"Vertemnus" (1591), kénging Giuseppe Arcimboldo. |
LAYUNG lembur beuki ngempur. Langit désa hurung kuning. Jang Hadim gé katémbongna beuki ngalémpéréng konéng. Tapi angger Jang Hadim téh mindeng naker katénjo ngahuleng-jentul, balas nganteng ka Néng Yusi. Réa ku réana jajaka nu haget diajar nyastra, bengkung teu burung ngariung, bongkok teu weléh ngaronyok, nyocok baé di imah Jang Hadim nu nenggang di ponclot pasir.
“Ngadon
paraséa tuda!” cék si Dartam hiji wanci.
“Saha
téa, Dartam?” cék si Mamat.
“Koran
jeung majalah téa! Geuning cék koran mah Kang Hadim téh teu pantes meunang
Hadiah Sastra!” walon si Dartam.
“Ah,
da cék majalah mah pantes, lain?” si Mamat kalem.
“Pédah
wé jurina urang majalah wungkul cenah!”
“Ari
manéh rék percaya ka koran, rék ka majalah?” si Mamat buncelik.
“Nya
… nya percaya ka majalah atuh! Tapi itu geuning Kang Hadimna sedih baé!” omong
si Dartam bari nunjuk ka Jang Hadim nu harita keur ucang-ucang dina dahan waru
doyong. Buuk Jang Hadim nu panjang téh ngarerewig da puguh geus mulan-mulan teu
kungsi nyorang diangir.
“Jéh,
hulang-huleng kitu mah nuju milarian ilham éta téh!” cék si Mamat.
Sanajan
sok alum baé, Jang Hadim téh getol pisan ngarang sajak, malah terus kana
nyarpon deui. Lila-lila, sakabéh pamuda désa kabawakeun makasaban kana ngarang.
Tungtungna mah kolot-budak awéwé-lalaki saréréa milu ngarang. Di ieu désa,
sastra téh geus jadi industri rayat. Atuh saban rédaktur koran, unggal rédaktur
majalah, rurumpaheun sarumping ka lembur Jang Hadim ngadon ngabajongan carpon
jeung sajak. Saban poé, mangpeti-peti karangan diangkutan kaluar ti lembur Jang
Hadim.
“Pa
Yusi mah rék muka toko karangan cenah!” omong si Dartam hiji mangsa.
“Rék
noko kumaha cenah, Dartam?” omong si Mamat nu harita keur uleng nyanghareupan
mesin ketik.
“Rék
meulian nu aralus cenah! Tuluy rék dijual mahal di tokona téa!”
“Ih,
milu nyair ogé geuning si Kuya téh! Na teu émut kana wiwitan kitu?” cék si
Mamat bari terus nerektek deui.
Enyaan,
jadi nokona Pa Yusi téh. Toko karangan “Banda Urang”, kitu nu kabaca dina plang
hareupeun tokona. Teu wudu kaitung hasil ogé nokona téh. Éta wé da karék
sabulan-dua bulan téh geus réa nu narurutan. Toko-toko karangan rajleg di lembur
Jang Hadim. Koperasi pangarang aya kana limana. Tapi angger ari nu ngaran ijon
mah teu weléh mahabu ngaranjah désa. Kantenan, Pa Kuwu gé janten sibuk ngiring
ngatur ékonomi padésaan.
“Alhamdulillah,
Uci! Rayat ma’mur, kas désa gé milu subur!” saur Pa Kuwu ka Mang Kulisi.
“Angot
geura mun makam Buyut Undaksara diwangun mah! Bakal langsung ma’mur désa téh!”
cék Mang Kulisi.
“Enya
kuduna mah! Tapi pan Haji Abing teu satujueun!” saur Pa Kuwu.
Gumuruh
nu mabrik sastra. Tingterektek nu ngetik di saban imah. Lembur singkur beuki
ngempur dangiangan. Para pangarang ngora jadi gampang manggih jodo da puguh
bibit unggul mah teu weléh diparebutkeun. Dina tipi, dina majalah jeung koran,
beuki mindeng lembur téh dicatur-catur. Makam Buyut Undaksara didarongdon ku para
pangarang jeung kritikus ti mana-mana, ngahaja ngadon jararah, ngaralap wewesén
sastra.
