IKET/totopong mangrupa kabeungharan budaya
tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Lian ti iket, urang Sunda gé wanoh kana
rupaning tutup sirah, di antarana mahkuta, dudukuy, péci, kerepus, topi, jrrd.
Tapi nu lana tur dalit marengan ne pi ka kiwari—hususna nu masih kénéh kapanggih
di masarakat adat—, nyaéta iket. Nurutkeun Ralpl L. Beals jeung Harry Hoijer
dina bukuna An Introduction to Antropology, tutup sirah mangrupa
bagian tina kalengkepan papakéan hiji kelompok masarakat nu bahan jeung wandana
gedé pisan kapangaruhan ku lingkungan jeung budayana, nu mibanda fungsi
praktis, éstétis, jeung simbolis.
Fungsi praktis mangrupa alat pikeun
nutupan tina panas, hujan, jeung hal-hal séjénna nu matak nyilakakeun, sarta
bisa ogé dipaké pikeun buntel babawaan/kadaharan. Fungsi éstétis mangrupa
aksesoris (life style) nu tujuanna panglengkep pikeun nambahan gandang
ka nu makéna. Sedeng fungsi simbolis mangrupa ciri pikeun ngabédakeun idéntitas
dirina jeung selér séjén, sarta miboga ajén-inajén luhung winangun siloka hirup
nu kudu disurahan kalawan jembar, nu lain sakadar tutup sirah.
Bukti masarakat Sunda wanoh kana mahkuta,
kapanggih ayana mahkuta Binokasih titinggal Karajaan Pajajaran nu dipasrahkeun
ka Karajaan Sumedanglarang (kiwari jadi koléksi Museum Geusan Ulun, Sumedang).
Atuh di Tatar Jawa kapanggih di Magelang, Jawa Tengah, dina relief dingding
Candi Borobudur, kitu ogé iket kapanggih dina relief dingding
adegan Karmawibangga.
Sedeng di wewengkon Jabar, iket kapanggih
dina arca megalitik nu wangunna kawas sirah maké iket, di Cikapundung (kiwari
Kebon Binatang, Bandung). Iket ogé réa kapanggih di masarakat adat (Baduy,
Ciptagelar, Kampung Naga, jrrd), tug nepi ka masarakat kiwari gé teu saeutik nu
maraké iket.
Sanggeus Tatar Sunda kaeréh ku selér jeung bangsa deungeun, tutup sirah gé milu kapangaruhan. Contona, sanggeus kapangaruhan Islam, muncul tutup sirah kuluk nu wangunna jucung dihias motif pulas emas nu digunakeun ku sultan Banten jeung Cirebon, jeung sorban nu digunakeun ku ajengan jeung santri. Kitu ogé sanggeus kapangaruhan ku bangsa Eropa, muncul dudukuy jeung topi nu bahanna tina anyaman hoé, awi, kulit kai, kulit sato, bulu, nepi ka kaén.
Dina kahirupan masarakat bihari, papakéan—kaasup tutup sirah—golongan
ménak béda jeung cacah. Husus dina maké tutup sirah, boh ménak boh cacah geus
pada-pada lumrah diariket dina hirup kumbuhna sapopoé, ngan nu ngabédakeunna
nyaéta dina bahan, corak/motif, jeung rupa beulitan iket. Golongan
ménak ngagunakeun iket nu bahanna tina kaén batik kalawan motif nu tangtu,
nu nuduhkeun kaluhungan golongan ménak (feodalisme),
saperti motif réréng jeung gambir saketi. Hal ieu bisa kapanggih dina sempalan
carita pantun karya Rd. Sastranegara, salasaurang Patih Galuh, Ciamis, awal abad
20 (Mustika
pada Kepala dalam Aneka Rupa dan Makna, 1998/1999):
“Ari mungguh pamegetna,
panganggona ménak kuring, sinjang gincu sabuk jamblang, nyorén bedog tebéh
gigir, raksukan senting purikil, poléng atawa cit salur, nu pangalusna Madras,
sarta tara nganggo lapis, ari lain midang atawa angkat mah. Udeng wedal Sukapura,
batik hideung sawunggaling, mun soga gunawijaya, atawa gambir saketi, modang
beureum ngatumbiri, dasar konéng hurung ngempur, carécét poléng Banggala,
nganggé ambar tinggarawing, digamparan lilingga tanduk bubutan.”
Sedeng golongan cacah
umumna ngagunakeun kaén batik kasar/batik sisian jeung kaén polos hideung/iket
wulung. Hal ieu bisa kapanggih dina sempalan carita pantun “Panggung Karaton”,
nu ditulis dina abad 16 M:
“Cawet puril nu purikil,
disinjang kotok nonggéng, totopong bong, totopong bong, lancingan lepas, baju
békék, totopong batik manyingnyong.”
Tina sempalan carita pantun
di luhur, bisa dicindekkeun yén golongan ménak umumna diiket rupa beulitan
“udeng” (kawas bendo), sedeng cacah diiket rupa beulitan “totopong”.
Hartining
Iket
MUN dijujut tina harti
kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan, sauyunan
dina hiji pakumbuhan. Silokana nyéré/harupat mun sagagang mah teu bisa
nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun
rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal beurat
nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan
nu datang ti luar jeung jero dirina mangrupa objék nu kudu sayaga pikeun
disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing
pegeuh kancing, saringset pageuh iket.
