Sunda dina Catetan Portugis (Bagéan 2) - Tatang Sumarsono

"Isles de la Sonde", peta jieunan Portugis dina abad ka-16, 
dicokot tina buku Suma Oriental karya Tome Pires. 


URANG Sunda sok mareulian sinabaff bodas (boh nu ukuranana rubak boh nu heureut), synhavas, pachauelezes, balachos, jeung otobalachos (tiluanana gé warnana bodas). Maranéhna gé sok mareulian kaén ti Keling, enrolados ukuran rubak, jeung ladrilho heureut anu dina jaman éta pada mikaresep. Maranéhna meulian eta barang téh jumlahna réa. Maranéhna gé meuli sabangsaning aakaran panchak, catechu, rupa-rupa bibinihan, bretangis, papakéan, turias, titicandles, jeung caydes dina jumlah réa ti Cambay. Éta rupaning barang téh digunakeun di Sunda, jeung dibeuli pikeun emas. Jambé, cai mawar, katut babarangan kawas kitu bisa dibeuli di Sunda.

Duit di Sunda

Pikeun pecahan laleutik, maranéhna ngagunakeun duit kontan ti Cina. Éta duit téh dipolongoan tengahna, saperti ceitis, tepi ka bisa ditiir dina jumlah ratusan. Sarébu tina ieu duit téh sarua jeung lima calai Malaka. Pikeun pecahan galedé, maranéhna ngagunakeun emas lokal citakan dalapan maté anu sarua ajénna jeung 300 calai (atawa salapan cruzado) atawa tumdaya (anu ajénna sarua jeung 15 dram).

Palabuan Sunda: Banten (Bantam)

Karajaan Sunda boga palabuan sababaraha hiji. Palabuan anu kahiji ngaranna Banten. Rupa-rupa jung balabuh ka ieu palabuan, lantaran Banten téh palabuan dagang. Aya kota anu kaitung agréng teu jauh ti walungan. Ieu kota téh dipingpin ku hiji kaptén, tokoh anu dianggap kacida pentingna. Ieu palabuan ngayakeun kagiatan dagang jeung Kapuloan Maladéwa katut wewengkon Fansur di Pulo Sumatera. Jigana waé kadudukan ieu palabuan téh kacida pentingna, di antara palabuan-palabuan séjénna. Walungan anu aya di éta wewengkon ahirna ngamuara ka laut. Di ieu wewengkon loba pisan béas, bahan kadaharan, sarta pedes.

Palabuan Pontang (Pomdag)

Palabuan kadua di wewengkon Karajaan Sunda ngaranna Pontang, pernahna palebah jajalaneun ka Japara, jeung leuwih leutik batan Bantam. Ieu palabuan miboga kota nu agréng. Jalma anu daragang jeung Bantam, sok daragang jeung Pontang deuih. Ieu palabuan téh pernahna di deukeut walungan anu ngamuara ka laut. Kawartakeun yen rupa-rupa jung sok daratang ka dinya. Di dinya loba béas, bahan kadaharan, jeung pedes.

Palabuan Cigedé (Cheguide)

Palabuan katilu, pernahna di palebah anu geus disebutkeun, ngaranna Cigedé. Di ieu palabuan aya kota anu agréng. Sakur tempat anu geus disebutkeun tiheula gé sok ngayakeun kagiatan perdagangan di ieu wewengkon, contona Pariaman, Andalas, Tulang Bawang, Sekampung, katut tempat-tempat séjénna. Rupa-rupa jung daratang ka ieu wewengkon. Di dinya aya hiji kaptén anu penting pisan. Ieu tempat ngahasilkeun béas, sayuran, pedes, jeung rupa-rupa bahan kadaharan séjénna.

Palabuan Tangerang (Tamgara)

Palabuan kaopat ngaranna Tangerang. Ieu palabuan sarua jeung palabuan-palabuan séjénna anu geus disebutkeun tiheula, boh kotana nu agréng boh perdaganganana. Aya hiji kaptén, jeung jadi tempat perdagangan. Kitu deui babarangan anu dihasilkeunana ogé teu béda jeung di tempat-tempat séjénna.

