Langit nu Jauh Satukangeun Gerbang - Ghassan Kanafani

 

Ghassan Kanafani (1936-1972)


Panganteur ti Rédaksi:

Salah sahiji anu karasa kurang dina sastra Sunda téh nyaéta karya-karya tarjamahan tina sastra deungeun. Dina édisi ayeuna, Cacandran midangkeun carpon ti pangarang Palestina, Ghassan Kanafani. Tangtu aya sawatara alesan naon pangna bet midangkeun carpon ti pangarang Palestina. Anu kahiji, dina pajemuhan sastra Arab, mana komo dina sastra dunya, pangarang-pangarang Palestina téh teu pati kacatur, kasilep ku pangarang-pangarang Arab ti nagara séjén. Anu kaduana, hayang midangkeun gambaran dina karya sastra ngeunaan urang Palestina anu dikakaya ku urang Israel, mareng jeung peristiwa okupasi Israel di Yerusalem wétan ayeuna-ayeuna. Tangtuna ogé ieu carpon tarjamahan téh tangéh kénéh ka sampurna. Tapi nya mugia baé naon anu hayang ditepikeun ku pangarangna bisa kawakilkeun dina basa Sunda.


1

Saméméh nepi kana hambalan tangga pangtungtungna, reg manéhna eureun heula, laju ngarénghap jero. Lain, lain lantaran capé … ongkoh manéhna gé da teu ieuh ngarasa capé. Bieu ogé basa jrut turun tina mobil hareupeun hotél téh teu pira leungeunna ukur ngajingjing karanjang leutik. Atuh tangga anu ku manéhna keur ditaékan ogé deuih da teu ieuh panjang. Tapi tilu hambalan patungtungna deui-deui ngalééhkeun sukuna sarta meupeuh paniatanana.

Sakedapan manéhna ngan ukur wasa nyarandé kana dinding. Sot karanjang anu keur dicekel ditunda dina tangga, tuluy ngagerentes, “Balik deui waé kitu?” Ungkara pertanyaan anu karasa ahéng, tapi ku manéhna sorangan bet teu bisa disieuhkeun tina haténa. Teu weléh unggal usik asa ngajelengéng badis sora bél … “Balik deui waé kitu?” Dina kaayaan batinna keur campuh kitu, ras inget, dua taun kalarung manéhna ogé kungsi nangtung di dinya, bari sarua tumanya kitu ka dirina. Harita mah teu talangké manéhna balik deui kana mobil, léos indit harita kénéh ti Yerusalem. Naha ayeuna ogé leuwih hadé aing balik deui? Bari satengah dibetot, karanjang téh antukna dicokot deui, tuluy manéhna ngaléngkah bangun beurat nakeranan, lir nu hanjat tina jero leutak.

Moal! Ayeuna mah aing moal balik deui! Ngérakeun pisan, bet kawas hayam pacundang! Sapuluh taun campleng aing nananggung ieu momot kasedih. Nya ayeuna waktuna ku aing kudu dilubarkeun handapeun Gerbang Mandelbaum anu ngajungkiring ngahalangan tanah anu keur dijajah jeung sésa-sésa nagri aing.

Moal! Ayeuna mah aing moal balik deui! Nya ayeuna waktuna aing kudu wakca, sabada salila sapuluh taun aing haben-habenan ngawadul.

Basa indit ka Yerusalem dua taun kalarung, harita manéhna geus kayid rék nepungan indungna sarta rék bruk-brak nyarita satarabasna … tapi sabot nangtung dina tangga hotél, manéhna bet ngarasa hamo bisa ngabolékérkeun hiji béja bohong anu sakitu gedéna, anu sok dipokkeun ka indungna ngaliwatan radio: “Abdi sareng Dalal aya hibar, dupi Umi kumaha wartosna?” Salila sapuluh taun éta béja bohong téh tuluy-tuluyan diipuk ku manéhna, tug ka manéhna sorangan ngarasa geus leungiteun alesan pikeun bruk-brak nyaritakeun anu sabenerna. Nya ku alatan éta dua taun kalarung manéhna ukur samet ngarandeg lebah tangga. Geus kitu tuluy undur deui, léos balik deui kana mobil. Padahal tangtuna ogé harita téh indungna keur nganti-nganti lebah lawang, lieuk beuheung sosonggéteun, ngulincer nénéangan manéhna satengahing pagaliwotana jalma. Saenyana harita manéhna sorangan banget ngarasa kaduhung tur kasiksa ku petana anu kitu téh, tapi anu kasawang moal sabaraha nyerina ti batan kudu adu hareupan langsung jeung indungna di lebah gerbang, tuluy di dinya manéhna kudu bruk-brak nyaritakeun kanyataan anu sakitu pait peuheurna.

Golédag manéhna nangkarak dina kasur bari dianggelan ku dua dampal leungeunna. Peuting meungpeukan kota nu mimiti simpé. Geus taya deui nu nyésa basa manéhna ngaheneng di kamar, lian ti gerentes haténa sorangan: Isukan aing kudu indit ka gerbang Mandelbaum!

