"Arrival of Normandy Train, Gare Saint-Lazare" (1887) kénging Claude Monet.
SETASION TITIK 0
anjeun mapag kuring, kuring mapag layung
eungkeut ungkeut eundeur
birit karéta dikukuntit burit
sabot sada piriwit ngajuit
ngageureuwahkeun haté nu rancucut
“bongan saha urang duaan masinikeun anggang ti anggalna.”
tina gerbong kana gerbong
kuring lumpat muru pamiangan
nu cikénéh cimataan
sarébu panon kénca katuhu ngagaléntoran awak
ngajejewang kamelang basa masinis nanagih karcis
diri teu nangan, ngalungsar
nuturkeun sarébu panon kukupu
katut roda waja nu beuki nyilalatu
cunduk mangsa urang
ngabetrik-betrikkeun dada jadi ruhay
ngéngklak di kariaan dayeuh nu sarua teu wasa
ngampeuh rénghap nu minculak
karéta kuring cikénéh laju
muru layung luhur dayeuh nu kahuru
2008
15 DETIK DI TOROWONGAN
reup mongkléng
kalangkang raga leuwih atra tina jandéla
dina poék nu samporét
haté bet kalah ngabadé
ka mana brasna engké?
2008
DINA JALAN GEDÉ NU GEUS SIMPÉ
dina jalan nu geus simpé kuring hayang gogorowokan
ngagalantangkeun sajak-sajak pangantén nu dipingit
tapi urang milih nyingkur ‘na tiis kamar
tina liang konci, nganti nu nalingakeun
dina jalan nu geus simpé kuring hayang ceuceuleuweungan
ngagalantangkeun kapeurih rak-rak buku di perpustakaan
basa lancah tonggoy ngajarumat ramat-ramatna
sabab urang milih ceta tan carita
dina jalan nu geus simpé kuring hayang awong-awongan
ngageruhkeun carita jero taneuh lampar
lalakon kulit daging nu baseuh nu angar
tapi urang milih langit tanpa sigay
dina jalan nu geus simpé kuring hayang haharéwosan
dina sajak nu geus réhé kuring pengkuh rumahuh
2009
PINGARANEUN BUDAK URANG
pirajeunan urang duaan nataan
pirang-pirang ngaran nu ngalalakon
tina béja kana carita
ngerik prasasti nguyup mangsi
nyiar-nyiar jalma nu sanggup ngarangkul paul
ngebang langit nyulam méga
sangkan utun mébér jangjang saanggangna
tapi impian urang, enung
ukur aspal nu kacérétan cihujan poyan
pupujan nu patingtarancleb na jagat alit
ngan ngabeungbeuratan hégak tapak dara
ayeuna ieu isuk éta, hiji mangsa
tumplek sakabéhna
indung beurang geus cuh-cih ti peuting kénéh
horéng can aya kelemengna
kanénéh ka anjeun nu baris tandang
lebah kalang wates jungkrang
deudeuh utun bijil ti raheut
pangampura enung
najan ceuli geus nyidik-nyidik béja tina panto tatangga
najan koran tutas dipeureut semet kaala cipatina
angger baé taya nu nembrak
pingaraneun budak urang
2009
BALANDONGAN KARIAAN
raray-raray rarenung mapag kariaan
tanghi nataharkeun diri
kakayon malih warni jadi biru
tihang-tihang maléncrang konéng
méga beuki ambucuy pulas lipstik
dayeuh jadi ganggong nu cakueum kawas lukut
trotoar angger
hideung
angger bodas
tapi cikénéh kuring nyaring
langit angger kulawu
2009
ADITIA GUNAWAN, lahir di Cianjur taun 1983. Leuwih dipikawanoh minangka filolog jeung kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI. Sawatara karanganana dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Tribun Jabar. Sakapeung dina tulisan fiksina sok maké sandiasma Ananta G. Karangan éséyna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Sajak "Setasion Titik 0" jeung sajak-sajak séjénna saméméhna kungsi dimuat dina Manglé No. 2370.
0 Komentar