Palabuan Sunda Kalapa (Calapa)

Palabuan Sunda Kalapa téh beunang disebutkeun ahéng sarta anu paling penting di antara palabuan-palabuan séjénna. Nya di dinya kagiatan perdagangan [paling gedé dilaksanakeun, sarta loba anu daratangna ogé: ti Sumatera, Palémbang, Laue, Tanjungpura (Tamjompora), Malaka, Makasar, Jawa, Madura, jeung réa-réa deui]. Éta bangsa anu bieu ditataan téh ngayakeun perdagangan di palabuan séjén deuih. 

Lalampahan ka Sunda Kalapa téh méakkeun waktu dua poé ti Kota Dayo (Pakuan Pajajaran), tempat Sang Raja nganjrek. Nya ku sabab éta, palabuan Sunda Kalapa téh dianggap paling penting. Ieu palabuan ampir ngahiji jeung Nagri Jawa, ngan kahalangan ku Cimanuk wungkul. Lalampahan ti Cimanuk ka éta palabuan méakkeun waktu sapoé-sapeuting dina keur alus anginna. Komoditas dagang ti sakuliah karajaan nya ka palabuan éta dibawana.

Éta tempat dikokolakeun kalawan hadé, ku ayana hakim, peradilan, jeung juru tulis. Ditétélakeun yén (aturan) di éta kota geus (disusun) dina tulisan, (minangka contona) mun hiji jalma milampah A bakal ditibanan B jeung saterusna saluyu jeung hukum karajaan. Loba pisan jung anu daratang ka éta palabuan.

Palabuan Cimanuk (Chemano)

Palabuan Cimanuk téh anu kagenep. Ieu palabuan lain tempat anu merenah pikeun jung anu rék balabuh, sabab ukur aya tihang palabuan wungkul, kitu béja nu ditepikeun ku jalma-jalma, bari sawaréhna ngaenyakeun. Loba bangsa Moor anu matuh di dinya. Kapténna gandang. Ieu palabuan aya dina kakawasaan Raja Sunda. Wates karajaan nya di dinya ayana. Cimanuk ngalaksanakeun perdagangan kalawan hadé, da Jawa ogé dagangna di dinya. Ieu palabuan miboga kota nu gedé tur agréng.

Para kaptén jeung nu nyekel kakawasaan di palabuan téh jalma parenting. Maranéhanana dipikasérab ku penduduk nu matuh di wewengkonna. Maranéhna téh ahli moro anu kawentar. Maranéhna maékkeun waktu gegedéna pikeun sukan-sukan. Maranéhna miara kuda perang nu diurus kalawan hadé. Maranéhna salawasna jadi saingan urang Jawa. Kitu deui urang Jawa jadi saingan maranéhanana. Maranéhna percaya yén urang Sunda leuwih wanian batan urang Jawa. Maranéhna téh jalma haradé tur jalujur, ari urang Jawa mah goréng, sok hianat, jeung agul ku dirina lantaran jadi urang Jawa.

Urang Sunda jeung urang Jawa henteu nyobat, tapi henteu ari mumusuhan mah. Maranehanana mémérés urusan masing-masing. Maranéhanana dagang. Tapi mun maranéhanana panggih di laut bari keur jadi bajo, pihak nu leuwih siap anu biasana pangheulana narajang. Panarajang sok aya waé kajadianana, teu nolih hubungan sosobatan di antara maranéhna.

Karajaan Sunda henteu méré idin ka urang Moor pikeun asup ka wewengkonna, kajaba ukur sababaraha urang. Karajaan Sunda ngarasa rempan yén ku kalicikanana, urang Moor bakal milampah hal nu sarua kawas di Jawa. Urang Moor mémang teu miboga kakawasaan, ngan waé maranéhna téh licik anu ngalantarankeun maranéhna jadi bisa boga kakawasaan.

Bahasan ngeunaan Karajaan Sunda geus tutug. Urang ayeuna asup ka Karajaan Jawa, kuring rék nerangkeun sagala hal anu katiténan di éta karajaan. 

***


Bagéan saméméhna:

Sunda dina Catetan Portugis (Bagéan 1)





TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Novél barudakna, Si Paser, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novél Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah Rancagé taun 1994 jeung taun 2002.

Posting Komentar

0 Komentar