Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 3) - Ari Andriansyah

Setasion Bandung nu kakara dirénovasi taun 1930-an.


Minat masarakat kana KA nungtut ngurangan, alatan jalurna réa nu teu aktif deui. Pamustunganana, réa nu ganti tutumpakan kana kandaraan nu sarwa gancang jeung praktis. Jalur KA nu masih aktif gé kurang dioptimalkeun. Da puguh kualitas KA teu ditingkatkeun, ngandelkeun kénéh rénghap mesin nu geus ropoh. Kitu deui kurangna kasadaran dina katertiban panumpang. Ti taun ka taun kacilakaan terus undak, boh kacilakaan alatan tabrakan antar KA, boh réana panumpang nu ragrag tina hateup karéta.

Lamun téa mah éta sakabéh jalur KA dihirupkeun deui, tangtuna baris jadi salasahiji alternatif pikeun narékahan pasualan macétna patalimarga nu terus undak saban taunna. Pangpangna, dina nyanghareupan mudik Lebaran jeung libur sakola. Ogé pikeun nadah mudalna wisatawan lokal jeung mancanagara nu ngadon pelesiran ka Bandung.

Tapi deuih, kalah kumaha ogé éta rarancang téh baris neumbag pasualan sosial nu sakitu pajeujeutna. Rék dikumahakeun warga nu geus puluhan taun nyicingan tur bumén-bumén di lahan urut jalur KA? Sakitu poharana kapan imah nu dipermanénkeun luhureun erél téh. Ah, éta mah nyanggakeun wé ka nu palinter nu caralik di korsi gading. Nu di handap mah kari nganti-nganti dawuh, rék dikonéng rék dihideung. Rék diatur atawa digusur.

Kiwari hégak “Si Gombar” tinggal gerungna, “Si Kuik” tinggal kuikna. Nongtoréng dina ceuli si nini jeung si aki nu geus laput ku umur. Sinyal karéta lawas nu rék lunta ka manaboa, lasteu dina tamperan angen jeung kakangen. Lalampahan nu geus kasorang jeung jaman nu terus robah, isarah mangsa nu mindeng lapur teu kasurahan ku nu ngalakonanana. 

 

Salalar Jalur KA nu teu Aktif Deui

(1) Jalur KA Batavia (Jakarta)-Buitenzorg (Bogor)-Cianjur-Bandung

JALUR KA Batavia (Jakarta)-Buitenzorg (Bogor)-Cianjur-Bandung diwangun tanggal 10 April 1869, ku Staats Spoorwegen (SS). SS ngayakeun 2 kali perjalanan Batavia-Bandung bulak-balik, eureun di 27 setaison leutik, tur méakeun waktu 8.15 jam.

Dina pangwangunanna kaitung bangga. Lantaran, lian ti kudu nyieun sasak beusi tapi ogé kudu ngabobok Gunung Keneng di Désa Cibokor, Cianjur, pikeun dijadikeun torowongan. Ieu mangrupa torowongan mungaran di Jabar nu tutas diwangun taun 1882, panjangna 670 m di daérah nu luhurna kurang-leuwih 652 m, jasana Van Bechman (salasaurang Walanda nu boga Onderneming di Cianjur). Dingaranan torowongan Lampegan.

Kiwari, ieu jalur teu aktif deui alatan torowongan Lampegan remen longsor. Katambah, ayana jalur Bandung-Batavia liwat Cikampék, nu dibuka tanggal 29 Désémber 1900 tur diresmikeun tanggal 2 Méi 1906, nu méakeun waktu perjalanan leuwih gancang (2 jam 15 menit).



Nyambung ka:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 4)

Bagéan saméméhna:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2)



BIODATA ARI ANDRIANSYAH

Posting Komentar

0 Komentar