Sasak Cukanghaur di jalur KA Bandung-Kiaracondong- Banjaran-Soréang-Ciwidey. |
JALUR KA
Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari (12 km) diwangun tanggal 23
Pébruari 1918. Ieu jalur, lian ti
pikeun ngakut penumpang, tapi ogé pikeun ngakut hasil perkebunan (entéh jeung
karét) ti Jatinangor, nyaéta perkebunan bogana W.A. Baron Baud (Cultuur
Ondernemingen van Maatschapij Baud) nu ditaratas taun 1941, nu tanahna
ngebat ti mimiti IPDN kiwari nepi ka tutugan Gunung Manglayang.
Trayékna, ti setasion Rancaékék
ngalér-motong jalan mobil lebah Cipacing-asup ka cipacing-ngolong ka jalan
mobil lebah kampung Caringin-ngétan ngaréndéng jeung jalan mobil nepi ka
Cikuda-ngalér nyorang sasak Cikuda-terus ka Désa Cilélés-sup ka setasion
Tanjungsari, buntu di dinya. Geus kitu mah balik deui mapay jalan nu tadi.
Ari waktu panginditan dimimitian jam 5
subuh ti Tanjungsari-Jatinangor-Rancaékék, merlukeun waktu perjalanan 30 menit.
Saterusna, jam 6
isuk-isuk ti Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari, sarua merlukeun waktu 30 menit.
Kitu jeung kitu wé bulak-balik. Tengah
poé istirahat tur lasteuna jam 5 soré di Tanjungsari.
Kungsi rék diteruskeun ka Sumedang, tapi
moal pikadugaeun lebah Cadas Pangéran, kawantu cadasna teuas jeung jungkrangna
gurawés. Lain bantrak-bantrakkeun. Kitu ogé ti Rancaékék teu terus ka
Bandung, kudu ganti KA mun rék ka Bandung mah.
Ieu jalur
diburakna jaman Jepang (taun 40-an). Erélna dikakat. Sabagian dibawa ka Tokyo, sabagian deui
dibawa ka Banten Kidul dijieun deui jalur KA Saketi-Bayah, pikeun ngakut
batubara. Sanasib jeung jalur KA Bandung-Citeureup-Majalaya.
Nu masih kénéh ajég kari wangunan sasakna,
nyaéta sasak Cingcin di Désa Cikuda, Kac. Jatinangor, Kab. Sumedang. Ieu
sasak jangkungna 50 m,
paeunteung-eunteung jeung kampus UNPAD. Kiwari mah dipaké sasak pangliwatan ku masarakat jeung mahasiswa
nu kos-kosan di dinya. Sasakna nyambungkeun jalan antara Désa Cikuda jeung Désa
Cisaladah.
Kitu deui
halteu nu aya di Jatinangor kiwari jadi kantor Dinas Pendidikan. Sedeng
setasion Tanjungsari jadi kantor Pepabri, tapi ari tulisan ‘Stasiun
Tanjungsari’ mah masih ngagedat dina témbokna. Nu matak narik téh deuih,
deukeut éta setasion aya ngaran lembur nu ngaranna ‘SS’, ngindung tina Staats
Spoorwegen.
(3) Jalur KA
Bandung-Kiaracondong-Banjaran-Soréang-Ciwidey
JALUR KA
Bandung-Kiaracondong-Banjaran-Soréang-Ciwidey (40,396 km) diresmikeun tanggal
18 Maret 1921. Diwangun dua rintakan; mimiti jalur
Bandung-Kiacondong-Banjaran-Soréang taun 1918, laju taun 1921 diteruskeun jalur
Soréang-Ciwidey. Munggaran aktif taun
1923, dipaké narik hasil perkebunan (téh, kopi, kai) di Onderneming Gunung Patuha jeung
Rancabali, Ciwidey.
Trayékna ngaliwatan 17 setasion leutik,
setasion Bandung-Cikudapateuh-Ciabangkonglor-Kiaracondong-Karéés-Cibangkong-Buahbatu-Bojongsoang-Dayeuhkolot-Kulalét-Pameungpeuk-Cikupa-Banjaran-Cangkuang-Citaliktik-Soréang-Sadu-Cukanghaur-Cisondari-lasteu
di setasion Cimuncang, Ciwidey. Kitu jeung kitu bulak-baliik. Dina sapoé, 2 rit
perjalanan. Ngoprasikeun KA “Si Gombar” CC5001.
Tanggal 7 Juli
1972 ngalaman kacilakaan, waktu KA narik kai pineus di daérah Cukanghaur,
Kec.Pasirjambu. Antukna, ieu jalur resmi ditutup taun 1975. Kiwari, setasion
Cimuncang, Ciwidey tinggal gudang nu nungtutan rugrug. Tanpa diriksa atawa dimangpaatkeun
jadi fasilitas umum.
Tapi, di antara jalur KA nu teu aktif
deui, nya ieu jalur nu erél—najan sawaréh geus kakubur padumukan—jeung 8
sasakna masih kénéh tohaga. Réréana sasakna dipaké pameuntasan ku masarakat,
antarana sasak Sadu, Cisondari, Citawa, Rancagoong, Rancageulis, Andir, Kopéng,
jeung Pasirkaliki. Malah, sasak Sadu jeung Cisondari kungsi dipaké shooting film “Oeroeg” taun 1997
(adaptasi tina novel Oeroeg, 1948,
Hella S. Haase).
Nyambung ka:
Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 5)
Bagéan saméméhna:
Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1)
Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2)
Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 3)
0 Komentar