Ka
dieunakeun, imah Jang Hadim nu nenggang téa diwangun dikobong-kobong. Maké
jeung meunang bantuan ti pémda sagala rupa. Padépokan Undaksara ngajengléng di
ponclot pasir. Tanahna lega, leuwih ari dua héktar mah, dikebonan, dibalongan
ku para cantrik Jang Hadim.
Tah,
kacaturkeun dina hiji mangsa, basa ibun ngagarenclang kapulas imut balébat,
basa manuk mimiti karakawihan mapag hibar di langit sapadésaan, basa kembang
tingkulisik lalilir tina impian, si Dartam hayoh walahwah-weleuhweuh di buruan
padépokan. Puguh wé, para cantrik ngaburudul ti kobongna séwang-séwang.
“Ku
naon, Dartam? Weureu naon silaing?” cék si Mamat bari haruhah-haréhoh.
Si
Dartam keukeuh walahwah-weuleuhweuh. Leungeunna pakupis, tutunjuk kana dapuran
haur hideung. Para cantrik rungah-ringeuh. Para cantrik alak-ilik ka lebah
dapuran haur nu ditunjuk ku si Dartam. Bréh wéh. Dina dapuran haur hideung téh
bet katémbong aya awi bodas ngeplak, jangkungna kira-kira geus saméter. Duka
kumaha jadina, da kamari mah sidik teu nyampak di dinya. Para cantrik
tingharuleng.
“Téang
Kang Hadim! Gancang Dartam!” cék si Mamat.
“Na
di mana kitu, A?”
“Keur
calik na Batu Sahéng geura! Jig ka dituh! Buru-buru!”
Si
Dartam ngabelesat muru Batu Sahéng, batu nu ngajegir di sisi sawah, di
landeuheun padépokan. Enya baé, kasampak téh Jang Hadim keur sila kénéh dina
batu nu cenah mah sok sahéng unggal malem Juma’ah kaliwon. Tah, teu lila Jang
Hadim gé geus miluan ngariung awi nu bodasna téa.
Ningal
aya awi bodas kitu, Jang Hadim mah teu rungah teu ringeuh teu sing.
“Koréd!”
cék Jang Hadim bari terus wé ngimpleng haur bodas téa.
Para
cantrik tingberetek nyiar koréd. Geus kitu, tumut kana pitutur Jang Hadim, para
cantrik lalaunan ngaroréhan taneuh sabudeureun haur bodas. Ati-ati pisan, malah
aya nu hemar-hemir ogé. Na atuh, si Dartam ujug-ujug ngalenggerek sanggeus
nénjo aya cai ngaburial tina tapak korédna. Para cantrik paciweuh. Si Dartam
rék digarotong, tapi ngagurinjal mantén.
“Reungeukeun
ku saréréa, Cu! Reungeukeun!” si Dartam sorana jadi robah.
Para
cantrik bruk-brek sarila, kitu deui Jang Hadim. Saréréa neuteup beungeut nu
keur nangtung. Tétéla aya simaan.
“Éyang
mihapé haur bodas jeung cinyusuna! Lamun hadé ngarumatna tanwandé désa bakal
nerus raharja!”
Sanggeus
sasauran kitu mah si Dartam téh ngarumpuyuk. Tulus ayeuna mah digotong ka
kobongna téh. Tuluy cinyusu téh dikulahkeun. Heuleut sawatara lila gé geus
pinuh éta kulah téh. Barang ditelek-telek ku para cantrik, cai kulah téh
katénjona bet semu beureum. Panasaran aya nu ngasaan cai. Semu amis, cenah.
“Haur
naon ieu téh, Kang? Cai naon ari nu kieu?” si Mamat rut-rét tina haur kana cai.
“Haur
Undaksara! Cai Undaksara!” témbal Jang Hadim bari terus ngoyoyod ka kobongna,
rék neruskeun ngetik deui.
Da
geus kitu téa, béja sok pabéja-béja. Lembur guyur deui baé. Batur salembur Jang
Hadim tingkurunyung ka padépokan. Saréréa panasaran hayang nénjo haur bodas
jeung cinyusu nu beureum téa. Parat nepi ka janari leutik nu ngariung téh.
Isukna, isuk-isuk, Olot Uhyi geus ngurunyung ka padépokan, mamawa gelas. Olot
Uhyi garandang-gerendeng hareupeun haur bodas, tuluy nyiuk cai tina kulah. Los
ka tepas padépokan. Uluk salam. Teu lila, si Mamat jeung si Dartam ngurunyung,
lulungu kénéh.
