Ilustrasi: "Head of A Guilottined Man" kenging Jean-Louis André Théodore Géricault (1818-1819) |
SIRAH
-
Éndah Dinda Jénura
Mun
sirah ngadadak jempling, lungkawing temen beurang jeung peuting. Di luar,
sirineu pulisi jeung ambulan unggal usik ngapélan detik. Menit jurat-jerit. Jam
bitu di saban gang. Paragat. Mangkaning ceuli urang apan geus lawas ragrag di
parapatan. Napel lebah lampu héjo. Lampu héjo nu siga laleur dina bugang. Bucat
bulacakan. Mun sirah ngadadak jempling tina kekecapan, kumaha ngayonan
sora-sora. Sora-sora nu ngajak mulang. Mulang.
AING ANJING
-
Arom Hidayat
"Aing,
anjing!" kitu nembus kana ceuli kénca jeung katuhu, bet tuluy silih
tangkeup jeroeun babatok sirah. Gumulung. Jadi binih. Atuh sirah ngajanggélék
pot. Tingpelentis. Tingkuliat sirung sihung. Aing jeung anjing. Horéng aya aing
jeroeun anjing. Boa kitu isarah jaman nu mangkak di saban tempat. Rungseb di
saban mangsa. Apan dua kecap éta mani layeut di mamana. Beurang peuting. Di
jalan, di terminal, di sakola, di kantor-kantor. Kasampak oléng pangantén di
mamana. Gancét di mamana. Di sasaha. Ieung, sirah taya bédana ti pot anu
rarengat diranggeum akar, uteuk diseuseup, sungut akar paheula-heula ngudag gulidag
dina jero dada. "Aiiing, anjiiing...." kalan-kalan manis kapirengna
bangun nu enya-enya masrahkeun aing kana anjing. Sari aing manis anjing. Manis
aing sari anjing. Siga hariring. Ih, geuning aing gé ngaringkuk dina jero
hariring. Ngajepat lebah nyaring. Nyerepet lebah tampiling. Ngabelesur lebah
jamparing. Ngageunggeuik lebah lamping. Ayun-ambing dina samping. Ngaringkel
lebah galing. Rarengat sapanjang garing. Aing nu salawasna babaung jeroeun
anjing.
DI HIJI TEMPAT
-
Ari Andriansyah
Ngajeblag
di saban pasampangan, "Kecap?" plang-plang hurung-hérang.
Tingalabring nu masrahkeun kekecapan tuluy nangkeup budak tipepereket. Rambisak nénjo setum
maju lalaunan ngagiles kecap nu nalangkarak luhureun aspal. Ngajeblag deui, di
saban lawang lembur. "Kalimah?" gapura-gapura agréng. Tingalabring
deui, ngudar kalimah laju tungkul nyium embun-embunan budak. Héab durukan
nampiling pipi nu bareueus, mireng seuneu ngagares nu tingarajleng jeung koma
jeung titikna. Ngajeblag kénéh waé, lebah panto imah, "Sajak?"
tulak-tulak rapang. Tingalabring deui, muragkeun sajak laju mangku budak. Sora
gilinding wadah runtah ngajauhan mawa nu marurag tina sela-sela tulang iga,
cenah mah baris digiling di hiji tempat nu nyamuni, hiji tempat anu hamo kasaba
ku sasaha.
UING UCING
"Hong!
Hong! Hong! Hong!" curuk uing bentik ka wétan kalér kulon kidul. Maluruh
nu nyumput lebah jungkrang beurang nyamuni lebah lamping peuting.
"Hooong!' weléh aya nu teu kapanggih lebah tonggong gunung, lahunan laut,
buuk hujan, beuheung leuweung, pinareup dayeuh. Gancang atuh, sakitu hirup geus burit, taluk? Sora angin ngaléléwé
nu rék méwék. Bongan saha ucing, gancang
siah bisi ucing salalawasna. Uing ucing sabot éléh cingciripit lebah gawir
pasir khuldi. "Hooong....!" ukur suwung jeung suwung kalah suwing
balas ditampiling angin. Uing ucing. Ucingna uing, uingna ucing. Uing
ucing-ucingan jeung aing.
NGANGON KEBON
-
Deri Hudaya
Aya
nu ngangon kebon nuturkeun lampah angin. Kebon-kebon titinggal karuhun. Rarémpo,
lalamur. Diabur kalah kasarung. Geus lapur sabubuhan sawah katut sarakit huma.
Kari kebon rangkebong nu lawas teu ngaremus hujan jeung panonpoé. Di saban
pangangonan ukur belegbeg peteng. Aya nu noyod ngangon kebon ti usum poék ka
usum mongkléng. Nyéréd kalér ngabedol kulon ngéwat wétan ngagusur kidul.
Reureuh saukur mireungeuh binih kecap jeung kalimah nu ditebar ratusan taun
katukang. Sugan kapireng usik pelentis sésélékét na gumuruh umpalan halimun.
"Suling aing tulang aing!" hariringna bari ngitung tulang sorangan nu
lalocotan balas metot kebon-kebon nu merod meuntasan genggerong jaman.
SORA TROTOAR
-
Dédén Abdul Aziz
Beurang peuting kitu-kitu kénéh
Wirid kelakson jeung kenalpot
Diri nu salawasna rungsing
Ngaji indit jeung balik
Menekung nalikung kota, ukur
Hotbah tihang lampu jeung rarambu
Diri nu salawasna susumbar
Ngumbar caang jeung ugeran
Beurang peuting kitu-kitu kénéh
Kowowong botol jeung borgol
Diri nu salawasna mabok
Notor kosong jeung gerewong
Ngajepat saampar kota, lir
Sajadah panjang panglumpatan
Diri nu beling deui, beling deui
Diberik gegendir éling
Beurang peuting kitu-kitu kénéh
Ngalungsar kénca jeung katuhueun
Diri nu hideung deui, hideung deui
Kalang ludeung jeung keueung
Nangkarak sapanjang kota, langit
Kari sasemplék eunteung mulek
Diri nu haseup deui, haseup deui
Masieup hanca raca manusa
TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda di sababaraha média lokal jeung nasional. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (Geger Sunten, 2013). Ari anu dina basa Indonesia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), jeung Tamasya Kota Pernia (2018). Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia nyaéta Tamasya Cikaracak (2017) jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis.
0 Komentar