TEU ngahaja mulang ka lembur teh wanci haneut moyan. Bet
ngarandeg basa aya sora turaés ngoléar dina runggunuk dapuran haur, di lamping
lembur. Wanci soréna, ditéma ku sora tonggérét, dengér lebah tangkal kai. Rét
ka langit, béngras. Rék nincak halodo, gerentes téh. Tapi, naha hujan bet
angger ngayer ka peutingnakeun.
Horéng lain baé robahna usum
katut kapahungna turaés jeung tonggérét, dalah lemburna gé geus salin jinis.
Urang lembur réa nu miang ka kota. Sedeng lemburna sorangan kapan geus mindah
rupa jadi lahan urang kota. Manaboa di sawatara wewengkon mah turaés jeung tonggérét
kari waasna dina panineungan séwang-séwang.
Najan sistem prakiraan cuaca katut isu robahna iklim geus canggih, bawirasa turaés
jeung tonggérét tetep bisa maréngan rénghap manusa. Lian ti méré galagat pikeun
juru tani, tapi ogé jadi palasipah adaptasi sawirahma jeung alam. Kitu ogé mun
panceg mageuhan pamadegan dalit jeung alam.
Bagantina usum nu maneuh jeroning
sataun—boh ti halodo ka ngijih, boh ti ngijih ka halodo—, mangrupa tangara alam
pikeun tuduh manusa nu kudu disurahan enggoning ngalokonan hirup jeung huripna.
Cicirén yén manusa sagalarupana gumantung ka alam. Ngindung ka ususm, mibapa ka
mangsa.
Hal ieu nunjukkeun yén turaés
jeung tongggérét boga kalungguhan penting dina kahirupan urang Sunda. Mungguh
ngagantungkeun hirup tina ladang nyurahan galagat usum—ngaliwatan alam,
tutuwuhan, atawa sasatoan. Minangka kaarifan lokal nu kudu disurahan kalawan
jembar.
Tangtuna, barudak ayeuna mah moal
wanoheun kana turaés jeung tonggérét. Malah ngadéngé sorana gé hamo arapaleun. Sakalieun
aya kawih Tonggérét dina galindeng
Rika Rafika gé, weléh teu ngarti kana rumpakana. Kalah unggut-unggutan kana
musikna. Malah leuwihna, kapan geus kasilih ku lagu barat kameumeutna.
Reureundeukan dina wirahma ahéng.
Dingaranan turaés jeung tonggérét
téh luyu jeung sora nu dikaluarkeunna (Onomatope). Di Jawa disebutna gerengpung atawa uir-uir. Demi wujudna réa nu nyebutkeun sarua éta-éta kénéh.
Padahal, boh turaés boh tonggérét—najan sajenis tina golongan sato Insékta/Cicadidae—boga ciri jeung kabiasaan nu
béda. Nurutkeun paraahli, leuwih ti 2.500 spésiés Cicadidae hirup di dunya, habitatna réréana di daérah tropis (D.S.
Setijati, Khazanah Flora dan Fauna
Nusantara, 1992).
Morfologi awak turaés dibagi
tilu: hulu, dada (thorax), jeung
beuteung (abdomen). Sakabéh awakna
ditutupan ku eksoskeleton (rangka
luar) nu teuas tur dilapis kitin.
Warna awak hideung semu coklat, ukuranna rada badag ti tonggérét, jangjang
transparan (lebah sisi jeung gurat-gurat tengahna), tur miboga tilu mata fasét/ocelli (aya di antara dua mata jeung
jangjang).
Biasana sok kadéngé dina rungkun
awi bari ngeleperkeun jangjangna. Tina keleper jangjang nimbulkeun sora tarik
ngoléar semu ngéngkréng. Nya dina waktu éta turaés begér tur kawin, bikangna laju
nyimpen larva/endog dina tatu tangkal
awi wanci mungkas halodo. Nincak ngijih, endogna megar jadi cangkilung—ku
sawaréh sok dipasak pikeun deungeun sangu—, nu sok ngagorogotan jero tangkal
awi (Deni Suwarja, Cupumanik, 2011).
Sedeng tonggérét (magicicada septendecim) bagian-bagian morfologi
awakna méh sarua jeung turaés, ngan ukuranna leuwih leutik. Warna awak héjo
ngora tur panjangna antara 25-40 mm. Daur hirup/métamorfosisna kaitung lila, 8-17
taun. Dina mangsana begér, ngan tonggérét jalu nu bisa ngaluarkeun sora. Sora
asalna tina sapasang kendang nu mangrupa kulit teuas handapaeun beuteung,
gumeter kalawan bantuan otot nu kuat tur inténsitasna béda-béda.
