"Boar Hunt" kénging Frans Snyder (1579-1657). |
BAGONG, sakapeung sok disebut bedul, basa Jawana céléng. Di sawatara tempat, aya deuih nu nyebut babi. Padahal, dina basa Sunda lulugu, antara bagong jeung babi teh béda. Bagong istilah Laténna Sus scrofa; ari babi Sus domesticus. Éta dua jenis sato téh kaasup kana genus Sus, familia Suidae.
Heup waé pedaran ilmiahna
mah tepi ka dinya, da apan urang mah lain rék medar babagian élmuning biologi.
Ieu mah ngan sakadar pikeun némbongkeun yén babi jeung bagong téh béda, najan
bisa jadi dianggap teu béda jauh. Ngan nu sidik, ceuk katangtuan dina Islam,
duanana gé haram. Moal papanjangan deuih medar bab éta gé, da éta mah hancengan
para jumhur lebah nerangkeunana.
Urang cokot gampangna
waé, bédana bagong jeung babi téh ngawengku sawatara hal. Bagong kaasup sato
jarah (binatang liar), sok disebut sato leuweung deuih. Ari babi mah
sato ingu (binatang ternak). Cindekna, babi mah sok dikukut sina
baranahan, disuwuk ngarah téréh galedé, anu engkéna jadi komoditi pangan.
Bentukna ogé béda deuih,
babi mah buteter (atawa bayuhyuh, kitu?), loba ngandung gajih, anu moal boa
dina geus diasakan téh bakal girinyih. Kitu deui kelirna ogé teu sarua. Bagong
mah hideung semu hawuk, ari babi ilaharna bodas atawa belang babalégbagan
hideung-bodas. Kumaha ari pasipatanana? Jih, nya béda atuh. Babi mah lindeuk,
ari bagong sajaba ti giras téh galak deuih. Bisa jadi babi anu turunanana
ayeuna aya di urang téh karuhunna mah bawa urang Éropa. Bisa jadi deuih, anu
baheula mimiti ngukut babi téh lain urang Sunda. Mun lain urang Walanda, nya
meureun bangsa Cina, apan ku maranéhna mah ilahar dikonsumsi.
PIKEUN urang Sunda,
bagong teu kaasup sato anu dipikaanéh. Ari sababna, di urang mah apan loba.
Lain di pilemburan tangtuna gé, mana komo mun di kota, tapi di leuweung. Sed ti
di leuweung, di reuma deuih, atawa di huma atawa di kebon nu sok aya bagong
téh. Éta gé sok rajeun aya anu ngulampreng ka pakampungan mah, tapi da terus
matuh. Ukur ngadon ngaliwat atawa liar wungkul mun keur barangsiar hakaneun.
Biasana bagong téh sok turun ka lembur anu deukeut ka leuweung, atawa ka huma.
Meureun aya nu panasaran
kénéh, apan cenah sok aya bagong anu matuh di lembur gé, anu cenah deui waé,
éta téh bagong kajajadén lantaran aya nu nyegik? Jih, nya teu apal bagong anu
éta mah, da tacan kungsi manggihan. Ukur ceuk béja; yén di urang aya ulikan
ngeunaan “élmu” hayang beunghar ku jalan munjung. Tapi kitu ogé baheula, da
ayeuna mah geus tara kabéjakeun. Bagong kajajadén téh, cenah, saenyana jalma nu
keur minda rupa jadi bagong, pikeun nohonan pasaratan néangan rajakaya
ngaliwatan cara-cara nu teu ilahar. Kitu ceuk dongéng. Tapi, wallohualam. Geus
ah, tong kapapanjangan nyaritakeun bagong kajajadén, apan urang mah rék nyaritakeun
moro bagong.
