KU urang sabudeureun Pagerageung
mah kuring téh sok disarebut Mang Eman. Pituin urang Kacamatan Pagerageung. Ari
umur ayeuna ampir nincak 87 taun, da gubrag ka alam dunya téh taun 1934. Atuh
papantaran mah loba anu geus miheulaan disaur ka alam kalanggengan. Teu
kurang-kurang deuih babaturan anu tilar dunya basa jaman ririweuhan DI/TII, gugur
waktu keur berjoang mertahankeun lembur.
Ari ras ka dinya, sok muji ka
Gusti Nu Maha Suci. Bubuhan sorangan mah dikersakeun panjang umur. Padahal
kungsi aya mangsana, sanggeusna reup peuting ngarungkup, antara hirup jeung paéh
téh lir teteguhan. Haté teu weléh dikukuntit ku kasieun jeung kahariwang.
*
Awal taun 1950-an, duka taun 1952
duka taun 1953, geus mimiti aya pepeletékan kontak senjata antara pasukan DI
jeung tentara. Harita mah Pagerageung téh masih kénéh désa, can jadi kacamatan
kawas ayeuna. Ku lantaran remen diserang gorombolan, sakuriling lembur
Pagerageung dipager ku gedég awi tohaga. Awina guluntungan, sagedé-gedé bitis,
bari rékép nakeranan. Panjangna pager nepi ka tepung gelang deui téh aya kana 5
kilométerna. Ari jangkungna ampir 2 méter satengah. Lawang asup-kaluar ukur
dibéré dua; di tungtung wétan jeung di tungtung kulon, meneran pisan jalan gedé
anu ngembat meulah lembur Pagerageung.
Ku lantaran dipager gedég, nelah
baé lembur Pagerageung téh kandang jaga.
Taun 1954 asana harita téh, atawa
bisa jadi saméméhna. Kuring cicing jeung indung téh (da jeung Bapa tos
pipirakan) di lembur Cihalisan, lebah tutugan pasir Gowong pisan. Najan masih kénéh
aya dina wengkuan Désa Pagerageung, tapi Cihalisan mah kawilang nenggang ti lembur
Pagerageung. Dina hiji poé ka lembur datang tentara. Tuluy ngembarkeun, yén
sakur anu darumuk di lembur-lembur pasisian kudu pindah kabéh ka jero kandang
jaga. Atuh teu sirikna kerid peuti, parindah ka lembur Pagerageung. Imah-imah
dibongkaran, diakut ka jero kandang jaga. Tuluy di dinya kuriak deui
nangtungkeun wawangunan. Kuring gé sarua, jeung indung nyieun deui sasaungan,
nyéwa dina tanah batur. Untungna téh loba tatangga anu haat milu mantuan.
Ku saliwatan gé kaharti, éta paréntah
tentara téh tujuanana sangkan rahayat anu di pasisian teu jadi sasaran
gorombolan. Salian ti éta, pikeun megatkeun sokongan logistik ongkoh. Teu
ngabibisani kituna mah, bubuhan di antara urang lembur sorangan loba anu purah nyokong
ka gorombolan. Disebutna tukang marab.
Koléksi foto IPPHOS. |
Naha éta anu tiluan téh enya
tukang marab atawa ukur ditulis tonggong, weléh nepi ka ayeuna gé teu apal. Da
hésé dibuktikeunana. Ceuk tadi gé teu ngabibisani saupama di antara urang lembur
loba anu nyokong atawa sahenteuna jadi mata-mata gorombolan. Tapi da anu apal
mah biasana ukur samet meungpeun carang, moal ieuh bruk-brak ka nu lian. Mana
komo dilaporkeun ka tentara. Lain ku nanaon, résikona gedé pisan. Sabab saupama
kanyahoan lapor ka tentara, geus tangtu bakal dikakalakeun ku gorombolan.
Ari éta anu tiluan ku saha atuh dilaporkeunana?
Wallohu a’lam. Nu karuh mah saterusna sakur anu dituduh biluk ka DI, bari
béjana tembus ka tentara, geus tangtu bakal dipanggil. Leuheung saupama
dipanggil téh ukur diinterogasi wungkul. Da réa ogé anu tuluy disiksa. Malah
anu dipanggil teu balik deui ogé aya, kawas anu tumiba ka Sarkosih, Madro’i,
jeung Ucup. Padahal biheung teuing bener, biheung teuing henteu.
Kitu deui anu “diparabkeun” ka gorombolan,
majar cenah sok mantuan atawa deukeut jeung tentara. Ieu gé geus pasti bakal
dicirian, tuluy diduruk imahna, atawa nepi ka diculikna pisan ku gorombolan.
Padahal bisa jadi ukur pitenah digegedékeun.
Cindekna curuk téh payu pisan harita
mah. Tina tadina ukur pasal pribadi, neuteuli, nyeri haté, tuluy dituduhkeun ka
DI atawa ka tentara, geus tangtu bakal cilaka.
Nyambung ka:
Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 2)
0 Komentar