Ilustrasi: “The Harbinger of Autumn” (1922) kénging Paul Klee
Regeyeng domba nu geus ngajolopong téh diangkat ku duaan jeung Kang Usman. Mang Hamid rikat nalian suku domba kana tihang. Laju deker ngabesét domba jeung motongan dagingna. Kuring jeung Kang Usman cakah-cikih nampanan daging. Tuluy disiksikan sina ditimbang ku nu bagéanana. Ibu-ibu upres di dapur bari ngarobrol, sakapeung saleuseurian.
Keur jongjon nyiksikan daging jeung neukteukan tulang. “Kang, kopina …!” sora halimpu kadéngé gigireun. Dilieuk, manéhna imut bari tungkul semu éra. Sok neundeun kopi dua gelas.
“Nu … nuhun, Néng.” Na … sora téh bet maké semu ngageter sagala. Kutuk gendeng jero haté. Karérét Kang Usman nyenghél bari ngiceupan. Teu diladénan ieuh. Tungkul deui kana pagawéan. Bari pipikiran ngacacang ka nu bieu ngaléos deui ka dapur. Nu remen pagiling gisik dina impian, mindeng mapaésan implengan.
Wanci pecat sawed daging geus dibarungkusan. Sawaréh geus ditaékkeun kana mobil bak, bagikeuneun ka warga lembur nu rada jauh. Kaitung rempeg nu kurban téh, atuh sabaté pagawéan ogé nambahan. Buruan bumi Pa Haji geus pinuh ku masarakat nu dareukeut. Ngadon lalajo bari ngareupeul karcis, ngadagoan waktuna daging dibagikeun. Kang Usman ngitungan daging nu geus ditimbangan, bari tutuduh ka panitia nu séjén pikeun siap-siap ngabagikeun.
Panitia geus rada leuseuh. Untung teu lila kadéngé Bu Haji ngagéréwék, “Panitia sina taruang heula!” Kabéh ngarénghap bangun nu atoh. “Urang dapur, sok geura sadiakeun. Néng, akutan ka payun!” Bu Haji metakeun nu baranggawé. Tuluy ngalieuk bari ngagupay ka kuring, “Jang Ustad, ieu bantuan heula si Enéng ngunjalan sangu.” Deg, aya nu neumbag kana haté, lain embung dititah. Bingung meper haté nu ujug-ujug dulugdugdag ngadéngé ngaranna disebut. Ngoréléng heula ka balong gigireun dapur ngumbah leungeun. Papaliwat jeung Kang Usman, manéhna nyéréngéh deui.
Rumengkog rék asup ka dapur téh. Kadéngé trong-trang piring jeung pakakas dapur lianna, sorana bet sada ngawirahma mirig ketug jajantung nu beuki ngerepan. “Ieu sanguna, Jang!” asa kabétahkeun ku sora Bi Mumun nu keur namplokkeun sangu. Bari rampang-reumpeung geuwat nyokot boboko nu sanguna geus beunang ngakeul. Karérét ku juru panon, manéhna keur tonggoy ngelapan piring, bangun teu maliré aya kuring ka dinya. Barina gé atuh bet teu ngukur ka kujur. Maké aya sir ka kembang nu karék tamat sakola aliyah bari mondok ongkoh di pasantrén.
Sangu jeung deungeunna geus ngabarak. Panitia andekak naranggeuy alas tingcamuil. Puguh geus karasa lapar tas gawé. Kuring onaman rada caman-cémén. Lain teu lapar, ngan teu puguh rarasasan. Katambah teu kaur ku Kang Usman nu haben ngagideug-gideugkeun tuurna kana tuur sorangan. Kituna téh bari rundat-rindat ka kuring jeung ka nu keur nyician cai. Torojol Dén Pauzi, putra Bu Haji pangageungna, jeung réréncanganana.
