Ilustrasi: Vergnügen der Augen und des Gemüths (1757) |
CARA umumna kritikus sastra, Terry Eagleton ngabédakeun antara wangun atawa cangkang (form) jeung eusi (content) sajak. Dina bukuna, How to Read a Poem (2007: 66), manéhna nataan nu kakolom kana cangkang sajak téh antarana nada, pola titinada, wirahma, diksi, volume, méter, cepet kendorna, suasana, sora, alamat, tékstur, struktur, kualitas, sintaks, tataan, jihat sawangan, tanda baca, jeung sajabana. Ari nu kakolom kana eusi antarana soal eusi, tindakan, tokoh, gagasan, galur carita, sawangan moral, argumén, jeung sajabana. Cenah, cangkang téh kalan-kalan sok disaruakeun jeung struktur atawa desain, hartina cara-cara unsur sajak adumanis.
Nu matak, dina kaca méméhna (2007: 65), Terry nétélakeun yén nu disebut eusi téh naon-naon nu ditepikeun dina sajak, sedengkeun ari cangkang tujulna téh kana cara sajak nepikeun eusina téa. Ngan Terry henteu negeskeun naha cangkang jeung eusi téh bisa dipisahkeun. Sabab cangkang jeung eusi bisa dipisahkeunana ngan dina pangalaman. Cangkang sastra ngabogaan sajarahna séwang-séwang, ari eusina apan teu salawasna tunduk kana cangkangna.
Jalan tengahna, Terry (2007: 67) nyebutkeun bisa jadi bener keur sakabéh sajak, saperti dina sakur génré sastra, boh cangkang boh eusina adumanis, ngahiji, silih eusian, silih élédan. Lantaran cenah cangkang téh nu jadi lelemah atawa nu ngalantarankeun ayana eusi, jeung lain ngan saukur némbongkeun, ngagambarkeun, ngalangkangkeun eusina.
Ké, ké, ari sajakna sorangan naon cék Terry Eagleton? Sajak (poem) téh cenah (2007: 25) “is a fictional, verbally inventive moral statement in which it is the author, rather than the printer or word processor, who decides where the lines should end” (nyaéta ungkara fiksional, verbal, moral, nu di jerona panyajakna, lain jurucitak atawa programna, nu mutuskeun ngeureunkeun tulisanana. Ari kecap moral disurahan minangka sawangan kualitatif jeung évaluatif pikeun kalakuan jeung pangalaman manusa. Nu matak teu malulu ngeunaan nu hadé-hadé, nu goréng-goréng, bener atawa salah (2007: 28).
Alhasil, sajak minangka ungkara moral téh lain ku lantaran ngahakiman dumasar kana sawatara kodeu, tapi ku lantaran aya gantar kakaitanana jeung ajén inajén, harti, jeung maksud-tujuan manusa (Egaleton, 2007: 29).
Silih élédanana cangkang jeung eusi gé ti baheula jadi jejer, boh dina kandaga tradisi lisan boh dina tradisi naskah Sunda. Dina lisan nu pangkatémbongna nya pantun Sunda, antarana “Tjarita Ratoe Pasir Batang Oemboel Tengah noe Garwaan ka Poetri Atji Keling Wentang Gading” (dina Tijdschrift voor Indische Taal-, Land-, en Volkenkunde, TBG, Deel LIV, 1912: 292-293).
Dina éta carita pantun nu ditranskripsi ku C.M. Pleyte aya bangbalikan nu kieu unina: “Karonéng bonténg di Sérang, dagangan oerang Balitoeng, balitoeng balik ti leuweung, bak lajar papoelang-poelang//Teu hajang barang babaneh, demi tjangkang djeung eusina, koedoe saroea lobana, bisi kawih mamaroean, noe konéng tjarang katéang, koe kami enggeus kaitoeng, kaitoeng daék ka deungeun”.
Dina naskah Sunda hamo kabilang nu nyaritakeun cangkang jeung eusi. Pangpangna nu kapanggih tina dangding-dangding Haji Hasan Mustapa. Mun urang ngalalaran Naskah Karya Haji Hasan Mustapa (1987) susunan Iskandarwassid, Ajip Rosidi, jeung Josef CD, tanwandé bakal manggih bukti-buktina.
