"Harmony in Red (La Desserte) kénging Henri Matisse |
“MUN hiji mangsa manéh léwéh, éta pasti alatan Real Madrid éléh!”
Teu weléh kitu manéhna ari ngaheureuyan téh. Ti baheula, basa jaman gawé di kilang pengeboran. Heueuh, duka kumaha, ti leuleutik gé da geus jalingkak. Pangaresep teu parok jeung prahna budak awéwé: tataékan jeung méngbal. Kungsi tibeubeut tina tangkal jambu. Lumayan luhur. Nyeri tangtuna ogé. Tapi enya, da harita gé teu léwéh. Ngabetem baé bari pupuringisan. Sakitu Embu mah garo singsat nyeuseulan.
Ti dinya mémang sok rajeun mikir, naha enya ari awéwé jalingkak tara léwéh? Padahal ari ngarasa sedih mah remen, da sarua jelema.
Lulus SMA, tuluy kuliah nyokot jurusan téknik pertambangan. Babaturan ampir kabéh lalaki wungkul. Awéwéna beunang diitung ku ramo. Geus lulus kuliah meunang gawé di kilang minyak tengah sagara. Kitu baé anclang-anclangan, pundah-pindah, ti laut hiji ka laut séjénna. Malah sakapeung meuntas samudera. Pet baé ka lembur pamatuhan mah poho. Balas kadalon-dalon nganteur karesep. Jeung Embu cukup ku teteleponan. Sono? Tangtu baé, da ka kolot. Ngan da tara nepi ka ingsreuk-ingsreukan.
Nya di laut Jawa munggaran tepung jeung manéhna. Ka dituna teu weléh babarengan, da pada-pada ngadunungan ka korporasi anu sarua. Geus teu asa-asa deui. Mun pareng keur paduduaan di kafétaria, manéhna sok ngaheureuyan, “Mun hiji mangsa manéh léwéh, éta pasti alatan Real Madrid éléh!”
Tibang nyéréngéh baé. Manéhna ogé apan nyaho, jajauheun teuing kuring nepi ka léwéh alatan lalajo méngbal. Mun silih poyok mah enya resep.
“Alus pisan, lah, éta cokor si Messi. Bisa dipaké jang ngaganti bor nomer opat!” pok téh basa skor jejeg opat kosong.
Manéhna nyakakak. Kuring ngadelék bari ngagebug.
Tibang kitu.
Mun manéhna nyarita kitu, kuring gé surti naon maksudna. Enya, meureun lantaran pasipatan kuring mah jiga lalaki, teu babarian—najan ari kaasup jalma pangger mah asa teu rumasa. Da aya waktuna kuring ogé ngeclakkeun cimata. Wajar, batu gé lain apanan? Ngan enya, ari pareng keur nyorangan, sok rajeun nginget-nginget, iraha panungtung kuring léwéh? Teuing, poho deui. Keur budak wé meureun. Atawa basa Bapa tilar dunya.
Atuh mun sakalina meunang cuti rada lila, tuluy balik ka imah, kolot mah sok datang ka rawah-riwih mapagkeun. Carinakdak tur dareuda. Ari anu dipapagkeunana ukur samet cecengiran bari semu rampang-reumpeung.
“Enggeus atuh, Hani, ulah anu nyiar-nyiar picilakaeun gawé téh. Kolot mah risi. Sakitu pangawakan awéwé,” pokna, sabada dina tipi ramé warta ngeunaan musibah kilang anu kahuruan di laut Meksiko.
“Ah, Embu mah. Ieu gé apan teu ku nanaon.”
“Ayeuna. Duka engké mah.”
“Lebar, Mbu. Pan artosna seueur. Héhéh ....”
Da jeung enyana, tina ladang gawé di kilang minyak téh kuring bisa nyakolakeun Arti, adi hiji-hijina. Bisa dipaké ngamodal toko grosir ongkoh. Urusan cilaka, atawa pati? Ah, takdir mah da tara ieuh pipilih. Gumantung urangna ongkoh, naha ati-ati atawa henteu. Perusahaan ngajalankeun kilang di tengah sagara gé apan aya prosédurna, kaasup anu patalina jeung kasalametan karyawan.