“Naon siah, Sarcéng! Kulat-kelét ka si Enéng.” Ujug-ujug ngahaok ka si Acéng nu keur gumasép hayang katangar ku Néng mojang. “Rék sina kuliah si Enéng mah. Sina meunangkeun nu jeneng. Moal dibikeun ka modél manéh!” Jegoh … jegoh ..., Kang Usman kabesékan. Teuing rarasaan wungkul teuing saenyana, panon Dén Pauzi bet siga nu mureleng ka kuring. Sangu ngadadak jadi kasap, hésé diteureuyna. Ari si Acéng mah kalah cungar-cengir wé, teu diasupkeun kana haté bangunna téh. Néng mojang tungkul, undur asup deui ka dapur.
Rarasaan jadi guligah, kana gawé teu pati sumanget. Pabeubeurang, pagawéan geus réngsé. Gura-giru amitan ka Mang Hamid, pupuhu panitia. Nu séjén ogé nungtutan baralik. Leumpang pairing-iring jeung Kang Usman. Pabetem-betem asa euweuh piobroleun. Eukeur mah awak asa lalungsé. Kang Usman ogé katingalina sarua, bangun nu horéam cacarita.
Sapeupeuting guling gasahan, inget kana kajadian tadi beurang. Kacipta deui rindat Dén Pauzi siga nu hayang nandeskeun maksudna ka kuring. Da enya atuh, naon nu bisa dipaké angkeuhan dina diri. Hirup kadua indung dina kaayaan walurat, ditinggal bapa ti leuleutik. Sakapeung rajeun aya nu nyebut ustad ogé pédah sok ngajar alip-alipan ka barudak di masjid. Meureun ngahargaan ka urut santri kampung. Munasabah lamun Dén Pauzi katémbong teu resepeun ka kuring. Kadéngéeun meureun sakapeung sok aya ibu-ibu majlis ta’lim nu ngajangjaruhkeun kuring ka adina. Meureun ceuk pikirna, pacikrak ngalawan merak.
*
Ngajanteng hareupeun ieu imah, panineungan lima taun kalarung kumalangkang deui dina ingetan. Imah téh teu kaciri loba nu robah. Buruanana angger lalega. Ngan balong gigireunana geus disaeur ayeuna mah. Teu waka asup ka pakarangan, resep kénéh ngumbar ciciptan. Manéhna aya di jero, kitu? Gerentes haté miheulaan.
Suku ngaléngkah lalaunan. Ngararasakeun suasana baheula nu kungsi dalit dina kahirupan. Mangsa sok ilubiung jadi panitia kurban. Kacipta kénéh paroman Pa Haji jeung Bu Haji nu teu weléh soméah ka sasaha. Pa Haji nu kagungan pokal ngayakeun arisan kurban keur masarakat lembur. Nu ridoeun bumi sareng buruanana jadi tempat meuncit unggal taun. Kacipta kénéh béréhanana; boh kana duit, komo kana dahareun. Lamun teu ras, sabenerna mah teu hayang ingkah ti ieu lembur téh.
Can gé keketrok, panto hareup geus ngarekét muka. Lol keureutan nu geus teu matak bireuk. “Jang Ustad ieu téh?” pokna semu nu kagét. Paroman béar marahmay dibarung ku imut. Kuring unggeuk bari geuwat nyolongkrong sasalaman. “Gustiii ... lawas ti lawas! Ka mana waé Jang Ustad téh? Mani miceun ka Ibu. Na teu sono ka lembur?” saurna bari ngageubig-geubig awak. Ukur dijawab ku ngabéléhém, rumasa atah anjang. Bu Haji ngajak asup ka jero, bari celuk-celuk nyauran carogéna.
Sabot nungguan, panon rut-rét. Teup paneuteup eunteup kana pigura nu napel dina dinding. Seblak! Tangtungan wanoja maké toga nanangkeup map. Emh … geus réngsé kuliahna. Nya tangtu wé atuh. Di mana ayeuna nya? Boa enya geus jadi pamajikan nu jeneng.