Dina Alam Cai Alam Sangu (10 Agustus 1901) aya ungkara kieu, “Tagiwur sanggeus kacatur, parebut cangkang pangeusi, asma sipatna af'alna, parebut palain-lain, parebut paenya-enya, tanggapeun jalma sajati” (Iskandarwassid, spk., 1987: 71). Dina Jung Indit Deui ti Bandung (17 Juni 1901) aya ieu, “Mun aing pengkuh di pancuh, tandaning jati walagri, pamaké sapapanjangna, panghurip cangkang pangeusi, moal muntang ka nu anggang, moal dalit ka nu dalit”; jeung “Kawalatraaning kitu, ngan ninggang di Kangjeng Nabi, cangkangna jadi panutan, eusina dibagi mahi, Muhammadarasulullah, eusina lain sahiji” (Iskandarwassid, spk., 1987: 153-155).
Dina Kidung Pucuk Mégamendung (17 April 1901) aya nu kieu, “Hiji pakéeun dicatur, hiji pakéeun di awi, mulia bagjaning awak, alus cangkang suni eusi, cangkangna babasan urang, eusina rasaning pasti” jeung ieu, “Sukmaning tuhu satuhu, lain di cangkang di eusi, eusina rujaking cangkang, cangkangna rujaking eusi, tah ka sucining sukma, tah ka sucining widi” (Iskandarwassid, spk., 1987: 322, 344). Satuluyna dina Ngélmu Suluk Isuk-isuk aya “Agul panyuguhan agul, angin panyuguhan angin, hawa panyuguhan hawa, pamaké pameuli ati, pusaka alaming cangkang, disuguhan cangkang deui” jeung “Geus nanjung setangtung tanjung, walagri cangkeng pangeusi, sasajaratil muntaha, béda kembang béda eusi, moal sajarah duaan, moal sacangkang saeusi” (Iskandarwassid, spk., 1987: 403, 411).
Boh dina carita pantun boh dina naskah-naskah Haji Hasan Mustapa, antara cangkang jeung eusi kalintang pentingna. Bisa disebutkeun moal aya cangkang mun euweuh eusi, moal aya eusi mun euweuh cangkang. Katambah deuih cék Jajang A. Rohmana mah, dikotomi métafor-métafor nu sok dipaké ku Haji Hasan Mustapa, saperti hayam-endog, iwung-awi, béas-paré, duwegan-kitri, arén-caruluk, angklung-awi, kudu dipiharti tina jihat paham wahdat al-wujud atawa ngahijina mahluk jeung nu nyiptakeunna (“Sundanese Sufi Literature And Local Islamic Identity: A Contribution of Haji Hasan Mustapa’s Dangding” dina Al-Jami‘ah, Vol. 50, No. 2, 2012: 318-319). Atawa cohagna mah cangkang téh eusi téa, kitu deui eusi téh nya cangkang-cangkang kénéh, teu bisa dipisahkeun.
*
KEUR naon nyabit-nyabit soal cangkang jeung eusi? Pangpangna nu diseja mah minangka ngawahanana saméméh maca kumpulan sajak beunang Ari Andriansyah nu dijudulan Kalangkang Ringkang (2021). Méméh dek ngadadar sajak-sajak Ari, nu rék dipatalikeun reujeung soal cangkang jeung eusi téa, urang wawanohan heula jeung sakur nu marengan sajak-sajakna (kontéks), mangrupa riwayat pangarangna, hasil karanganan nu séjénna, jeung sajabana.
Sakumaha nu kabaca tina katerangan dina kaca tukang bukuna, Ari Andriansyah téh cenah pituin urang Arjasari, Kabupatén Bandung, nu digelarkeun dina tanggal 18 Januari 1988. Nepi ka taun 2021, Ari kungsi nyuprih pangartina di SDN Arjasari 1 (1994-2000), SLTPN 1 Arjasari (2000-2003), SMAN 1 Banjaran (2003-2006), Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI (2006-2010), jeung Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda SPs. UPI (2016-2021). Ti jaman kuliah nepi ka ayeuna, manéhna remen nulis dina wangun sajak, carpon, fiksimini, éséy, jeung laporan jurnalistik di sawatara média.
Kana ula-ilu pasanggiri atuh Ari kakolom sok bangénan. Antarana jadi Pinunjul I Lomba Nulis Sajak Sunda Disbudpar Jabar 2008, Pinunjul I Sajak Hadiah Sastra LBSS 2009, Pinilih Sajak Bulanan Manglé, Pinunjul Nulis Résénsi Buku Pusat Studi Sunda 2009, Pinunjul I Nulis Éséy Museum KAA 2010, Pinunjul I Saémbara Nulis Carpon “Misteri” Piala Ki Umbara STKIP Muhammadiah Kuningan 2013, jeung Pinunjul I Saémbara Manuskrif Fiksimini Basa Sunda 2017. Taun 2015 dilélér Hadiah Hardjapamekas, minangka guru basa Sunda nu rancagé.