“Aya
naon, Lot?” cék si Mamat bari nyusutan cileuh.
“Rék
nepangan Jang Hadim! Punte kituh, pangjiadkeun ieu cai! Itu puguh Olot Awéwé
geus tilu poé eungap deui! Sugan wé ku cai Undaksara mah!” cék Olot Uhyi.
Si
Mamat jeung si Dartam tingharuleng.
“Kang
Hadimna gé teu aya, Lot! Nuju nyepén di Curug Tilu! Pagéto pilugayeunana téh!”
cék si Mamat.
“Duh,
kumaha atuh, nya? Mangkaning olotna geus ripuh pisan, bangun nu rék
sahos-hoseun!” Olot Uhyi témbong bingung.
Sanggeus
ngahuleng sawatara lila, si Dartam ngarérét ka juru, kana palupuh. Kopéan sajak
Jang Hadim numpuk di dinya. Si Dartam milihan nu pangrocétna. Keretas kopéan
sajak Jang Hadim téh dikeupeul-keupeul, tuluy diasongkeun ka Olot Uhyi.
“Ieu
wé atuh, Lot! Keueuman ku cai éta, teras leueutkeun ka Olot Istri!” cék si
Dartam bari nahan piseurieun.
“Leuh,
nuhun atuh, Ujang!”
Sanggeus
nginum cai sajak téa, pamajikan Olot Uhyi nu geus pada ngariung-riung téh cenah
sabihari deui. Dadak sakala, panyakitna ilang pisan, cenah. Puguh wé, urang
lembur ngaburudul deui baé, ngahaja rék ngaruyang cai sajak Undaksara téa.
Panyakit naon baé ogé bisa cageur ku cai sajak Undaksara mah, cenah.
“Ké,
asa jadi teu puguh kieu ieu téh, Kuwu!” saur Haji Abing pasosoré.
“Janten
teu puguh kumaha, Kang Haji?” saur Pa Kuwu.
“Bet
jadi palercaya kana tahayul geuning?!” Haji Abing kerang-kerung.
“Jih,
boa leres aya maunatan, Kang Haji!”
“Ah,
éta maké kudu diancloman sajak sagala!” saur Haji Abing.
“Saratna
wé panginten kedah kitu!”
Murudul
tina salembur, marabay jadi sadésa. Barang mulang tina nyepén téa, Jang Hadim
ngahuleng heula sanggeus nénjo réa jalma nu keur ngantri di buruan padépokan.
Si Mamat hariweusweus, laporan. Siga sasari, Jang Hadim téh teu réa carita
ieuh, ngaléos heula ka kobongna, teu lila jebul deui bari nangkeup kopéan sajak
sabebed, bro dika-si Mamatkeun.
Kakocapkeun,
tamu beuki merul baé. Geus lain sadésa sakacamatan, dalah ti kota-kota
aranggang réa nu ngahaja datang. Nu kana motor, nu kana sédan, nu kana treuk
munggah nakleuk, beurang peuting kituna téh. Dikarcis ayeuna mah nu naramu téh.
Jelema jeung kendaraan dipulut bayaranana.
“Musrik,
Kuwu! Undaksara kudu ditutup!” saur Haji Abing.
“Gampil
nutup mah, Kang Haji! Nanging kapan lumayan, rahayat gaduh sambilan! Atuh kas
désa sareng kacamatan méh teu kaétang deuih!” Pa Kuwu teu riuk-riuk.
“Kana
duitna baé didinya mah! haram, deuleu, duit ladang ngamusrik téh!” Haji Abing
morongos.
“Tenang,
Pa Haji! Ditutup ayeuna-ayeuna mah bilih aya matakna kana Pemilu!” Mang Kulisi
mairan.
“Pidorakaeun,
deuleu! Mun teu gancang ditutup, bahaya!” Haji Abing beuki séwot.
Haji Abing méh taya nu maliré. Urang lembur jongjon ngalundeur duit. Aya nu ngojég, nu daragang, nu nyaréwakeun kamar, nu markir. Tamu nu carunduk téh sapoéna ngawelas réwu. Saréréa marulangna téh marawa cai sajak téa. Anéhna téh kulahna teu saat-saat. Atuh haur bodasna gé morontod pisan deuih.
Nyambung ka: Biografi Bagawan Hadim JSB. (Bagéan 3)
0 Komentar