MORO bagong téh aya anu nganggap jadi hiji kawajiban, nyaéta pikeun warga masarakat anu kahirupanana ngandelkeun tatanén. Ilaharna mah masarakat anu matuhna di pasisian atawa pakampungan anu teu jauh ti leuweung. Pangna disebut kawajiban téh sabab moro bagong sarua jeung numpes atawa ngabasmi hama. Aya deuih anu ukur jadi kalangenan alias pangaresep. Maksudna sakadar nganteur kasuka, teu béda ti badminton atawa gapléh. Tah, kuring mah kaasup kana kolom kadua.
Sakanyaho,
taya katangtuan kudu dina poé naon mun urang rék moro bagong (hususna mun maké
cara dibeledig). Ngan ari ilaharna mah poé Ahad. Atawa, mun teu kitu poé Saptu.
Alesnana mah déét, heueuh, apan ari Ahad mah ilaharna poé peré tina gawé
sapopoé. Kitu deui poé Saptu, apan isukna peré. Jadi bisa ditiir. Larapna poé
peré téh tangtuna keur anu pacabakanana jadi pagawé, da ari pikeun tukang
tatanén mah teu kitu. Rék poé naon, rék poé naon ge angger wé digawé.
Indit
ka pamoroan téh kudu isuk-isuk, malah rebun-rebun kétah mun jauh mah. Éta mah
kari kumaha ceuk anggangna waé. Malah aya kalana indit téh ti soré kénéh, mun
urangna matuh di kota tur jauh ka tempat anu rék dipaké lahan moro mah.
Ngéndong heula sapeuting di lembur anu teu jauh ti pamoroan; biasana mah di
imah lurah, atawa di papada tukang moro deui anu jadi pribumi di éta lembur.
Tangtu waé ulah tepi ka ngahésékeun pribumi. Urang kudu mawa dahareun sorangan.
Mun teu kitu, sok udunan duit, terus dipasrahkeun ka pribumi. Urusan nyangu
jeung nyieun deungeunna, keun waé sina diatur ku pribumi. Urang mah nyaho di
asak wé. Lain waé ukur keur sabrakkeun di imah waé, tapi biasana ari indit ka
pamoroan téh sok bari mekel timbel deuih, da sok karasa gancang laparna ari
keur apruk-aprukan di leuweung mah, mangkaning moal manggih warung. Ari lebah
deungeunna mah cukup ku goreng lauk asin gé, ditambah ku sambel.
Kasebutna
moro bagong ku cara dibeledig, tangtu waé kudu loba batur, moal bisa ku cara
nyorangan. Béda deui jeung mun ngabelor, masing indit nyorangan gé teu
halangan, ari ludeung mah ka leuweung peuting-peuting. Anu dimaksud loba batur
di dieu kira-kira kitu lah ukuran genep tepi ka dalapan jalma. Malah tampolana
mah sok ngawelas, atawa ngalikur, kétang.
Saban
pamatang marawa anjing, sakurang-kurangna hiji. Tampolana aya anu sok mawa tepi
ka opat. Tangtu waé anjing pamoroan anu dibawa téh, kualitasna tacan tangtu
sarua. Aya anjing anu enya-enya geus jadi; maksudna anu geus alus dina morona,
disebutna pamanggulna. Nya anjing pamanggulna anu dipaké andelan ku para
pamatang téh. Lian ti éta, aya deuih anjing anu karék dialajar, atawa mémang
teu pati alus wé. Dina rombongan téh ari anjing anu alus atawa daékanana mah
tara loba. Ukuran alus di dieu téh kahiji dina nyusud jeung manggihkeun bagong,
terus ngudagna, jeung kawanina.
Najan
teu pati écés, dina ngalaksanakeun pancénna, anjing pamoroan téh aya dua rupa.
Cindekna aya spesialisasina éta téh. Aya anjing anu tugas utamana nyusud jeung
ngungudag boroan, disebutna pangbituran. Aya deuih anjing anu tugas utamana megat
atawa ngarubuhkeun boroan, disebutna panakulan. Ilaharna anjing pangbituran mah
laleutik, tapi napasna kuat. Ari anjing panakulan mah sok galedé jeung baredas.