Ieu pangarang nu sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda SMAN Jatinangor, Kabupatén Sumedang jeung ngokolakeun média Sunda digital téh kungsi medalkeun kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Hartina Kalangkang Ringkang (2021) téh buku katilu Ari Andriansyah, atawa buku kumpulan sajak Sundana nu kadua nu salila ieu geus dipedalkeun.
Keur katerangan titimangsa dimuatna sajak-sajak Ari, urang bisa ngabandingkeun antara Léngkah (2016) jeung Kalangkang Ringkang (2021). Mun dilalaran, Léngkah téh ngamuat sajak-sajak Ari anu ditulis antara taun 2007 nepi ka 2014. Sedengkeun Kalangkang Ringkang mah ditulisna antara taun 2007 nepi ka 2008. Kalawan catetan, nu ditulis dina taun 2007 dihijikeun dina rungkun “Salambar Sajak”, sedengkeun nu 2008 dina rungkun “Sagebar Sajak”.
Naon patalina antara titimangsa nu kapanggih tina sajak-sajak reujeung riwayat hirup panyajakna? Nu tétéla mah tangtu némbongkeun riwayat nyajakna sakaligus riwayat hirup panyajakna. Lamun dina Léngkah mah sajak-sajakna téh ditulis ti basa Ari Andriansyah kuliah nepi ka réngséna, ditéma ku digawé jadi guru, saméméh nuluykeun deui sakolana ka Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda SPs. UPI dina taun 2016. Demi Kalangkang Ringkang ditulisna salila Ari nyuprih pangarti di Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI antara taun 2006 nepi ka 2010.
Nu matak, duka naon timbanganana Ari bet medalkeun leuwih ti heula sajak-sajak nu ditulis leuwih pandeuri batan nu ditulisna sabot kuliah S-1? Naha aya timbangan soal kapercayaan diri, lantaran kualitas karyana nu leuwih ti heula dianggap ku dirina leuwih héngkér batan nu pandeuri? Wallahu’alam. Sigana kudu dipapaykeun langsung ka Ari Andriansyah lamun hayang écés mah.
Ngan keur sorangan sasoranganeun, lantaran geus aya dua bukuna, jadi bisa ngabanding-banding. Atuh mun seug dibanding-banding antara sajak-sajak Ari nu ditulis jaman kuliah nepi ka taun 2016, paling henteu, némbongkeun kamekaran pangpangna dina wangunna atawa cangkangna. Nu matak ieu di handap rék ditepikeun hasil maca antara cangkang jeung eusi sajak-sajak Ari Andriansyah nu kapanggih dina Kalangkang Ringkang, sakumaha wangenan nu didadarkeun ku Terry Eagleton jeung nu kapanggih dina sastra Sunda anu geu nyampak, boh carita pantun boh dangding-dangding Haji Hasan Mustapa di luhur.
*
MUN ditelek-telek deui, dina rungkun “Salambar Sajak” kapidangkeun 44 sajak nu ditulis dina taun 2007, sedengkeun dina rungkun “Sagebar Sajak” aya 43 sajak nu ditulis dina taun 2008. Tina éta 87 sajak nu mimiti matak kataji téh ku carana sajak-sajakna disusun.
Sabab sakabéh sajak nu dimuat dina Kalangkang Ringkang diwangun ku tilu pada parondok. Béda jeung sajak-sajak nu dimuat dina Léngkah, sabab aya nu sajak-sajakna nu diwangun ku sapada, dua pada, opat pada, jeung lima pada. Ngan boh dina Kalangkang Ringkang boh dina Léngkah katingali Ari Andriansyah réréana mah diwangun ku sajak-sajak tilu pada. Bédana téh sajak-sajak dina Léngkah mah najan tilu pada ogé réa ngarembat panjang.
Némbongkeun naon atuh Ari nu tigin nulis sajak tilu pada téh? Nu pangtétélana mah kawasna nya karapihan cangkang, purwakanti panungtung, jeung sajabana. Komo deui dina Kalangkang Ringkang mah atra pisan rapihna téh da unggal padana rata-rata diwangun ku dua padalisan-dua padalisan parondok.
Demi eusina sajak-sajak dina Kalangkang Ringkang bet siga ngawakilan kronologi kahirupan manusa, nu ku Ari mah disilibkeun dina kosa kecap-kosa kecap atawa diksi-diksi anu ditimba tina carita pawayangan jeung carita pantun.
Geura dina sajak munggaran dina éta buku téh dijudulan “Murwa Carita”, demi sajak pamungkasna dibéré judul “Pamunah Catur”. Dina “Murwa Carita” écés pisan nyilibkeun kahirupan manusa jeung carita wayang téh. Cenah gé, “Murwa nyandra carita//ngawayangkeun Sastra Jéndra” dina pada kahiji, “Lagena sulukna hirup//lumakon medal jeung surup” dina pada kadua, jeung “Galindeng kakawén gangsa//papastén miraga mangsa” dina pada katilu.
