti / naon bédana isarah jeung rusiah// cenah. Salian kekecapan anasir alam anu réa dihadirkeun salaku métofora atawa kecap sajalantrahna, Arif ogé réa maké kecap sulur (gaganti jalma): manéhna, salira, urang, jeung kami.
 
Dina basa Sunda sapopoé, “urang” bisa dipake pikeun kecap gaganti jalma kahiji. Tapi, dina ieu kontéks sajak, “urang” leuwih tujul ka jalma réa.

Ku dipakéna kecap “urang” (aku lirik) bangun ngajak nu maca jadi bagian tina sajakna. Najan bisa jadi “urang” dina ieu sajak mah tujul ka “aku lirik” jeung ka salah saurang anu tangtu. Tapi, dina prakna mah saban nu maca bisa jeung sah-sah waé jadi salah saurang ti antara éta. Contona waé kapanggih upama maca sajak “Ciamis”.


CIAMIS

di dieu urang teu kungsi apal ngaran-ngaran jalan
najan trotoar demi trotoar cacap diliwatan
tapi urang sok padungdeng lebah péngkolan
antara kénca-katuhu atawa kelir hideung-bodas 
nu mulas beunguet-beungeut aspal

lampu-lampu setopan nu ngajega
ukur ringkang nu mulas jagat
urang tuluy lulumpatan ngaberik waktu
pagancang-gancang muru pangjugjugan
tapi urang kalah nyorang jalan séwang-séwang

urang kalah ajur
dina waruga kota nu kari raragasna
dina sora-sora kandaraan nu ngagerung humaregung
di dieu simpé jeung simpé ngetep rerencepan
kana sukma nu langlayeuseun
  
2011


Upama urang Ciamis maca ieu sajak, bisa jadi manéhna ngarasa “urang” téh ngajanggélékkeun “manéhna” bagéan tina urang, sabab implengan Ciamis karasa raket jeung nembrak. //lampu-lampu setopan nu ngajega// bréh wé ngajanggélék jalan panjang Jend. Sudirman jeung Ir. H. Djuanda nu tangtu dalit jeung nu maca. 

Lian ti éta, nu matak anteng maca ieu buku téh nyaeta lobana sajak-sajak ngeunaan tempat jeung lalampahan, anu tangtuna aya “urang”, “manéhna”, jeung “salira” di dinya: “Terminal”, “Ciamis”, “Isola”, “Langit Majalengka”, “Sareupna Bandung-Sumedang”, “Pasupati”, “Braga”, “Langit Sumedang”, “Bumi Sindanghaji", "Liwung Lémbang”, “Langit Bandung”, “Stasion Gubeng”, jeung sajabana. Geura titénan dina sajak “Isola”.


ISOLA

naon deui bu baris dilawungkeun liwung
tina paroman salira nu leyur dirungrum nguyung
bulan kari sapasi laju silanglang dina kolam baréti
tinggal sepi jeung sepa ngabedega tina wuwung salira

nya salira nu ayeuna teu bisa nyatetkeun 
rupa-rupa tangara, nepungkeun antara lalakon kosta
jeung ringkang baheula. di dieu urang haben ngukur
waktu bari angger urang teu bisa ngukur diri

ieu peuting, langit ngudar embun-embunan salira
ngarangsadan saketi panineungan
bari angger partere jongjon ngumbar salaksa kakelar
lebah dieu salira mugur dina daun-daun kiara

nu anteng jeung panyumputan ringkang
salira nu salawasna teu hatam kana galagat mangsa

2011


“Salira” dina sajak “Isola” bisa jadi tujul ka Isola éta sorangan, hiji wangunan ikonik nu aya di UPI Bandung, tempat panyajak nyuprih pangarti. Arif niupkeun nyawa tur saolah-olah éta hirup. Personifikasi. Arif réa maké téhnik atawa gaya basa nu ngabalukarkeun sajak-sajakna karasa leuwih hirup jeung nyawaan. Tapi, teu sakabéh “salira” téh personifikasi. Dina sajak “Catetan Albeum”,  “salira” di dinya sidik tujul ka salah saurang nu disebut Ema (indung):


CATETAN ALBEUM 

1
ma, niténan salira
bet siga daun regas
ngararas dina dahan ragas

dina tetelar sukma
angin geus teu ngawirahma
kari bayeungyang nu
ngagarang batang raga

2
ma, niténan salira
lir angin peura
ngarayap ngésétan katiga
megat ketak nu kari tapak

salira ngabigeu
ngageubra ditilar
rénghap nu can hatam
ngahégak

2010


Ieu buku sajak Arif Abdilah nu ditulis méh sapuluh taun téh meujeuhna méré gambaran ngeunaan kumaha alam sabudeureun, alam pikir, jeung alam batin panyajakna. Ti dieu kuring apal, aya sababaraha urang nu dipikacintana geus ninggalkeun. Bisa jadi tina éta pangalaman, panyajak anu kungsi aktif di UKM ASAS UPI Bandung, loba nulis sajak anu témana umur, waktu, lalampahan hirup, jeung pati. Kawas réfléksi tina kahirupan dirina jeung jalma-jalma di sabudeureunana. Contona, nu kapanggih dina sajak “Ngeunaan Lalampahan”.


NGEUNAAN LALAMPAHAN 

di jambatan urang leungiteun tangtungan
di parapatan urang leungiteun lebah jalan
di trotoar urang leungiteun tutugan
di terminal urang leungiteun pangjugjugan

: masih ngeunaan lalampahan
  di pajaratan urang leungiteun ludeung
  nyorang keueung

2011  


Tina ieu buku ogé kuring meunang réa katerangan, jeung tangtuna waé kaguligah panyajakna. Béhna mah pangwangunan di kota téh geus ngorbankeun sagala anu sakuduna bisa teu jadi korban. Ngaliwatan ambiguitas, Arif nepikeun kalayan témbrés kaguligahna dina sajak “Monolog Isuk”. Dua pada panungtung anu unina: //kalan-kalan, urang kalah barebut doa / antara hujan nu kudu datang / atawa halodo nu kudu ngetrok / dada nu gudawang // urang kalah liwung / di antara dua usum//. 

Di hiji sisi panyajak téh salaku jalma anu dalit jeung urban Bandung. Di sisi séjénna jebul ti lembur (Sumberjaya, Majalengka) minangka jalma anu basajan. Arif aya dina kaayaan anu awor, nu ngajadikeun dirina salaku titik tilik anu neuleuman mangpirang kajadian. Ieu hibriditas téh jadi posisi noropong anu anteng, balukarna sajak-sajakna matak nyosok tur pogot. Nanceb ku kekecapan pinilih anu sakaligus ngamalir, jeung dina sababaraha sajakna aya “hambalan dramatik” anu pipanteseun pikeun dipanggungkeun.

***



RIDWAN HASYIMI, lahir di Wonosobo, Jawa Tengah, 1990. Diajar téater ti mimiti sakola di MAN 2 Ciamis. Aktif di TTMC, Gardu Téater, Ngaos Art, jeung Marlam. Diajar nulis di Rumah Koclak jeung Marlam. Taun 2019 kapilih jadi pamilon Béngkél Penulisan MASTERA pikeun wangun éséy. Éséy-éséyna ngeunaan téater jeung budaya dimuat di sawatara media, antarana Gelaran.id, Pojok Seni, Tatkala.co, detik.com, Mojok, The Columnist, jrrd.

Posting Komentar

0 Komentar