Genténg-Genténg Ulah Potong - Tétti Hodijah


Ilustrasi: "Nature Morte" (1912) kenging André Derrain

WANCI ngahaeub ka peuting, tapi panon Aldi bangun hésé peureum. Paspor nu ti tadi dikeukeuweuk, sakali deui diilo. Bréh ngaran pamajikanana.  Annisa Solihati Ibrahim. Teu karuhan, leungeunna ngaleper, napasna ngahégak. Ingetanana ngalayang malikan lalakon sawatara taun ka tukang.

Ti barang pruk rarabi, Aldi jeung Annisa sapuk,  rék indit ibadah haji. Rék maké ONH Plus, kajeun kudu mayar ratusan juta, dapon bisa indit taun harita. Saminggu sanggeus dirapalan, langsung daptar. Ngahaja milih travel langganan, itung-itung mulangkeun panineungan. Utamana mah Aldi, hayang mondok deui di hotél nu baréto, basa masih kénéh lalagasan indit umroh. Harita manéhna  disakamarkeun jeung  Zaki, muthowif urang Madura.

Aldi ngarasa bagja naker sakamar jeung Zaki nu sakola di King Abdul Aziz University téh. Najan umurna sahandapeun, tapi boh sikep boh paripolahna éstuning pikayungyuneun. Keur kasép téh,  ka jamaah teu weléh santun. Kaweruh ngeunaan bagbagan agama, utamana nu patali jeung ibadah haji atawa umroh, bangun ngolotok. Geus puguh nyarita basa Arab mah,  lancar pisan, najan sakapeung témbrés logat Jawana, ngabeledug.

“Gimana rasanya jadi pemandu jamaah haji?” hiji waktu Aldi muka obrolan, basa  Zaki cikénéh nutupkeun kitab nu dibacana.

“Seneng banget, bisa ketemu banyak kalangan dari tanah air. Mulai jamaah  dari pelosok desa hingga pejabat dan ulama,” tembal Zaki bangun reueus.

“Apalagi kalo jamaahnya cantik-cantik,” Aldi ngaheureuyan. 

Zaki nyéréngéh. “Itu sih …, nomor satu,” ditungtungan ku nyakakak.

Aldi gé milu seuri.

“Kalo aku seneng sama cowok ganteng kaya Akang, nggak normal,” tambah Zaki deui.

Duanana ngehkey, Aldi mah seret ka cirambay.

Sanggeus leler seuri, Aldi nyarita, sorana laun. Sadar, kekecapanana bakal nyigeung haté batur ngobrolna. Tapi hayang ngobét jero-jerona, naha pantar muthowif digawé téh miharep pangasilan atawa murni niat ibadah?

“Keuntungan lain, banyak uang pastinya?Aldi mencrong Zaki.

“Lumayan, bisa buat biaya hidup dan bayar kuliah, bahkan bisa ngirim orang tua di kampung,”  paroman Zaki marahmay, teu sing aya riuk bangun nyeri haté.

“Satu pertanyaan lagi, tolong dijawab,” Aldi ngarénghap panjang.

“Siap.”

“Apakah boléh saya berdo’a minta jodoh wanita cantik, soléhah, dan kaya?”

“Siapa bilang nggak boléh? Memang kita dianjurkan memilih perempuan seperti itu.”

“Oh ya?” Aldi ngahéhéh.

Zaki unggeuk bari imut.

Isukna, salila towaf jeung sa’i, tipepereket Aldi ngadu’a, ménta jodo wanoja geulis, soléhah tur beunghar. Isukna deui, pagétona, saban tas solat, malah sok ngahajakeun di Multazam, leungeunna ranggah, ngadu’a éta-éta kénéh.  

Sanggeus balik deui ka lemah cai, kitu deui baé.  Éstuning taya deui nu minuhan haténa, iwal ti masalah jodo. Puguh wé, keur manéhna mah teu kudu mikiran eusi beuteung atawa masalah séjénna, hirup lubak-libuk, rajakaya sakitu ngaleuyana. Indung bapana maot ninggalkeun pausahaan jugala nu keur mangpeng nanjung.

Basa kakara sabulan dua bulan ditinggalkeun maot ku kolotna mah, Aldi masih kénéh bisa ngabangbrangkeun haté, sok pirajeunan ngobrol suka seuri jeung pagawéna, utamana jeung para ménéjer wanoja. Réa pagawéna nu geulis téa mah, tapi apan pasaratanana gé lain ukur rupa.

Jalan panjang ngabulungbung, wanci carangcang tihang, can réa kendaraan nu lalar liwat. Aldi anteng ngulinkeun setir. Ngahaja indit ka kantorna nyubuh, ambéh teu kapegat macét. Sajajalan ngadéngékeun lagu-lagu Siti Nurhaliza. Teu karuhan, Aldi ngimpleng keureutan pipamajikaneunana téh siga penyanyi Malaysia nu keur sohor ieu. Cék béja, ieu biduan Melayu nu geulis kawanti-wanti téh artis nu pangbeungharna.