Lian ti éta, iket ogé
mangrupa siloka jengléngan pangajén nu luhur pikeun “sirah” atawa “hulu” nu
kawilang vital fungsina dina kahirupan. Hal ieu bisa kapanggih dina rupa-rupa
sesebutan: hulu
wotan (hulu/sumber cai), hulu
balang (prajurit nu ngawal raja), panghulu (naib,
tukang ngawinkeun), nepi ka larapna dina babasan jeung paribasa: gedé
hulu (adigung/sombong), asa
dicoo sirah (ngarasa diheureuykeun), teu
puguh hulu buntutna (teu puguh urusanana/aturanana), nepi
ka nyanghulu ngalér (nepi ka maot), jrrd.
Béda jeung bangsa deungeun, bangsa urang mah dipahing pisan ngadegungkeun atawa neungeul sirah téh, kabeulit ku pamali kapan disebutna gé. Ciri yén sirah bagian awak nu ngawakilan wujud tur gemblengna pribadi manusa nu kawilang diajénanana.
Iket ngawengku tilu bagian nyaéta bahan,
corak/motif, jeung wangun iket. Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina
hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan ménak, contona
motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos—saperti wulung
di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero—atawa ukur aya motif batik sisina
wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan
cacah. Sedeng tina wangun iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru
tilu. Sabenerna ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep
atawa dikeureut tina wangun asal pasagi.
Tina dua
wangun ieu bisa kaguar ajén atawa palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun
hirup masagi jeung siloka opat kalima pancer atawa opat
pancer kalima diri urang. Pancer di dieu nuduhkeun opat madhab (kalér,
kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi dasar kahirupan (cai, angin, seuneu,
taneuh). Wangun pasagi gé kapanggih dina motif di tengah batik. Béda jeung
samping atawa taplak méja, wangun motif pasagi ieu mah salawasna teu nuturkeun
wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal).
Mun seug
iket ditilep jadi juru tilu, wangun motif pasagi ieu bakal lempeng (horizontal).
Ieu nudukeun kapancegan/kapengkuhan pamadegan hirup, teu luak-léok miyuni pucuk
awi. Sedeng wangun juru tilu nuduhkeun konsép tritangtu (ratu,
rama, resi). Tangtuna, ieu palsapah hirup téh kudu disurahan kalawan jembar,
sangkan ka dituna teu melengkung bekas nyalahan.
LIAN ti
bahan, corak/motif, jeung rupa beulitan, iket gé bisa dibédakeun nurutkeun
kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu maké iket lian ti dibédakeun
ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa beulitan iket.
Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket, di antarana barangbang semplak, parékos/paros (parékos/paros nangka, jéngkol, gedang, koncér/paitén, julang ngapak, lohén, ki parana, porténg, jrrd --kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur nu padamikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari jeung rékaan anyar nu ngahaja nyipta sorangan.
Tina rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket barangbang semplak (di Cirebon disebut iket mantokan urung ceplakan) ilahar dipaké jawara, kuda ngencar dipaké barudak ngora, parékos/poros (di Cirebon disebut iket duk liwet) dipaké ku kolot jeung budak dina kagiatan ritual, porténg dipaké ku barudak leutik jeung masarakat sapopoé mun rék digawé, udeng nu terus robah jadi bendo citak dipaké ku golongan ménak, jrrd.
Saukur Gaya
NU matak prihatin, arang langka séntra batik di Jabar nu mroduksi
iket. Lantaran iket pasaranna kurang pisan batan samping kebat upamana.
Katambah, saeutik patokoan nu nyadiakeun batik, antukna masarakat nu mikabutuh
iket ukur ngandelkeun tatalépa. Salila ieu iket réa diproduksi ku Pekalongan,
Solo, nu ngagunakeun téhnik produksi printing,
cap, jeung tulis. Padahal, lamun iket diproduksi luyu jeung poténsi motif batik
unggal daérah nu aya di Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun
kalawan hadé, tanwandé bakal jadi kabeungharan lokal jeung daya tarik pikeun
wisatawan.
Iket téh minangka warisan
budaya nu gedé ajénna, nu kudu disurahan ngaliwatan wujud simbolisna, teu ngan
saukur gaya bin gindingna baé. Kitu ogé urang Sundana sorangan, naha rék
ngagugulung cangkang atawa mentingkeun eusina. Bet jadi inget ka Dr. Ir. Thomas
NIX, panalungtik ti Walanada (Stedebouw
in Indonesia Rotterdam, 1949), cenah luluhur masarakat Indonesia, hususna
Pulo Jawa, geus ngawariskeun kearifan
lokal minangka unsur kahirupan nu mibanda fungsi sangkan bisa dalit
jeung lingkungan tur bisa adaptasi jeung lingkungan séjén.
Kapan kiwari mah iket téh
geus robah fungsina. Nu méméhna mangrupa tutup sirah nu dianggap luhung ajénna,
kiwari ukur dipaké aksesoris (life
syle) jeung némbongkeun idéntitas étnikna. Najan kitu, tetep kudu jadi
kareueus yén nyaah tur mikawanoh kabudayaan Sunda téh teu kudu sacara paksa,
tapi dimimitian ku perkara leutik ngaliwatan nguniangkeun deui kasadar daék
maké iket.
Kiwari nu ngarora gé geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohjerokeun jeung eusina, teu sawates ngagugulung cangkang. Salasahiji tarékahna ngaliwatan sanggar seni Sunda jeung dunya maya (website jeung blog Sunda) nu geus réa ngawanohkeun iket jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal éléh ginding jeung syal nu gambarna grup musik barat.
***
0 Komentar