“BENDUNG Walahar Kali Tjitarum Mulai Dipakai 30 Nopember 1925 untuk Mengairi Sawah Luas 87.506 ha”. Kitu nu kaunggel dina témbok luhur lawang jambatanna. Ieu bendungan téh diwangun mangsa pamaréntahan Walanda. Kalawan proyék gawéna diroris sagemblengna ku ahli ‘pengairan’ Ir. C. Swaan Koopman (1897-1961), nu kawentar nulis buku Tanah Airku (1948).
Tina sumber foto KITLV, Leiden, ditétélakeun yén Directeur van Burgerlijke Openbare Werken (Direktur Pekerjaan Sipil) taun 1925, keur méré katerangan hareupeun Gubernur Jendral Hindia Walanda, Mr. D. Fock, nalika ngaresmikeun bendunganna.
Perenahna di Désa Walahar, Kec. Klari, Kab. Karawang, aya dina koordinat 06° 22' 973" Lintang Selatan jeung 107° 21' 660" Bujur Timur. Kira-kira 6 km ti puseur pamaréntahan Kab. Karawang. Sohorna mah ku ngaran bendungan ‘Parisdo’—tacan kapaluruh asbabunnujul-na éta ngaran.
Témbong pisan wangunan léter L gaya arsitektur art deco. Ngabendung 50 m rubak Citarum. Luhur bendungan mangrupa jambatan (panjang 55 m, rubak 3 m) nu hiji-hijina jadi pameuntasan tur wates ka Ciampél. Handapeunna, bendungan utama kabagi jadi 4 panto cai bahé ngulon. Masing-masing bagian dasarna ngawangun dam nu nampung golontor cai, saméméh ngagulidag deui ngabentuk waduk salega 15 ha. Terusna mah ngamuhara ka Laut Ujung Karawang.
Husus pikeun nyaian sawah, di kénca luhur aya bendungan deui bahé ngalér nu engkéna dibagi-bagi ka unggal irigasi (urang Karawang nyebutna ragasi; sabudeur Walahar kacatet aya 4 wangunan irigasi badag titinggal Walanda), laju jadi apur (walungan pamiceunan irigasi), tuluy dibagi deui ku koco (solokan leutik nu langsung ngalir ka unggal pasawahan).
Tutas Indonésia merdéka, ieu wangunan titinggal sajarah (heritage) téh sagemblengna dikokolakeun Perum Jasa Tirta (PJT) II. Fungsi utamana, lian ti pikeun nahan aliran Citarum sangkan teu banjir tur ngatur irigasi pikeun lahan sawah 90.000 ha di wewengkon Karawang kalér jeung wétan, tapi ogé minangka tujuan wisata gratis.
Harita, Citarum ngamalir langsung ka Parisdo, tanpa aya bendungan séjén nu ngabagi aliran cai. Karék dina jaman pamaréntahan Soekarno ngadeg Waduk Jatiluhur. Disusul ku diwangunna Bendungan Curug di Kec. Ciampél, Kab. Karawang—7 km hulueun Parisdo—, nu ngabagi Citarum jadi 3 DAS (Daerah Aliran Sungai); aliran Tarum Barat (nyambung ka Kali Malang, Jakarta), Tarum Timur (ngamuhara ka basisir Cilamaya), jeung aliran nu brasna ka Parisdo. Tarum Barat jeung Tarum Timur (irigasi buatan) fungsina pikeun nyaian sawah tadah hujan nu méméhna teu kapaliré.
BASA ngahaja nangtung lebah jambatanna, angin tarik ngahiur mawa iris ka unggal nu lalar-liwat. Malah, upama pareng gedé angin, réa motor nu oléng kateumbag. Luhur jambatan gé aya rohangan tempat pagawé ngontrol mesin. Rét ka sakurilingna, katangén kénéh instrumén-instrumén unggal juru nu éksotis; kontruksi weweg, lalangit nu melengkung, ringkel ukir palang, tihang, jeung panto beusi klasik, ranté waja badag paranti ngatur turun-naék panto cai, katut pola motif antik ngalang témbok, nambahan kaagréngan wangunan.
Tetempoan plung-plong. Béh wétan, katangén gurilap Citarum katojo matapoé rumangsang, ngaréngkol mipir pasawahan jeung gawir padumukan. Tina unggal panto cai, halon ngamalir. Mun seug ngijih, ngahaja digulidagkeun. Ka kulon, béh handapna rentul nu ngaruseup, sawaréhna ngajaring bari ngawelah gétékna (rakit) ka tengah waduk. Teu kaliwat nu marandi jeung ngagusrek nyeuseuh. Laju cai kebat meulah runggunuk padumukan jeung rajegna pabrik nyundul langit. Ti dinya mah Citarum nu teu pati kiruh téh salin rupa jadi hideung meles balas diranjah limbah.