Ari anjeun, Aldi, bet teu nalipak manéh, miharep awéwé nu lain babad lain tanding? Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, jogjog neureuy buah loa. Barina gé Siti Nurhaliza mah geus milik batur, ceuk gerentes haténa.

“Ari nyupiran téh sing balég, euy!” Sora lalaki ngagorowok dibarung sora klakson matak katorékan. Sabéngbatan karérét mobil élf lumpatna sataker kebek. Aldi ngarénjag, teu sadar sukuna nincak gas leuwih jero, setir dipangpéngkeun ka kénca, jedak neumbag trotoar. Satengah sadar, manéhna ngagoak satarikna.

*

“Sit…, Siti, Nurha …,” curuk Aldi nunjuk ka lebah mojang nu nangtung gigireunana.

“Abdi Annisa,” nu ditunjuk neuteup.  

Aldi ngusap beungeut. Rurat-rérét ka sakuriling rohangan, dikuribeng ku hordéng. Pigeulang leungeun kéncana karasa beurat, barang dijungjungkeun, horéng nanceb jarum infusan. Baruk aing aya di rumah sakit?

“Lho, kenapa saya ada di sini?” Aldi mencrong Annisa nu pakéanana sarwa bodas.

“Bapa tadi pingsan, terus ada yang ngantar ke sini,” Annisa ngawalon bari tanggah, ngilikan labu infusan.

“Siapa?”

“Kebetulan paman saya sendiri.”

“Kok bisa?”

“Ceritanya panjang. Bésok, kalo Bapa sudah pulih betul, saya cerita. Sekarang istirahat dulu, biar cepet sembuh. Assalamualaikum,” sora Annisa halon dituturkeun ku imut ngagalenyu. Teu lila manéhna ngoloyong kaluar, ninggalkeun Aldi nu masih kénéh hareugeueun.  

*

“Musibah mawa berkah,” gerendengna. Cacak harita teu ngalaman kacilakaan di jalan, can tangtu ngajodo jeung mojang rancunit nu budi basana santun, tur ngésto ka carogé.

Rarabi jeung nu pada-pada anak nunggal, mimitina mah Aldi rada humar-hemir, inggis Annisa égois. Atuh da kasebut wanoja masagi manéhna mah. Rupa teu meuli, geulis lain pupulasan. Uteukna éncér, ngaranna gé dokter. Kakayaanana lain caritakeuneun. Nurub cupu meureun pibasaeunana téh. Enya, apanan uing gé cék batur kasép. Basa masih kénéh kuliah gé réa awéwé nu kapéngpéongan, tapi taya saurang ogé nu mampuh meruhkeun haté. Enggak lével!

Cinta Aldi ka Annisa téh sasat cinta munggaran. Aldi kacida kagétna basa Annisa nyarita, yén pamanna nu nangenan mobil Aldi ngajoprak sisi jalan tuluy langsung nganteurkeun ka rumah sakit téh singhoréng Pa Zaénal. Enya, apanan Pa Zaénal téh dosén nu pangbageurna. Sikepna pikaconggaheun, mahasiswa téh siga dianggap  babaturan, remen pirajeunan ngajak ngobrol. Gepyak naker. Émbohna, teu pedit niley.  

Bagja ku dua ku tilu bisa mihukum Annisa téh, Aldi bacéo jero haténa. Kahiji, geus karuhan sakur kritéria kacumponan. Kaduana, Annisa téh rapékan, sagala daék jeung sagala bisa. Bébérés, popolah, tara ngandelkeun badéga, sok daék kaprak-keprek ku sorangan. Balik ti pagawéan sok ngahaja nyimpang ka supermarkét, datangna rébo mawa balanjaan, sayuran, bubuahan, jeung rupa-rupa kadaharan, kaasup kicimpring karesepna. Tara pirajeunan nyarita béak sabaraha balanja nu sakitu lobana téh,  bubuhan manéhna mah tara itungan. Ngaladénan jeung ngipayahan salaki tina panghasilanana téh bangun iklas.

“Hadeuh …,” Aldi gagaro sirah ditungtungan ku ngarahuh. Panonna ngilikan paspor dina cekelanana, potét pamajikanana diteuteup leleb, “Bener, teu salah pilih.

Duka nu kasabaraha kalina Aldi ngarahuh. Curuk nu dipaké nyasaran potrét pamajikanana ngadégdég, lalakon salila rumah tangga tingkolébat narémbongan.

