"Pabrik Sitrun di Cimalaka", kénging Wijnan Elbert Kerkhoff. |
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing di mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyéot nyiuman tarang
UNGKARA sajak di luhur téh gambaran kumaha urang Sunda miharti lemahcai, bali geusan ngajadi. Lain baé saukur alam lahir tempat raga badag bumetah, tapi ogé gemblengan alam batin pangancikan fantasi jeung imajinasi nalika incah lampar lumampah. Katineung, kawaas, katut kakelar, gumulung ngajadi hiji dina beungkeutan duriat nu teu pegat-pegat.
Masing di mana bebetah, kalangkang
sarakan baris marengan ingetan. Ieu perkara téh kaalaman ogé ku sakumna sélér
bangsa. Tapi, husus pikeun urang Sunda, sarakan boga harti nu kontémplatif tur
dévinitif dina kahirupan, sarta muncak dina angen jeung kakangen, nepi ka
mangaruhan karakter pribadi nu mandiri minangka idéntitas Sunda nu béda jeung
sélér séjén.
Tangtuna, lain baé kagambar dina karya-karya sastra Sunda—nu masih dalit jeung panineungan katut romantismeu—boh prosa boh puisi, tapi deuih réalisasi tina data-data (buku jeung kalawarta) hasil tina wawancara urang Sunda nu nganjrek jauh ti Tatar Sunda. Katineungna ka sarakan jadi kakutan pikeun micinta lemah cai ti kaanggangan.
Spritualitas Parahiangan
MICHAEL
Pearson (Tempat-tempat Imajiner; Perlawatan ke Dunia Sastra Amerika,
1994) nyebutkeun yén rohang-rohang imajinér baris terus tumuwuh jadi
weweg wangunan spritualitas saurang jalma lantaran kasang tukang idéntitas
jeung lingkungan, pamustunganna kahontal wedel pangalaman batin.
Nya hal éta kawasna nu ngalantarankeun urang
Sunda arang langka nu lampar ka jauhna. Teuneung ludeung nilar sarakan. Kitu
sotéh ukur kawakilan ku sabagian urang Garut, Tasik, jeung Ciamis, minangka
pionirna. Matak pantes mangsana nyanghareupan lebaran, nu mudik téh réréana
urang Priangan Wétan.
Béda jeung urang Jawa atawa Padang upamana, nu ampir unggal sikluk ieu nagri kaeusian. Tangtuna, lain salah pamaréntah lebah program transmigrasina, tapi pasualan katineung batin téa. Ninggang di paribasa riung mungpulung bongkok ngaronyok, ngariung nepi ka bengkung ngaronyok nepi ka bongkok. Tara incah balilahan ti sarakan.
Jembarna, pikeun urang Sunda alam Parahyangan téh lain sakadar mémori koléktif nu ukur dipitineung jeung digalindengkeun. Sarakan dina hakékatna mangrupa akar primordial nu ngawangun spiritual ti mangsa ka mangsa. Jadi sajarah nu hamo parat-parat katuliskeun.
Sedeng nurutkeun John
Henrik Clarke, sajarah téh kapan mangrupa jarum jam nu digunakeun ku masarakat
pikeun nuduhkeun waktu jeung rénghap politik katut budayana, tur mangrupa
kompas pikeun maluruh jatidirina dina peta géografi manusa.
Aya tilu alesan urang Sunda
incah ti sarakan, nyaéta ngumbara, bubuara, jeung buniaga. Ngumbara téh lunta
ka lembur batur niat rék ngaronjatkeun hirup atawa néangan pagawéan bari niat
rék balik deui ka bali geusan ngajadi.
Bubuara mah matuh (imah-imah jeung meunang jodo) di tempat séjén lantaran manggih kasenangan jeung pangabetah, sarta teu niat balik deui. Sedeng buniaga, matuh di lembur batur ngadon usaha atawa digawé, bisa pikeun saheulaanan atawa salilana.
Reuntas
Kawaas
LINDUH liuh
Parahyangan—nebana pasawahan, amparan kebon éntéh, lémbok tatangkalan, hiurna
angin, genclang cikahuripan, sarta soméah masarakatna—kalawan imajinér remen
diwawaas dina wujud kahirupan lembur singkur minangka tempat nu idéal,
renggenek dina batin Ki Sunda. Nepi ka M.A.W. Brouwer nyebutkeun, “Bumi
Pasundan diciptakeun ketika Tuhan sedang tersenyum”.
Jentréng kacapi, gelikna
suling, diwuwuh halimpu galindeng, kiwari gé ukur nongtoréng di réstoran jeung
rumah makan nu mahabu kalawan suluk nyipta alam Sunda. Lian ti payu tur
kalandep ku urang Sundana sorangan, tapi ogé jadi pangdeugdeugan saha baé.
Cirining suasana Kasundaan jadi kasono jeung pangreureuhan tina sumpekna
rutinitas.
Kalawan gulidagna jaman,
alam Parahyangan terus ngalaman parobahan. Kasilih ku jlug-jlegna pangwangunan
tanpa aturan. Atuh, lahan-lahan produktif beuki ngurangan. Malah réa nu
dijadikeun tempat simbul kaom borjuis saperti mall, lapang golf, villa, atawa
pausahaan jugala.
Pamustunganana, lain baé ruksakna lingkungan minangka alam lahir, tapi laun-laun sirnana alam batin/rohang-rohang imajinér téa. Parnana, upama alam Parahyangan geus ruksak sakabéhna, urang Sunda baris kaleungitan proyéksi pikeun ngaluginakeun ngimpi nganjang ka tempat surgawi.
Tangtuna, kudu jadi
pikiraneun balaréa sangkan ieu alam nu ngainspirasian sakabéhna téh mangkéhing
teu kari carita dina dongéng pasosoré. Pamaréntah jeung masarakatna kudu gawé
bareng dina mulasara lingkungan. Kitu sotéh upama masih hayang mageuhan tatali
batin ka sarakan.
Atuh, mudah-mudahan ieu ruksakna sabagéan alam Sunda teu jadi tangara munggaran tilemna spiritualitas urang Sunda. Ras kana lukisan-lukisan Yus Rusamsi nu ngalanakeun alam Parahyangan dina ciciptan. Manaboa kawaas ka alam lawas baris reuntas, kari laasna renggenek dina pulas kanvas.
***
ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor.
0 Komentar