Lian ti éta, nu jadi daya tarikna nyaéta réana rumah makan sabudeureunna, kalayan menu utama pais jambal (kacatet minangka kadaharan has Karawang, Disbudpar Karawang, 2006). Padangajojo ku wisatawan lokal, malah mancanagara. Nya, “Rumah Makan Pepes Jambal H. Dirja” (mimiti dibuka taun 1985) minangka pionirna.
Saban poé Saptu, Minggu, jeung libur sakola gé gegek kalimpungan ‘pasar kaget’ nu dadasar ngalapak sapanjang irigasi nepi ka lawang jambatan. Masarakat nu mayoritasna buruh tani téh, laun-laun pindah kasab kana dagang. Atuh, 2,5 km meuntas ka béh kidul, aya objék wisata alam jeung kulinér sakaligus arena olahraga dayung Situ Cipulé, Ciampél (situ buatan dijieun taun 2010-2011), tempat lumangsungna Seagames 2012.
Nuguran
Waktu
“TAYA nu robah tina ieu bendungan. Alhamdulillah, tiasa jalan nepi ka ayeuna. Instruménna taya nu diganti, iwal éléktris mangrupa génsét jang ngagerakkeun panto cai upama gawé manual kateug. Jeung aliran cai ayeuna mah dibagi deui ka Jakarta jang kabutuhan PAM Jaya,” ceuk Agus (35), salasahiji patugas PJT II.
Najan kitu, nurutkeun Drs. H. Naam (65), salasahiji tokoh masarakat Ciampél, réa penggel jeung lakop beusi nu laleungit alatan leungeun-leungeun curaling. Nu tangtu bisa ngabahayakeun kana tohagana wangunan. “Teu nutup kamungkinan upama kajadian jebolna hiji panto cai taun 2006, nepi ka caah lélébéran ka hilirkeun, alatan laleungitna beusi panahan. Mangkaning moal aya gantina kualitas beusi siga kitu mah,” pokna, basa ditepungan.
Jeung deuih, kiwari mah tara diberesihan bendungan téh. Padahal, nepi ka ahir taun 90-an, rutin dikuras pikeun miceunan leutak jeung sarah nu numpuk. Tur padangajugjug ti jauhna ti deukeutna nu ngahaja ancrub ngala lauk kasaatan (ngagogo). Alesanna, cenah bisi ngaganggu kana produktivitas tatanén jeung kabutuhan pabrik.
“Baheula, pun aki téh kuli nu milu ngawangun Parisdo. Cenah, sanggeus bérés, unggal lawang jambatan téh dijaga ku dua tentara Walanda. Mun pribumi hayang ngaliwat, kudu lapor jeung babanyo (kukumbah) heula sing beresih saacan nincak leucir jalan aspalna. Sedeng ingon-ingon dicaram pisan, kudu ngaraas ka handap meuntas Citarum. Ayeuna mah, motor jeung mobil gé sabataé liwat, tanpa aturan.” pokna deui, bari ngumbar panineungan.
Enya, najan aya portal nu ngahalang sangkan mobil galedé teu asup, tapi ari kandaraan séjénna mah laluasa lar-sup, tanpa ayana kontrol. Méh unggal poé éta téh. Keur mah jadi jalan alternatif nuju ka Kawasan Industri. Teu anéh mun kandaraan nyocok di jambatan, da puguh teu mahi keur perewis-perewis acan.
Munasabah mun kiwari Parisdo geus teu ajeg, rada miring tur ngagejlig sabaraha sénti ka béh kalér. Teu mustahil dina umurna nu rék nincak 90 taun téh lila-lila baris ayeuh. Teu salawasna bisa nuguran waktu, nahan gulidag cai lumaku. Wacana rék ngawangun deui jambatan layang tur Parisdo husus pikeun nu laleumpang, weléh taya émbolna. Wuri-wuri jadi banda sajarah, kalah ngantep katalanjuran runtag ku mangsa.
Pasualan gé muncul saprak jlug-jlegnana ‘warung remang-remang’ di sabudeureunna. Wuwuh matak ngalaaskeun komara titinggal sajarah. Taya kakapok, najan sababaraha kali dibuburak aparat. Basa ngaléngkah deui ninggalkeun tempatna, bet aya nu ngilu palid tina angen jeung kakangen: banda sajarah jeung késang juru tani. (Ari Andriansyah.)
***
Kungsi dimuat dina Majalah Sunda Cupumanik, Edisi Maret 2014.
0 Komentar