Sarua jeung turaés, fungsi sorana
pikeun narik birahi bikangna, tur lumangsungna sora téh ngan 3-6 poé baé. Tonggérét
nu sorana pangbedasna disebut tonggérét banén. Kahakananana nyaéta nyeuseup geutah
tatangkalan. Da puguh cicingna dina tangkal kai. Larva tonggérét megarna kira-kira 6 minggu. Usum ngijih larva ngajadi kuuk nu sok ngagalaksak akar
tatangkalan. Nepi ka tatangkalan paraéh. Laju kuuk bakal ngajadi nimfa dina munggaran usum halodo, ka luar
tina taneuh bari ngaleupaskeun kulitna. Medar jangjang, hiber jadi tonggérét
déwasa. Kitu jeung kitu saterusna.
Tah, biasana urang lembur mun
geus ngadéngé sora turaés atawa tonggérét téh sok ngabring nuar awi atawa kai.
Nya usum halodo tatangkalan hadé dialana. Lantaran cai dina tatangkalan geus
tuhur, engkéna hadé pikeun bahan wangunan. Sabalikna, mun ngalana dina usum
ngijih, bakal téréh koropok, moal lila kapakéna.Kari
Hariring
TAPI, naha kiwari manusa masih kénéh misobat alam, kaasup dalit
jeung turaés katut tonggérét? Atawa boga tanggung jawab pikeun ngaraksa-ngariksa
lingkunganna? Galagat usum nu geus teu tangtu, munculna rupaning kajadian alam
(kaasup cuaca ekstrim), murbana ‘pemanasan
global’ (global warming), mahabuna
wabah panyakit, poharana alih fungsi lahan, sarta geunjleungna isu paceklik (rawan pangan), saniskara tangara yén
manusa geus teu miduli alamna.
Turaés jeung tonggérét geus teu
bisa dipaké tangara pancaroba. Usum teu puguh datangna. Iklim jeung cuaca terus
robah. Alam bangun nu murka. Pamustunganna, lahan ruksak, cai béak, tur pangeusina
balangsak. Wuri-wuri ngahontal pangwangunan dinamis, kalah katalanjuran nyorang
lingkungan kritis. Wuwuh lahan produktif pertanian réa nu kacontang.
Angot kahirupan manusa kapan geus
ti heula mancaroba. Réa nu geus ninggalkeun kaarifan lokal budayana, ngeukeuhan
budaya deungeun nu dianggapna leuwih luhung. Antukna, unggal sélér ieu bangsa
teu boga indéntitas. Jati kasilih ku junti. Lir turaés jeung tonggérét nu
ngageterkeun jangjang nganti-nganti dawuh. Cicing antara ngijih jeung katiga,
ngajégang antara tradisi jeung budaya saru. Teu bisa ngejat antara kasarung
lebah jalan deungeun jeung hayang mulang ka asihing sarakan.
Sakumaha nu ditétélakeun ku Pujo
Suharso (Tanah, Petani, Politik Pedesaan,
2002), yén majuna moderenisasi ngagusur pola pikir masarakat tina tradisi tani
kana industri. Orokaya, tetekon katut kearifan
lokal gé nungtut leungit. Sedeng méntalna tacan siap pikeun ngayonan
parobahan nu disanghareupan.
Galagat usum nu terus robah kudu disurahan
kalawan jembar. Turaés jeung tonggérét sakuduna bisa marengan rénghap manusa
nyorang hambalan jeung tarahalna kahirupan. Pancaroba teu saukur dihartikeun
bagantina usum baé, tapi disurahan minangka tangara kudu pindahna paripolah
manusa sangkan nyaah tur teu ngalalaworakeun lingkunganna. Dibarengan ku ajén
budaya, atikan, sarta harmonisasi politik.
Basa ninggalkeun deui lembur
kapireng kénéh sorana. Enya, boa ka hareup mah sagalana bakal kari waasna. Deudeuh
turaés jeung tonggérét nu ngoléar mapag kala, bet satia ngawula tangara ku sapasang jangjang karancang. Mituhu
kapangger, geter nya mungkas keleper. Tapi ngijih teuing ku panjang, katiga
lawas teu nganjang. Cenah gé, tong dirérét, tong dirérét. Deudeuh ngaligincing
asihna kari hariring.
***
ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor. Ayeuna matuh di Tanjungsari.
1 Komentar
Waas. Hanjakal lain beuki dioméan alamna, malah dunya beuki dipaksa ngudag abad 21. Atuh nu sapantaran kuring mah mémang geus langka ningali turaés.
BalasHapus