Geus kabayang, isukan téh indungna bakal ngagupayan, norojol nyampeurkeun, laju neueulkeun rambutna nu geus dawuk katut pameunteuna nu geus kolot kana dadana bari hujan cimata, sedengkeun manéhna ukur wasa ngadarégdég lir piit leutik anu keur nyanghareupan pati. Indungna bakal neueulkeun mastakana kana rangkulanana bari taya hiji gé ungkara basa anu mampuh ngunikeun kaasih anu geus lawas leungit. Naon anu sakirana kudu dipokkeun ku manéhna saupama engké anjeunna ngarangkul bari dumarégdég lir geter jajantung dina dadana? Kudu ti mana nya mimiti ngawahan carita?

Kulisik ka gigir. Kapireng keteg jajantungna mingkin rosa. Manéhna ngagerentes, enya, meureun kudu didadar ti awal mula, ti waktu manéhna miang ninggalkeun Jaffa pikeun nepungan hiji mojang di Acre anu geus ditunangankeun ku indungna ka manéhna. Hiji gé éstuning taya nu pangling, angger nyaréngcélak dina ingetanana: harita indungna nangtung dina tangga bari ngajurung ku du’a, ari bibina nangtung gigireunana bari curukna ngajurung sangkan manéhna ulah ringrang miang. Enya, bubuhan salila manéhna indit, nya bibina anu bakal ngurusanan indungna. Ti dinya mah manéhna tuluy nyepeng leungeun adina anu rék milu maturan indit—Dalal, budak geulis umur sapuluh taun, anu salila hirupna nya harita pisan ngalaman lunta jauh kadua lanceuk ninggalkeun imahna.

Tapi anu kajadian satuluyna éstu jauh tina wangwangan. Sabada miang ninggalkeun Jaffa, teu lila jalan tuluy ditutup tug ka manéhna jeung adina teu bisa mulang. Salila pajauh jeung indungna, manéhna banget ngarasa hariwang; lain hariwang ku indungna, tapi ku Dalal, adina pituin, anu sakitu dinangna-néngnéna ku indungna. Wantuning Dalal téh teu weléh jadi pangjurung sumanget keur indungna dina kaayaan geus tungkul ka padung, sarta Dalal ogé anu jadi hiji-hijina cicirén hirup kumelendang keur indungna, nalika saniskara anu aya di sabudeureunana ukur jadi cicirén sabalikna.

Ah, henteu penting kawasna bagian carita anu éta mah, pokna dina jero haté. Indungna mah meureun moal ieuh hayangeun apal. 

Manéhna ngulisik deui, bingung. Cahaya di jero kamar katémbong sepa lir beungeut jalma gering, sarta karanjang leutik anu disarandékeun kana témbok bet kasawang bangun nu hirup. Kumaha saupama wakca téh langsung baé ngabobok ti tungtung carita? Kumaha saupama langsung balaka, ngadadarkeun peristiwa basa pirang-pirang urang Yahudi ngajorag ka Acre katut naon kajadian anu karandapan satuluyna?

Harita manéhna keur aya di jero hiji rohangan basa seuneu naraka ngabebela di hareupeun beungeutna … manéhna jeung pirang-pirang jalma tuluy baruntak basa katémbong peteng nu kejem neureuy kota Acre. Kabéh pélor anu aya dina bedilna dibekaskeun, tug ka bedilna ukur teu bina ti iteuk anu taya gunana. Beretek lumpat ka jero kamar, gabrug nangkeup Dalal anu keur ceurik jeroning belegbegna kasieun anu ngarungkupan kota. Can gé leler, kadéngé panto kamar aya nu ngadobrak tuluy kadéngé senapan mesin ngabérébét ngutahkeun pélor lir nyebrotna cihujan. Jeroning mulekna haseup mesiu, lebah panto katingali aya opat lalaki ngajega. Getih ngaburial tina awak Dalal anu kekejet sakarat. Tipepereket ku manéhna ditangkeup, lir nu hayang namplokkeun haté jeung getihna sorangan kana awak adina, anu harita tibang neuteup bari ngerejep kawas nu hayang sapok-pokeun engab, tapi kacandet mantén ku ajal.

Naha harita aing ceurik? Lebeng, poho deui. Anu manéhna inget téh adina anu geus tiwas tuluy dirawu dipangku, dibawa ka jalan, miharep sugan aya pitulung tina cipanon jalma-jalma anu papaliwat, saolah-olah cimatana sorangan geus leungiteun sih piwelas. Manéhna sama sakali teu sadar basa jalma-jalma nampanan layon adina tina pangkonanana, tapi harita manéhna sadar yén basa adi awéwéna maot, basa awakna geus teu daya teu upaya deui, manéhna geus leungiteun sakabéh anu dipibanda—lemah caina, kulawargana, jeung harepanana, sarta saupama téa mah harita manéhna leungiteun nyawa ogé geus moal ieuh gedé hartina. Ti dinya manéhna tuluy indit sakaparan-paran muru pagunungan, ninggalkeun lemah caina, nyingkahan pecut takdir anu teu eureun ngungudag.