Dina éta sajak nu mangrupa kumpulan kekecapan nu lain mangrupa kalimah sampurna, tapi némbongkeun kaayaan téh, aku-lirikna nu ngabunian dirina hayang negeskeun yén urang-manusa henteu bisa kukumaha lantaran ngan ukur “ngawayangkeun Sastra Jéndra” atawa ngalakonan takdir diri nu geus ditulis ti ajali. Nu matak dina padalisan kaopat ditulis “lumakon medal jeung surup”, hartina bisa jadi urang ngalakonan hirup téh ti mimiti gubrag ka dunya nepi rup ku padung diurugan ku lemah. Dina padalisan panungtung ogé kitu deui, takdir manusa téh kudu ngaliwatan waktu.
Éta sajak kahiji téh, keur sorangan sasoranganeun mah, jadi panginditan pikeun maca sajak-sajak Ari satuluyna nepi ka nu pamungkas. Hartina, tina sajak-sajak satuluyna sabada “Murwa Carita”, urang bisa nangénan kumaha ketakna manusa enggoning nyubadanan takdirna nu kudu nyorang rohang-rohang, lolongkrang-lolongkrang dina jero kurungan waktu anu henteu bisa dikawasa ku manusa, anging ngan kudu serah sumerah, darma ngalampahan.
Nu ngalangkang dina “Pamunah Catur” ogé teu bina ti kitu. Geura nya dina pada kahiji, kabaca kieu “Sajanturan catur sumerah nganti giliran//saringkang-ringkangna di jagat wenang”. Mun disurahan mah, éta pada hayang nétélakeun yén sakur sajak nu midang méméhna eusina mangrupa pangalaman urang hirup saacan umur lekasan ngaringkang di dunya. Pangalaman hirupna mah rék nuturkeun papagon atawa nyaliwang, teu jadi soal, sakumaha nu kagambar tina pada kadua, “Sempalan atawa carangan taya bédana//sagalur-galurna digjaya jeung dipergasa”. Da salila kumelendang téh teu jauh ti soal nu lemah atawa kuat ngayonan hirup. Nu matak dina pada katilu ditegeskeun deui soal hirup téh nya soal pilihan: “Jantur katuhu atawa kénca ukur pilihan//rumandeg réngkak na toroktok campala”.
Dina sajak “Milang Mangsa” karampa sawangan évaluatifna aku-lirik basa ngiuhan dina handapeun tangkal akasia. Manéhna kawas hayang nétélakeun yén waktu-waktu nu geus kalarung téh matak ngaleungitkeun kakuatan (“Handapeun akasia langit katiga//usum geus lawas leungiteun sora”). Tuluy manéhna ngabalitungkeun deui naon-naon nu geus dipilampahna, sanajan antukna tinemu jeung wowotan (“Norah kadar opat madhab pilihan//kalima pancer lalakon kasoran”). Dina kaayaan kitu, hiji-hijina nu bisa diandelkeun ku manéhna téh nya harepan (“Salambar demi salambar mangsa//milang harepan dina pugur akasia”).
Tuluy, naon patalina antara karapihan cangkang jeung eusina rata-rata nu némbongkeun ungkara moral enggoning maca hirup jeung kahirupan? Lamun dipatalikeun jeung kumaha disusunna kumpulan sajak atawa karapihan, témbong gurat nu ngahijikeunana. Tilu pada-tilu pada nu dipilih ku Ari keur dina Kalangkang Ringkang bisa jadi umumna ngawakilan galur carita, nu jadi simbul lalampahan hirup manusa, nu rata-rata nu diwangun ku bagian awal, bagian tengah, jeung bagian ahir. Bagian awal ti mangsa gumelar, bagian tengah mangrupa prosés kahirupan salila manusa kaancikan kaéling, jeung bagian ahir panutup umur.
Kitu pisan sigana nu ditétélakeun ku Terry Eagleton: sajak mangrupa ungkara moral nu di jerona aya sawangan kualitatif jeung évaluatif keur kalakuan jeung pangalaman manusa, bari jeung teu ngan nu hadé-hadé, nu goréng-goréng, bener atawa salah baé. Nu matak enya cék carita pantun, “demi tjangkang djeung eusina, koedoe saroea lobana” atawa ungkara Haji Hasan Mustapa mah “sacangkang saeusi”, henteu “parebut cangkang pangeusi”.
***
ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.
0 Komentar