Pikeun anu maratuh di
pasisian atawa di pilemburan anu kahirupan masrakatna ngandelkeun tatanén,
bagong téh dianggap hama. Heueuh, lantaran sok ngaruksak pepelakan. Mangkaning
dina sakalina ngaranjah téh sok abrul-abrulan. Pepelakan di kebon jadi sasaran
bagong. Pelak hui, sampeu, jagong, katut palawija lianna, geus karuhan paré
mah, dalah kitri gé tara luput diranjah. Éta pangna dina kahirupan masarakat,
bagong téh nempatan posisi musuh nu kudu ditumpes. Heueuh, lantaran ngaruksak
téa. Kebon jeung sawah diranjah, tepi ka patani karoroncodan. Pepelakan meunang
miara tekal-tekil, dina pamustunganana béak digalaksak.
Bagong kaasup sato anu
ngabubuhan. Dina saabrulan téh sakapeung sok tepi ka ngawelas. Éta pangna dina
sakalina ngaranjah téh pepelakan nu aya di kebon tepi ka ledis, tepi ka teu
kapuluk, da datangna bari mawa anggota kulawargana. Sajaba ti dihakanan,
pepelakan téh ruksak digaley, taneuhna disungkuran. Mangkaning ngaranjahna téh
peuting-peuting. Anu matak, kebon anu sok jadi langganan bagong mah wayahna
kudu ditungguan bari haben dironda. Mun teu kitu, wayahna kudu dipager tohaga.
Da mun teu kitu mah patani alamat ngalamot curuk dina datangna usum panén téh.
Naha aya bagong anu
nyorangan? Aya éta gé. Geuning, naha pédah wanian? Jih, jigana lain pédah
wanian-wanian teuing, tapi ku sabab geus misah ti kelompokna. Biasana mah
bagong anu geus kolot, jeung jaluna deuih. Bagong anu nyorangan disebutna
bagong nunggal. Beu, gedé awakna gé, gagadungan, sihungna nyengklik, jeung
biasana buluna geus semu hawuk, alatan ku kakolotan. Anu dimaksud gagadungan
téh lintuh pisan. Lian ti éta, dina beungeutna sok aya nu menyendul jiga kutil,
lobana tilu, gedéna kira-kira sarua jeung bal ténes, dina lebah juru
caréham di sahandapeun mata, jeung dina bangusna. Bagong anu aya kutilan,
sihungna nyengklik, jeung awakna gagadungan, geus pasti éta téh jaluna.
Bagong jalu leuwih gedé
batan bikangna, leuwih bedas, jeung tangtu waé leuwih galak, najan bagong
bikang gé sarua galakna ari keur anakan mah. Kétang, ulah bon bagong, ari keur
anakan mah hayam bikang gé apan sok ngabintih. Kitu deui anjing nu keur anakan,
galakna sok béda ti sasari. Kétang, kuda gé sarua kitu.
Gedéna bagong teu sarua,
gumantung kana habitat atawa tempat matuhna, naha daérahna kaitung subur atawa
angar. Kondisi subur jeung angar téh nangtukeun jenis jeung lobana hakaneun.
Kahakanan bagong téh di antarana cacing, minangka sumber protéin. Tah, dina
lahan anu riduh mah cacing téh loba. Éta pangna bagong anu aya di daérah subur
mah leuwih galedé. Bagong nu geus kaasup kolom déwasa beurat awakna bisa leuwih
ti sakintal, jeung jangkungna lamun diukur tepi ka luhur punduk kira-kira
saméteran. Ari anu matuhna di daérah angar mah, leuwih leutik ti éta.
Bagong anu geus nunggal,
ukuran awakna kira-kira sagedé lisung, atawa dreum karbit atuh. Panjang awakna,
mun diukur ti tungtung bangus tepi ka puhu buntut, kira-kira aya anu saméter
satengah, tacan mun ditambah ku panjang buntutna anu kira 30 séntian. Sihungna
nyengklik aya kana 12 séntina. Malah sihung anu melengkungna geus tepi ka puhu
mah (disebutna sihung ranté), leuwih panjang ti 12 sénti.
