HANJAKAL, angklung
meunang nyieun Daéng tekal-tekil téh taya nu ngahargaan. Dalah para koléhana di
sakola ogé bangun anu haré-haré—padahal harita angklung jieunan Daéng geus bisa
dipaké ngalagu “Blue Donau” karya komponis dunya, Johann Strauss, katut
lalaguan séjénna anu harita keur meujeuhna popilér. Najan kitu, Daéng teu putus
harepan. Angklung terus diajarkeun ka murid-muridna, biasana lain di sakola,
tapi mimindengna dina kagiatan latihan kapanduan.
Taun 1938, di
Bandung diayakeun padvinders rally ku alpukahna POP (Padvinders
Organisatie Pasundan, lembaga kapanduan di lingkungan Paguyuban Pasundan).
Daéng kapentés kudu mingpin rombongan pandu ti Kabupatén Kuningan.
Nya harita Daéng
mimiti ngawanohkeun angklung diatonis dina forum anu leuwih lega—sa-Jawa Barat,
tur disaksian ku para tokoh Sunda anu manggung dina dunya pergerakan, di
antarana Otto Iskandar di Nata, Ir. Djoeanda, Atik Soewardi, Otto Soebrata,
jeung Sanusi Hardjadinata. Tétéla pintonan angklung meunang pangbagéa anu
pohara—béda jeung anu kaalaman waktu diwanohkeun di tempat asalna.
Daéng asa beuki
kajurung laku jeung tambah sumanget enggoning ngangkat harkat angklung, sok
sanajan aya kahanjelu, nyaéta waktu mulang deui ka Kuningan, Pa Jaya tilar
dunya karék sawatara poé kaliwat.
Ti harita Daéng
beuki soson-soson nyieunan angklung, bari sama sakali taya udagan komersial,
malah nu sidik mah kudu ngamodal sorangan. Bélaan gajih tina jadi guru
didua-duakeun, anu tangtu nyontang kana waragad dapur. Tujuanana ukur hiji:
hayang nyebarkeun angklung ka sakola-sakola pikeun ngadeudeul pendidikan seni
musik. Ti mimiti nuar awi, motongan, tepi ka ngarautna éstu dipigawé ku
sorangan. Komo deui lebah nyetémkeun sora mah teu bisa dipasrahkeun ka batur,
da mémang di dinya koncina; naha angklung anu dijieun téh nyumponan sarat
waditra, atawa ukur pisuluheun parabkeuneun ka hawu.
Ari dibarung ku
leukeun mah, ahirna angklung jieunan Daéng bisa ditarima ku dunya pendidikan.
Mun dipatalikeun jeung pangajaran musik, angklung boga ciri anu disebut lima M
(mudah, murah, menarik, mendidik, jeung massal). Babari dina
ngagunakeunana, murah hargana, ngalantarankeun murid kataji tur sajeroning
diajar ngangklung téh maranéhna dilatih disiplin jeung gotong royong. Atuh anu
bisa miluanana ogé lain hiji-dua murid, tapi saeusi kelas, malah sasakola.
Dina jaman sanggeus
merdéka, waktu di Kuningan lumangsung Perundingan Linggarjati, taun 1946, musik
angklung dipagelarkeun pikeun ngahibur tamu nagara. Tétéla suksés tur meunang
sambutan anu hadé ti para delegasi. Nya harita Daéng ngalaman sasalaman jeung
Bung Karno, bari meunang pamuji duméh hasil karancagéanana kalandep ku tamu
nagara.
“Bung Daéng, geura
tatahar deui pikeun manggung di Jakarta,” ceuk ieu Presiden RI kahiji téh.
Enya waé, kurang
leuwih sabulan ti harita, Daéng jeung rombongan musik angklungna dibéré pancén
pikeun magelaran di Jakarta, dina acara paturay-tineung Laksamana Mountbatten,
Panglima Sekutu di Asia Tenggara. Tapi, lalampahan ti Kuningan ka Jakarta alam
harita mah loba pisan barébédanana, lantaran di jalan anu kaliliwatan, hususna
ti Cikampék tepi Karawang, remen aya pertempuran.