Saupama éta kabéh nu dicaritakeun, tanwandé bakal pungkas saniskara réka ungkara anu salila sapuluh taun diomongkeun ka indungna, sarta indungna ogé tangtu bakal apaleun yén saenyana Dalal geus taya dikieuna, sarta tétéla budak lalakina salila ieu geus ngabohong, haben malikan deui kalimah anu sama sakali taya hartina ngaliwatan kabel radio: “Abdi sareng Dalal aya hibar, dupi Umi kumaha wartosna?”

Koréjat manéhna nyampeurkeun jandéla, tuluy nyingraykeun hordéng hideung, sajongjonan neuteup ka jalan … aing kudu balaka, sangkan gancang leupas tina takdir mongkléng anu nalikung hirup aing. Manéhna kudu nyarita yén Dalal geus dikubur di dinya di deukeut gerbang, bari saurang gé taya nu haat nyekar ka makamna unggal poé Id, sarta indungna sorangan dua taun kalarung nangtung teu jauh ti kuburan anakna, tapi indungna hamo bisa ngajarahan.


2

Poé isukna, maranéhna tepung di handapeun hiji gerbang agréng. Basa Ali niténan ka sabudeureun, teu katingali jirim indungna, ukur bibina anu datang nepungan. Nempo waruga bibina méh baé manéhna kasamaran. Sanggeus yakin bener éta bibina, Ali tuluy méré isarah supaya pindah ka lebah anu ramé. Gok patepung, bibina tuluy nanya:

“Mana Dalal?”

Sabot Ali neuteup panon bibina anu leutik tur karampa panonna nyidem harepan anu ngagalura, dadak sakala katigin dina diri Ali lééh sapada harita, sarta tikorona ngadak-ngadak nyelek.

“Ari Umi mana?”

Silih teuteup deui. Karanjang dicokot ku Ali tina leungeun anu hijina deui bari geus rék sapok-pokeun nyarita, tapi tikorona lir nu kacandet ku hiji barang anu buleud kawas péso bingkeng. Leungeun bibina ngaragamang nyekelan peupeuteuyan Ali, kapireng sorana kacida dumareuda.

“Mana Dalal?”

“Dalal?”

Deui-deui sukuna asa napak asa henteu, asa rék sabrek-brekeun kapiuhan. Antukna Ali tuluy ngasongkeun karanjang ka bibina.

“Candak ieu karanjang kanggo Umi. Di lebetna aya kacang almond héjo ….

Teu kebat, kaburu kapegat ku cimata anu bedah tina panon bibina. Biwirna ngadégdég. Ali ngalieus miceun beungeut bari nutugkeun omonganana.

“... Kasedep Umi”

Sabot duanana tinghareneng pataket-taket lir kasimpé kuburan, Ali asa geus teu kawawa hayang lumpat satakerna. Ari bibina tibang ngucel-ngucel curuk kana jero tas anu tétéla dieusi baju Dalal. Rasa kingkin nepungkeun dua jirim, bibina tibang wakca ku cimata tan sora, bareng jeung kaluarna péso ngagurilap tina tikoro Ali. Sirah bibina anu tungkul dicengkatkeun ku Ali, pok nanya bari satékah polah neger-neger manéh.

“Kumaha dongéngna Bibi tiasa kaluar ti Jaffa?”

Aya nu hayang diomongkeun ku bibina, tapi bet teu wasa. Pirang-pirang ungkara ukur samet ngagelek minuhan tikorona, antukna ukur ngabetem, tuluy imut semu dipaksakeun. Bari ngadarégdég bibina nyekelan taktak Ali minangka tanda yén aya kénéh sésa-sésa kanyaah najan geus teu sampurna, sedengkeun Ali lalaunan nyawang langit nu jauh satukangeun Gerbang Mandelbaum.


Kuwait — 1958



Ghassan Kanafani, aktivis perjuangan Palestina, sastrawan Arab. Gumelar ka alam dunya tanggal 8 April 1936 di kota Acre, Palestina, anu ayeuna kaasup téritori nagara Israel. Bapana kungsi jadi pengacara. Taun 1948, kulawarga Ghassan kapaksa ngungsi ka Libanon jeung Suriah alatan peristiwa Nakba; agrési Israel pikeun ngusir 800.000 rahayat Arab-Palestina. Ghassan kungsi kuliah di Universitas Damaskus, Suriah. Ti dinya tuluy pindah ka Kuwait. Saterusna Ghassan pindah deui ka Libanon, bari mingpin Politbiro Popular Front for the Liberation of Palestine (PFLP). Karyana anu kasohor nyaéta novélét "Men in The Sun" (Rijaal fi as-Syamsi). Ghassan nemahan pati tanggal 8 Juli 1972, alatan bom anu dipasang dina mobilna ku agén Mossad (dinas intelijén Israel). Carpon "Langit nu Jauh Satukangeun Gerbang" ditarjamahkeun ku Lugiena De jeung E.D. Jenura tina "The Horizon Beyond the Gate" ("Al-Ufuq wara'a al-Bawwaba", tarjamah kana basa Inggris ku Annie Weaver, sumber carpon tina wéb jadaliyya.com).



Posting Komentar

0 Komentar