Torojol Pa Haji. Sarua ngabagéakeun bari nganaha-naha tara nganjang. Da enya, ti saprak indit ti ieu lembur, can kungsi balik deui. Sasatna miceun manéh, hayang mopohokeun manéhna. Harita Kang Usman ngabéjaan, aya babaturanana urang luar kota nu butuh ku pagawé. Teu loba tatanya, tuluy dijugjug sakumaha panuduhan Kang Usman. Pagawéanana purah ngurus sapi. Dileukeunan wé, bari itung-itung mihapékeun manéh. Nincak sataun, Kang Kosim—nu boga sapi téa—beuki percayaeun. Malah jeung méré tempat sagala. Indung ogé antukna dibawa pindah, ngarah kuring teu marojéngja.
Ayeuna datang ka dieu gé lantaran dijurungkeun ku Kang Kosim, kudu nepungan calon konsumén nu rék meuli sapi keur kurban. Ti barang dibéré ngaran jeung alamatna geus mandeg mayong. Puguh haté can bisa mopohokeun sagemblengna.
Keur uplek ngobrol, ronghéap aya nu nyampeurkeun bari nanggeuy baki. Lenyap. Haté teu bisa kapalingan.
“Geus bérés kuliahna ayeuna mah. Keur ngadagoan jodo,” saur Pa Haji ditungtungan ku ngahahah. Bet siga nu ngajalanan. Nu digonjakna gé milu seuri bari rada tungkul. Katingalina teu éraan teuing ayeuna mah. Pédah geus sawawa meureun, béda jeung harita basa kakara tamat sakola aliyah.
Obrolan paheut. Pa Haji pesen sapi keur kurban, bari diémbohan papadon, “Bantuan engké dina waktuna,” cenah.
Méméh balik, nyimpang heula ka Kang Usman. Atoheun pisan dianjangan téh.
“Na mani tara nganjang? Abong geus suksés ayeuna mah,” pokna maido bari nepakan taktak.
Tuluyna mah uplek nyaritakeun pangalaman milu gawé ka Kang Kosim. Kuring nganuhunkeun pisan ka Kang Usman nu geus méré jalan.
“Di imah Pa Haji tadi panggih jeung Néng Hilya?” Kang Usman nyalénggorkeun obrolan.
Dijawab ku unggeuk.
“Can kawin da, Jang. Boa nungguan,” pokna deui ditungtungan ku ngahéhéh.
Kuring ukur tungkul. Kacipta deui tadi basa rék amitan. Néng Hilya milu imut. Milu nganteurkeun nepi buruan.
Balik-balik ampir kapeutingan di jalan. Teu langsung muru ka pangajrekan. Gancang nepungan heula Kang Kosim, rék laporan lalampahan poé ieu. Sabaraha hiji sapi nu dipesen, anteurkeunana ka mana waé. Kudu geuwat disiapkeun ti anggalna, ku sabab waktu beuki nyedek.
“Uruskeun wé ku Ujang sagala rupana. Kadé, ulah nguciwakeun konsumén. Ngarah manjang.”
Kuring unggeuk daria, seja ngéstokeun kana pancén jeung kapercayaanana.
Basa rék amitan, manéhna nyandet. “Urang dahar heula,” cenah, bari tuluy ngajak ka rohangan tengah. Maya, adina Kang Kosim nu bungsu, keur nyimpenan sangu jeung réncangna. Teu asa-asa, da mindeng dahar di imah Kang Kosim téh. Jeung Maya geus conggah deui, da puguh pagiling gisik unggal poé.
Sabot keur dahar, Kang Kosim ujug-ujug nanya, “Ari Ujang can hayang kawin?”
Kuring ukur mésem, kagok keur samutut. Kang Kosim tuluy eureun ngahuapna.
“Akang téh asa melang lamun Maya diamprokkeun ka lalaki nu can karuhan. Mangkaning awéwé hiji-hijina,” pokna deui, bari semu neuteup anteb.
Dak dumadak tikoro karasa nyelek. Geuwat ngarongkong gelas, leguk nginum, sieun kaburu kabesékan.***
Tarogong, 2019
AAM AMARULLAH, ibu rumah tangga, guru di M.Ts. Persis Tarogong, Garut. Mimiti ngalalanyahan ngarang basa Sunda taun 2012. Carpon-carponna dimuat dina Manglé jeung Tribun Jabar.
1 Komentar
Sae... Lajengkeun Bu!
BalasHapus