Saprak usum sasalad, pamajikanana remen elat balik ti pagawéan. Mangsa lockdown, beurang peuting Aldi ngotok ngowo jero imah, wani ka luar ukur leuleumpangan atawa sesepédahan kukurilingan jero komplék. Ari pamajikan bisa laluasa indit ka pagawéan, bari teu ngitung waktu, alesanana pédah tanaga médis.

Ku kitu téh Aldi jadi mindeng timburuan. Lain sakali dua kali pamajikanana balik ti pagawéan disampakkeun budi baketut haseum. Beuki dieu pangadatan Aldi tambah parna, sok wani nyarékan pamajikanana, kekecapanana garihal. Hiji waktu, Annisa kabagéan jaga malam, nu kuduna balik isuk-isuk, ari harita jam sawelas karék datang. Basa kadéngé sora mobil asup ka garasi, buru-buru Aldi cengkat tina korsi hareupeun TV, nangtung ngabedega dina lawang.

“Wilujeng sumping, Bu Dokter,” pokna sinis.

Annisa imut, leungeun salakina diranggeum, tuluy diantelkeun kana biwirna.

“Teu perlu!” Aldi narik leungeunna, sorana teugeug.

“Akang …,” Annisa neuteup salakina, ngalengis.

“Angger ari geus balik sangeunahna téh!” gebrug panto ditutupkeun satarikna.

Annisa ngarénjag, awakna ngeleper. Lalaunan leungeunna muka panto, leumpang nyampeurkeun salakina ka kamar. Gék diuk gigireunana, pok nyarita antaré.

“Hapunten, Kang, sabada usum sasalad, Nisa sering elat wangsul. Kasebat dokter jaga di rohangan IGD, pasén taya towongna. Kantenan ka dieunakeun mah pasien nu lebet sering teu katampung. Teu katanagaan ku dokter sareng perawat nu jaga salajengna. Kapaksa Nisa  sok ngabantosan heula.”

“Kapaksa?”

“Muhun, kapaksa. Maksad téh, maksakeun. Éh, sanés kitu ….”

“Akang teu butuh alesan! Ayeuna mah kieu wé, rék milih salaki atawa pagawéan? Salaki mah puguh statusna, kepala rumah tangga, nu tanggung jawab dunya ahérat.”

“Kang …,” Annisa sideku, nyuuh kana tuur salakina. Aldi nangtung, ngajéngkat kaluar ti kamar. Annisa ukur bisa ngaheruk, golépak kana kasur. Cimatana murubut teu kaampeuh.

Basa sora adan magrib ngalanglaung, Annisa can kaluar ti kamar. Aldi kagét. Disampeurkeun ka kamar, katangen rarayna nu konéng umyang téh beureum euceuy. Lalaunan tarang Annisa diragap, panas.

"Nisa tir … tiris, Kang,” sorana laun pegat-pegat. Buru-buru Aldi muka simbut, tuluy dirungkupkeun kana awak pamajikanana.

Naha nyariosna kitu?” Aldi nanya, sorana alon.

“Eungap,” walon Annisa.

“Badé dilandongan di bumi, atanapi badé ka rumah sakit?” Aldi geumpeur.

“Ka rumah sakit wé.”

Harita kénéh Aldi rurusuhan ngasup-ngasupkeun pakéan Annisa kana koper, koloyong ka garasi. Blus koper kana bagasi.  Lumpat deui ka kamar, regeyeng pamajikanana dihudangkeun, disangkéh dibawa kana mobil. Geuleuyeung indit, ngajalankeun mobil satarikna. Inggis ku bisi rempan ku sugan, palias katerap panyakit jaman ayeuna.

Blus ka rohangan IGD, kabeneran aya tempat tidur nu kosong. Aldi ngajenghok. Enya, apanan basa manéhna kacilakaan gé ditempatkeun lebah dinya. Dokter jeung perawat rareuwaseun ningal Annisa bangun ripuh téh.   

“Tadi pagi Dokter Nisa baik-baik saja,” salah saurang perawat hariweusweus.

“Namanya juga penyakit, kadang datang tanpa diduga,” Dokter Riani neueulkeun stétoskop kana dada Annisa.

*

Aldi kekerot, bangun nahan amarah nu ngabebela. Kaduhung sagedé gunung. Nyana-nyana pikieueun mah, meureun pamajikanana téh dinangna-néngné. Teu nyangka, harita téh poé panungtung Annisa ngagolér di kamar ieu. Cumah paspor dikeukeuweuk, nu bogana geus taya dikieuna.

Jung Aldi nangtung, leumpang muru lomari pakéan pamajikanana. Blak pantona dibuka, ceg kana laci, maksudna rék nunda paspor. Karérét buku leutik, ipis. Panasaran dibuka, béréndélan aksara dibaca. Atra tulisan Annisa.