Nya
anjing pangbituran anu bakal nangtukeun dina moro téh. Mun anjing
pangbituranana aralus, matak resep moro téh, tur ka pamatangna ogé mawa
sumanget. Enya, apan ari bagong anu rék diboro téh kudu ditéangan heula,
dipapay tina tapakna. Ku anjing pangbituran anu asak warah jeung alus nyusudna
mah, najan bagong cicingna di tempat anu rembet tur rumpil ogé sok gancang
kapanggih. Terus dina lebah ngudagna, apan bagong téh ilaharna tara lumpat dina
jalan anu lingih, tapi sasalingkeran atawa abrus-abrusan ka nu barala tur hieum
ku tatangkalan, sakapeung ancrub ka walungan. Kitu deui radius atawa jarak
lumpatna téh tara deukeut-deukeut. Tampolana bagong anu keur diudag téh ngubeng
ngurilingan atawa meuntasan pasir jeung jungkrang. Dina ngudag bagong téh bisa
jam-jaman. Aya kalana tepi ka genep jam, malah tampolana leuwih.
Anjing
pangbituran kampiun mah dina ngudagna téh tara pegat. Atawa dina leungiteun
raratanana gé sok terus ditéangan, tepi ka ahirna kapanggih deui. Béda jeung
anjing anu karék dialajar, ana leungiteun udagan téh sok terus waé néangan
dunungan. Tah, ari anjing anu geus jadi mah tara gumantung ka dununganana,
lantaran satungtung udaganana tacan beunang mah bakal terus ngabitur. Tampolana
ti wanci haneut moyan tepi ka wayah asar gé masih kénéh ngungudag boroanana.
Naha
sok aya anjing anu terus leungit? Aya. Mungkin waé éta anjing téh kalangsu
atawa kalémpohan di tempat anu geus jauh pisan ti dununganana. Atawa bisa waé
paéh di leuweung. Éta mah naha lantaran gelut jeung bagong, atawa bisa waé
ditekuk kerud alias maung. Heueuh, da lain tandingna atuh mun anjin pamoroan
(najan sakumaha hébatna gé) mun adu hareupan jeung maung mah, najan ukur maung
tutul atawa maung kumbang.
Sok
rajeun deuih anjing anu keur ngudag boroan téh terus nyasab, atawa turun ka
lembur séjén anu jauh ti rombongan katut dununganana. Jigana mah geus
kalémpohan, terus waé diampihan ku anu manggihanana. Ilaharna urang lembur sok
arapal kana anjing pamoroan, anu matak sok terus ditaréwak mun nyasab ka lembur
téh. Dibibitaan heula ku hakaneun, geus kitu mah gancang waé diranté, anu
saterusna anjing téh ganti dunungan. Anjing anu leungit di leuweung biasana ku
dununganana sok terus dipapay ka saban lembur anu aya di sabudeureunana. Éta
téh sok rajeun aya anu kapanggih deui. Mun geus kitu mah nya kari ditebus waé
ka anu ngampihanana.
Tampolana
anjing anu geus ganti dunungan téh sok balik deui ka dunungan asalna. Kungsi
kajadian, pasosoré, sanggeusna eureun moro, anjing di rombongan kuring euweuh
hiji, mangkaning anu alusna éta téh. Lantaran geus burit, nya ahirna mah
dilapurkeun waé. Kuring sabatur-batur arunggah kana mobil, rék balik. Kira-kira
geus sababaraha kilométer, ari pék anjing anu leungit téh keur ngemprid wé
lumpat mapay-mapay jalan aspal. Jigana éta anjing téh sanggeusna leungiteun
dunungan di leuweung terus aya karep rék balik ka imah dununganana.Padahal basa
indit téh apan dibawa kana mobil, lain ditungtun mapay jalan. Tapi naha bet
apaleun dina nyokot jurusan, henteu nyalahan atawa mabal ka jurusan séjén.
Sangkan
teu lila teuing aprak-aprakan néangan bagong anu rék diboro, biasana mah ti
saméméh milih lokasi ogé sok aya informasi awal, di lebah mana waé anu sakirana
aya bagong. Biasana mah informasina téh ti patani anu keur araya di kebon.
Lamun taya katerangan awal di mana bagong arayana, nya wayahna waé kudu dipapay
éta mah. Carana, téangan heula tapakna. Mun teu kitu, téangan sayangna anu
dipaké pameutingan bagong.
***
TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Novél barudakna, Si Paser, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novél Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah Rancagé taun 1994 jeung taun 2002.
0 Komentar