Ari keur nyalsé poé Saptu atawa Minggu, salian ti ngecemel hapé, hiburan téh lalajo bola di kafétaria. Tug ka reuteum ngagembrong tipi, babakuna mun nu maén Liga Inggris. Tapi ari nu resep La Liga mah teu réa. Di antarana nya kuring jeung manéhna. Teu weléh kitu pokna téh, sabot duaan diuk ngaréndéng, nyanghareupan tipi anu gambarna remen runyem alatan gangguan cuaca, “Mun hiji mangsa manéh léwéh, éta pasti alatan Real Madrid éléh!”
Tapi henteu, kuring mah teu kungsi léwéh. Osok sotéh rada carinakdak (duka ku naon, teu kaharti) mun kabeneran keur diuk luhureun rig, salila-lila lalajo éndahna dadamelan Pangéran wanci sareupna: udat-udat layung na tungtung laut, sagara anu konéng boborélakan, jeung paul langit anu kahéab panonpoé surup.
Manéhna sok haat maturan. Hideng nyodorkeun kopi. Piligenti saregot éwang.
**
ENYA, kuring mah teu kungsi léwéh, kaasup basa aya hujan angin badag, tug ka ngaburusutkeun pirang-pirang pipah minyak. Meunang sakedapan mah rig ngariyeg bangun nu rék rugrug. Mutuh teu bisa kukumaha. Ngajleng ka laut gé sidik cai keur ngamuk.
Pasrah, ukur babacaan sabisa-bisa. Tulang walikat karasa linu, balas tigubrag kana tangga. Untungna bor mah can nobros pisan ka handap. Teu lila, cuaca leler. Geuwat baé évakuasi maké parahu karét.
Aya opat urang cenah anu tatu parna, katinggang pipah. Kaasup rada saleuheung sakitu mah, taya nu nepi ka tiwasna.
Di darmaga, manéhna tuluy ngarampa walikat.
“Nyeri?”
Unggeuk.
“Tatu teu?”
“Duka.”
“Teu nanaon urang ningali?”
“Kop baé.”
Kerah baju ditarik ka tukang.
“Geuneuk wungkul.”
“Manéh mani perhatian pisan,” seuri.
“Ari kitu?”
“Lain ari panasaran hayang ningali tali kutang mah?”
“Tipeu lalaki manéh kawas kumaha?”
“Teuing, euy.” Gagaro sirah.
“Tapi rido tali kutang manéh katingali?”
“Asa teu nyarambung ngobrol téh.
“Kawin atuh yu!”
**
NU pangingetna, basa peutingna tas dirapalan. Manéhna deui-deui nyarita kitu, bari ngarungrum luhureun kasur.
“Mun hiji mangsa manéh léwéh, éta pasti alatan Real Madrid éléh.”
“Moal, éléh gé urang mah moal léwéh,” pok téh, bari tuluy ngagemol biwirna.
Duka meunang ideu ti mana, peuting harita panganténan téh kompak maké kostim bola; manéhna maké baju Messi, ari kuring maké baju Iker Casillas.
Eureun baé ti dinya mah gawé di kilang téh. Tapi manéhna teu nepi ka ngalaman nganggur lila. Kari kuring cunggelik sorangan di imah. Asa kaluman nakeranan. Tapi Embu mah wuwuh bungah kacida. Bungah ku hiji, ku dua.
Ladang tina nabung bisa dipaké meuli imah di sisi kota. Pakaranganana kawilang lega. Di dinya manéhna hayang nyieun lapang futsal, leutik-leutik waé mah.
“Geus aya ngaranna,” pokna.
“Naon?”
“Stadion Santiago Berdebu.”
Kuring ngagebug tonggongna. Kaciri di jalan kekebul ngarapung, kaanginkeun ku mobil treuk anu lalar liwat. Bubuhan di hareup aya komplék keur dibangun.