Allah Gusti Pangéran abdi, Anjeun Maha Uninga, ti barang gubrag ka dunya, abdi teu kantos ngarasakaeun ni’matna kanyaah Indung. Pun biang tilar sabada babar ku abdi. Saéna pun nini, ibuna pun bapa, masih jumeneng kalayan séhat. Abdi dirorok ku pun nini. Sabada abdi yuswa opat taun,  pun nini ngantunkeun. Salajengna abdi diageungkeun ku pun bapa nu tos kagungan bojo deui. Mangsa abdi yuswa tujuh taun, pun bapa gé dipundut ku Anjeun, teras abdi dirawatan ku pun paman, rai pun bapa nu bungsu.

Seueur nu nyebat abdi budak cicingeun, aya ogé nu nyarios kuuleun. Rupina balukar tina rumaos calik numpang di nu sanés. Padahal boh pun paman boh pun bibi, istrina, balageur ka abdi téh. Nanging abdi tara seueur pameredih, jajan sadipasihanana. Upami nampi bubudén kirang saé ti para putra pun paman, abdi teu weléh ngéléhan. Kabiasaan kitu téh kabantun ka sakola, ka kampus, abdi mah sok nebihan pipaséaeun. Karaos hikmahna, hirup seueur dulur, seueur nu nyaaheun.

Allah Gusti Nu Maha Welas Maha Asih, sagala puji kagungan Anjeun, abdi ayeuna parantos sawawa, parantos tiasa mandiri, gaduh padamelan, gaduh panghasilan, gaduh salaki. Teu kinten bagjana. Numutkeun wartos ti pun paman, pun bapa téh patani beunghar di lemburna. Lega sawah lega kebon, balong mah tos kantenan, seueur tur arageung. Éta kakayaan, salami abdi calik sareng pun paman, dikokolakeun ku anjeunna. Ayeuna, jalaran abdi tos rumah tangga, sadayana dipasrahkeun ka abdi. Karaos abotna. Ahirna sakur kakayaan titinggal pun bapa, ku abdi diwakafkeun.

Allah Gusti Nu Murbeng Alam, kalintang bagjana abdi dikersakeun gaduh carogé, sanaos teu acan diparengkeun gaduh turunan. Ngadu’a mah teras-terasan, nanging abdi sareng pun lanceuk nuju diajar sabar, ngantosan du’a dikobul. Nguping wartos di Mekah sareng Madinah aya tempat-tempat nu mustajab kanggo ngadu’a, abdi sareng pun lanceuk seja mios sasarengan nepangan Bumi Anjeun, badé manteng ngadu’a di ditu. Nanging parantos dua kali Rayagung, abdi sareng pun lanceuk teu tiasa mios, jalaran kapegat ku sasalad.

Allah Gusti Nu Maha Kawasa, ka dieunakeun abdi sering mendak kajantenan anéh. Sumuhun, anéh. Jalaran saumur hirup nembéan mendak kajantenan sapertos kieu. Aya jalmi nu kumawantun nyeukseukan, cariosanana sugal, garihal, sikepna kasar. Abdi teu tiasa kukumaha. Abdi teu weléh ngéléhan, sanés hartosna mati rasa. Da haté abdi téh sanés didamel tina beusi. Abdi kantos ngumaha ka pun paman sareng ka pun bibi, mamanawian aranjeunna kersa masihan bongbolongan. Saban abdi nyanggem ngadugikeun bangbaluh, aranjeunna sok sasauran, “Rumah tangga mah taya sakolana, diajar bari dilakonan. Sakumaha beuratna gé kudu daék wayahna, sangkan genténg-genténg ulah potong.”

Aldi ngagorowok satarikna, paspor jeung buku leutik dijejewét. Peureupna nonjok panto lomari, keuna kana kaca. Bubuk kaca bacacaran minuhan kamar, sawaréh racleng kana beungeutna. Beungeut raca nu baris ninggalkeun céda. Céda tapak talajak hirupna.***

                                                                   

                                                                             Cibiru, 20 Juli 2021 (10 Rayagung 1442 H)


TÉTTI HODIJAH, lahir di Tasikmalaya, 20 Juni 1960. Kungsi dines di SMP Negeri Cikalong Tasikmalaya (1983), di Museum Sri Baduga (1984-2014) jeung di Monumén Perjuangan Rakyat Jawa Barat (2014-2019). Mimiti nulis carpon taun 1980-an dina Manglé, tuluy dina Kujang, Galura, Giwangkara, Pikiran Rakyat, Suara Daérah, Bandung Pos, Mitra Désa, Mingguan Pelajar, Cupumanik, jrrd. Lian ti nulis fiksi, ogé nulis laporan, kolom jeung artikel. Bukuna nu geus medal di antarana Batik yang Cantik (1997), Pasaduan (2006), Sariak Layung (2016), Peuting Nu Éndah (2016) jeung Ulin ka Monumén (2017, dilélér hadiah Samsudi taun 2018).

Posting Komentar

0 Komentar