Lebah Kléndér, karéta
api anu ditumpakan ku rombongan Daéng digaradah ku tentara Walanda, bisi aya
anggota pasukan RI anu nyulusup ka Jakarta, anu harita geus dikawasa ku NICA.
Pakakas anu rék dipaké manggung diubrak-abrik tepi ka aya nu ruksak.
Sanggeus
penyerahan kedaulatan, suasana di nagara urang mimiti maju ka aman. Saterusna
Daéng pindah ka Bandung. Matuhna Daéng di Bandung téh sasat jadi cukang angklung
leuwih mekar. Musik angklung nyebar ka sakola-sakola. Lian ti éta, Daéng remen
dipénta magelaran
pikeun ngahormat tamu nagara. Geus puguhing ari di Gedong Pakuan mah, da pikeun
saterusna mah Daéng remen lar-sup ka Istana Negara gé. Musik angklung remen tandang
dina acara kanagaraan, di antarana Konferensi Asia Afrika, Pembukaan Colombo
Plan, jeung dina Pembukaan PON ka V di Stadion Siliwangi, Bandung. Lian ti éta,
Daéng remen meunang pancén jadi duta kasenian, nganclang ka mancanagara,
ngambah Eropa jeung Amerika—puguh deui ari di wewengkon Asia mah.
Sanggeus matuh di
Bandung, taun 1950-an, Daéng kungsi neruskeun sakola ka B-1 Jurusan Seni Suara
(kira-kira sarua jeung tingkat sarjana muda). Peunteunna aralus, rata-rata 8,3,
atuh skripsina ogé geus dijieun dina basa Walanda, judulna Een Poging tot
Rehabilitatie van de Angklung (Ngabéla Kahormatan Angklung). Tapi dina
babak ahir, Daéng teu dibéré diploma. Anéh puguh gé, cenah. Anu leuwih anéh
deui, najan teu boga diploma B-1, saterusna Daéng dipénta jadi dosén di B-2
Jurusan Seni Suara (sarua jeung tingkat sarjana). Teu ditedunan, sabab harita
Daéng tatan-tatan ka Australia pikeun tolab élmu.
Kurang leuwih 30
taun sanggeus angklung diropéa, Menteri Pendidikan dan Kebudayaan RI
ngaluarkeun SK No. 082/1968, anu eusina nandeskeun yén angklung diposisikeun
jadi alat pendidikan musik. Sataun ti kaluarna éta SK, Daéng dilélér béntang
kahormatan Satyalencana Kebudayaan ti Présidén RI.
Ti dinya mah angklung tambah mekar. Murid-murid Daéng (di antarana Sanu’i Edia, Udjo Ngalagena, Agam Ngadimin, Permadi, Moh. Hidayat, jeung Obby AR Wiramiharja) neruskeun tapak lacakna. Musik angklung henteu ngan sawates jadi bagian tina pendidikan, tapi deuih kakayaan budaya jeung pikeun daya tarik wisata—lain waé dianggap has Jawa Barat, tapi deuih Nusantara.
Basa keur jumenengna, Daéng kungsi ditempatkeun di Jawatan Kebudayaan, terus jadi penilik, mungkaskeunana jadi Direktur Kokar (ayeuna jadi SMKI), tepi ka pangsiunna taun 1964. Daéng tilar dunya bulan April 1984. Ninggalkeun tujuh budak: Aam, Téja, Émma, Iwan, Érna, Itin, jeung Utut. Aya di antarana anu jadi pelukis wedalan Seni Rupa ITB, nyaéta nu nomer lima, anu ayeuna katelah Érna Pirous.
Bagéan saméméhna:
0 Komentar