Henteu, salila rumah tangga jeung manéhna, kuring teu kungsi léwéh. Malah bagja nu aya. Bagja lebah silih poyokna lamun keur lalajo el clasico dina tipi. Bagja lebah kuring “el clasico” jeung manéhna bari mamaké kostim bola—najan can kaparengkeun ngawujud turunan.
“Mun geus boga bekel kandel, urang lalajo langsung ka Madrid atawa ka Katalunya,” pokna dina hiji peuting.
**
NAHA enya ari awéwé jalingkak tara léwéh? Ah, tétéla henteu. Da geuningan kuring ogé kungsi kudu ngalaman léwéh. Harita. Jeung wajar asana. Tapi da ceuk sasaha ogé kuring mah kaasup awéwé pangger. Henteu, teu nepi ka auk-aukan. Mana komo tug ka kaleleban teu inget di bumi alam mah. Nguluwut? Nya geus tangtu. Tapi asana cukup ku disidem, ngabetem bari tungkul.
Mun ayeuna kuring anclang-anclangan deui ka tengah laut, lain ku sual duit-duit teuing. Atuh Embu ogé teu weléh ninitah balik, deuih. Jeung angger Embu mah nitah balik téh ku alesan anu éta-éta kénéh: risi, bisi cilaka. Tapi da ari takdir atawa tariking nasib mah apan tara ieuh pipilih. Geus kasaksian ku sorangan. Atuh kuring ogé anu geus taun-taun gawé di kilang minyak nepi ka ayeuna angger beleger. Angger anclang-anclangan. Tug ka remen bulak-balik ka Amerika jeung Eropa.
Nya kitu antukna mah, kajongjonan kawas baheula. Lain teu inget ka kolot. Da apan sakalieun keur sono ogé sok tuluy nelepon. Atuh lamun meunang cuti panjang sok dipaké mulang. Ngan duka kumaha, asa teu betah lila-lila cicing di imah. Sok tuluy barungsinangan ari ras ka manéhna. Naha di kilang minyak kuring tara tibelat? Henteu ogé. Angger sarua, sok tuluy rus-ras. Tapi duka kumaha, di dinya mah asa manggih katingtriman. Utamana lamun keur lalajo La Liga di kafétaria (teu paduli éléh atawa meunang), atawa keur diuk sorangan dina rig, bari nyawang udat-udat layung na tungtung laut, sagara anu konéng boborélakan, jeung paul langit anu kahéab panonpoé surup.
Nya dina kaayaan kitu, pangpangna lamun Embu tas ninitah balik, sakapeung kuring sok tumanya: naha nu mana ari pangbalikan kuring anu saenyana. Naha imah, atawa rig kilang minyak?
Henteu, teu nepi ka léwéh, najan teu weléh dédéngéeun kénéh ku ungkara anu sok dipokkeun ku manéhna baheula, “Mun hiji mangsa manéh léwéh, éta pasti alatan Real Madrid éléh.”
Iwal harita, basa nangtung di tribun Stadion Nou Camp.
Ras inget kana panyileukanana, dua poé saméméh manéhna nilar. Kabeneran keur aya di Andorra. Meuli tikét beus hiji, léos ka Katalunya. Di stadion, réngsé lalajo el clasico, ukur samet ngagerencem sorangan, “Sayang, Barca meunang. Mugia baé ku manéh kalalajoan ti kalanggengan.”
Harita mah enya, inget ka manéhna anu geus taya di kieuna, bet asa teu kawawa ....***
LUGIENA DE, lahir di Bandung taun 1983. Barcelonista, kiper di cacandran.com. Nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Anu ditulisna samakbruk, ti mimiti carpon, artikel, puisi, nepi ka naskah drama. Kungsi meunang hadiah sastra LBSS taun 2005 jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk (2016) jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur (2020). Ngajar basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Cibugel, Sumedang. Matuh di Selaawi, Garut, bari ngokolakeun pamedalan Silantang di Bandung.
0 Komentar