Gedéna bagong bikang
kira-kira dua pertilu ti bagong jalu. Bagong bikang mah henteu tangihgul, tapi
rada lempay. Bagong jalu anu geus nunggal, gerakna teu pati lincah, da
beurateun ku awak, katurug-turug sok geus torék deuih. Dina keur dibeberik
diboro gé, lumpatna geus henteu tarik. Najan disurakan euyah-euyahan gé, bari
dibalédogan, upamana, ngan tiba ngungkug.
Sihung bagong béda jeung
sihung maung, ajag, ucing, atawa sato séjénna anu ngabogaan sihung dua pasang
(luhur sapasang, handap sapasang). Sihung maung, upamana, anu handap téh rada
melengkungna ka luhur, ari sihung luhur rada melengkung ka handap. Tah, sihung
bagong mah teu kitu. Sihung handap jeung luhur téh melengkungna sarua ka luhur;
jiga kacip. Éh, apal henteu naon ari kacip? Kacip téh “gunting” pameulahan
jambé, dipibogana biasana ku anu sok nyeupah.
Bagong bikang gé sarua
aya sihungan, ngan leutik jeung pondok. Lamun aya nu ngaganggu, biasana bagong
bikang sok nyengkatkeun huluna, tatahar rék ngégél. Ari bagong jalu, mun dirina
ngarasa kaancam, biasana sok tungkul, laju nyuruduk bari mubat-mabit. Sihungna
nu panjang gedé gunana pikeun ngalumpuhkeun musuhna. Nyuruduk atawa ngabanting
sataker tanaga. Ku tarik-tarikna, ana sakalieun keuna téh geus pasti matak
gudawang, malah kulit tangkal mahoni gé kuat tepi ka cewud, Jadi geus kasawang,
bakal kumaha balukarna mun keuna kana kekemplongan musuhna—anjing upamana.
Mangkaning dina sakalina musuhna geus beunang téh sok terus dikekesek, teu béda
ti nu keur ngaréndos. Geus kitu musuhna téh terus dialungkeun. Kontan, anjing
budal-badil, peujitna ngaburalu ka luar, ambay-ambayan. Éta pangna maung gé
tara sologoto nyanghareupan bagong gedé mah. Lamun geus ditekuk tapi masih metu
kénéh ngabanting, teu mustahil sihungna bisa nyasaak. Antukna, bagongna paéh,
maungna koit.
Tina pangalaman di
pamoroan, sihung anu gedé bahayana téh biasana anu tacan melengkung. Enya,
sihung anu lempeng kénéh. Nya sihung anu kitu bentukna anu sok remen nyacar
bolang kekemplongan anjing di pamoroan téh. Sihung anu geus melengkung mah teu
pati bahaya, ngan pasti bagongna gedé, anu tangtu waé gedé pisan tanagana.
Mindeng kajadian, bagong nunggal mah ana digabres ku kuli hiji waé mah, batan
terus rubuh kalah malikan, laju ngamuk nguwak-ngawik.
Ilaharna urang nganggap
bagong téh kabeukina ukur kana beubeutian, bungbuahan, atawa tangkalna
pisan—istilahna sato herbivora. Padahal saenyana teu kitu. Sabab, bagong gé sok
ngahakanan sasatoan séjénna, utamana cacing jeung bangsa serangga, kaasup lauk
cai deuih. Malah bangké gé sok dihakan. Jadi kaasupna téh kana sato omnivora,
alias sagala dihakan. Malah kungsi kabuktian, di wewengkon Nusa Tenggara,
bagong téh sok ngamangsa mencek.
Ilaharna bagong liarna ti
peuting, pikeun naréangan hakaneun—disebutna sato nukturnal. Tapi saenyana
beurang ogé, utamana isuk-isuk atawa pasosoré, bagong sok geus ngider néangan
hakaneun. Moro bagong dina mangsa beurang, ilaharna ku cara dibeberik,
ngagunakeun anjing. Lamun moro bagong ti peuting, ku cara diintip, laju
dibedil; disebutna ngabelor.
Nyambung ka:
Bagéan saméméhna:
0 Komentar